Anda di halaman 1dari 7

RENCANA PERANGKAT PEMBELAJARAN

(RPP)

Satuan Pendidikan : CANDRAEDUKASI

Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : VIII / 2
Alokasi Waktu : 4 x 40 menit ( 2 x pertemuan)
I. STANDAR KOMPETENSI
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan daan keinginan secara lisan dalam
berwawancara, berdiskusi, menyampaikan informasi, menyampaikan laporan
perjalanan, memandu acara, dan memandu diskusi
II. KOMPETENSI DASAR
Memandu acara kegiatan

III. INDIKATOR
 Dapat menyusun susunan acara dengan baik
 Dapat memandu acara dengan bahasa yang baik dan santun
 Dalam peragaan dapat menggunakan kalimat-kalimat yang efektif dan jelas.
 Dapat memperbaiki atau menyempurnakan penyampaian memandu acara
IV. MATERI POKOK
Acara kegiatan
V. KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 motivasi
B. KEGIATAN INTI
 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik menyusun
susunan acara sebuah kegiatan
 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik memandu acara
sebuah kegiatan
 Siswa secara bergantian memandu acara dengan bahasa yang baik
 Dengan bimbingan guru, siswa memperbaiki / menyempurnakan penyampaian
ketika memandu acara
C. PENUTUP
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari
 Siswa dimotivasi untuk belajar menyampaikan berbagai hal dengan baik dan
benar
VI. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR
 Buku pegangan
 Majalah
 Koran
VII. PENILAIAN
A. Jenis tes : Lisan, tertulis
B. Bentuk Tes : Esai
C. Soal Tes :
Prak hidep jadi protokol dina acara mieling Isro Mi’raj, di hareupeun babaturan !
Samemehna susun heula runtuyan acarana, jeung saha-sahana nu rek cumarita dina
eta acara!
Mengetahui ............................., Januari 2012
Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,
CANDRAEDUKASI

............................. .............................
NIP. ............................. .............................

URAIAN MATERI PEMBELAJARAN

Lulus banglusna hiji acara, gumantung kana kasayagaan ti parapalaku nu kalibet dina
éta acara. Ti mimiti protokol nepi ka nu r ék micatur kudu aya dina sampurnaan. Kasawang
lamun nu rék micatur teu cukup sasayagaan, lumangsungna acara moal sampurna sakumaha nu
dipiharepna.
Sababaraha hal nu kudu aya dina diri protokol jeung nu rék micatur, di antarana baé :
1. Kajembaran pangaweruh
Protokol jeung nu rék micatur kudu mibanda kajembaran pangaweruh, hususna nu aya
patalina jeung acara nu keur disanghareupan. Eta pangaweruh bisa kapibanda lamun
getol néangan luang. Luang téh bisa diteangan ti papada urang, ti diri urang, jeung tina
daluang.
Néangan luang (élmu) ti papada urang maksudna sing daék tatanya ka nu leuwih ngarti.
Bukakeun panto haté urang pikeun narima sagala élmu ti nu séjén. Cindekna sing alus
campur gaul jeung sasama sangkan élmu nambahan.
Néangan luang ti diri urang, maksudna mangpaatkeun pangalaman, sabab pangalaman
téh guru nu panghadéna. Pangalaman nu alus jadikeun conto, pangalaman goreng jieun
pieunteungeun.
Néangan luang tina daluang maksudna sing da ék maca. Buku teh gudangna élmu, maca
téh koncina.
2. Sumanget jeung kaiklasan
Sumanget jeung kaiklasan kacida gedé pangaruhna kana hasil gawé. Hiji pagawéan nu
dibarengan ku sumanget jeung kaiklasan bakal dipilampah kalawan enya-enya pinuh ku
kadariaan sarta gedé harepan hasilna bakal nyugemakeun. Sagala nu dipilampahna éstu
tanpa pamrih, lain gumantung kana buruh.

