Anda di halaman 1dari 15

DARPAN JEUNG RÉALITA SOSIAL MASARAKAT

Arif Ali Abdilah

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI


e-mail: arifabdilah89@gmail.com

Abstrak

Hakikatnya karya sastra tidak lepas dari kehidupan yang ditafsirkan oleh
pengarang kemudian direfleksikan menjadi tulisan atau karya yang sifatnya
imajinatif. Kehidupan yang ditafsirkan oleh pengarang bisa diambil dari diri
pribadinya atau dari luar pribadinya, dalam hal ini lingkungan masyarakat
sekitarnya. Oleh sebab itu meskipun sifatnya imajinatif, tapi dalam
pembuatannya, sebuah karya sastra tidak akan lepas dari lingkungan masyarakat
yang membentuknya. Karya sastra merupakan cerminan dari kehidupan
masyarakat. Untuk itu, tulisan ini berupaya untuk menjawab permasalahan yang
ada dalam sebuah karya sastra khususnya cerpen, yang barkaitan dengan aspek
sosiologi didalamnya. Bagaimana dan apa saja aspek sosiologi dalam buku
kumpulan cerpen Nu Harayang Dihargaan, baik sosiologi pengarang, sosiologi
karya sastra, juga sosiologi sastra. Metode yang digunakan dalam penelitian ini
adalah metode dialektika yang bertujuan untuk mencari dan mendeskripsikan
data-data dengan mengaitkan antara struktur sosial dengan teks sastra secara teliti,
sedangkan téhnik yang digunakan adalah téhnik studi dokumentasi, studi analisis
data, dan téhnik wawancara.

Kata Konci: Sosiologi Sastra, Darpan, Realita Sosial Masarakat, Pengaruhnya.

Abstract

Essentially literary work can not be separated from the life that was interpreted
by the authors then reflected into writing or works that are imaginative. Life is
interpreted by the author can be drawn from himself or from outside his personal
personal, in this case the surrounding community. Therefore, although it is
imaginative, but in the making, a literary work will not be separated from the
people who shape it. Literary work is a reflection of people's lives. To that end,
this paper seeks to answer the problems that exist in a particular literary short
stories, which tend to have higher with aspects of sociology therein. how and what
the sociological aspects of the book collection Nu Harayang Dihargaan, both
authors sociology, sociology of literature, sociology of literature. The method
used in this study is the dialectical method that aims to locate and describe the
data by linking the social structure of literary texts carefully, while the technique
used is the technique of study documentation, study data analysis and interview
techniques.
Bubuka
Dina enas-enasna mah karya sastra téh mangrupa gambaran kahirupan
(réalita sosial) anu disawang ku pangarang laju diréfléksikeun dina wangun
karangan anu sifatna imajinatif. Kahirupan anu disawang ku pangarang téh bisa
ogé dirina pribadi, atawa anu aya di luareun pribadina. Nya ku lantaran kitu, najan
sipatna imajinatif, karya sastra angger raket patalina jeung masarakat. Karya
sastra salawasna jadi eunteung tina kahirupan masarakat (Faruk, 1994). Tapi
pikeun maluruh tur nyebutkeun yén karya sastra téh minangka gambaran tina
kahirupan masarakat, tangtuna baé kudu matalikeun karya sastra jeung studi sastra
utamana tiori sastra dina hal pamarekan. Salah sahijina nya éta, pamarekan
sosiologi sastra.
Sosiologi mangrupa pamarekan anu ilmiah tur objektif ngeunaan individu
jeung masarakat, lembaga-lembaga, sarta prosés-prosés sosialna. Dina
seuhseuhanana mah mangrupa tala‘ah anu medar perkara masarakat, katut
lembaga jeung prosés sosialna. Jadi bisa dicindekkeun yén sosiologi téh
panginditanana tina disiplin élmu humaniora, anu notabene taya patalina jeung
sastra. Timbulna istilah ―sosiologi sastra‖ sotéh lantaran sastra raket patalina
jeung masarakat. Éta hal luyu jeung pamanggih Swingewood (Faruk, 1994:1) yén
sastra jeung masarakat téh raket pisan patalina.
Sakumaha geus disebutkeun yén karya sastra téh mangrupa enteung tina
kahirupan masarakat. Gambaran saperti kitu téh remen kapanggih dina sawatara
karya sastra husuna mah dina wangun prosa; carita pondok. Najan mémang sipat
caritana mangrupa rékaan pangarangna, tapi dina nyiptakeunana moal leupas tina
kondisi sosial masarakat sabudeureunana (baca: pangarang). Tapi anu jadi
pasualan téh, dina maluruh karya sastra (baca: carpon), teu salawasna bisa
ditalungtik maké pamarekan sosiologi sastra, tangtu kudu matalikeun antara karya
sastra jeung pamarekan katut péso analisisna. Naha luyu antara karya anu
ditalungtik jeung pamarekanana? Naha karya éta geus ngawakilan atawa
mangrupa eunteung tina kahirupan masarakatna?
Leuwih jero deui, kumaha lamun objék panalungtikanana téh kumpulan
carpon Nu Harayang Dihargaan (satuluyna disingget NHD) karya Darpan? Nepi
ka mana pribadi pangarang mangaruhan gambaran masarakat dina kumpulan
carpon NHD? Nepi ka mana kumpulan carpon NHD téh dianggap ngawakilan
sakabéh masarakatna? Nepi ka mana kumpulan carpon NHD mangrupa eunteung
tina kahirupan masarakatna? Nepi ka mana ajén sastra (NHD) mangaruhan ajén
sosial (nu maca)?
Ieu tulisan téh saenyana mah baris nganalisis kumpulan carpon NHD karya
Darpan ditilik tina sosiologi sastra, anu ahirna ieu tulisan téh baris ngajawab
sakabéh pananya di luhur.

Métode Panalungtikan
Dina seuhseuhanana mah métode téh mangrupa tarékah anu sistematis
pikeun ngahontal hiji udagan sangkan maham kagemblengan dina hasil
panalungtikan. Ku lantaran éta, unggal panalungtikan merlukeun métode anu luyu
jeung udagan anu baris dihontal jeung ahirna nyangking atawa maham
kagemblengan kana pasualan anu nyampak.
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode dialéktika.
Anu cara gawéna maluruh sarta matalikeun antara struktur sosial jeung téks sastra
sacara taliti. Dina prakna, éta hal bisa dilakukeun boh dimimitian nganalisis
struktulna, boh dimimitian nganalisis téks sastrana. Tapi dina ieu panalungtikan,
panalungtik baris ngamimitian tina téks sastra laju satuluyna matalikeun jeung
struktur sosialna (Faruk, 1999:14-15).
Nilik kana éta hal, métode dialéktika dipilih lantaran carpon mangrupa hasil
rékaan pangarang anu ngagambarkeun kondisi masarakat, sarta sosiologi sastra
anu mangrupa pamarekan karya sastra anu maluruh gambaran eusi carpon jeung
gambaran masarakat pangarangna. Anu didéskripsikeun dina ieu panalungtikan
nya éta ngeunaan aspék sosiologi pangarang, sosiologi karya sastra, jeung
sosiologi sastra dina kumpulan carpon Nu Harayang Dihargaan karya Darpan.

