Anda di halaman 1dari 7

1

Uploaded June 26, 2013


Ni l ai -ni l ai Rel i gi - 14
NATAHAR JALAN KASALAMETAN
(Khusus Pengantar Bahasa Sunda)
Split Materi Khutbah No. 22 dari Buku Himpunan Khutbah Jumat
SAMPAIKAN SERUANKU WALAU HANYA SATU AYAT
Author : H. Widjaja Kartadiredja
Assalamu alaikum wa rahmatullahi wa barakatuh.
_..l ,l
Ari nabi Musa teh nabi anu kangungan mujizat tiasa dialog langsung sareng
Gusti Allah. Abu Said al-Khudzri r.a. nerangkeun kasauran Rasulullah yen nalika
nabi Musa dialog sareng Gusti Allah, nabi Musa tumaros kieu : Nun Gusti
Pangeran abdi , naha hamba Anjeun anu i man di sangsarakeun hi rupna di
i eu dunya?. Mangka salah sahiji panto sawarga dibukakeun ku Allah keur
ditingalikeun ka Musa, bari Anjeunna ngadawuh : Wahai Musa, nya i eu tempat
anu ku Kaul a di sayagi keun pi keun maranehna.
Saparantos Musa ningal kana eta tempat, Musa nyarita : Nun Pangeran
abdi , demi kagagahan sareng kaagungan Anjeun, saupama dua dampal
panangan sareng dua dampal sampean jal mi -jal mi di pake nutupan raray
maranehna ti kawi t ku Anjeun di yugakeun dugi ka di nten ki yamah, bari
maranehna terang kana tempat pangbal i kanana jaga, ti nangtu maranehna
moal ngal akonan mi l ampah kagorengan sakedi k oge.
Musa tumaros deui: Nun Gusti Pangeran abdi , naha jal ma-jal ma anu
kafi r di l apangkeun rezeki na di i eu dunya?. Mangka salah sahiji panto naraka
dibukakeun ku Allah bari ngadawuh kieu ka Musa : Wahai Musa, nya i eu
tempat anu di jangji keun ku Kaul a pi keun maranehna.
Dialog nabi Musa sareng Gusti Allah anu kacatur di luhur ngandung atikan
anu kacida saena pikeun ditafakuran. Yen tujuan hirup manusa sanes keur
ngudag kadunyaan, anging keur ngudag kasalametan, anu hakekatna milari
karidhoan Allah, yen dunya anu kudu disiar teh taya lian keur bekel ibadah, sabab
lamun teu make dunya ibadah moal bisa sampurna.
2

Tapi nyatana kalolobaan jalma lamun geus kalimpudan ku dunya sok poho
kana ibadah. Malah anu leuwih bahya mah nya eta poho kana hakekat tujuan
hirup. J alma anu kitu kaasup jalma anu cinta dunya anu ceuk basa Alquran
mah disebut hubbud dun-ya.
Ari hubbud-dun-ya teh nya eta kalakuan atawa pola hirup anu leuwih
ngutamakeun kapentingan dunya batan kapentingan akherat. Ancaman siksa
pikeun jalma hubbud dun-ya diantarana dawuhan Allah dina Surat Hud (QS. 11)
ayat 15 jeung 16 :
_. l .,`, :,>l !,..l !. ., .. ,l| l..s !, `> !, .>,`, _
,.l` _ _,l > _ :> | '!.l 1,> !. `- .. !, _L., !. .! l.-, _
Anu hartosna :
Si ng saha jal ma anu mi kahayang kahi rupan dunya katut papaesna, ku
Al l ah bari s di cumponan sani skara anu ku maranehna di usahakeun di i eu
dunya, kal ayan maranehna moal di rugi keun. Maranehna teh jal ma-jal ma
anu di akheratna henteu meunang naon-naon sal i an ti naraka, sarta
mubadi r sani skara anu ku maranehna geus di amal keun.
Saenyana jalma anu hubbud dun-ya teh disakompet-daunkeun jeung
jalma anu i ngkar ka Pangeran`, sakumaha pidawuh Alloh dina Surat Ibrahim
(QS. 14) ayat 2 sareng 3 :
< _ .` !. ,...l !. _ _ _, _.>ll _. ,.s .,.: _
_ ',>.`. :,>l !,..l _ls :> _.., _s _,,. < !.-,, l>s
,.l` _.l._ _.,-, _
Anu hartosna : Al l ah, nya Anjeunna anu kagungan sani skara eusi ni ng
l angi t katut bumi . J eung kaci l akaan pi keun jal ma-jal ma anu kafi r ti na
si ksaan anu kaci da bangetna. (Nya eta) jal ma-jal ma anu l euwi h senang ku
kahi rupan dunya ti batan kahi rupan akherat. J eung ngahal angan batur
3

