Anda di halaman 1dari 2

Kelompok 5 : Ayu Ruspaningrum

Galih
Ilham
Ira Alfiah
Fadhilah Haifa Zahiroh
Elsa Cikal
Moch Geldy
Tresi Ayuning Lestari
Muhammad Asep Deden

Ceramah Ngeunaan Panyakit Hate

Assalamualaikum Wr. Wb.


Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Illahi Robbi
nu mana kalayan rahmat sareng karuniana, urang tiasa kempel dina ieu tempat dina kaayaan
sehat wal’afiat. Shalawat miwah salam teu hilap urang curahlimpahkeun ka Baginda urang
nyaeta Nabi Muhammad SAW., Sareng ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabiit -
tabiin sarta ka urang sadayana nu janten umatna. Amiin.
Dina ieu waktos, simkuring bade ngajelaskeun ngeunaan panyakit hate anu bisa
ngahancurkeun sakabeh amal ibadah urang. Hadirin rohimakumullah, Hate teh mangrupa
bagian nu penting pisan anu aya dina raga manusa. Lamun hate urang beresih pasti amal
ibadah urang ge bakal ditarima ku gusti Allah SWT. Ari salah sahiji panyakit hate teh nyaeta
sombong. Sombong teh nyaeta nganggep yen dirina leuwih hade, leuwih sampurna tibatan
jalma lian.
Dina hiji ayat Allah SWT. ngajelaskeun ngeunaan sifat sombong, nyaeta dina surat
Lukman Ayat 18 :

ُّ ِ‫ض َمَر ًحا إِ َّن اللَّهَ ال حُي‬


‫ب ُك َّل خُمْتَ ٍال فَ ُخو ٍر‬ ْ ‫ش يِف‬
ِ ‫األر‬ ِ ‫َّك لِلن‬
ِ ْ‫َّاس َوال مَت‬ َ ‫ص ِّع ْر َخد‬
َ ُ‫َوال ت‬
Anu hartosna : “Sareng ulah anjeun malingkeun raray ti manusa (ku sabab sombong).
Sareng ulah leumpang anjeun di bumi barina angkuh. Saleresna Allah geuleuh ka jalma anu
sombong sareng nu ngabanggakeun dirina sorangan.”
Di tilik tina hartosna Allah SWT marentahkeun sangkan urang ulah sombong sabab
luhureun langit teh masih keneh aya langit deui. Urang teh ngan saukur manusa anu teu
gaduh nanaon lamun Allah teu ngersakeun rizki ka urang. Teu sakedik jalma anu sombong
lantaran manehna gaduh jabatan, harta, atanapi elmu anu leuwih seueur tibatan nu lainna.
Di zaman Nabi Musa AS. pernah aya raja nu ngaranna Fir’aun. Anjeunna teh manusa
nu pangsombongna di zaman eta. Nepi ka anjeunna ngaku yen dirina teh Tuhan. Tapi dina
akhir kisah anjeunna maot lantaran titeuleum di laut.
Ti contoh carita eta urang tiasa nyandak kacindekan yen urang teh ngan saukur
manusa, ulah nepi ka sombong. Allah SWT. tos nyiapkeun tempat kanggo jalma anu
sombong, nyaeta naraka Jahannam. Mugia urang teu kaasup jalma anu sombong . Amin.
Cekap sakitu anu kapihatur. Bilih aya basa anu kirang merenah larapna, mugi kersa
ngahapunten.
Usikum wanafsi bitaqwallah
Wassalamualaikum wr. Wb
PEDARAN BASA SUNDA

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Jaman kiwari instagram tos teu aneh jang arurang sabab dumasar kana surpei anu
ngabuktikeun pamake media sosial pangseueurna teh nu yuswana 13 taun nepi ka 30 taun,
jeung salah sahiji media sosial nu loba digunakeun teh nyaeta instagram.
Ngan teu jarang kagiatan anu nunjukeun ekspresi diri

Anda mungkin juga menyukai