Pedaran Panalungtikan
Darpan
Saupama dibandingkeun, antara galur kahirupan Darpan jeung galur
kapangaranganna téh réa pakuat-pakaitna, atawa copélna duanana silih
pangaruhan; antara hirupna jeung karyana. Darpan lahir 4 Mei 1970, di hiji
lembur nu ngaranna Sungai Ula, pernahna mah di wewengkon basisir Karawang.
Ti kota Karawang mah anggangna kira-kira sajam lalampahan. Kawas umumna
pilemburan nu aya di éta wewengkon, Sungai Ula mangrupa gumplukan lembur di
tengah-tengah pasawahan nu pohara legana. Disawang ti kaanggangan mah
pilemburan di dinya kawas pulo, tingjarumpluk di tengah lautan sawah nu ngeplak
satungtung deuleu. Éta pisan kawasna, aya lembur anu dingaranan Pulo Satu,
lantaran kawas pulo katénjona.
Sakuriling bungking ngan pasawahan baé ngeplak nu katénjo téh. Pantes
mun éta wewengkon, Sungai Ula jeung nu séjénna, nu ngabawah ka Kacamatan
Cibuaya, minangka séntra produksi béas di Kabupatén Karawang. Rada ka béh
kalérna, nu katénjo ngeplak téh tambak. Tambak udang jeung bandeng. Nincak di
panén keur mukti mah cenah, ceuk urang dinya anu pareng diajak ngawangkong,
aya nu tepi ka 3-4 ton sakali panén téh. Leuwih ti cukul atuh! Tapi aya kalana
keur pareng sué mah ripuh nu aya, sawah kacaahan, atawa paré bangkar ku hama.
(Hadi AKS, Manglé No. 2285, 19-25 Agustus 2010).
Di lembur saperti kitu Darpan téh dilahirkeun jeung digedékeun. Dina hiji
daérah anu miboga tradisi béda jeung daérah-daérah séjénna. Darpan téh pituin ti
Karawang, ti leuleutik Darpan geus diatik, dididik, jeung disakolakeun di
Karawang, di SD Wargamekar, Cibuaya. Hirup di lembur, bari jeung susah tur
hirup sepuhna nu ukur jadi patani bulu taneuh, nyababkeun Darpan ti leuleutik
loba hirup teu loba carita. Sagala pasualan anu dirasakeun jeung dialaman ku
Darpan, antukna mah loba dikemu dina haténa.
Di éta lembur ogé, rupa-rupa pasualan kudu disanghareupan ku Darpan.
Kanyataan waktu kulawargana diisolasi, balukar meunang panuding ti pamaréntah
ordé baru jadi beban jiwana, anu nepi ka ayeuna dirasakeun kénéh ku Darpan. Ari
anu jadi sababna mah, Akina Darpan téh kungsi dituduh jadi anggota PKI, nepi ka
diasupkeun kana golongan C. Éta panuding anu can tangtu kabuktian benerna,
matak ngaraheutkeun pikiran Darpan, lanataran cék béja, boh éta caritaan ti
tatanggana, boh éta caritaan ti bapana, kajadian anu sabenerna mah teu kitu ayana.
Darpan sorangan teu percaya. Akina anu boga sipat cicingeun, bet dituduh nu
henteu-henteu, bet disakompétdaunkeun jeung PKI, kitu cék Darpan.
Balukar éta panuding, Akina Darpan kungsi dikarantina, kungsi diisolasi,
dipisahkeun jeung masarakat séjénna. Teu semet éta, provokasi anu dilakukeun ku
pamaréntah ordé baru ka anggota PKI, kacida mangaruhan kana kahirupan
kulawargana. Copélna mah anu meunang panuding téh lain baé Akina, tapi
katurunana ogé sacara teu langsung meunang panuding, majar ‗turunan PKI,‘ kitu
cék Darpan.
Bayang-bayang ‗turunan PKI‘ téh dirasakeun tur mangaruhan kana
kahirupan Darpan. Darpan jadi pribadi nu cicingan, loba hirup teu loba carita,
loba dikemu dina haténa. Kitu deui waktu sakola di SMP PGRI Pedes, Darpan
masih jadi pribadi nu cicingan. Tapi tina hirupna nu teu loba nyarita ieu, Darpan
loba ngaéksprésikeun kaayaan jiwana ngaliwatan tutulisan jeung gagambaran.
Nincak sakola SPG taun 1989 Darpan masih jadi jalma anu cicingan, tapi dina
ngaéksprésikeun kaayaan jiwana masih aya, malah mah beuki kahudang. Darpan
jadi remen tutulisan, utamana sok remen nulis dina majalah dingding.
Sagédéngeun éta, Darpan ogé sok remen ngirimkeun tulisanana ka salah sahiji
radio nu aya di Karawang. Ngaran radiona nya éta Swadaya. Éta radio téh narima
tulisan-tulisan ti pamiarsa, utamana mah tulisan-tulisan wangun sajak jeung
carpon. Harita téh Darpan masih kelas 2 SPG, tapi Darpan kaitung remen
ngirimkeun tulisan-tulisanna, boh sajak boh carpon. Cék Darpan, ―Matak resep
lamun tulisana téh dibacakeun. Harita Kang Hari Sumarna anu nyepeng éta acara
téh. Akang nganuhunkeun pisan ka Anjeunna‖.
Ku ayana éta radio, Darpan beuki kapincut tur beuki pogot dina
ngaéksprésikeun kaayaan jiwana ngaliwatan tulisan. Darpan beuki remen
ngirimkeun tulisanana, utamana dina wangun sajak. Matak resep ari sajakna
dibacakeun téh, wuwuh deui harita téh Darpan keur ningkat rumaja. Ana sakali
dibacakeun sajakna, matak bungah kacida. Ngaran Ariawinangun sorangan,
mimitina mah ti dinya, kitu cék Darpan.
Saperti nu kungsi didadarkeun saméméhna, yén Darpan téh dilahirkeun
jeung digédekeun dina tradisi anu béda jeung wéwéngkon séjén, tétéla
mangaruhan ogé waktu Darpan kuliah di Bandung. Darpan anu geus tuman cicing
di lingkungan Karawang, anu boga basa kasar, garihal, jeung taya undak-usukna,
bet kudu nyanghareupan kaayaan masarakat Bandung anu boga basa lemes,
sopan, jeung aya undak-usukna. Situasi saperti kitu téh kudu disanghareupan
Darpan waktu kuliah di JPBD, tur éta situasi téh, jadi pasualan keur dirina,
utamana mah mangaruhan kana kondisi jiwana.
Darpan sorangan saenyana ngarasa geuleuh kana éta situasi, lantaran
Darpan kudu tepung jeung hiji kaayaan di mana dirina kudu ancrub ti Karawang
kana situasi alam Priangan atawa kultur Priangan anu kacida kentelna, nepi ka hiji
mangsa nimbulkeun salah paham. Utamana mah dina pasualana makéna basa.
