Anda di halaman 1dari 3

Laporan kagiatan di Gedong Sate

--------------------------------------------------------------------------------
Kota Bandung

1. Kasang Tukang

Bandung mangrupa salah sahiji wewengkon di Indonésia anu miboga tempat wisata anu
bisa dijadikeun bahan ajar, aya kabudayaan anu kuat melekat di masarakatna, salian ti
éta, Bandung ogé kasohor ku kaéndahanana jeung réa-réa deui, ieu téh salah sahiji
alesan kunaon Bandung mangrupa tujuan study tour arurang, salah sahijina nya éta
Gedong Sate nu jadi tempat wisata di Bandung.

2. Tujuan

Ieu kagiatan di ayaken kalawan tujuan

 nambahan wawasan ngeunaan Gedong Sate


 Numuwuhken rasa duduluran diantara sesama kelompok
 Nguatken tali silaturahmi antar kelompok
 méré pangalaman kelompok

3. waktos Jeung tempat

 Dinten: Minggu
 Kaping: 06-Februari-2022
 Waktos: 10.00 – 13.00 WIB
 Tempat: Gedung Sate Kota Bandung

4. Kagiatan

Di gedong saté, kuring jeung réréncangan nyiar-nyiar ngeunaan naon-naon anu aya di ieu
gedong, dimimitian ti nganjang ka teras atap Gedong Sate.Di teras atap urang bisa ningali
kaendahan kota Bandung ti luhur. Saking ku endahna, biasana teras atap oge sok dipake pikeun
nyambut atawa ngajamu semah-semah nagara.

Sanggeus eta, urang lanjutkeun lalampahan ka handap wangunan bari ningalian papan
informasi anu ditempelkeun dina tembok wangunan atawa nu disimpen dina meja. Dina papan
informasi, aya sajarah ngeunaan harti ngaran Gedong Sate nepi ka sajarah pangwangunan
Gedong Sate.

Salah sahiji alesan kunaon ieu wangunan disebut Gedong Sate teh lantaran masarakat Bandung
baheula mah hese nyebut ngaran sabenerna, nyaeta Gedung Vanverkeer en waterstaat. Ku
kituna masarakat Bandung ningali dina luhureun Gedong aya wangunan anu siga tusuk sate,
mangka disebutna Gedong Sate.
Padahal fungsi wangunan anu siga sate teh pikeun panangkal kilat. Upama ditilik deui kana
lambang sate, aya 6 daging sate anu ngalambangkeun wargad pikeun ngawangun Gedong Sate,
nyaeta 6 juta Gulden atawa kira-kira 45 miliar rupiah dina taun 1920.

Gedong Sate mimiti diwangun dina tanggal 27 Juli 1920 ditandaan ku peletakan batu
munggaran ku Johanna Catherina Coops, putri cikal Walikota Bandung harita, nyaeta Bertus
Coops jeung Petronella Roeloefsen, nu ngawakilan Gubernur Jendral di Batavia J.P Graav van
Limburg Stirum.
Pangwangunan eta gedong dimaksudekeun pikeun jadi puseur pamarentahan, dimana harita
Pamarentah Hindia Walanda netepkeun Bandung minangka Ibukota pamarentahan sarta
hayang ngagantikeun Batavia (Jakarta) anu dirasa geus kacemar.Tapi hanjakal wawacan teh teu
kawujud lantaran aya krisis ekonomi sanggeus Perang Dunya kahiji

Sanggeus kitu urang ngalanjutkeun lalampahan bari motret babarengan di gedong Hindia
Walanda, jeung nganjang ka taman para sepuh di Gedong Sate. Sanggeus ningali jero Gedong
Saté, urang istirahat bari dahar di sabudeureun Gedong, henteu wae jerona anu pikaresepeun,
tapi di sabudeureun éta gedong ogé loba padagang anu ngajajar rapih ngajual kuliner-kuliner
has kota Bandung.

5.pamilon
Pamilon nu ngiluan ieu kagiatan the aya 6 urang ,diantarana :

1. Kania Agustin
2. Nafisa Putri Pratiwi
3. Leni Amelia Nurtiani
4. Ghinna Meisyarani Natasya
5. Jeni Selsi Septiani
6. Gerald Yusuf Anwar Maulana
6.Wargad

Wargad ieu kagiatan teh tina iuran para siswa anu gedena Rp.30.000 per urang. Eta wargad teh
digunakeun pikeun transportasi, mayar karcis di lokasi, jeung konsumsi di perjalanan.

7.Panutup

Sanggeus nganjang ti Gedong Sate tetela yen, Gedong Sate mangrupikeun salah sahiji
wangunan warisan sajarah anu kedah urang lestarikeun sareng piara. Sanes ku Warga Bandung
wungkul tapi sakumna Warga Indonesia sareng unggal pangunjung nu datang kadinya.

Muga-muga bae ieu laporan kagiatan sing jadi pelajaran keur ka sadayana.

-HATURNUHUN-

Kelompok

 Kania Agustin 9D
 Ghinna meisyarani natasya 9D
 Nafisa putri Pratiwi 9D
 Leni Amelia 9D
 Jeni selsi Septiani 9D
 Gerald Yusuf Anwar 9D

Anda mungkin juga menyukai