Anda di halaman 1dari 4

Hadirin jamaah sholat istisqo anu dimulyakeun ku Alloh, Sateuacan ngalajengkeun ieu

khutbah, khotib seja ngadugikeun wasiat ka sadayana, hayu urang sami-sami


ningkatkeun katakwaan sareng kaimanan ka Alloh swt. Takwa anu saleres-leresna,
nyaeta takwa anu diwujudkeun ku ngalaksanakeun sagala rupi parentah Alloh oge
nyingkahan sagala rupi larangan-Nana. Sabab, takwa anu janten wasilah lungsurkan
rohmat sareng kabarokahan, sakumaha nu ditegeskeun dina ayat Al-Quran:

Hartosna, “Sakirana panghuni negri-negri ariman sareng tarakwa, pastina Kaula bakal
ngalimpahkeun ka maranehna berekah ti langit jeung ti bumi, ngan maranehna
ngabohongkeun (ayat-ayat Kaula), maka Kaula siksa maranehna disebabkeun gawe
maranehna keneh,” (QS. Al-Araf [7]: 97).

Tah kitu pidawuh Alloh dina Al-Quran keur jalma-jalma anu ariman jeung tarakwa.
Sabalikna, keur jalma-jalma anu teu percaya kana ayat-ayat Alloh, harti teu daek iman
jeung teu takwa ka Mantenna, maka ancamannana siksaan sareng kasangsaraan,
satimpal sareng amal perbuatan maranehna.

Matak hayu urang sabisa-bisa ningkatkeun takwa, harti kasieun sareng kataatan ka
Alloh, pados negri anu dihuni ku urang ieu pinuh ku kabarokahan.

Hadirin kaom Muslimin sareng muslimat, Patali sareng usum halodo panjang anu nuju
dirandapan ku urang sadayana, malah di sababaraha daerah tos ngakibatkeun hese cai
sareng kagararingan, maka urang kedah geuwat muntang ngeumbing ka Alloh,
ngalangkungan munajat sareng tobat. Sabab, bisa jadi nu matak ngahalangan turunna
rohmat teh, kalebet turunna hujan teh nyaeta dosa urang sorangan.

Ari perkara nu matak ngabersihan kana dosa urang nyaeta tobat. Tobat hartina balik
kana jalan anu dipika rido ku Alloh. Tobat hartina masrahkeun diri ka Alloh saparantos
milampah dosa. Tobat hartosna nyuhunkeun dihampura ka Alloh bari dituluykeun ku
padamelan taat ka Mantenna.

Ari tobat ka Alloh syaratna aya tilu. Hiji ngaraos handeueul kana dosa anu tos
dipilampah. Kadua ngalesotkeun padamelan dosa nu sok dipilampah. Katilu gaduh
tekad kuat dina hate moal rek milampah dosa nu sarupa. Tah eta teh syarat tobat ka
Alloh.

Sedengkeun syarat tobat ka papada manusa ditambih hiji syarat deui nyaeta istihlal.
Hartosna menta dihampura ka jalma anu pernah dizolim sareng menta dihalalkeun tina
perkara nu pernah digasab. Tah nalika rek tobat, jalma anu dipenta hampura ku urang
kedah dugika ngahampura. Sabab, Alloh moal waka ngahampura hamba-Na lamun eta
hamba teu acan silih hampura jeung sasamana.

Hadirin anu mulya, Salajengna tobat ka Alloh kedah dijalankeun kalayan total sareng
kaikhlasan, ngawitan ku lisan, ku hate, sareng ku sadaya anggahota badan. Ari
ngalaksanakeun tobat ku lisan nyaeta nyeueurkeun ngaos istigfar. Kantenan, dina
waktos istisqa sapertos ayeuna.

