Anda di halaman 1dari 11

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN

( RPP )

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda

Nama Sekolah : CANDRAEDUKASI
Kelas/Semester : VIII/1
Alokasi Waktu : 4 x 40 Menit (2 x Pertemuan)

A. Standar Kompetensi
Mampu mengungkapkan pikiran, ssperasaan daan keinginan secara lisan dalam
berwawancara, berdiskusi, menyampaikan informasi, menyampaikan laporan perjalanan,
memandu acara, dan memandu diskusi

B. Kompetensi Dasar
Memimpin diskusi

Indikator
 Dalam peragaan dapat menggunakan kalimat-kalimat yang efektif sebagai pembukaan.
 Dapat memilih dan mengucapkan kalimat-kalimat yang membangkitkan semangat peserta
untuk berperan serta dalam diskusi.
 Dapat memilih dan mengucapkan kalimat-kalimat yang menahan semangat berlebihan
peserta.
 Dapat memilih kalimat yang mengarahkan peserta untuk menarik kesimpulan yang sama.
 Dapat menutup diskusi dengan kalimat santun dan menyenangkan.

C. Tujuan Pembelajaran
Siswa darat memimpin diskusi dengan baik.

D. Materi Pokok
Memimpin diskusi

E. Metode Pembelajaran
1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah
2. Metode : Langsung
3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas

F. Kegiatan Pembelajaran
Pertemuan Kegiatan Waktu
1 Pendahuluan 10
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 Motivasi
Pertemuan Kegiatan Waktu
 Pretes
Kegiatan Inti 60
 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang
tatacara memimpin diskusi
 Secara bergantian siswa melakukan memimpin diskusi
 Bersama-sama menyimak penampilan temannya tentang
memimpin diskusi
 Dengan bimbingan guru, siswa memperbaiki / menyempurnakan
dalam memimpin diskusi
Penutup 10
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari
 Postes
 Siswa ditugaskan untuk berani berbicara di depan orang lain
2 Pendahuluan 10

G. Alat/ Bahan / Sumber

 Contoh Naskah sebagai pemimpin diskusi
 Buku pegangan

H. Penilaian
Indikator Teknik Bentuk Instrumen Kunci
Jawaban
Dalam peragaan dapat Lisan Uraian Cing ku hidep tepikeun bagian Gumantung
menggunakan kalimat- bubuka dina mingpin diskusi! siswa
kalimat yang efektif Gunakeun kalimah anu efektif.
sebagai pembukaan.
Indikator Teknik Bentuk Instrumen Kunci
Jawaban
Dapat memilih dan Lisan/ Uraian Tepikeun ku hidep omongan nu Gumantung
mengucapkan kalimat- tulisan bisa ngahudangkeun sumanget siswa
kalimat yang parapamilon diskusi!
membangkitkan
semangat peserta untuk
berperan serta dalam
diskusi
Dapat memilih dan Lisan/ Uraian Tepikeun ku hidep omongan nu Gumantung
mengucapkan kalimat- tulisan bisa ngawatesanan sumanget siswa
kalimat yang menahan parapamilon diskusi nu
semangat berlebihan kaleuleuwihi!
peserta.

Dapat memilih kalimat Lisan/ Uraian Tepikeun ku hidep omongan nu Gumantung

yang mengarahkan tulisan bisa ngajak ka parapamilon diskusi siswa
peserta untuk menarik sangkan bisa nyindekkeun hasil
kesimpulan yang sama. diskusi!

Dapat menutup diskusi Lisan/ Uraian Tepikeun ku hidep omongan nutup Gumantung
dengan kalimat santun tulisan acara diskusi ku kalimah anu hade siswa
dan menyenangkan. tur pikabungaheun!

Pameungpeuk, Juli 2012

Mengetahui Guru Mata Pelajaran,
Kepala Sekolah,
CANDRAEDUKASI

............................. .............................
NIP. ............................. .............................
LAMPIRAN 1
BAHAN AJAR

Tengetan conto omongan panumbu catur dina diskusi anu loba pamilonna !

