Anda di halaman 1dari 17

PANGJAJAP

Puji sinareng sukur urang sanggakeun ka Allah Swt. Anu parantos


maparinan mangpirang-pirang kani’matan ka urang sadaya anu alhamdulillah
tiasa ngaréngsékeun ieu makalah anu judulna “Tembang Sunda Cianjuran”. Ieu
makalah medar sagala rupa ngeunaan tembang sunda cianjuran.

Ieu makalah dipiharep bisa méré informasi hususna ka nu maca ngeunaan


Tembang Sunda Cianjuran. Ieu makalah jauh kénéh ti kecap sampurna, kukituna
panyusun miharep kritik sarta saran ti sakabéh pihak anu sipatna ngawangun
pikeun kasampurnaan ieu makalah. Ahirul kalam, haturnuhun. Mugia Allah Swt.
Ngaridoan kana sagala rupa usaha urang sadaya.

Bandung, Oktober 2018

Panyusun

i
DAFTAR EUSI

PANGJAJAP ............................................................ Error! Bookmark not defined.


DAFTAR EUSI ...................................................................................................... ii
BAB I BUBUKA .................................................................................................... 1
A. Kasang Tukang .......................................................................................... 1
B. Rumusan Masalah...................................................................................... 2
C. Tujuan ......................................................................................................... 2
D. Manfaat ....................................................................................................... 3
BAB II EUSI .......................................................................................................... 4
A. Sajarah Tembang Sunda Cianjuran..................................................... 4
B. Instrumén jeung Matéri Pintonan Tembang Sunda Cianjuran ........ 6
C. Ajén-ajén dina Tembang Sunda Cianjuran ......................................... 9
BAB III PANUTUP ............................................................................................. 14
A. Kacindekan ........................................................................................ 14
B. Saran .................................................................................................. 14
DAFTAR PUSTAKA .......................................................................................... 15

ii
BAB I
BUBUKA

A. Kasang Tukang
Kasenian moal jauh tina kahirupan masarakat, hususna masarakat
nu ngagem budaya. Salasahijina nya éta masarakat Cianjur Jawa Barat.
Masarakat Cianjur téh urang sunda, basa nu digunakeun nya éta basa
Sunda.
Basa Dalem Pancaniti, R.A.A Kusumahningrat keur jadi bupati
taun 1834-1864 di Cianjur, kaayaan priangan keur nyanghareupan
pasualan nu teu leupas tina masalah politik, sosial ékonomi, jeung sosial
budaya. Harita aya sistim tanam paksa, nyaéta kawijakan nu maksa
masarakat pikeun ngebon sarupaning tutuwuhan nu diperlukeun ku
Walanda. Di Cianjur ogé di paksa keur tatanén kopi, ogé tina widang
ékonomina nu di watesanan ku Kolonial Walanda, bupati Cianjur teu
satuju kana kawijakan éta. Dalem Pancaniti téh teu bisa ngalawan ka
Kolonial Walanda, kukituna Dalem Pamcaniti salaku nu miboga
intéléktual, ogé budayawan nu hayang ngarobah kaayaan jadi alesan
tumuwuhna daya kréatipitas nu ngamimitian ayana penciptaan Tembang
Sunda Cianjuran.
Tembang Sunda Cianjuran téh nyaéta seni nu jadi wanda urang
Sunda, kaasup seni sora nu ngagunakeun waditra saperti kacapi indung,
kacapi rincik, suling jeung rebab. Aya sababaraha sebutan keur ieu
kasenian téh. Salian ti Tembang Sunda Cianjuran, di Jawa Barat mah
kawéntar ku sebutan Cianjuran hungkul. Tapi, masarakat Cianjur mah
nyebutna Mamaos. Lamun istilah Tembang Sunda hungkul mah kurang
disapukan utamana ku para nonoman karawitan Sunda, lantaran ari
tembang mah ngawengku sababaraha kasenian saperti Cianjuran, Ciawian,
Cigawiran jeung sajabana. Kulantaran kitu, Tembang Sunda Cianjuran téh
sok disebut Cianjuran hungkul.
Cianjuran téh mangrupa kasenian nu kaasup seni Sunda Klasik. Ieu
téh ngawujud tina wangunna minangka produk musik tradisi sunda jaman
baheula, anu miboga ciri has mun dibandingkeun jeung kasenian Sunda