Loba anu salah napsirkeun saupama Darpan nyarita, anu maksud ku Darpan kieu,
tapi ditapsirkeun ku nu séjén kitu.
Nepi hiji mangsa Darpan kungsi patelak jeung dosen mata kuliah. Patelakna
Darpan dina perkuliahan téh pakait jeung basa anu dipaké harita. Darpan kungsi
nyarita, anu disalahtapsirkeun jadi teu hormat, culangung, teu boga tata titi, teu
boga adat, jsb. Padahal harita ogé Darpan nyebutkeun ku naon bet manéhna
nyarita kitu téh. ―Abdi mah ti Karawang, ulah disaruakeun jeung urang Bandung‖,
kitu cék Darpan.
Nepi ka tingkat opat, Darpan carang nyarita basa Sunda jeung sasaha. Malah
mah jeung babaturanana ogé kungsi dibaeudan, da loba anu salah napsirkeun.
Pédah nyebut kecap ‗bujur‘, Darpan nepi ka dibaeudan ku babaturanana. Mémang
cék étika di daérah Priangan mah kecap kitu téh teu sopan, angot diucapkeun ka
awéwé tangtu bakal kasigeung, tapi kecap éta téh béda deui di Karawang mah. Éta
hal téh égalitér pisan, teu kolot teu budak wuwuh kecap éta téh geus biasa
disebutkeun keur ka saha baé.
Nepi ka hiji mangsa Darpan manggihan tulisan Wahyu Wibisana anu
didasaran ku éséy D.K. Ardiwinata, waktu Belanda netepkeun basa Priangan jadi
basa Sunda lulugu pikeun urang Sunda. Tina éta éséy sora Darpan asa kawakilan,
laju boga kacindekan keur pribadina, yén anu kudu jadi basa lulugu téh lain basa
Priangan wungkul, lain basa Bandung wungkul, tapi basa Sunda wewengkon anu
aya di Tatar Sunda ogé kudu jadi basa lulugu. Basa wewengkon téh kudu
dihargaan. Basa Sunda wewengkon lain ukur jadi asésoris.
Pikiran-pikiran saperti kitu, anu ahirna jadi gagasan-gagasan Darpan dina
nyiptakeun karyana, minangkana baruntak dina ideu. Naha dina karya sastra ogé
didominasi ku Priangan? Naha pangarang-pangarang Sunda téh dina ngagelarkeun
karyana matuh atawa kudu baé ngagunakeun basa Priangan? Pamiangan tina éta
pananya, ahirna aya kasadaran pikeun baruntak atawa ngalawan mainstream dina
sastra Sunda, anu lolobana ngagambarkeun situasi lembur di Priangan. Situasi
jiwa éta anu ahirna mangaruhan pisan dina karya-karyana.
Lain baé éta, aya ogé kondisi séjén anu mangaruhan kana karyana—najan
teu gedé. Salah sahijina nya éta tepungna Darpan jeung pangarang séjén, saperti
Hadi AKS. Kang Hadi—kitu Darpan nyebutna—anu harita dina karyana geus
nyaritakeun pasulan Banten, tur geus hasil nyelip-nyelipkeun basa Banten dina
karyana, milu mangaruhan ogé kana karya-karya Darpan. Sajaba ti éta, Darpan
ogé katarik ku karya-karya Ayat Rohaédi, anu sarwa ngasupkeun basa
wewengkonna, nya éta Majaléngka, saeutikna milu mangaruhan. Tapi anu jadi
gagasan badag dina nyiptakeun karyana, taya lian ti, Darpan hayang nyiptakeun
posisi binner dina sastra Sunda. Copélna mah hayang ngalawan arus atawa
mainstream sastra Sunda anu ukur nyaritakeun Priangan—boh suasanana, boh
basana.
Satuluyna Darpan enya-enya nyiptakeun karya anu béda jeung batur. Ieu hal
kabuktian ku medalna buku kahiji, nya éta Nu Harayang Dihargaan, anu sacara
gaya nyaritakeunana atawa téhnik ngarangna kaitung béda jeung pangarang séjén.
Najan nu dicaritakeun pasoalan pilemburan jeung rupa-rupa pasualan nu
disanghareupanana, tapi nu diciptakeun dina karyana teu sémét éta, pasualan
tradisi nu hirup di lemburna dimunculkeun sarta digambarkeun sacara témbrés.
Lain baé pasualan tradisi, tapi pasualan basa Karawang anu kasar, ceplak pahang,
garihal, jeung kasar, nyampak dina karya-karyana.
Salian ti éta, cara Darpan dina napsirkeun réalita, ngagambarkeun,
ngaéksprésikeun, sarta téhnik nyarita nu béda jadi kapunjulan Darpan dina
nyiptakeun karyana. Darpan kaasup pangarang anu bisa ngulinkeun suasana, tapis
dina ngagambarkeun kaayaan lemburna, saperti kahirupan dombrét, kahirupan
patani leutik anu luut-léét késang, sawah, galengan, jeung sajabana. Darpan ogé
tapis dina ngagambarkeun suasana sosial politik nu disanghareupan ku masarakat
patali jeung réngkak polah birokrasi désa, kaayaan kadés, ulis, upas, RT, RK
jeung nu séjénna témbrés pisan digambarkeun sacara rinci.
Ku hal éta, Darpan sababaraha kali dilélér Hadiah Sastra LBSS (Lembaga
Basa jeung Sastra Sunda), Hadiah Sastra bulanan Manglé jeung hadiah sastra
D.K. Ardiwinata ti Paguyuban Pasundan (1993, 1994, 1995, 1996) pikeun carpon-
carponna. Buku kumpulan carpon anu geus medal nya éta Nu Harayang
Dihargaan taun 1989 tur medal deui taun 2010. Buku kumpulan carpon nu kadua
nya éta Rusiah Kaopatwelas medal taun 2008. Lain baé kumpulan carpon, Darpan
ogé medalkeun kumpulan dongéng ti Karawang anu harita disusun babaréngan
jeung Yuhdiatna nu judulna Dongéng-dongéng ti Karawang—kiwari mah judulna
Syéh Kuro—nu dilélér hadiah Samsudi (2006). Buku séjénna nya éta Goong
Siluman (1993), Basa Sunda Urang (1995), 10 Pelajaran untuk Wartawan (2000),
Ensiklopédi Alit Garut (2004), Peperenian Urang Sunda (2005), Tatarucingan
Urang Sunda (2007), Seputar Garut (2007), jeung buku pangajaran basa Sunda
Lugina (2008).
Taun 1998 Darpan diondang pikeun ngaluuhan diskusi ngeunaan sastra
daérah di Bali. Dina taun 2000 Darpan ogé diondang ka Taman Ismail Marzuki
(TIM) Jakarta pikeun macakeun carponna dina kagiatan Temu Sastra Daerah.
Sataun sanggeusna, 2001 Darpan diundang ka Lampung, pikeun macakeun
carponna dina acara Sastrawan Tiga Daerah nu dialpukahan ku AJI (Aliansi
Jurnalis Independen) Lampung.