3. Kaayaan badan jeung dangdanan

Kaayaan badan téh maksudna kaséhatan nu rék micatur. Ieu hal gedé pangaruhna kana
lancarna acara. Mun badan gering, pikiran moal tengtrem, geter jajantung og é moal
normal.
Pon kitu dangdanan atawa pakéan, kudu luyu jeung acara nu keur dilaksanakeun.
Upamana baé dina acara kaagamaan dangdanan kudu dib édakeun jeung dangdanan dina
acara resepsi atawa acara rapat dines.
4. Kaayaan sora jeung panempo
Dina micatur, sora kacida nangtukeunana kana kaayaan pasamoan. Nyarita ulah datar
sabab kadéngéna monoton. Pamilon atawa hadiri bakal kahipnotis, narundutan. Sora kudu
kadéngé ku hadirin, gunakeun intonasi atawa aksén anu pariatif.
Panempo téh lambang kawibawaan. Panempo miboga aj én husus. Ku ayana kitu protokol
atawa nu micatur kudu bisa ngatur panempo.
Hal séjén nu kudu kacangkem ku protokol nyaéta :
1. Nyaho kana acara nu rek diprotokolan;
2. Nyaho saha-saha baé nu rék micatur;
Sangeus sagalarupana tarapti, protokol kudu nyusun runtuyan acara nu r ék
dilaksanakeun.
Sangkan leuwih paham, baca conto omongan protokol ieu di handap, apalkeun !

PROTOKOL DINA ACARA PATURAY TINEUNG

Hadirin anu dipihormat! Neda perhatosan upacara Paturay tineung bad é dikawitan.
Bismillahirrohmanirrohiim.
Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Alhamdulillah. Sadaya puji anging Allah anu kagungan. Anu ngawasa alam sadaya.
Anging ku pangersa-Na danget ieu urang tiasa lawung dina raraga sami-sami nyaks én acara
paturay tineung.
Paos kapihatur runtuyan acara anu badé kapidangkeun dina ieu upacara, diantawisna :
1 Bubuka
2. Laporan Paniatia Calagara
3. Lisan Pamitan
4. Lisan Pangjajap
5. masrahkeun tawis soca
6. Pileuleuyan dina wangun upacara adat
7. Do’a
8. Tutup.
Mugi-mugi baé ieu upacara lumangsung lungsur langsar ti kawit dugi ka wekasan.
Amiin.
Kalayan nyebat : Bismillahirrohmaanirrohiim. Acara upacara Paturay Tineung dibuka.
Hadirin nu dipihormat.
Urang undakeun ka acara anu kadua, laporan ti Panitia Calagara. Ka Bapa Kusmayadi,
BA disumanggakeun!
..........................................................................................................................................................
.
Hadirin anu mulya. Nembé kabandungan laporan ti panitia calagara. Kanggo
salajengna urang bandungan bébéran lisan pamitan anu badé didugikeun ku wawakil kelas 3.
Ka Sadérék Rahmat Nugraha disumanggakeun !
..........................................................................................................................................................
.
Salajengna urang sami regepkeun lisan pangjajap ti Bapa Kapala sakola. Ka pangersa
Drs. Momon Suarman disumanggakeun.
..........................................................................................................................................................
.
Ngahaturkeun timpah réwu nuhun ka Pangersa Bapa Kapala Sakola nu parantos
ngadugikeun lisan pangjajapna. Mugia piduana dikobul ku Allah SWT. Amiin.
Acara salajengna nyaéta masrahkeun tawis soca ti siswa kelas 3 kanggo Bapa miwah
Ibu Guru. Tawis soca badé disanggakeun ku Sadérék Rahardiani ka Bapa Kapala sakola.
Hapunten ka Pangersa Bapa Drs. Momon Suarman dihaturanan deui ka payun kanggo
nampi tawis soca ti parasiswa kelas 3.
..........................................................................................................................................................
.
Nindak kana acara nu diantos-antos ku sadayana, nya éta upacara pileuleuyan nu
mangrupi upacara adat. Sumangga wilujeng nyakséni !
..........................................................................................................................................................
.
Hadirin anu mulya, ayeuna parantos anjog kana acara pamungkas nya éta do’a anu
badé dijejeran ku Bapa Supriadi, S.Ag. Disumanggakeun !
..........................................................................................................................................................
.
Sadaya acara parantos lekasan. Sateuacan digu ka acara hiburan, sumangga urang
sami tutup ieu acara ku ngedalkeun hamdalah. Alhamdulillahirobbil’alamiin.
Wassalamu’alaikum warohmatullahi wabarakatuh.
LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

Sabada maca conto omongan protokol di luhur, pék hidep nyusun omongan salaku protokol.
Pilih acara nu rék diprotokolan :
1. Upacara naékeun kelas
2. Miéling Isro Mi’raj Nabi Muhamad SAW
3. Miéling maulid Nabi Muhamad SAW.
Acara : _________________________________________________________

_____________________________________________________________________________

Anda mungkin juga menyukai