1
séjénna. Salaku produk budaya, Cianjuran téh moal leupas tina prosés
mekarna jaman, tangtu bakal kapangaruhan ku budaya deungeun. Ieu
kasenian nepika ayeuna masih kénéh hirup tur mekar. Salian ti ngirut
perhatian para budayawan tur ilmuan, ogé meunang perhatian ti masarakat
nu ngarojongna. Nepika ayeuna bisa katitén yén kasenian Cianjuran téh
masih kénéh éksis di masarakat, salasahijina aya dina média éléktronik
saperti TV, Radio jeung CD, ogé dina pintonan langsung sapérti pagelaran
atawa dina upacara adat.
Seni Cianjuran téh mimiti ngadeg ngawujud di Cianjur, tapi dina
kamekarannana mekar ka kakabéh wewengkon di Jawa Barat. Nepika
ayeuna Cianjuran téh masih kénéh aya, malah mah geus kawéntar ka
Mancanagara. Kaayaan saperti kieu, ngabuktikeun yén Cianjuran téh bisa
ditarima di masarakat réa. Cianjuran téh dipikanyaho salaku kasenian
ménak, sabab baheula sok ditabeuh ku para ménak tur pajabat. Tapi
ayeuna mah cianjuran téh bisa dini’mati ku saha waé, boh éta ménak,
pajabat atawa masarakat biasa. Kulantaran baheula ngan aya di kalangan
ménak jeung para pajabat, balukarna mah kasenian cianjuran téh kurang
ngirut masarakat pikeun diajar. Dina mangsa kiwari mah para numaja ogé
téu kairut ku kasenian Cianjuran, lantaran dianggap geus katinggaleun
jaman. Kukituna penting pisan ieu kasenian téh diriksa tur dipuraksara
deui sangkan henteu leungit.

B. Rumusan Masalah

1. Kumaha Sajarah Tembang Sunda Cianjuran téh?


2. Naon Istrumén jeung Matéri Pintonan Tembang Sunda Cianjuran?
3. Naon Wanda dina Tembang Sunda Cianjuran?
4. Kumaha Ajén-ajén nu aya dina Tembang Sunda Cianjuran?

C. Tujuan

1. Mikanyaho Sajarah Tembang Sunda Cianjuran.


2. Mikanyaho Istrumén jeung Matéri Pintonan Tembang Sunda Cianjuran.

2
3. Mikanyaho Wanda dina Tembang Sunda Cianjuran.
4. Mikanyaho Ajén Budaya dina Tembang Sunda Cianjuran.

D. Mangpaat
1. Méré pangaweruh pikeun sing saha baé nu maca kana ieu makalah.
2. Méré pangaweruh pikeun panyusun ngeunaan Tembang Sunda
Cianjuran.
3. Ngajak sacara teu langsung ka balaréa sangkan daék nngamumulé tur
mikawanoh budaya Sunda, hususna Tembang Sunda Cianjuran.

3
BAB II
EUSI

A. Sajarah Tembang Sunda Cianjuran

Di wewengkon asalna, nyaéta Cianjur, ieu kasenian téh disebutna


mamaos. Munggaran diaranan tembang Sunda Cianjuran ti taun 1930-an,
jeung ditetepkeun di taun 1962 nalika diayakeun musawarah tembang
Sunda sa-Pasundan di Bandung. Ieu seni mamaos téh mangrupa seni
ngahaleuangkeun tembang Sunda maké alat pamirig. Pamirigna nyaéta
kacapi indung, kacapi rincik, suling, jeung atawa rebab.

Mamaos mimiti aya ti masa pamaréntahan bupati Cianjur RAA.