Réalita Sosial NHD jeung Pangarangna


Pasualan kaayaan, kondisi atawa situasi ngeunaan réalita sosial alam
pilemburan jeung pasualan rumah tangga dina hasanah kasusastraan Sunda
hususna prosa; carpon méh jadi tema-tema badag ti unggal pangarang. Téma-téma
saperti kitu téh, méh moal laas pikeun dituliskeun. Setting, suasana, latar, nepi ka
kajadian-kajadian (kondisi sosial) anu aya jeung kajadian di pilemburan, remen
nyampak.
Samalah nepi ka kiwari éta téma téh masih remen dituliskeun tur masih
dipikaresep ku pangarang-pangaranag Sunda. Tina sawatara pangarang anu remen
ngeunteung kana éta kaayaan jeung situasi téh nya éta Darpan. Darpan muncul
minangka salah sahiji pangarang anu téma-téma dina carponna medar perkara
kaayaan atawa réalita sosial masarakat. Lain baé éta, dina carpon-carpon anu
dikumpulkeun dina buku kumpulan carpon NHD, Darpan geus hasil nyelip-
nyelipkeun niléy tradisi anu nyampak tur hidup di daerahna (baca: Karrawang).
Sakumaha anu geus didadarkeun saméméhna, yén loba pasualan anu
disanghareupan ku Darpan, ahirna mangaruhan kana cara pandang jeung cara
mikirna. Lain baé éta, pasualan hirup Darpan anu cicing dina hiji tradisi anu béda
tina hiji wewengkon, ahirna mangaruhan kana karya-karyana. Cohagna kaayaan
alam, kaayaan geografis, kaayaan masarakat pangarang anu béda tur kahirupan
pribadi pangarang dina nyanghareupan pasualan-pasualan hirupna, napak tur
mangaruhan karya-karyana.
Masarakat pangarang—urang Karawang—anu deukeut jeung kahirupan
agraris, anu apal kana urusan nyawah, urusan cai, jeung sajabana, hirup dina
karya-karya Darpan. Darpan geus hasil ngaréka kahirupan masarakat lemburna,
anu luut-léét ka késang; katideresana buruh tani, éstu ngajanggélék dina karyana.
Kitu deui panineungan Darpan kana tradisi ngeprak masarakat lemburna, atawa
kabiasaan urang Karawang anu ngawinkeun anak-anakna lamun anggeus panén,
éstu nyampak dina karyana. Ieu bisa katembong dina carpon ―Nu Ceurik dina
Lahunan‖.

Enya, kuduna mah harita téh panen ramé, waktuna patani di lembur
kuring metik hasil capé gawéna. Waktu suka bungah sanggeus meureut
kesang guyang leutak, atawa dalit jeung morérétna panonpoé, atawa
sanggeus baal kahujanan kaanginan. Kari-kari, waktuna paré beukah, nu
kuduna tuluy ngeluk baruahan, ieu mah ringsang téh bet tuluy ngacung,
tuluy bodas, sarta tuluy garing. Hapa. Sawah-sawah jadi garung. Parena
teu kaala. Sundep ceuk urang desa mah, nu nyababkeunana hileud
panggerek batang. Lantaran éta hama, tina sadapuran paré téh, paling
hiji dua anu jadi buah mah. Kitu gé buahna mérékététét, warnana coklat
semu hideung, siga karérab. Tapi réréana mah hapa. Tina sakotak, paling
untung, ukur bisa kaala dua atawa tilu bakul. Anu parna pisan mah,
meunang sabakul ogé pirang-pirang untung.
(kaca 16)

Rupa-rupa rencana urang lembur tingpuruluk. Mang Darma anu kuduna


panen ieu ngawinkeun anakna nu kadua, kapaksa kudu ngabolaykeun
niatna. Kang Acid, Eman, Romlah, nu kuduna panen ieu ka balé
nyungcung, kapaksa kudu pasrah kana nasibna.
(kaca 16)

… Aya deui anu cara kuring jeung babaturan, ngeprak. ari budak awéwé
mah, umumna kana ngasag, nyiar-nyiar sugan paré sarirungan, atawa ka
sawah-sawah anu ku nu bogana teu dilongok-longok acan.
(kaca 17)

Salian ti nyawah, pakasaban urang Sungai Ula nya éta, jadi patani émpang.
Kitu deui Darpan anu kungsi dibawa ku bapana, hirup jeung ngurus émpang,
kungsi ngalaman peuheurna ngurus émpang, lantaran dina hiji mangsa hurangna
téh pararaéh. Horéng sanggeus disaliksik, émpangna keuna limbah pertamina. Hal
ieu nyampak dina carponna ―Helikopter‖. Diangkatna sisi kahirupan dombrét
(hideung-bodasna kahirupan), lain pasualan anéh pikeun pangarang mah.
Sakumaha Karawang anu kawéntar ku goyang dombrétna1, tétéla jadi bahan

1
Ilikan Ensiklopedi Sunda Alam, Manusia, dan Budaya, pedalan Pustaka Jaya.
pikeun Darpan dina ngolah tur ngaréka carita nepi ka ngajanggélék dina carponna
―Nu Harayang Dihargaan‖.

