Anda di halaman 1dari 5

RENCANA PERANGKAT PEMBELAJARAN 9

(RPP)

Satuan Pendidikan : CANDRAEDUKASI

Mata pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : VIII / 2
Alokasi Waktu : 4 x 40 menit ( 2 x pertemuan)

I. STANDAR KOMPETENSI
Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan secara tertulis dalam bentuk
menulis sisindiran, surat, esai, laporan dan guguritan.

II. KOMPETENSI DASAR

Menulis surat

III. INDIKATOR
 Dapat mengidentifikasi struktur surat pribadi.
 Dapat menulis salam pembukaan.
 Dapat menulis pembukaan surat dengan baik dalam bahasa yang santun
 Dapat menyatakan atau memberitahukan sesuatu dengan jelas dan singkat.
 Dapat menulis surat dengan kesatuan maksud yang akurat (tepat)
 Dapat menulis surat pribadi dengan struktur yang baik dan lazim.
 Dapat menulis bagian penutup surat dengan baik dan santun.
 Dapat memperbaiki atau menyempurnakan surat pribadi.
IV. MATERI POKOK
Surat
V. KEGIATAN PEMBELAJARAN
A. PERSIAPAN
 Memeriksa kesiapan siswa
 Apersepsi
 motivasi
B. KEGIATAN INTI
 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang struktur surat pribadi & hal
yang perlu diperhatikan ketika menulis surat
 Dengan bimbingan guru siswa menulis surat dengan baik
 Dengan bimbingan guru, siswa memperbaiki / menyempurnakan tulisannya
C. PENUTUP
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari
VI. MEDIA DAN SUMBER BELAJAR
 Buku pegangan
 Majalah
 Surat kabar
VII. PENILAIAN
A. Jenis tes : Lisan, tertulis
B. Bentuk Tes : Esai
C. Soal Tes :

Prak tulis ku hidep hiji surat pribadi, eusina bebas kumaha hidep, eta surat bisa ditujukeun
ka indung, bapa, lanceuk, adi, atawa sobat!

Mengetahui ............................., Januari 2012

Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,
CANDRAEDUKASI

............................. .............................
NIP. ............................. .............................
URAIAN MATERI PEMBELAJARAN
Surat téh mangrupa basa tinulis anu dipidangkeunnana sawaktu-waktu, lamun ku lisan teu
kaburu. Naha jauh, ku akibat gering atawa rupa-rupa halangan s éjénna. Upamana baé surat uleman
rapat, uleman pésta, surat ka kulawarga nu jauh, jeung sajabana.
Dina nulis surat kudu maké tatakrama anu mandiri. Kumaha nuliskeun titimangsa, dimana
merenahkeun alamat nu rék dituju, kumaha ngalipet surat, dimana napelkeun perangkona, nu
kumaha amplopna jeung réa-réa deui.
Wangun surat téh aya dua rupa. Kahiji, nyaéta surat dines atawa resmi anu aturan nulisna
ditangtukeun dumasar kana aturan administrasi kanagaraan atawa kalembagaan. Kadua, surat teu
resmi atawa surat biasa anu dijieunna keur kapentingan kulawarga. Surat ka babaturan, ka indung, ka
bapa, ka dulur, ka anak, jeung sajabana.
Prak-prakan nulis surat teu resmi diantarana:
1. Ditulis dina keretas polos, teu kudu dirangkep. Cukup sambar.
2. Ditulis ku pulpén sangkan tulisanana atra gampang dibaca.
3. Titimangsa ditulis beulah katuhu di luhur.
4. Dihandapeun titimangsa, heuleut sajajar tulis alamat nu r ék dituju. Saruakeun jeung anu ditulis
dina amplop.
5. Heuleutan deui sajajar, tulis Sareng hormat.
6. Heuleut sajajar, prak baé nulis bubuka, pamaksudan jeung panutup.
7. Di beulah katuhu béh handap tulis jeung maké tanda tangan nu nyieun surat.
8. Keretas surat tilep sisi beulah kéncana, sabada diukur heula kana panjangna amplop. Kad é ulah
logor teuing atawa sereg teuing.Tuluy tilep ka luhurna, ukurkeun kana rubakna amplop. Geus
kitu asupkeun suratna tuluy dilem.
9. Dina amplop beulah hareup, beulah katuhu dina saparapat bagian handap tulis alamat anu r ék
dituju.
10. Dina amplop beulah tukang, tulis alamat anu ngirim surat kalayan lengkep.
11. Sanggeus rapih tapelan ku perangko saluyu jeung aturan ti Kantor Pos.
12. Aturan séjén :
- Basa dina surat kudu maké undak usuk basa anu merenah luyu jeung tetekon Ejahan Yang
Disempurnakan (EYD).
- Sakur surat kudu maké amplop.
- Alamat ditulis kalayan lengkep tur sing écés.

