Anda di halaman 1dari 3

Bismillaahirahman nirrahiim.

Assalamu'alaikum Wr Wb

Alhamdu lillaahil ladzi arsala rasuulahu bil huda, wadinil haq, liyudh hirahuu 'alladiini kullihii
wakafaa billahii syahiidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu
anna muhammadan 'abduhu warasuluhuu laa nabiya ba'dah.
Allahumma shalli wasallim wabarik 'alaa sayyidina muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii
wa manit taqaa. Amma ba'du.

Diawitan ku basmalah, nu jadi sekar pangiring catur, sangkan jadi panghias rasa, tur jadi santun
ing kalbu. Tarate hate malati ati, sangkan jadi pangemat aworna omel jeung amal. Dituturkeun
ku hamdalah, kalimah panundung rambu ing takabur, nu ngahunyud dina kalbu, nu sok jadi
panghalang, jorelatna teja Al Qur-an kana manah, ngaheumpikkan tembusna cahaya kudus kana
kalbu, sangkan ulah aya rasa riya, sum’ah jeung takabur, nu sok pasolengkrah jeroeun dada.
Dipirig ku kalimah kalih, syahadat dua lir sumpah, jangji moal lanca-linci, luncat mulang udar
tina tali gadang, mo rek ngijing sila, bengkok sembah, rek khusyu sumujud, tuhu nuturkeun galur
ti Rasul.

Ibu-bapa, hadirin sadaya, sepuh anom jaler istri rahimakumullah.


Saba'da bubuka nembe, mitembeyan, minangka pangjajap saur, widian sim kuring medar
pamaksadan, sok sanaos teu patos tebih, ti palih wetan, ti.....(tempat panganten pameget) ka
dieu.......(tempat panganten istri ), saur basa pujangga mah, jauh dijugjug anggang diteang,
ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, matak reuwas nu kasumpingan, sim kuring, minangka
nangtung sambung laku, letah sambung carita, ti kulawarga Bapa ...........(Ramana Panganten
Pameget), sarimbit, anu maksadna taya sanes :
Kahiji, seja nyanggakeun silaturahmi nu langkung jembar, minangka panyambung tina
silaturahmi nu kantos dilaksanakeun waktos kapengker,antawis kulawarga ............(Ramana
Panganten Pameget ) sareng kulawarga...........(Ramana Panganten Istri) didieu, mugia bae
beungkeutansilaturahmi antawis rombongan calon panganten pameget, sareng kulawargacalon
panganten istri saparakanca ieu, tiasa ngajantenkeun pirang-pirangkasaean.

Kadua, seja nyambung saur kapungkur, anu kantos pasini, antawis kulawarga .........(Ramana
Panganten Pameget), sareng kulawarga .............(RamanaPanganten Istri) didieu, wireh pun
dulur, Saderek .............(PangantenPameget), putra lalaki, cikalna, ti kulawarga Bapa
...............(RamanaPanganten Pameget), sarimbit, kantos nyimpen carios sareng tuang putra Neng
.........(Panganten Istri), upami teu aya cegahing Allah Nu Murbeng Alam, kalayan didadasaran
ku itikad, anu clik putih clak herang, seja tatahar, ngajak sasarengan rumah tangga sareng tuang
putra. Mun kapungkur, lamunan teh ngan ukur angen-angen wungkul, kamari nu masih keneh
janten beubeureuh maneuh, bebene pamepes hate, kiwari, dina dinten Ahad ieu, aya kahoyong ti
saderek Bambang ieu, manawi aya kaweningan galih ti tuang putra, sareng ti sepuhna tangtosna
oge, hoyong ka palupuh nangtung saurna teh, hoyong kapimilik, malah dipaparah, diangen-
angen, sangkan tiasa kauntun tipung katambang beas, laksanana kapiduriat.

Katilu, wireh kawengku ku hukum katalian ku adat kabiasaan, yen sahna rumah tangga, upami
aya kaweningan galih, ka iklhasan manah, ti wali calon panganten istri, anu mangrupi "ijabna"
ditema ku panganten pameget minangka "qabulna", ayeuna, mangga, kasanggakeun pamegetna,
getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami, kabodoanana, kala’ipanana sareng
katalingeuhanana, siangna, wengina, mangga, nyanggakeun, sarta pangjajap pidu'ana, malah
mandar, rumah tangga para putra urang jaga, aya dina ginanjar kawilujengan, janten wangunan
rumah tangga anu sakinah, rumah tangga anu mawaddah warahmah, sangkan tiasa janten
wangunan rumah tangga anu baldatun thayyibatun warabbun ghafur.

Kaopat, sok sanaos kalintang isin ajrihna, margi tebih ti utami tea, kituge sanes bade ngaluli-luli,
nanging rumaos, tuna tina kagaduh, estu tamba ngalongkewang wungkul, sapulukaneun
pangjajap itikad, pangjurung maksud ti pun dulur, saderek .............(Panganten Pameget), beas
sacanggeum, encit sacewir, artos satoros teh, sanes mung ukur babasaan wungkul, estuning
saujratna, nanging panuhun, ulah ditingal jumlahna, margi tangtos, matak ngisinkeunana, pamugi
anu kasuhun, kersa nampi cacandakan saderek ...........(Panganten Pameget) ieu. Kagenepna,
hapunten anu kasuhun, upami ieu pamaksadan miwah kadongkapan sim kuring saparakanca ieu,
tebih tina harepan pribumi, oge tina sugrining kalepatan sareng kakiranganana, utamina bilih aya
saur bahe carek, catur nu teu kaukur, carita anu teu karasa, eta sadaya sanes perkara anu dihaja,
estuning tina kakirang sim kuring wungkul.

Pamungkas, sim kuring neneda ka Allah SWT, mugia anu bade ditikahkeun ieu,sing runtut raut,
lulus banglus, apanjang-apunjung, parek rijkina, adohbalaina, jatnika salalamina, dina enggoning
laki rabina. Deudeul du'a ti awal bae, geulis, kasep : "Barakallahu laka wabaraka alaika, wa
jama'a baina kuma fii khair" Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mugi Gusti maparin barakah ka anu bade
ditikahkeun ieu, sareng mugi Gusti ngahijikeun ka anu bade ditikahkeun dina kasaean. Amin
Yaa Allah Yaa Rabbal 'alamiin, Yaa Mujibas saa 'iliin.

Wasallamu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.

Anda mungkin juga menyukai