Anda di halaman 1dari 3

Tentang Kesehatan

Hirup di Dunya teu puguh lamun urang teu sehat, lain teu puguh hungkul tapi teu
ngenah lamun urang geringmah, ku ayana hirup jag jag waringkas, sehat Jeung
bungah jaya kagiri guru hirupteh jadi loba warnaan, bisa kaditu kadieu, bisa jug
jlag jig jig, Jeung hiji deui lamun urang keur Dina kaayaan anu Pangestu Ginanjar
kabungahan asa Endah hirup di Dunya teh, beda Jeung lamun urang keur Dina
kaayaan anu hareeng, asa sempit asa leutik dunyateh nya asa teu betah, tah ku
matakan urang hirupteh resep aya Dina kaayaan anu jag jag waringkas. Mangga
pok wae Kana intina.

1. Hirup baraseka
Ku urang Dina kaayaan hirup baraseka baka di jauhkeun tina penyakit, timimiti
tina penyakit budug Jeung sejema, Naha bisa? Yeuh seluruh kumanmah resep
hirup dinu naon naon anu kalalotor, lain kitu wae coba lamun maneh hirup Dina
kaayaan kotor kumaha loba Dina awak maneh, tinggian we sapoe duapoe eta
antibodi anu aya Dina awak maneh bakal jadi kabalangahan jol isuk pagetonateh
seiring we, tapi lamun maneh baraseka kuman kerek nempelge langsung bersih
kusabab manehna baraseka Sok mandi. 

2. Tuang sanes saukur sampeu hungkul 


Tan anjeunteh ulah tuang Jeung sampeu hungkul, kawasan goreng sampeu, kulub
sampeu, beuleum sampeu, combro, gegetuk jst, tah lamun dahar Jeung nu kitu
hungkul kebutuhan proteinna timana? Acan vitamin Jeung gizi nu kudu
lengkepna, Naha bet kudu lengkepna? Tah etateh ameh ngajaga awak urang
ameh terus seger buger Jeung sehat wal Afiat . 

3. Nginum cai herang 


Tah lain ti lain awak urang teh Bandung 70℅nateh cairan matakan urang Montong
pernah nepika kekurangan cairan Dina awak, lamun urang kekurangan cairan Dina
awak lain ngaganggu konsentrasi wae tapi oge ngaganggu Kana sistem
metabolisme awak urang teu normal kawas biasana. 
  
4. Kudu hees 
Yeuh maraneh nu osok begadang tong penting teuing ari Bade reup sareteh, inget
Jeung kedah nginget etateh pagawean anu rada teu bner, loba penyakit tina
urang Sok bagadangteh lain saukur penyakit insomnia hungkul tapi aya oge
penyakit sejena nu bakal neretelan, kawas asup angin, kembung, mata jadi minus
we gara gara cape teuing ku bagadang. Tah ati ati nu Sok bagadangteh salah sahiji
nateh bisa rabun tea. 

5. Sesakeun waktos 
Tah lamun maneh hayang jagjag waringkas Jeung enerjik terus terusan manehteh
kudu mibogaan waktu eukeur Ulin, Sok luangkeun waktu manehteh, Naha bet
bisa? Bisa kitu ku sabab lamun urang cape teuing gawe Sok rasakeun kumaha
nyeri awakna kumaha pikiran anjeun jadi mumet, pikiran anjeun jadi lieur teu
puguh lieur kabalinger, tah ku Ayana waktu luang keur Ulin nyenengkeun awak
Jeung pikiran insha Allah anjeun bakal sehat tur jag jag 

6. Olahraga nu rutin 
Yeuh salah sahiji deui anu tiasa nuehatkeun raga urang nyaeta kdah olahragi,
naon we olahraginamah Bade lumpat, Bade senam atau Jeung sajabina? Naha
kudu olahragi? Olahragi teh bisa nguatkeut otot Jeung tulang urang salain ti eta
pompa jantung urang jadi leuwih gancang nayerta nyebabkeun oksigen teh
gancang nepina Kana sel sel anu aya Dina raga urang, lain eta wae tapi ku
olahraga oge urang ngaluarkeung karinget anu bisa jadi pimatakeun penyakit. 

7. Kudu loba humoris 


Yeuh marananeh Sagala kudu homuris, ameh maneh Bagja hate Jeung pikiran,
lain eta hungkul lamun urang resep seuri cenahteh bisa nuehatkeun jantung
urang, Jeung ngalepaskeun unek unek nu aya dina pikiran, lain eta wae sok
ayeuna tinggali Dina tipi eta nu Sok ngahibur bobodoran asa tuluy we jagjag
waringkas, Jeung enerjik. 

Kasimpulanana uranggeh kudu hirup sehat jagjag waringkas Jeung jauh tina hal-
hal anu nyieun urang ngaringkuk geuring. Tah sabab kituteh urang kudu ngajaga
pola hirup urang!

Anda mungkin juga menyukai