Assalamu’alaikum wr.wb.
Bapa guru nu dipihormat, Sadérék panyatur nu dipihormat, teu kakantur sadaya pamilon nu
dipihormat. Dina ieu kasempetan urang baris nyawalakeun hiji masalah anu kalintang
pentingna enggoning miara, ngamumulé tur maké basa, sastra jeung seni Sunda. Tarékah
naon nu kudu dipigawé ku urang salaku urang Sunda sangkan basa, sastra jeung seni Sunda
henteu kalindih ku basa, sastra jeung seni deungeun.
Sangkan leuwih jéntré ngeunaan kumaha kondisi basa, sastra jeung seni Sunda mangsa
ayeuna, urang sami regepkeun pedaran nu didugikeun ku sadérék ....
Sabada ngaregepkeun éta pedaran disuhunkeun ka sadaya pamilon sangkan ngadugikeun
pamadegan/usul, saran, kritikna.
Ka Saderek ... dipaparin kasempetan kanggo medarkeun masalah salami lima belas menit.
Mangga dihaturanan!
. . .
Kalintang jéntréna naon anu tos dipedar ku Sadérék .... Nanging masih kénéh seueur hal anu
peryogi ku urang disawalakeun. Ku kituna ka pamilon disuhunkeun kanggo ngadugikeun
saran, pamadegan, atanapi kritikna. Supados sadayana tiasa ngadugikeun, acara diskusi
dibagi dua termin. Termin kahiji tiasa limaan anu ngadugikeun pamadeganana. Mangga
saha baé anu badé ngadugikeun langkung ti payun?
. . .
Lima pamilon parantos ngadugikeun pamadegan, saran sareng kritikna. Ayeuna mangga ka
panyatur, Sadérék ... kanggo ngadugikeun waleran!
Alhamdulillah acara diskusi dina ieu kasempetan kalintang ragotna. Ieu hal téh nawiskeun
ageungna perhatosan pamilon kana kahirupan basa, sastra jeung seni Sunda. Sateuacan
mungkas ieu acara mangga urang sami cindekkeun hasil tina ieu diskusi.
. . .
Rupina diskusi parantos réngsé. Urang kalintang bingahna tiasa ngadugikeun saran, kritik
ogé pamadegan sanésna anu kalintang saéna kanggo narékahan sangkan basa, sastra jeung
seni Sunda tetep hirup di tatar Sunda.
Tawis kabingah mangga urang sami tutup ku ngedalkeun hamdalah!

PEDARAN
Diskusi dina basa Sunda sok disebut sawala. Kagiatan dina diskusi biasana medar
ngeunaan hiji perkara pikeun meunangkeun hiji kacindekan. Diskusi bisa dilaksanakeun dina
kelompok anu leutik bisa ogé dina kelompok anu gedé. Kagiatan diskusi dina kelompok anu
leutik mah cukup aya panumbu catur wungkul. Sedengkeun diskusi dina kelompok anu gedé
bisa lumangsung upama aya panyatur (nara sumber), pamilon (peserta) jeung panumbu catur
( moderator ).
Pancén panyatur nyaéta nepikeun atawa medar masalah nu keur disanghareupan. Ari
pancén pamilon sajaba ti ngaregepkeun pedaran téh ogé bisa nanyakeun hal nu can kaharti
atawa bisa méré saran jeung kritik kana pedaran panyatur. Sedengkeun pancén panumbu catur
nyaéta ngatur lumangsungna diskusi, méré hancengan ka pamilon kalawan adil enggoning
nepikeun pamadeganana, sarta bisa ngungkulan lamun aya pabéntar paham nu kaleuleuwihi,
sangkan lumangsungna diskusi téh tertib tur lancar.
Hidep kudu bisa ngatur atawa mingpin diskusi (jadi panumbu catur). Aya sababaraha hal
nu kudu diperhatikeun lamun hidep jadi panumbu catur, nyaéta:
1. kudu bisa milih kalimah anu éféktif;
2. kudu bisa ngahudangkeun sumanget pamilon sangkan daék nepikeun pamanggihna;
3. kudu bisa ngatur lumangsungna diskusi kalawan adil;
4. kudu bisa ngajak pamilon sangkan nyieun kacindekan hasil diskusi;
5. bisa ngagunakeun kalimah anu sopan tur hadé boh dina muka boh dina nutup diskusi.

Léngkah-léngkah mingpin diskusi diantarana:

1. Nepikeun bubuka, eusina méré gambaran singket ngeunaan masalah anu rék dipedar;
2. Méré kasempetan ka panyatur pikeun nepikeun atawa medar masalah;
3. Méré kasempetan ka pamilon sangkan nepikeun pamadegan, kritik, atawa pananya
kalawan adil;
4. Méré kasempetan ka panyatur pikeun nepikeun jawaban;
5. Ngajak ka pamilon pikeun nyindekeun hasil diskusi;
6. Nepikeun panutup.

Conto omongan dina diskusi nu pamilonna saeutik ( 4 – 5 urang )

Assalamu’alaikum Wr. Wb.
 Dulur-dulur, urang ayeuna kudu ngadiskusikeun masalah kumaha cara milih pangurus
OSIS anyar sarta nangtukeun kritéria nu pantes pikeun milih calon ketua OSIS. Pangna
kudu puguh kriteriana téh sangkan ketua OSIS nu bakal datang leuwih alus gawéna tur
pinuh rasa tanggung jawab.
 Cing kumaha ceuk pamanggih Rudi ?
 Tah, alus pisan éta pamanggih téh ! Tapi bisi aya pamanggih séjén nu leuwih alus ?
 Enya, kuring satuju pisan kana éta usul, tapi asa aya kénéh hal nu kurang jelas.
 Kumaha, pamadegan nu séjén deui, sugan aya nu rék ngalengkepan?
 Cing, kumaha ceuk pamanggih anjeun ? Ulah cicing baé atuh, sabab ieu téh masalah urang
saréréa !
 Tina sababaraha usulan bieu, bisa dicindekkeun yén calon ketua OSIS téh ti kelas dua
wungkul. Sarta kritériana aya sapuluh.
 Tah geus cindek kieu mah kari urang laksanakeun baé pikeun nyeléksi calon ketua OSIS
téh.
 Ayeuna mah urang tutup ieu diskusi ku ngucapkeun hamdalah!
Materi Pangdeudeul
Rarangken Barung ka-an, nga-keun, jeung di-keun