ti na jal an Al l ah, bari mi harep sangkan anu di jal an Al l ah nyi mpang ti eta
jal an, maranehna teh aya di na kasasaran anu jauh
Dina eta ayat ditegeskeun, yen jalma-jalma anu mikacinta dunya kaasup
kana golongan jalma anu kacida sasarna. Dina Alquran diterangkeun yen jalma
anu cinta dunya dipintonkeun ku kalakuan atanapi pola hirupna kaum musyrikin
kaum ahlul kitab, jeung kaum munafiqin.
Pola hirup Kaum Musyrikin.
Pola hirup kaum musyrikin nya eta pola hirup anu dipangaruhan ku
kayakinan yen hirup teh ngan ukur di ieu dunya, anu hartina teu ngayakinan
kana ayana kahirupan sabada maot. Dina Surat Al Anam (QS. 6) ayat 29 Allah
SWT ngadawuh anu hartosna, Maranehna ngaromong : Taya deui hi rup mah
ngan ukur di i eu dunya, jeung urang moal di hudangkeun deui . Padahal
dina Surat Al-Anam ayat 32 Allah SWT ngadawuh ku basa kiasan, anu hartosna :
J eung taya l i an kahi rupan dunya teh ngan ukur kaul i nan jeung anu
matak mawa poho ka Al l oh. J eung saenyana akherat mah l euwi h hade
pi keun jal ma-jal ma anu takwa. (QS.6 : 32)
Pikeun kaum muslimin moal bireuk deui kana kalakuan kaum musyrikin,
nya eta kalakuan atawa pola hirup anu dipintonkeun ku suku Quraisy di jaman
jahilyah di J azirah Arab samemeh datangna Islam.
Pola hirup kaum Ahlul Kitab.
Nya eta pola hirup atawa kalakuan anu umumna dipintonkeun ku kaum
Yahudi. Ari tujuan hirupna kaum Yahudi samata-mata keur ngudag kasenangan
dunya, anu ceuk istilah modern mah disebut pola hirup hedonistis. Anu hartina
pola hirup anu samata-mata keur ngudag kasenangan dunya.
Pola hirup kaum Munafiqin.
Umumna pola hirup atawa kalakuan kaum Munafiqin (jalma-jalma
munapek) dipintonkeun ku kalakuan hirup bermegah-megah anu teu
didadasaran ku iman jeung takwa, anu watekna hayang nembongkeun paloba-loba
harta, paluhur-luhur pangkat, wibawa jeung kakawasaan, anu tujuan akhirna
taya lian keur ngumbar kahayang nyumponan panarikna hawa dunya. Dina Surat
At-Takatsur (QS.102) Allah Swt jentre pisan negeskeun paringetan bahyana hirup
bermegah-megah, anu matak mawa poho ka Allah tepi ka eta jalma asup ka liang
kubur, hartosna dugi ka maot. Eta teh buah tina sifat jeung kalakuan kaum
munafiq bakating ku kuat-kuatna kasengsrem ku daya tarikna dunya.
4