Koesoemaningrat (1834-1864). Bupati Koesoemaningrat nyieun hiji lagu
di salasahiji bangunan anu ngaranna Pancaniti. Kusabab éta anjeuna
dikenal ku ngaran Kangjeng Pancaniti. Mimitina mamaos dihaleuangkeun
ku jajaka. Tapi mangsa saparapat abad anu kahiji nyaéta abad ka 20,
mamaos bisa dihaleuangkeun ku wanoja, kabuktian na ku munculna juru
mamaos wanoja, kawas Rd. Siti Sarah, Rd. Anah Ruhanah, Ibu Imong, Ibu
O'oh, Ibu Resna jeung Nyi Mas Saodah.
Bahan mamaos asal na tina seni sora Sunda, separti pantun, beluk
(mamaca), degung, sarta tembang macapat Jawa, nya éta pupuh. Lagu-lagu
mamaos anu dipaké dina vokal seni pantun diaranan lagu pantun atawa
papantunan disebut ogé lagu Pajajaran. Kaduana nunjukeun kana aturan
rumpaka tina pupuh (téks). Sedengkeun duanana ngagunakeun bahan-
bahan tina olahan vokal Sunda. Mung ahirna mah kadua teknik tina éta
rumpaka téh dihijikeun. Lagu-lagu papantunan ogé seuseuer namah
nganggo aturan pupuh.
Nalika mimiti diciptakeun, Cianjuran mangrupa révitalisasi tina
seni Pantun. Kacapi jeung teknik mirig na leuwih jelas tibatan seni Pantun.
Kitu ogé lagu-Iaguna hampir kabéh jiga hasil seni Pantun. Rumpaka
laguna ogé dibawa tina carita Pantun Mundinglaya Dikusumah.
Dina masa pamaréntahan bupati RAA. Prawiradiredja II
(1964-1910) kasenian mamaos mimiti sumebar ka daérah sejen. Rd. Etje

4
Madjid Natawiredja (1853-1928) nyaéta tokoh mamaos anu miboga
kalungguhan penting tina masa sumebarna ieu seni mamaos tembang.
Anjeunna mineng diondang pikeun ngajarkeun mamaos ka kabupatén-
kabupatén di Priangan, di antarana ku bupati Bandung RAA. Martanagara
(1893-1918) dan RAA. Wiranatakoesoemah (1920-1931 & 1935-1942).
Basa mamaos sumebar ka daérah séjén jeung lagu-lagu nu ngagunakeun
pola pupuh geus réa pisan, Ku kituna masarakat di saluareun Cianjr (jeung
sababaraha kelompok di Cianjur) nyebatkeun mamaos ku ngaran tembang
Sunda atawa Cianjuran, kusabab kasenian ieu cicirén jeung asalna ti
Cianjur. Cindekna ogé basa taun 1930-an radio NIROM Bandung
nyiarkeun kasenian ieu nu disebut tembang Cianjuran.
Saenyana mah istilah mamaos téh ditujuukeun keur lagu-lagu anu
berpola pupuh (tembang), kusabab kitu ieu istilah mamaos téh mangrupa
harti anu halus tina kecap mamaca, nya éta seni maca buku carita wawacan
ku cara dihaleuangkeun. Buku wawacan ogé digunakeun pikeun aturan
pupuh anu sok dilagukeun maké téhnik ngahaleuang rancag jeung téhnik
beluk.
Lagu-lagu mamaos biasana tina laras pelog (degung), sorog
(nyorog; madenda), saléndro, sarta mandalungan. Numutkeun asal usul
jeung watek laguna mamaos téh dibagi sababaraha wanda nyaéta mamaos
papantunan, jejemplangan, dedegungan jeung rarancagan. Ayeuna ogé
ditambahan ku jinis kakawén jeung panambih anu dijadikeun wanda
panambih. Lagu-lagu mamaos ti jinis tembang anu seueur ngagunakeun
pola pupuh Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula, sarta aya
di antarana lagu ti pupuh séjénna.
Dina buku Natamihardja (2009:55) yén mamaos miboga 3 (tilu)
hartos ;
1. Numutkeun Kecap
2. Numutkeun Karawitan
3. Mamaos dina hartos anu jembar
Anu dimaksudna mah, mamaos asal kecap tina maos anu hartina
maca, tapi lain wungkul maca tulisan. Di luar Cianjur biasa disebut