Memang sakedahna urang nyeueurkeun istigfar ti kawit urang kaluar ti bumi dugika uih
deui ka bumi. Lisan urang ulah pere ngaoskeun istigfar, sakumaha anu kantos
diparentahkeun ku Nabi Nuh ka umatna:

Hartosna, “Pek marenta dihampura aranjeun ka pangeran aranjeun. Saenya-enyana


Alloh dzat anu maha ngahampura. Pastina Anjeuna bakal ngirimkeun hujan ka aranjeun
kalayan gebretan. Oge Anjeuna bakal ngalobakeun keur aranjeun harta tur anak-anak
aranjeun, jeung ngayakeun keur aranjeun kebon-kebon jeung ngayakeun di jerona
wahangan-wahangan,” (QS. Nuh [71]: 10-12).

Saterasna tobat ku hate nyaeta ngaraos hanjakal kana dosa anu tos dilakuken kalayan
pinuh harepan yen dosana bakal dihampura ku Alloh. Sabab, saenya-enyana Alloh teh
dzat anu maha ngahampura kana dosa hamba-Na. Kalih ti eta, hatena gaduh tekad anu
kuat rek ngeureunan kana dosana.

Nanging kedah diemut ku urang sadayana, sanaos Alloh ngagaduhan sifat lautan
hampura, tapi dosa urang ulah rek dijajadikeun jeung ulah rek dilanggengkeun. Sabab,
teu aya dosa anu ageung lamun dipayunkeun kana panghampura Alloh, sabalikna teu
aya dosa anu alit lamun dina dipayunkeun kana bebendu Alloh. Jadi panghampura
sareng bebendu Alloh teh perkara anu dirahasiakeun ku Anjeuna. Matak urang ulah
gagabah dina sarengkak saparipolah. Utamina ka papada jalma. Sabab, tobat ka jalma
mah leuwih beurat tibatan tobat ka Alloh sabab kudu menta dihampura heula,
sementara manusia leuwih hese ngahampura tibatan pangeran.

Hadirin kaom Muslimin, Sanaos Alloh maha ngahampura, maha welas ka abdi-abdi-
Na, maha ngawurkeun ni’mat, nanging upami hamba-hamba-Na teu syukur oge
ngabohongkeun kana ayat-ayat-Na, maka anu terjadi nyaeta ancaman dirobahna eta
kani’matan janten peringatan, kalebet peringatan nu ku urang dirandapan ayeuna, nyata
musibah kahalodoan. Sanes Alloh robih janten teu welas ka abdi-Na,
nanging etamah urang-urang keneh anu teu layak dipika welas.

Patali sareng usum halodo sapertos ayeuna, Imam Ibnu Majah parantos ngariwayatkeun
wireh Kangjeng Rosul saw. parantos ngadawuh:

Hartosna, “Hei kaum Muhajirin, aya lima perkara nalika aranjeun geus diuji ku lima
perkara eta, sareng kaula nyuhunkeun perlindungan tina aranjeun nyorang eta lima
perkara. Salah sahiji di antara anu lima perkara tadi nyaeta, teu pati-pati maranehna
nahan zakat mal kecuali maranehna ditahan tina hujan ti langit. Oge lamun lain karena
sasatoan maka maranehna moal diturunan hujan,” (HR. Ibnu Majah).

Numutkeun hadis ieu, salah sawios perkara nu nyebabkeun ditahanna hujan teh nyaeta
nahan ngaluarkeun zakat.

Hartosna jelas, anu ngajadikeun tertahanna hujan teh teu aya deui kamaksiatan
manusia, dina hal ini nahan hak jalma-jalma fakir. Tah ku sabab kitu, hayu urang
nyeueurkeun sedekah ka jalma-jalma fakir. Oge perhatikeun bisi aya harta urang anu
teu acan dizakatan, hayu urang laksanakeun supaya Alloh teu nahan hujan kanggo
urang. Sing emut yen Alloh bakal nulungan hiji hamba, salami eta hamba silih tulungan
jeung sasamana.

khutbah ka 2
Hawwilu ridaa akum

Anda mungkin juga menyukai