Kalakuan atawa tabeat anu samata-mata resep ngudag kasenangan dunya,
atanapi hirup bermegah-megah teh, pikeun jalma-jalma munafiq mah, eta teh
kaasup kana istilah istidraaj, nya eta istilah anu katingalna nembongkeun hiji
kapunjulan tina sisi lahiriahna, pada hal dina hakekatna mah mangrupa kaayaan
anu lambat-laun matak mawa kana kacilakaan. Sedengkeun pikeun jalma-jalma
anu iman jeung takwa ka Allah mah, yen dunya atawa kanimatan teh mangrupa
fitnah atawa cobaan keur nguji manusa dina jalan anu diridhoi ku Allah.
Hiji-hijina solusi.
Saenyana pikeun jalma-jalma anu iman jeung takwa, Alquran teh lian ti
ngandung pituduh ihwal aqidah, ibadah, jeung sabangsana, Alquran teh
ngandung bimbingan atawa atikan dina soal akhlak, anu didadasaran ku parentah
sareng pituduh Allah, sangkan laku lampah manusa salawasna aya dina jalan anu
lempeng. Ku kituna, lamun di luhur tadi dipintonkeun tilu kalakuan anu baris
mawa kana karugian atawa kacilakaan, mangka pola hirup anu baris mawa kana
kasalametan, nya eta pola hirup anu didadasaran ku pituduh Alloh dina Alquran,
anu disebut pola hirup Islami. Tegesna, urang kudu ngayakinan yen hiji-hijina
papagon hirup anu baris nyalametkeun kahirupaan dunya sareng akherat nya eta
pola hirup Islami, anu diuger ku hukum-hukum Allah dina syariat Islam.
Pikeun natahar atawa ngelelempeng jalan kasalametan, kaum muslimin
kudu ngayakinan yen hiji-hijina solusi pikeun jalma jalma anu iman jeung
takwa, hartosna anu baris mawa kasalametan kana kahirupan di dunya sareng di
akherat, nya eta pola hirup Islami. Salah sahiji pituduh Allah diantawisna
dawuhan Allah dina Surat Al Qashash (QS.28) ayat 77 anu unina kieu :
_., !., ., < :> .. ,,,.. _. !,..l _.> !. _.> < ,l|
_,. :!.l _ _ | < > _...l __
Hartosna : J eung geura gunakeun sani skara anu geus di papari nkeun ku
Al l ah ka andi ka pi keun nagri akherat, sarta poma andi ka ul ah poho
bagi an andi ka ti na dunya. J eung poma andi ka ul ah nyi eun karuksakan di
i eu bumi , karana saestuna Al l ah henteu mi suka jal ma-jal ma anu
ni mbul keun karuksakan. (QS.28 : 77).

Ayat anu di luhur ngandung tilu mana utama nya eta :
5

Kahi ji , ayana sikep hirup, anu didadasaran nilai-nilai keseimbangan antara
tujuan kapentingan dunya sareng tujuan kepentingan akherat.
Kadua, salawasna milampah kahadean (anu disebat ihsan) dina sagala hal,
sangkan jadi jalmi anu mukhsin.
Kati l u,teu ngabogaan sifat atawa laku lampah nu ngaruksak, boh kana anu aya
patalina jeung alam lingkungan, nilai-nilai moral, jeung aspek-aspek sanesna dina
kahirupan, kaasup dina miara tatanan kahirupan bangsa jeung nagara ku anu
nyarekel kakawasaan.
Hiji kanyataan anu ku urang kudu ditafakuran, yen bangsa urang teh geus
kacida jauhna dipangaruhan ku budaya barat, anu falsafah hirupna ngagungkeun
kapentingan dunya. Kiwari pola pandang bangsa urang umumna, lir geus
condong kana ngahargaan nilai-nilai materi batan nilai-nilai ukhrawi. Ayana
parobahan pola pandang anu dipecut ku kamajuan elmu pengetahuan jeung
teknologi khususna dina widang komunikasi, lamun henteu dibarengan ku
kasiapan daya tangkal pikeun nyegah sisi negatifna (sanajan teu sakedik
mangfaatna elmu pengetahuan jeung teknolog di jaman kiwari), sadrah atawa
henteu eta pangaruh negatif bakal mangaruhan atawa ngotoran kana kamurnian
nilai-nilai islami.
Dina ieu kasempetan, Khatib umajak pangpangna ka diri khatib pribadi
umumna ka kaum muslimin sidang jumat anu dimulyakeun ku Allah, hayu urang
candak cindekna eusi ieu khutbah, keur natahar atanapi ngalelempeng jalan
hirup anu bakal mawa kasalameten di dunya jeung di akherat, nganggo papagon
pidawuh Allah anu kaunggel dina surat Al-Qashash ayat 77, nya eta :
1) Dina kahirupan sadidinten henteu lesot tina pamadegan kayakinan ayana
kasaimbangan antara tujuan tujuan keur kamaslahan di dunya sareng tujuan
keur kasalametan di akherat. Papagonna, J eung geura gunakeun saniskara anu
geus dipaparinkeun ku Allah ka andika pikeun nagri akherat.
2) Milampah kahadean dina sagala perkara, anu kadarna numutkeun ukuran
kamampuhan, anu didadasaran ku kaikhlasan.
3) Henteu milampah karuksakan, boh kana perkara anu aya kaitan jeung alam
lingkungan, nilai-nilai moral jeung akhlak.
Anu kedah jadi catetan penting pikeun umat muslim ihwal mana kawajiban
ngajauhan karuksakan teh lain ngan ukur kawajiban umat anu hukumna fardlu
ain, tapi lian ti eta dina segi pranata kanagaraan. Boh di jajaran eksekutif (anu
ngajalankeun pamarentahan), boh di jajaran legislatif (anu nyieun sagala aturan),
6