“Naon Bédana jadi pamajikan sia jeung jadi dombrét?” témbal Ikah,
kecrot nyiduh. “Mending jadi dombrét, najan dihina-hina ku batur tapi
aing masih dihargaan kénéh najan ku sarébu dua rébu pérak. Jadi
pamajikan sia? Hmm, aing ukur jadi kuda tutumpakan.”
(kaca 84)

Tapi aya hal anu mandiri tina carita dombrét anu dituliskeun Darpan, salian
ti pasualan hideung-bodasna kahirupan masarakat leutik, tapi ogé pasualan
makéna basana anu has, nya éta basa Karawang basisir ngajanggélék dina ieu
carpon. Kasar, céplak pahang, tur taya undak-usukna éstu dipaké ku Ikah jeung
Kardi dina dialog-dialogna. Salian ti basa Sunda Karawang anu digunakeun dina
ieu carpon, basa jawa ogé tétéla nyampak. Ieu ditémbongkeun ku anu boga
rombongan dogér—nu kalobana mah ti Jawa—dina dialogna. Éta hal téh
mangrupa gambaran masarakat pangarang, anu sacara géografisna aya dina
lingkungan masarakat anu hibrid.
Kahirupan jalma-jalma leutik, saperti tani bulu taneuh, nasib dombrét, katut
pasualan rumah tangga anu dilantarankeun faktor ékonomi témbrés pisan dina
carpon-carponna. Saperti dina carponna ―Si Ato Miara Jago‖, pasualan rumah
tangga anu burakrakan nyababkeun kana moralitas tokoh Warnasih. Nasib
Warnasih anu kadungsang-dungsar balukar kudu nyanghareupan pasualan sosial,
ékonomi jeung lingkungan ahirna Warnasih kumawani ngalakukeun pagawéan
‗rucah‘.

“Uing mah rék nyokot hayam, Kang. Karunya ku Ato!”


“Gampang éta mah. Hayamna ogé kari néwak di tukang!”
Haté Warnasih jadi teu puguh. Ratug tutunggulan. Ras ka hayam, ras
kana kabutuh, ras deui ka salaki. Wuwuh ngaguruh jero dadana, pabaliut
antara tungtung sadar jeung henteu. Nepi ka leungeunna dijungjung sarta
ditungtun ku Juna ogé kawas teu karasaeun.
(kaca 168)

Pribadi pangarang anu kungsi nyanghareupan kanyataan kulawargana anu


dituduh jadi anggota PKI, tétéla dina karyana teu pati mangaruhan pisan—teu jadi
ideu. Mun ditengetan mah ukur hiji carpon anu pamianganana tina ieu hal, nya éta
carponna ―Ibu Guru‖ anu nyaritakeun pasualan kulawarga jeung situasi pulitik
alam harita. Mémang éta pasualan téh teu dijadikeun ideu pikiran Darpan dina
nyiptakeun karyana2. Tapi tina éta pasualan, muncul sikep Darpan anu kritis kana
kaayaan pamaréntah, kritis kana kaayaan masarakat sabudeureunana. Kritisna
Darpan dina nyanghareupan kondisi pamaréntah anu teu becus témbrés dina
carpon anu téma-témana ngandung unsur kritik ka pamaréntahan désa, saperti

2
Dumasar hasil wawancara nu nulis jeung Darpan, 1 Novémber 2012 di Garut.
―Taleus Ateul‖, ―Patung jeung Hayam‖, ―Peuting Nu Hareudang‖, jeung ―Ada
Main‖.
Umpamana dina ―Taleus Ateul‖, katangen idéalis tokoh Ogi anu baruntak
kana sistem birokrasi pamaréntahan désa, anu jelas-jelas oknum désa téh korup.
Baruntakna Ogi dilakukeun ku cara ngajak masarakat sangkan ngalawan, tur
protés ka Lurah. Tapi tarékahna réa halangan. salah sahijina ti jalma anu
pangdeukeutna, nya éta bapana. Bapana nu harita jadi RT asa kaéraan ku tarékah
Ogi, anu ngajak masarakat sangkan bisa ngalawan Lurah. Tarékah Ogi pikeun
ngungkab talajak Lurah, ahirna ngabarérang ka dirina sorangan. Ogi kudu
narimakeun manéh kana kaayaan anu teu disangka-sangka; bapana bunuh diri,
ngagantung manéh lantaran ngarasa éra jeung teu sanggup dina nyanghareupan
kaayaan.

“Aing mah nyakolakeun sotéh ngarah manéh jadi jelema bener. Jadi
jelema anu nurut jung bakti ka kolot. Teu cara manéh ngadon hayoh
ngawiwirang ngaran kolot. Na mantangul téh beak karep!”
“Bapa mah kajeun cicing nyah, ningal nu curaling téh? Mana tanggung
jawab Bapa ka rayat nu katidresa. Keur naon atuh ngudag-ngudag jadi
RK, ari euweuh gawé mah!”
“Jempé siah!” bapana nyentak.
(kaca 59)

Ogi mah ti isuk-isuk ogé teu kaluar-kaluar ti kamar. Sakitu ka imahna jul-
jol urang lembur nu ngalayad. Gawéna sesegruk kanyenyerian. Bet karék
sadar ayeuna, asa dosa pisan manéhna geus kumawani terang-terangan
maséaan bapa soranga. Sarta asa leungeunna sorangan nu ngalungkeun
tambang tuluy ngagantung bapana dina tangkal nangka gigireun imah.
(kaca 60)

Sikep saperti Ogi anu ludeng pikeun ngalawan kateuadilan téh,


ditembongkeun ogé ku tokoh Imas dina carpon ―Peuting Nu Hareudang‖. Imas teu
narima kana kaayaan lemburna anu digusur lantaran kapentingan pangwangunan.
Ieu témbong dina sikap jeung moralitas anu ahirna Imas maténi Mandor proyék
pangwangunan. Tapi boh Imas, boh Ogi, dua tokoh ieu geus ngawakilan kaayaan
masarakat anu katidresa, anu kapites lantaran kapentingan politik. Duanana
ngawakilan masarakat ayeuna, anu kagerus system birokrasi anu teu pro ka rayat
leutik!
Hal nu sarua ditembongkeun dina carpon ―Patung jeung Hayam‖. Di mana
pangwangunan jadi salah sahiji média pikeun ngalap ‗kapentingan‘ oknum pribadi
pajabat pamaréntah.