5
Tembang Sunda, aya ogé nu diteruskeun make kecap Cianjuran, jadi
Tembang Sunda Cianjuran.Karawitan nu dimaksud teh, aya dina sinerat
buku Pangawikan Rinenggaswara yasana Bapa R. Machyar Angga
Kusumahdinata. Anu dina jero bukuna ngaguar Laras sunda jeung Titi
Laras sunda. Mun sacara jembar maksudna kusabab dina abad ka 17,
malah dasar-dasar ti beh ditu heula gening so kaya kecap Tembang
Pajajaran, Degung Pajajaran jeung sajabana.
Mamaos miboga pungsi jadi musik hiburan atawa dijadikeun
pakakas pikeun silaturahmi keur kaum luhur. Mung mamaos ayeuna mah
dijadikeun pungsi anu sakudunya nyaéta seni hiburan keur dijadikeun
wadah kasenian. Ayeuna mamaos sok dipaké tina hiburan keur hajatan anu
nikah, khitanan, jeung kagiatan réa deui.

B. Instrumén jeung Wanda Pintonan Tembang Sunda Cianjuran

Instrumén
Dina pintonan tembang sunda Cianjuran aya 4 waditra anu mirig
mamaos jeung panambih dina tembang sunda. Nyaéta kacapi parahu,
kacapi rincig, suling, jeung rebab. Numutkeun Apung S
Wiratmadja(1998), Kacapi parahu mangrupa waditra dina pintonan
tembang anu miboga bentuk jiga parahu jeung miboga senar 18,
dikalangan seniman jeung aprésiator tembang sunda cianjuran, ieu waditra
téh disebut kacapi indung jeung kacapi gelung. Naon sababna disebut
kacapi gelung? Lantaran dina tungtung kacapi miboga bentuk saperti
gelung(sanggul) jeung nu ngalantarankeun disebut kacapi indung téh
nyaéta leuwih gedé ti kacapi rincig. Fungsi tina kacapi anu disebut indung
lantaran miboga fungsi minangka nu mingpin dina pintonan kucara méré
intro, bridges jeung interlude ogé nu nangtukeun ritme lagu. Kacapi rincig
mangrupa kacapi anu pangleutikna tina kacapi indung, jumlah senarna aya
15 jeung miboga fungsi nuturkeun iringan musik kacapi indung. Mirigna
ogé ngagunakeun frékuénsi-frékuénsi sora kacapi anu panghandapna dina
senar anu pangleutikna.

6
Wanda

Tembang sunda cianjuran miboga 6 wanda, nyéta wanda


papantunan, jejemplangan, dedegungan, rarancagan, kakawén, jeung
panambih.

Numutkeun Kurnia, Ganjar (2003) lagu-lagu dina wanda


papantunan diantarana papatét, rajamantri, mupu kembang, kaléon,
pangapungan, rajah. Sedengkeun dina wanda jejemplangan diantarana
jemplang pangantén, jemplang pamirig, jeung jemplang leumpang. Wanda
dedegungan diantarana sinom degung, asmarandana degung, durma
degung, jeung dangdanggula degung. Wanda rarancagan diantarana
bayubud, sinom polos, sinom liwung, jeung asmaranda rancag. Wanda
kakawén diantarana kayu agung, sebrakan sapuratina, sebrakan pelog,
jeung toya mijil. Wanda panambih diantarana budak ceurik, toropongan,
kulu-kulu gandrung gunung, jeung soropongan.