Conto 1. Cara nulis surat

Cingambul, 19 Mei 2010

Kahatur
Pangersa Bapa Drs. Nana Juhana
Lenggah di Blok Ahad Désa Sukahaji
Majalengka
Sareng hormat.
Hawiosing ieu serat kahaturkeun ka pangersa Bapa, kalayan paneda
pangersa Bapa rawuh Ibu kalih palaputra danget ieu ginulur kawilujengan.
Sawangsulna abdi, waktos ieu mah alhamdulillah aya hibar pidu’a ti sadayana.
______________________________________________________________
____________________________________________________________________

_____________________
Rupina mung sakieu unggel serat nu kapihatur, kalayan neda sih hapunten
saupami kirang sapagodos sareng manah pangersa Bapa. Mugi bae Allah SWT
sapaposna ngaleler kawilujengan ka urang sadaya. Amiin.
Baktosna
Abdi pun

( tanda tangan )
SURAHMAN DIPURA

Conto nuliskeun alamat nu dituju jeung nu ngirim surat dina amplop

Perangko

Kahatur
Pangersa Bapa Drs. Nana Juhana
Lenggah di Blok Ahad Desa Sukahaji
Majalengka 45452

Abdi : Pun Surahman Dipura

RT 3 RW 1 Desa Ciranjeng
Kec. Cingambul – Majalengka
45466
Conto 2. Surat keur babaturan

Jatiwangi, 5 Juni 2010

Kahatur
Sobat
Di
Sumedang

Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuhu.

Sobat, kumaha damang ? Alhamdulillah upami damang mah. Eta pisan anu disuhunkeun siang
sareng wengi téh. Sawangsulna, abdi ogé dina waktos ieu mah nuju sehat.
Numawi abdi ngintun serat téh teu aya sanes wiréh asa tos lami pisan urang teu patepang.
Rupina aya kana genep sasihna. Mani asa sono pisan, hoyong geura gok ba é patepang. Abdi mah sok
émut baé basa ngabuburit bari ucang angg é di sisi dam. Harita abdi disorodot kana dam, sedengkeun
apan teu bisa ngojay. Abdi kekerelepan dina cai anu jerona satangtung. Ampir ba é jadi korban.
Untung aya sobat nu pinter ngojay, alhamdulillah dugi ka abdi salamet.
Sobat, kumaha ayeuna di Sumedang t éh, betah ? Pasti betah, nya ? Da Kota Sumedang mah
ramé seueur tempat wisata, teu sapertos di lembur abdi éstu tiiseun pisan.
Aéh, iraha badé amengan ka abdi ? Kad é diantos pisan. Upami ka dieu ku abdi bad é diajak
ameng ka Taman Margasatwa Dinosaurus nu aya di Kacamatan Lemah Sugih. Resep geura aya di
tempat anu luhur plung plong ka ditu ka dieu.
Sobat, saleresna mah hoyong kénéh ngedalkeun eusi hate téh. Rupina cekap sakieu baé heula.
Insya Allah ka payun urang sambung deui. Mudah-mudahan urang salamina aya dina panangtayungan
Allah SWT. Amin.

Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuhu.

Nu sono

Rahmat Nugraha
LEMBAR PERBAIKAN / PENGAYAAN

Prak hidep nulis konsep surat pribadi. Basa nu digunakeun kudu luyu jeung tatakramana. Kad é poho
tulisan kudu rapih, écés tur bener éjahanana! Sanggeus réngsé salin deui dina keretas salambar anu
beresih tuluy asupkeun kana amplop anu geus ditulisan alamat nu di tuju jeung alamat nu ngirimna.
Pilih salasahiji :
1. Surat ti anak ka indung
2. Surat ti adi ka lanceuk
3. Surat pikeun babaturan
_____________, ___________________

_______________________________________
_______________________________________
_______________________________________
___________________

____________________
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________________
_______________________________________________________________

__________________________________________________________

__________________________________________________________________
___________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________________
___________________________________________________________________________________
__________________________________________________________

________________________________

________________________________

Anda mungkin juga menyukai