Tujuh ratus lima puluh rébu punjul, duit aing. Sorana, dina dada.
Anggaran ngadegkeun patung, béjana lima puluh juta. Maraban
pamatung. Maraban nu nalingakeun. Maraban anu ngontrol. Maraban
anu ngelol. Lima puluh juta, béjana. Semen. Awi. Kayu. Bata. Batu. Beusi
beton. Bir. Embé. Hayam. Randa. Lima puluh juta, béjana.
Duit aing, kacocéng ku sia. Sia, nyocéng duit aing. Duit aing, patung,
jeung rupa-rupa hutang ka urang désa. Ka Ocih. Ka Adéng. Kalapa.
Minyak tanah. Cau. Gedang. Jagong. Kakarayapan na dada Kadés Ajo.
Géték jeung matak sebel.
(kaca 103)

Suasana masarakat désa—diwakilan ku Kadés Ajo—dina ngorbankeun


sagalana pikeun ngadegkeun patung (pangwanguna), mangrupa gambaran
kahirupan, kaayaan, tur nasib anu disanghareupan ku masarakat leutik.
Carpon ―Patung jeung Hayam‖ minangka miniatur masarakat alam harita
anu hirupna dibawah tekanan pamaréntah. Naon nu dialaman ku Kadés Ajo, Ma
Ocih jeung masarakat urang désa jadi eunteung pikeun kahirupan alam kiwari.
Masarakat leutik mah teu bisa majar kumaha pikeun ngalawan, baruntak kana
paménta pamaréntah. Mahabuna korupsi, kolusi, nepotisme, kagambar pisan dina
ieu carpon. Ayana proyék pangwangunan sakapeung jadi mangpang-meungpeung
pikeun oknum pajabat pamaréntah dina ngajalankeun unsur kapentingan
pribadina. Saperti nu digambakeun dina ieu carpon. Ngawangun patung pahlawan
pikeun miéling, tungtungna mah ukur jadi alibi, da geuning émprona mah aya
unsur kapentingan séjén.
Lain baé pasualan kaayaan sosial-politik masarakat (Karawang) hungkul
anu disampakkeun dina carpon-carpon Darpan téh, tapi tina jihad séjénna ogé,
saperti kaayaan geografis Karawang anu mangaruhan kana makéna basa,
nyampak dina karya-karyana. Basa Karawang anu cék urang Priangan dianggap
kasar, teu sopan, teu boga tata-titi, teu boga undak-usuk ahirna jadi gagasan, jadi
ideu pikeun Darpan baruntak kana situasi sastra Sunda anu lolobana nyaritakeun
alam Priangan. Éta hal bisa katangen dina sakabéh carpon nu aya dina kumpulan
carpon NHD, boh dina dialog-dialog, boh dina déskripsian carita, basa nu
digunakeun éstu basa Karawang.

Pangaruh ka Nu Maca
Karya sastra bisa ngahudang simpati jeung antipati ka nu macana. Nu teu
munasabah hal ieu bisa nimbulkeun rasa primordialisme. Sanajan kitu, sastra ogé
bisa numuwuhkeun kasadaran pribadi tina kajembaran eusi karya (truth of
universal from originality). Kasadaran kana hadé jeung goréng, bener jeung salah,
mangrupa persépsi tina amanat nu ditepikeun tina hiji karya sastra. Pikeun
mikanyaho kana éta hal, tangtuna waé karya sastra kudu dipatalikeun jeung
masarakat atawa nu maca karyana dina ieu hal sok disebut résépsi sastra.
Réséptor dina karya Darpan (NHD) dibagi kana tilu golongan nya éta
mahasiswa, guru, jeung kritikus. Nu maca dina ieu panalungtikan diwakilan ku
masarakat nu maca éta karya (kritikus) ngaliwatan média massa, jeung masarakat
nu maca éta karya (mahasiswa jeung guru) ngaliwatan instrumen angket data, anu
geus disadiakeun.
Hasilna. Kahiji, hasil résépsi kritikus ngaliwatan tulisan anu kungsi dimuat
dina media massa. Kakumpulkeun sawatara tulisan atawa kritikan ngeunaan
kumpulan carpon ―Nu Harayang Dihargaan‖ nu kungsi dimuat dina sawatara
média, di antarana: (1) Duduh Durahman: Iber Salalar, Nu Ngaruruk di tanah
Angar (panganteur kumpulan carpon Nu Harayang Dihargaan, 1998, 2011); (2)
Agus Suherman: Potrét Sosial Darpan (Lir Cahya Nyorot Eunteung, 2008); jeung
(3) Hadi AKS: Ulin ka Sungai Ula (Manglé No. 2285 19-25 Agustus 2010).
Tina sawangan masarakat nu maca kumpulan carpon Nu Harayang
Dihargaan, bisa dicindékkeun yén aprésiasi masarakat sastra kana carpon-carpon
Darpan kawilang hadé. Faktor anu ngirutna nya éta, faktor pangarang sorangan
anu hasil dina hal teknis, basa, jeung ideu dina nyarponna. Salin ti éta, téma-téma
anu ngangkat masarakat leutik, jadi hal anu milu ngahudang daya tarik carponna
pikeun diaprésiasi.
Duduh Durahman (dina panganteur kumpulan carpon Nu Harayang
Dihargaan, 1998, 2011) nétélakeun yén karya-karya Darpan, lain ngandung ajén
informatif wungkul tapi ogé méré kasempetan ka nu maraca pikeun muka lawang