Lagu-lagu mamaos biasana ngagunakeun pola pupuh sekar ageung


nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula. Ningal tina
watek pupuh bisa dihartikeun yén tiap lagu dina mamaos ngandung ma’na
jeung harti. Numutkeun Sastjadibrata (1953:23-24) kajadian atawa carita
téh babakuna dua rupa, nya suka jeung duka, kajadian anu rupa-rupa téa,
lamun ku urang didangdingkeun kana pupuh, ulah kaliru pupuhna, kudu
surup kana maksudna.

Kusabab nalika urang rék ngadangdingkeun pupuh kudu apal kana


watek 17 pupuh téa. ieu dihandap mangrupa watek pupuh-pupuh,
nurutkeun nu panggalibna :

1. Dangdanggula, paranti ngagambarkeun kabungahan anu


pangbungahna.
2. Sinom, paranti ngagambarkeun kagumbiraan.
3. Asmarandana, paranti ngagambarkeun anu keur birahi, keur silih
asih.

7
4. Kinanti, paranti ngagambarkeun nu prihatin dijero kabirahian.
5. Mijil, paranti ngagambarkeun nu nyanghareupan pikasusaheun atawa
pikabingungeun.
6. Magatru, paranti ngagambarkeun nu ngalalakon dijero kaprihatinan,
atawa sakapeung keur babanjolan.
7. Pangkur, paranti ngagambarkeun nu keur ngalalana kajurung ku
nafsu, atawa keur sasadiaan rék mangkat perang.
8. Durma, paranti ngagambarkeun nu keur ngambek atawa nu keur
perang.
9. Pucung, keur nembangkeun bangsa piwulang atawa naon baé nu
kudu diembarkeun ka jalma réa.
10. Balakbak, paranti ngagabarkeun pikaseurieun, minangka
sigurubukna dina wayang mah.
11. Maskumambang, paranti ngagambarkeun nu keur prihatin kacida.
12. Wirangrong, paranti ngagambarkeun nu keur apes, meunang wiring.
13. Gambuh, paranti ngagambarkeun nu keur bingung, samar rasa,
samar polah, tambuh laku.
14. Gurisa, paranti nembangkeun bangsa guguyon, tamba kesel, lamun
keur aya nu jagoan.
15. Lambang, paranti barudak ocon atawa gandek keur senang-senang.
16. Ladrang minangka dulur lambang watekna méh sarua baé jeung
pupuh lambang.
17. Jurudemung, paranti ngagambarkeun nu keur kaduhung tapi teu
leutik haté.

8
C. Ajén-ajén dina Tembang Sunda Cianjuran

1. Ajén Budaya

Numutkeun Kamus Basa Sunda (Danadibrata, 2015: 9) ajén nyaéta


ringkesan tina kecap ajian hartina aya ajiannana, boga ajian at. jampé
pikeun supaya dihormat. Hal-hal anu bisa diajén dina kahirupan di
antarana nya éta aya dina ajén sosial, atikan, agama, éstétika, budaya,
jeung sajabanna.

Dina tembang Sunda Cianjuran salah sahijina nya éta aya ajén
budaya. Ajén budaya mangrupa konsépsi-konsépsi ngeunaan naon anu
hirup dina pikiran warga masarakat ngeunaan anu dianggap miboga ajén,
harga, jeung penting dina kahirupan, nepi ka bisa miboga fungsi salaku
hiji pedoman anu méré arah jeung oriéntasi kana kahirupan para warga
masarakat tadi (Koentjaraningrat, 1981:195 dina Adawiyah jeung Munsi).

Numutkeun Kluckhon (Soelaeman, 2000: 42-43 dina Adawiyah


jeung Munsi) sakabéh sistim ajén budaya dina sakabéh kabudayaan nyaéta
aya patalina jeung lima poko masalah dina kahirupan manusa, nya éta (1)
masalah ngeunaan hakékat hirup manusa, (2) masalah ngeunaan hakékat
karya manusa, (3) masalah ngeunaan hakékat waktu, (4) masalah
ngeunaan hakékat tina hubungan manusa jeung alam sabudeureunnana, (5)
masalah ngeunaan hakékat jeung hubungan antar sasama manusa.
Adawiyah jeung Munsi dina jurnalna nalungtik 5 Tembang Sunda
Cianjuran ngeunaan ajén-ajén budaya anu ngancik dina rumpakana anu
judulna nya éta aya Laut Kidul, Mairan ti Dapur Yayasan Wargi Cianjur,
Itu Gunung Naon, Radén?, Pamoyanan, jeung Kidung Wiwitan.