Dina conto diskusi nu kadua, aya sababaraha kecap nu make rarangken barung.
Diantarana bae kecap kasempetan, ngadugikeun jeung disuhunkeun,
Kecap kasempetan asalna tina kecap sempet + rarangken barung ka-an, kecap
ngadugikeun asalna tina kecap dugi + rarangken barung nga- keun, kecap disuhunkeun asalna
tina kecap suhun + rarangken barung di-keun.
Rarangken barung nyaeta rarangken anu mangrupa gabungan tina dua rarangken atawa
leuwih. Upamana bae barungna antara rarangken hareup jeung rarangken tukang; rarangken
hareup jeung rarangken tengah; rarangken tengah jeung rarangken tukang; atawa rarangken
hareup, rarangken tengah jeung rarangken tukang.
Conto kecap rundayan nu make rarangken barung (hareup jeung tukang) : kahujanan,
ngedalkeun, kahirupan, jeung rea-rea deui.
Conto kecap rundayan nu make rarangken barung (hareup jeung tengah) : dibarawa,
diparaksa jeung rea-rea deui.
Conto kecap rundayan nu make rarangken barung (tengah jeung tukang) : aralaan,
kaluarkeun jeung rea-rea deui.
Conto kecap rundayan nu make rarangken barung (hareup, tengah jeung tukang) :
dibarawaan, ditareangan, kaharujanan, jeung rea-rea deui.
Dina conto diskusi nu kadua, aya sababaraha kecap nu make rarangken barung.
Diantarana bae kecap kasempetan, ngadugikeun jeung disuhunkeun,
Kecap kasempetan asalna tina kecap sempet + rarangken barung ka-an, kecap
ngadugikeun asalna tina kecap dugi + rarangken barung nga- keun, kecap disuhunkeun asalna
tina kecap suhun + rarangken barung di-keun.
Rarangken barung ka-an gunana pikeun ngawangun kecap kaayaan. Contona : kahujanan,
kaanginan, kasempetan jeung rea-rea deui.
Rarangken barung nga-keun gunana pikeun ngawangun kecap pagawean. Contona :
ngadugikeun, ngabudalkeun, ngaluarkeun jeung rea-rea deui.
Rarangken barung di-keun gunana pikeun ngawangun kecap pagawean. Contona :
disawalakeun, dialungkeun, ditawarkeun jeung rea-rea deui.

LAMPIRAN 2
LEMBAR KERJA SISWA
UJI KOMPETENSI 1
Diskusikeun masalah ieu di handap ku kelompok hidep! Anggota kelompokna cukup opat
urang. Saurang jadi ketua, saurang jadi sekretaris, saurang jadi moderatos, saurang deui
anggota.
1. Rencana kagiatan milih ketua kelas
2. Rencana ngayakeun kagiatan Isro Mi’raj
3. Rencana kémping

Tuliskeun heula rarancang nu rék dicaritakeun ku masing-masing anggota kelompok

_____________________________________________________________________________

UJI KOMPETENSI 2
Larapkeun rarangken barung ka-an, nga-keun atawa di-keun kana kecap ieu di handap! Tuluy
jieun kalimahna!
1. panas robah jadi ___________________________
Kalimahna : ____________________________________________________________
2. hujan robah jadi ___________________________
Kalimahna : ____________________________________________________________
3. banjir robah jadi ___________________________
Kalimahna : ____________________________________________________________
4. urug robah jadi ___________________________
Kalimahna : ____________________________________________________________
5. tindih robah jadi ___________________________
Kalimahna : ____________________________________________________________
6. luar robah jadi ___________________________
Kalimahna : ____________________________________________________________
7. beja robah jadi ___________________________
Kalimahna : ____________________________________________________________
8. datang robah jadi ___________________________
Kalimahna : ____________________________________________________________
9. haja robah jadi ___________________________
Kalimahna : ____________________________________________________________
10. budal robah jadi ___________________________
Kalimahna : ____________________________________________________________
11. hudang robah jadi ___________________________
Kalimahna : ____________________________________________________________
12. rasa robah jadi ___________________________
Kalimahna : ____________________________________________________________
13. beubeut robah jadi ___________________________
Kalimahna : ____________________________________________________________
14. poe robah jadi ___________________________
Kalimahna : ____________________________________________________________
15. huap robah jadi ___________________________
Kalimahna : ____________________________________________________________
UJI KOMPETENSI 3
Tuliskeun kecap sejenna nu make rarangken barung ka-an, nga-keun jeung di-keun!
1. _______________ asalna tina kecap ______________ + _____________
2. _______________ asalna tina kecap ______________ + _____________
3. _______________ asalna tina kecap ______________ + _____________
4. _______________ asalna tina kecap ______________ + _____________
5. _______________ asalna tina kecap ______________ + _____________
6. _______________ asalna tina kecap ______________ + _____________

Anda mungkin juga menyukai