haténa sacara émpatif. Salian ti éta, ieu kumpulan carpon téh ngandung warna
lokal has masarakat lembur pangarang, sarta ngandung ajén kritik sosial nu dina
enas-enasna mah mangrupa kritik kana pamaréntahan.
Hal sarupa ogé ditétélakeun ku Agus Suherman (Lir Cahya Nyorot
Eunteung, 2008), cék Agus, Darpan téh pangarang anu kritis dina nyurahan
kahirupan sabudeureunana, geus hasil ngangkat réalita masarakat leutik dina
carpon-carponna. Dina carpon-carponna ogé, kahirupan sosial téh ku Darpan
disulap jadi runtuyan kajadian nu anu matak ketir jeung watir, matak lewang
jeung longkéwang, sarta matak peurih jeung ngageuri.
Lain baé éta, Darpan ogé capétang dina ngaréka tur ngungkarakeun sakabéh
angen-angenna ngeunaan ideu carita. Éta hal pisan anu ngajadikeun carita-caritana
nyambung jeung implengan nu maca. Nepi ka sabada maca hiji-hiji kumpulan
carponna, nu maca terus jadi ngaheneng sarta galécok gunem pikir,
madungdengkeun réalita sosial anu disuguhkeun dina carita, jeung réalita sosial
dina kahirupan nyata; gunem pikir antara pangalaman batin pangarang jeung
pangalaman batin sorangan.
Hal nu sarupa di tétélakeun ku Hadi AKS (Manglé No. 2285 19-25 Agustus
2010), yén karya Darpan geus ngasongkeun realita ka urang, sisik-melik
kahirupan manusa sawah, anu saméméhna langka kapanggih dina sastra Sunda.
Sawatara carita pondokna, kawas jadi perlambang. Totoang lain saukur jadi jalan
anu nepungkeun lembur jeung lembur, tapi leuwih jembar ti éta. Nepungkeun
kahirupan urang Sungai Ula jeung urang–urang Sunda nu hirup di luareunana.
Kadua, hasil résépsi anu diwakilan ku 18 mahasiswa jeung 18 guru
ngaliwatan angkét data. Hasilna Para réséptor ti 18 mahasiswa téh ngalaporkeun
yén ieu carpon téh lain ukur panglipur, tapi aya hal-hal anu hayang ditepikeun anu
patalina jeung mangpaat, di antarana nya éta urang kudu bisa ngahargaan batur,
jadi motivasi pikeun nyieun carpon anu siga Darpan; kudu ati-ati lamun rék
milampah pagawéan; jeung urang kudu beunta kana kahirupan masarakat leutik.
Ngeunaan téma kritik sosial ka pamaréntah ti salapan mahasiswa, genep
urang mahasiswa nyebutkeun resep, saurang nu nyebutkeun kurang resep, saurang
deuina nyebutkeun teu resep jeung saurang deui nyebutkeun resep teu resep. Ari
anu matak nyebutkeun resepna mah, lantaran basa nu digunakeun téh basajan tur
ieu carpon téh ngagambarkeun réalitas sosial masarakat anu nyampak di
sabudeureun urang. Ieu carpon ogé lain ukur panglipur, tapi aya hal-hal anu baris
ditepikeun tur méré mangpaat, di antarana nya éta kudu kritis kana pasoalan
disabudeureun urang sarta kudu tetep hormat ka nu jadi kolot, kudu bisa mikir
positif dina nyanghareupan masalah, copélna mah aya pelajaran pikeun urang.
sedeng nurutkeun 18 réséptor ti guru ngalaporkeun yén sacara tehnik
nyaritakeunana basana, jeung guluyuran caritana témbrés pisan kacipta. Ieu
carpon ogé lain ukur panglipur, tapi aya hal-hal anu baris ditepikeun anu patalina
jeung mangpaat, di antarana nya éta urang kudu bisa silih hargaan, silih ajénan
sanajan kumaha baé ayana; dina nyanghareupan kahirupan utamana kahirupan
rumah tangga kudu bisa milih nu hadé, kudu asak tinimbangan sangkan teu salah
ngaléngkah; jeung dina nyanghareupan hirup téh kudu tigin. Anapon nu
nyebutkeun kurang resep, nya éta lantara latar dina éta carpon teu bisa kagambar
sacara jelas, ku sabab alam harita can kungsi kasorang.
Ngeunaan téma kritik sosial ka pamaréntah, ti salapan guru, dalapan urang
guru nyebutkeun resep, jeung saurang deui nyebutkeun lumayan resep. Ari anu
nyebutkeun resep jeung lumayan resep mah, lantaran carpon nu dibaca téh
ngagambarkeun réalitas sosial masarakat anu nyampak di sabudeureun urang.
Kitu deui basa anu digunakeunana merenah, nepi ka nu maca ngarti kana maksud
nu hayang ditepikeun dina carponna.
Ieu carpon nurutkeun para réséptor lain ukur panglipur, tapi aya hal-hal anu
hayang ditepikeun tur méré mangpaat, di antarana nya éta urang kudu boga sikep
dina nyanghareupan kahirupan patalina jeung tindakan anu ngarugikeun
masarakat; jeung saupama keur aya di luhur—jadi pamingpin—kudu boga sikep
anu hadé sangkan diconto ku masarakat.