Adawiyah jeung Munsi ngajéntrékeun ngeunaan ajén-ajén budaya


dina lima Tembang Sunda Cianjuran tadi, ringkesan tina pedaranna
nyaéta,

a. Hakékat Hirup Manusa


Patalina antara ajén-ajén budaya dina lima Tembang Sunda
Cianjuran aya sababaraha ajén anu kapanggih nya éta hirup manusa teu

9
salilana alus tapi aya kalana goréng, urang kudu sukur ka gusti nu
maha suci anu geus méré ni’mat hirup nepi ka bisa hirup bagja, jeung
kudu aya kawani.

Conto rumpakana nya éta

Ari rét ka kaler wetan


Gunung Gedé jiga ngajak balik
Abdi kalunta-lunta

Mugi henteu lepat tampi


Sanés ati kumaki
Réh agul ku payung butut

Cianjur murba wisésa


Subur ma’mur gemah ripah loh jinawi
Kangjeng Wira Tanu Datar
Ngababakan nyirun tunggul nagri

b. Hakékat Karya Manusa

Dina kontéks Hakékat Karya Manusa, ajén-ajén budaya anu


ngancik nya éta karya pikeun hirup, karya pikeun kadudukan jeung
kahormatan, karya pikeun nambah karya.

Conto rumpakana nya éta

Nu mupusti kana seni


Nu micinta tetembangan
Ulah kasilih ku junti

Nyata mangrupa seni


Warisan para luluhur
Seni kabudayaan Sunda

10
Saha nu ngadeg papayungan
Catetean méré jawaban
Sajarah geus méré bukti
Kabudayaan kasenian nu nyata

c. Persepsi Manusa Ngeunaan Ruang jeung Waktu

Ajén-ajén nu ngancik dina aspék ieu nya éta aya oriéntasi ka


mangsa ayeuna, orientasi ka mangsa baheula, jeung oriéntasi ka
mangsa ka hareup.

Conto rumpakana nya éta

Ciri bukti anu nyata


Dugi ka alam kiwari
Gumelar taya pegatna
Dipideudeuh dipupusti

Nyata mangrupa seni


Warisan para luluhur

Henteu kagémbang ku jaman


Karawat ku nu pandeuri

d. Kamandang Manusa kana Alam

Patalina dina kamandang manusa kana alam kapanggih masalah


ngeunaan tuhu kana alam nya éta ajén budaya tafakur jeung cinta alam.

Conto rumpakana nya éta

Laut kidul kabéh katingali


Ngembat paul kawas dina gambar

11
e. Hakékat Manusa jeung Sasamana

Aspék anu pamungkas ieu aya sababaraha ajén anu kapanggih nya
éta katergantungan ka sasamana jeung katergantungan ka inohong nu
luhung jeung miboga pangkat.

Conto rumpakana nya éta

Ieu para putra putu


Nu mupusti kana seni
Nu micinta tetembangan
Ulah silih ku junti

Cianjur nagri kawentar


Dina jaman pra Bopati
Tangtu ngandung titimangsa

Tembang Sunda Cianjuran miboga ajén-ajén budaya anu penting


pisan pikeun diaplikasikeun dina kahirupan sapopoé. Ku kituna,
Tembang Sunda Cianjuran kudu dipertahankeun utamana ku generasi
penerus bangsa supaya tetep hirup di zaman ayeuna jeung ka hareupna.

