* NilaiKarakter:
Cinta Tanah Air, Mandiri, GotongRoyong, Integritas, Toleransi, TanggungJawab
C. Materi Pembelajaran
1. MateriReguler
Pertemuan Pertama
1. Jenis - jenis kaulinan barudak
2. Ragam(varian)kaulinan barudak
Pertemuan Kedua
Prosedurkaulinan barudak
Pertemuan ketiga
Peragaan jenis, ragam (varian), dan prosedurkaulinan barudak
Pertemuan Keempat
Tanggapanterhadap peragaan jenis, ragam (varian), dan prosedurkaulinan barudak
D. Metode Pembelajaran
Pendekatan : Saintifik
Model : Projek Based Learning (PjBL)
Metode : Ceramah, tanya jawab, diskusi, unjukkerja
E. Media, BahandanAlat
1. Media
Video kaulinan barudak
2. Bahan
2.1 Beberapateksyang memuatdeskripsikaulinanbarudak
2.2 LKS
3. Alat
Komputer, LCD proyektor, speaker, kertas plano, kertas tempel, spidol, dan
doubletape
F. Sumber Belajar
Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Faturohman, Taufik. 2017. GapuraBasa. Bandung: GegerSunten.
Hadi, Ahmad, Drs. 1991. Peperenian. Bandung: Geger Sunten.
Hidayat, Rahmat Taufiq, spk. 2005. Peperenian Urang Sunda. Bandung: Kiblat Buku
Utama.
Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:
Geger Sunten.
Risnawati, Dadang Nurjaman, Susi Budiwati. 2017. Rancagé Diajar Basa Sunda.
Bandung: Dunia Pustaka Jaya.
https://youtube.com
UCING HUI
Di buruan anu aya tatangkalan atawa pager, barudak ngarariung, rék ucing-ucingan.
Ucing Hui atawa Huhuian.
Mimitina hompimpah heula babarengan
Nu meunang pangheulana bari cingogo nyekelan kana pager kalawan pageuh pisan.
Tuluy nu kadua nangkeup kana awak anu kahiji. Nu katilu nangkeup kana nu kadua jeung
saterusna, ngantay. Nu pangpandeurina jadi ucing; leuleumpangan ngurilingan antayan
anu caringogo bari nepakan taktakna dibarengan ku kakawihan:
Ucing lumpat heula ka nu anggang, teu lila jol deui bari ngomong:
+ “Yeuh uyah téh mawa, cingan urang purulukan bari ngasaan nu pangluhurna!”
- “Pék!”
Ucing ngabetot anu cingogo pangtukangna. Lamun lésot tina antayanana, nu séjén
geuwat lumpat tingberetek nyingkahan ucing bari saruka bungah padajaringas
ngaromong: “Lingasan euy ucingna, ulah dilindeukan!”
Sanggeus carapéeun kakara areureun. Bari ngareureuhkeun kacapé, tuluy dariuk
bari ngong karakawihan minangka hiburanana.
Lampiran 2:
1) Ambil-ambilan
Kaulinan ambil-ambilan merlukeun batur nu loba, biasana dilakukeun ku barudak
awéwé jeung barudak lalaki sarta merlukeun tempat anu lega. Cara ngalakukeun kaulinan
ambil-ambilan téh biasana barudak dibagi dua kelompok, sakelompok anggotana lobaan
sedengkeun kelompok hiji deui mah diwangun ku saurang. Salila barudak arulin ambil-
ambilan biasana dibarung ku kakawihan. Nu unina saperti kieu:
+ Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu.
- Saha nu diambil, kami mah budak pahatu
+ Pahatu gé baé, purah nutu purah ngéjo, purah ngasakan baligo, purah tunggu
balé gedé
- Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé
+ Aya ubarna urat gunting sampuragé, tiguling nyocolan dagé
Saréngséna kakawihan nu pamungkas budak nu kapilih sina lumpat nyampeurkeun
ka kelompok nu ngan saurang téa, kitu jeung kitu wé dilakukeun sababaraha kali nepika
anggota kelompok ngurangan.
2) Congkak
Pakakas nu digunakeun dina kaulinan congkak di antarana congkak (dijieun tina
kai, panjangna leuwih kurang 40 cm, lebarna kurang leuwih 15 cm, luhurna dilogakan
sababaraha hiji) jeung siki congkak (bisa kewuk, siki sirsak, siki salak, jsb). Unggal logak
dieusian ku kewuk lobana tujuh siki. Cara maénna piligenti, tepi ka siki congkak téh béak
(arasup kana logak indung).
3) Gatrik
Gatrik téh kaulinan barudak lalaki. Parabot anu dipakéna kai atawa awi (panjangna
kira-kira sajeungkal) jeung kai/awi paneunggeul (nu panjangana kira-kira 30 cm). Cara
maénna , kai nu sajeungkal téa dipasangkeun kana logak, geus kitu tuluy diteunggeul
ambéh ngacleng, terus diteunggeul deui sina jauh. Lamun geus murag di hiji tempat, kai nu
dipaké paneunggeul téh dipaké ngukur ti mimiti kai nu sajeungkal téa nepika logak. Jadi,
ukuran meunang jeung éléhna téh ditangtukeun ku jumlah ukuran kai nu dipaké
paneunggeul téa.