Anda di halaman 1dari 7

Surat nyaeta alat

komunikasi dina wangun


tulisan.
Dumasar kana sifatna surat
dibagi dua:
Surat pribadi, jeung
Surat dinas

Surat pribadi nya eta surat nu ditulis


ku hiji jalma ka jalma lian, eusina
ngebrehkeun hal-hal anu sipatna
pribadi.
Surat dinas nya eta surat anu ditulis
ku hiji parusahaan, instansi, kantor,
organisasi nu ditujukeun ka
pausahaan, instansi, kantor, organisasi
nu lianna atawa ka pribadi. Surat dinas
bisa sabalikna, ditulis ku pribadi
ditujukeun ka instansi , pausahaan,
kantor, atawa organisasi.

Bagean surat pribadi:


1.Ngaran tempat jeung titimangsa
ngirimkeun surat;
2.Alamat anu dikiriman surat;
3.Salam pamuka;
4.Bubuka eusi surat;
5.Eusi surat;
6.Panutup eusi surat;
7.Salam panutup;
8.Tanda tangan jeung ngaran.

Bagean sura dinas/resmi:


1. Kop surat;
2. Nomer surat;
3. Lampiran surat;
4. Hal surat
5. Titimangsa surat;
6. Alamat surat;
7. Salam pamuka;
8. Bubuka eusi surat;
9. Eusi surat;
10. Panutup eusi surat;
11. Salam penutup;
12. Ngaran nu ngirim surat, tanda tangan jeung
cap.

Conto bubuka eusi surat:


Surat resmi: Ginulur rahayu ginanjar
kawilujeungan mugia nyarengan urang
sadaya dina mancen damel sadidinten.
Aamiin.
Surat pribadi: bada salam simkuring
ngadunga mugia sadaya pancen damel
urang aya dina panangtayungan Gusti
Allah SWT. Aamiin.

Conto panutup eusi surat:


Surat resmi: Sakitu anu kapihatur, sewu
nuhun laksa keti kabingahan kana
samukawis perhatosannana. Hapuntrn
bulih aya kalepatan
Surat pribadi: Sakitu anu kapihatur.
Haputen bilih aya kalepatan. Hatur
nuhun kana sadaya perhatosannanana.

Hatur nuhun kana


perhatosannana!!!

Anda mungkin juga menyukai