2. Ajén Étnopédagogi
Étnopédagogi nya éta prakték Pendidikan dumasar kearifan lokal.
Numutkeun sawangan Suryalaga (dina Susaryat, 2010) nya éta :
a. Prilaku Nyunda Tri-silas
Silih asah, sislih asih, silih asuh. Contona “Méga Beureum” , “Silih
Asih” , “Kulu-Kulu Barat”, “Babakti”, jrrd.
b. Catur Jatidiri Insan
Pengkuh agamana, luhung élmuna, jembar budayana, jeung rancagé
gawéna. Contona “Cinta Waas”, “Sumedangan”, “Rumiang”, “Sinom
Sétra”, “Degung Pajajaran”, jrrd.
c. Gapura Pancawaluya

12
Cageur, bener, pinter, singer. Contona “Sinagling Degung”,
“Mangari”, “Rumiang”, “Degung Pajajaran”, jrrd.
d. Moral Kamanusaan
Moral manusa ka Pangéranm, moral manusa pikeun dirina, moral
manusa jeung manusa séjénna, moral manusa ka alam, moral manusa
kana waktu, moral manusa meunangkeun kasampurnaan. Contona
“Cinta Waas”, “Ruimiang”,jrrd.

13
BAB III
PANUTUP

A. Kacindekan

Tembang Sunda Cianjuran téh mangrupa hiji pintonan seni sora nu


asal ti Cianjur. Di Cianjur na sorangan ieu kasenian téh katelahna ku
ngaran séjén nya éta Mamaos, lantaran nu ngaranna tembang mah ilaharna
lain nyoko ka Cianjuran wungkul nanging ka tembang anu séjénna saperti
Ciawian, Cigawiran, jeung sajabana. Instrumén anu mirig ieu Cianjuran
téh ilaharna kacapi indung, kacapi rincik, suling, jeung rebab. Wanda dina
Cianjuran téh aya genep nya éta papantunan, jejemplangan, dedegungan,
rarancagan, kakawén, jeung panambih. Ilaharna dina ngadangdingkeunana
téh Cianjuran mah sok maké pola pupuh sekar ageung nya éta Kinanti,
Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula. Salian ti éta, eusi rumpaka
dina Cianjuran téh mibanda ajén-inajén nu luhung pikeun kahirupan
manusa.

B. Saran

Saba'da ayana makalah ieu, dipiharep pamaca uninga jeung maham


kana naon nu dimaksud Cianjuran atawa Mamaos boh éta mah nilik tina
jihat wangenan sarta sajarahna ogé kana ajén nu nyangkaruk dina
Cianjuran. Lantaran Cianjuran téh mangrupa hiji kasenian has nu aya di
tatar Sunda, dipiharep pamaca ogé bisa ilubiung kana tarékah pikeun
ngamumulé ieu kasenian sangkan leuwih nanjung.

14
DAFTAR PUSTAKA

Adawiyah, Aprilla jeung Munsi, Mia Fatimatul. (2018). Mengeksplorasi Nilai-


Nilai Budaya Tembang Sunda Cianjuran. Jurnal: Bahasa, Sastra dan
Pembelajarannya Vol 8, No 1. Prodi Pendidikan Bahasa Indonesia, FKIP
Universitas Suryakancana.

Danadibrata, R. A. (2015). Kamus Basa Sunda. Bandung: Panitia Penerbitan


Kamus Basa Sunda gawé bareng PT Kiblat Buku Utama jeung Universitas
Padjadjaran.

Ganjar, Kurnia.(2003). Deskripsi Kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan dan


Pariwisata Jawa Barat. Bandung.

Natamihardja, Denny, R.(2009).Ngaguar Mamaos Cianjuran (E.Nani Supriatna


& Aki Dadan). Cianjur : Lembaga Kebudayaan Cianjur.

Satrjadibrata, R.(1953). Rasiah Tembang Sunda. Jakarta: Balai Pustaka.

Sudaryat, Yayat. 2010. Nilai-nilai Budaya Sunda. Jurusan Pendidikan Bahasa


Daérah. Bandung.

http://www.disparbud.jabarprov.go.id/wisata/dest-det.php?id=372&lang=id

15

Anda mungkin juga menyukai