Hasil Panalungtikan
Tina pedaran di luhur ngahasilkeun: (1) lahirna kumpulan carpon NHD
karya Darpan dipangaruhan ku kasang tukang kahirupan pangarang jeung
lingkungan sosial-politik-ekonomi di sabudeureunana; (2) kaayaan masyarakat
anu digambarkeun dina carpon NHD mangrupa réalita jieunana anu ngahaja
diinjeun tina kaayaan lingkungan masarakat pangarang. Kaayaan masyarakat
jeung sakabéh pasualan anu pakuat-pakaitna jeung sosial-politik-ekonomi anu
digambarkeun dina kumpulan carpon NHD mangrupa réalita anu mémang
nyampak tur geus jadi panyakit sosial dina kahirupan masarakat alam kiwari
jeung (3) lahirna kumpulan carpon NHD tétéla mangaruhan ka nu maca. nu maca
lain baé apal tur weruh kana kaayaan masarakat dina éta kumpulan carpon, tapi
leuwih jero deuina nu maca matak miboga sikep tur rasa simpati, empati jeung
antipati kana panyakit sosial anu digambarkan dina éta karya.

Panutup
Tina pedaran di luhur, kapanggih yén Darpan téh kaasup pangarang Sunda
angkatan ‘90-an tur salasahiji pangarang Sunda anu kritis dina nyanghareupan
masarakat sabudeureunana katut kritis kana sistém pamaréntahan anu ngarugikeun
rahayat leutik. Éta hal téh éstu kapangaruhan ku kasangtukang pangarang anu
hirup di lembur, bari jeung susah tur hirup sepuhna anu ukur jadi patani bulu
taneuh, nyababkeun pangarang ti leuleutik loba hirup teu loba carita. Sagala
pasualan anu dirasakeun jeung dialaman ku pangarang, éstu loba dikemu dina
haténa. Salian éta, cicingna pangarang dina hiji tradisi (Karawang) anu béda tina
wewengkon séjénna, ahirna mangaruhan ogé kana karya-karyana. Cohagna mah
kaayaan alam, kaayaan geografis, kaayaan masarakat pangarang anu béda tur
kahirupan pribadi pangarang dina nyanghareupan pasualan-pasualan hirupna,
napak tur mangaruhan karya-karyana.
Tina éta hal kabéh, bisa katangén ogé yén dina ngagelarkeun karyana,
Darpan éstu hayang nyiptakeun posisi binner dina sastra Sunda. Darpan hayang
ngalawan arus atawa mainstream sastra Sunda anu ukur nyaritakeun alam
Priangan. Éta hal bisa katembong dina téma katut eusi carita dina kumpulan
carpon Nu Harayang Dihargaan anu mangrupa réalitas sosial kahirupan
masarakat anu hasil diréka ku pangarang nepi ka jadi hiji karya sastra anu jembar
ku ajén-ajén kahirupan tur bisa dijadikeun eunteung pikeun kahirupan. Tina hasil
panalungtikan ogé kapanggih, yén réalitas sosial dina ieu carpon téh kabagi dua,
nya éta réalitas sosial anu nyaritakeun ngeunaan kahirupan rumah tangga jeung
réalitas sosial anu nyaritakeun ngeunaan kritik kana pamaréntah désa; kahirupan
sosial-politik masarakat désa. Tina dua réalitas ieu aya hal anu nganteng, nya éta
pasualan masarakat anu dicaritakeuna ku Darpan téh masarakat leutik anu
katideresa lantaran pasoalan ékonomi jeung politik. Ku cara tehnik atawa gaya
nyarita has Darpan anu bisa ngaréka tur nyieun tapsiran kana réalitas sosial anu
nyampak dina kahirupan masarakatna, jadi kapunjulan pangarang dina nyiptakeun
karya-karyana, sakumaha nu ngajanggélék dina kumpulan carpon Nu Harayang
Dihargaan. Kitu deui pasualan basa anu dipaké dina carpon-carponna, éstu basa
Karawang anu garihal, kasar, céplak pahang sakumaha urang Karawang umumna.
Kitu deui eusi carita anu ngagambarkeun alam Karawang jeung pasualan-pasualan
anu disanghareupan ku masarakat leutik sarua témbrés digambarkeun dina
carponna.
Ku ayana hal éta, kumpulan carpon Nu Harayang Dihargaan karya Darpan
geus mampuh méré gambaran ngeunaan kaayaan sosial dina jamanna. Sastra
minangka eunteung masarakat, bisa kapanggih dina karya-karya Darpan, nu
dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan. Sastra lian ti mangrupa panglipur
pikeun nu maca, ogé mangrupa gambaran kahirupan nu luyu jeung jamanna
(kontékstual) atawa mangrupa titiron tina kahirupan masarakatna. Éta hal ogé anu
dirasakeun ku nu maca (sosiologi pamaca); guru jeung mahasiswa, matak resep,
carpon-carponna teu ukur méré panglipur, teu ukur méré informasi, tapi mawa nu
maca pikeun neuleuman bagbagan kahirupan masarakat leutik (émpati).
Ngaliwatan gaya nyaritakeun, gaya ngagambarkeun, pangarang geus hasil nyieun
karya anu béda.
Dumasar kana pedaran saméméhna, disarankeun sangkan aya nu nalungtik
deui, boh éta mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, boh éta masarakat
akademik sakumna, sangkam leuwih jéro tur leuwih ngahususkeun diri dina salah
sahiji tina tilu aspék sangkan hasil analisis leuwih jero tur leuwih mundel.
Lian ti éta, ieu panalungtikan téh murni ulikan sastra. Ku kituna, perlu aya
tinimbangan sarta panalungtikan séjén kana ieu karya, tangtuna waé anu leuwih
dihususkeun kana salah sahiji aspék sosiologi sastra, misalna résépsi sastra. Ieu
hal, sangkan panalungtikan leuwih museurkeun, leuwih jero, tur leuwih bisa
matalikeun antara karya sastra jeung pangajaran basa, anu ahirna bisa
diaplikasikeun atawa dilarapkeun pikeun bahan ajar di sakola.

Pustaka Rujukan
Arikunto, Suharsimi. 1998. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktek.
Jakarta: Rineka Cipta.
Andriansyah, Ari. 2009. Analisis Komparatif Aspék Sosiologi Sastra dina
Kumpulan Carpon (Murang-Maring jeung Serat Sarwasatwa) jeung Novel
(Sandékala jeung Déng) Karangan Godi Suwarna. (Skripsi). Bandung:
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan
Indonésia.
Danadibrata, R. A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama jeung
UNPAD.
Damono, Sapardi Djoko. 1978. Sosiologi Sastra: Sebuah Pengantar Ringkas.
Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Departemen Pendidikan dan
Kebudayaan.
Darpan. 2011. Nu Harayang Dihargaan. Bandung: Mata Air.
Departemen Pendidikan Nasional. 2008. Kamus Bahasa Indonesia. Jakarta: Pusat
Bahasa.
Endaswara, Suwardi. 2003. Metodologi Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka
Widyatama.
Faruk. 1994. Pengantar Sosiologi Sastra dari Strukturalisme Genetik sampai Post
Modernisme. Yogyakarta: Pustaka Pelajar
______1991. Hilangnya Pesona Dunia. Yogyakarta: Yayasan Adikarya IKAPI
Faturohman, Taufik. 1982. Ulikan Sastra. Bandung: Djatnika.
Isnéndés, Rétty. 2008. Teori Sastra (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan
Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonésia.
Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra
Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Palanggeran Éjahan Basa Sunda. 2008.
Bandung: Sonagar Press.
Karsana, Ano & Rétty Isnéndés. 2008. Lir Cahya Nyorot Eunteung. Bandung:
Sonagar Press.
Koswara, Dedi. 2003. Racikan Sastra (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan
Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.
Majalah Manglé No. 2285, 19-25 Agustus 2010 (Hadi AKS: Ulin ka Sungai Ula)
Pradopo, Rahmat Joko. 2010. Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan
Penerapannya. Yogya: Pustaka Pelajar
Ratna, Nyoman Kutha. 2009. Paradigma Sosiologi Sastra. Yogyakarta: Pustaka
Pelajar.
__________________. 2011. Teori, Metode, dan Tehnik Penelitian Sastra dari
Strukturalisme hingga Postrukturalisme Perspektif Wacana Naratif.
Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Ruhaliah. 2002. Sejarah Sastra Sunda (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan
Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonésia.
Rosidi, Ajip (Eds). 2000. Ensiklopedi Sunda: Alam Manusia, dan Budaya,
Termasuk Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta: Pustaka Jaya.
___________. 2003. Apa Siapa Orang Sunda. Bandung: Kiblat.
___________. 2010. Babasan & Paribasa kabeungharan Basa Sunda 2.
Bandung: PT. Kiblat Buku Utama.
Semi, Atar. 1989. Kritik Sastra. Bandung: Angkasa.
Seri Sundalana No.11 Tahun 2012. Aspek Visual Budaya Sunda. Bandung: Pusat
Studi Sunda.
Sumarsono, Tatang. 1986. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung.
Tamsyah, Budi Rahayu. 1996. Pangajaran Sastra Sunda: Pikeun Siswa SD,
SLTP, jeung Umum. Bandung: Pustaka Setia.
Wellek, Rene jeung Austin Warren. 1995. Teori Kesusastraan. Jakarta: Gramedia
Pustaka Utama.

Anda mungkin juga menyukai