boh di jajaran yudikatif (anu mancegkeun kaadilan), rahayat teh hatena cumeluk,
miharep ka anu nyarekel amanah ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, ulah
nyieun karuksakan dina eta amanah, anu matak jadi panghalang dina
mancegkeun kaadilan jeung ngaronjatkeun karaharjaan. Sabab eta amanah teh
kacida beuratna keur mertanggung-jawabkeunana di payuneun Allah Swt jaga di
yaumal qiyamah.
Mudah-mudahan ieu khutbah aya mangfaatna.
Barakalaahu lii wa lakum fi Quraanil adhiim, wa nafaanii wa iyyaakum bimaa
fiihi minal aayaati wadz-dzikril hakim. Wa taqabbala minnii wa minkum, tilaa
watahu innahu huwas-samiiul aliim.


Catatan : Untuk pembaca blog ini di situs internet, beberapa hari lagi kita akan
memasuki bulan suci Ramadhan, kepada sesama muslim dan muslimat di mana
saja berada, kita ucapkan Selamat menunaikan ibadah Puasa. Semoga di bulan
yang penuh barokah ini kita dapat menafakuri diri yang tak pernah luput dari dosa
dan kesalahan di hadapan Allah Swt. Penulis sisipkan di blog ini, Syaikh Abdul
Qadir Al-J ailani, seorang waliyullah, berkata : Bertobatl ah kamu kepada Al l ah
dengan hati , kemudi an dengan l i dahmu. Tobat adal ah kebul atan hati ,
kemudi an mengal ahkan nafsu, kei ngi nan, syai tan, dan kawan-kawanmu
yang buruk. J i ka kamu bertobat, berati kamu akan mengubah pendengaran,
pengl i hatan, l i dah, hati , dan sel uruh anggota badanmu, di sampi ng
membersi hkan makanan dan mi numan dari yang haram maupun yang
subhat. Bahkan kamu pun harus berhati -hati dal am mencari nafkah dan
dal am jual bel i . Mudah-mudahan lewat bulan suci Ramadhan, nasihat ini dapat
kita amalkan. Aamiin, yaa rabbal alamiin.



Sampai kan Seruanku Wal au
Hanya Satu Ayat.


Sabda Baginda Nabi Sawtersebut di atas dipakai judul buku (himpunan transkrip)
khutbah Jumat, isi 45 judul Khutbah, tebal 678 halaman ukuran 14,5 x 21 cm, untuk bahan
khutbah selama satu tahun, dilengkapi penjelasan Rukun Khutbah yang sangat berguna
bagi mereka yang tertarik dengan syiar Islamterutama bagi kalangan pemula. Juga selain
materi untuk bahan khutbah, bermanfaat untuk bahan bacaan keluarga. Diberi
Pengantar oleh Almukarom KH. Enjang Nasrullah, Pimpinan Harian Pondok Pesantren
Almusyahadah Jalan Raya Cilember 27, Kota Cimahi, Jawa Barat, Indonesia.
Harga Rp. 140 ribu (termasuk ongkos kirimkhusus di wilayah Jawa Barat).
Promosi dalammenyambut bulan Suci Ramadhan 1434 H, harga Rp. 100 ribu.
Peminat dapat menghubungi Budiawati Wijaya 0853 1508 0481, atau Facebook a.n.
Budiawati Wijaya, dan SMS via 0821 1798 3181 Nia Kurniawati.
Atau email : widiakertapranata@yahoo.co.id
7

Anda mungkin juga menyukai