Anda di halaman 1dari 9

TUGAS BASA SUNDA

“SAJAK”

Wasta Kelompok :

 Annisa Hana Fitriani (04)


 Hariyanto Dwi Cahyo (15)
 Nisrina Fathin Amira (23)
 Rendy Gea Ramadhan (26)
 Rizky Surya Nugroho (29)
 Thalita Rahma Aisyah (25)
 Yogi Lucianus (38)

1
DAFTAR EUSI
Daftar Eusi ……………………………………………………………………………… 2

I. BUBUKA
Kata Pangantar ………………………………………………………………. 3

Kasang Tukang..........………………………………………………………. 4

II. EUSI
Pangertian sajak jeung Ciri-ciri sajak..…………………………… 5

Unsur unsur sajak dan cara ngabuat sajak sunda ………… 6

Conto sajak ………………………………………………………………….. 7

Cara Ngagalantangkeun sajak.......................................... 8

III. Panutup
Kecindekan ………………………………………………………………….. 9

2
I. BUBUKA
KATA PENGANTAR
Assalamu’alaikum . Wr. Wb

Puji sukur urang panjatkan kehadirat Allah SWT karena-Na urang tiasa dibere
kasempetan ngabuat pancen anu eusina ngeunaan " sajak " . Pancen ieu didamel supados
urang tiasa terang pengertian sajak,unsur unsur sajak,cara midamel sajak sarta conto conto
sajak.

pancen ieu eusina ngeunaan pengertian sajak,conto sajak,cara midamel sajak sarta
unsur unsur na. urang nyadar yen dina pancen urang seueur keneh kakurangan. ku kituna
urang menta hapunten luhur kakurangan anu aya,margi urang dina keneh babak diajar.

Wassalamu’alaikum. Wr. Wb

3
KASANG TUKANG
Dina kahirupan sapo-poe urang sarerea pasti wae pernah nguping istilah sastra atawa karya
sastra, prosa atawa sajak. Tina maca karya sastra, urang sarerea bakal manggihan harkat hirup. Tina
basa lain, tina karya sastra aya ka manfaatan pikeun kahirupan. Karya sastra anu alus, biasana sok
ngabogaan nilai (value). Nilai eta di wangen tina wujud wangenan karya sastra, anu sacara implicit
sok aya dina galur, latar, tokoh, tema jeung amanat. Atawa dina larik, kuplet, rima jeung irama. Nilai
anu di kandung tina karya sastra nyaeta : Nilai hedonik (Hedonic Value), nilai artistik (Artistic Value),
nilai kultural (Cultural Value), nilai etis, moral, agama (Ethical, Moral, Religious Value) jeung nilai
praktis (Practical Value).

Salah sahiji karya sastra Indonesia nyaeta sajak. Sajak teh nyaeta anu ngabogaan ciri mantra,
rima, teu jeung rima, atawa kombinasi duanana. Katangtuanna, lamun di bandingkeun jeung sastra
anu sejen nyaeta, dina basa-basana anu topang-manopang jeung hubungan tina harti.
Pamahaman jalma-jalma kana sajak bisa beda-beda. Ieu di sababkeun tergantung timana urang
ngahartikeunna. Sajak mangrupakeun ekspresi jiwa atawa emosi panyair kana naon-naon masalah
anu kapanggih dina ka hirupan. Jeung anu nyieuna kana sajak bisa saha wae heunteu kudu jalma-
jalma anu palalinter. Tapi urang oge salaku jalma awam bisa nyieun oge lantaran satiap jalma
ngabogaan imajinasi jeung pangalaman-pangalaman anu bisa di jadikeun atawa anu bisa di
larapkeun kana sajak.

4
II. Eusi
PANGERTIAN SAJAK
Sajak Sunda nyaéta salah sahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu pati kauger ku
patokan wangunan. Ku lantaran kitu, dina mangsa awal gelarna sok disebut sajak bebas,kungsi ogé
disebut sanjak. Disebut bébas téh saenyana mah rélatif, nyaéta lamun dibandingkeun jeung puisi-
puisi saheulaeunana, utamana upama dibandingkeun jeung dangding anu kabeungkeut pisan ku
patokan guru wilangan jeung guru lagu. Saenyana mah sajak ogé mageuhan kénéh rupa-rupa
konpénsi puisi, upamana lebah diksina jeung rakitan ungkarana. Ari Taufik Faturohman mah
nyindekkeun yén nu disebut sajak téh nyaéta karangan ugeran anu ngébréhkeun pangalaman batin
panyajakna. Biasana sajak mah dituis dina wangun ungkara konotasi (kiasan) , Makna konotasi
nyaeta makna anu timbul tina akibat sikap sosial, sikap pribadi, jeung tina sikep tambahan, anu
dikenakeun kana salah sahiji makna konseptual atawa disebut makna kiasan makna ditukangeun
makna anu sabenerna.

CIRI CIRI SAJAK


1. Kaasup kana sastramodern
2. Mangrupa karya sastra sampeuran
3. Ditulis dina wangun ugeran
4. Jumlah jajar, bait, atanapi suku kata na bebas

5
UNSUR UNSUR SAJAK
Sajak bisa dipahami lamun terang unsur unsurna. Unsur unsurna nyaeta :

1. Jejer atawa tema, yaeta gagasan poko anu rek ditepikeun ku panyajak ku nu maca. Tema
dina sajak rupa-rupa, aya kaagamaan, kamanusiaan, cinta ka lemah cai, jste.
2. Nada jeung suasana, nyaeta sikep panyajak ka nu maca. Tina sikep panyajak
ngabulukarkeun ayana suasana nu karasa ka nu maca.
3. Rasa, nyaeta hal-hal anu ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina sajak bisa kapanggih sabada dibaca.
Naha dibacana teh digorowokkeun , digalantangkeun, dihariringkeun atawa dilenyapan dina
jero hate.
4. Amanat, nyaeta pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak. Tapi najan kitu, amanat dina
hiji sajak ditangtukeunana teh gumantung nu maca. Hartina urang dibere kebebasan pikeun
nagtukeun amanat tina hiji sajak.

CARA NGABUAT SAJAK SUNDA


1. teurang kalawan betul nalika sunda sarta pamakean na
2. Tangtukeun tema nu pas
3. Mamilah kata atawa diksi

6
Conto sajak
Tema : Alam karya : Riyadul Maisyah

KAĖNDAHAN ALAM
Cahaya panonpoė
Nyaangan kana ati
Hiliwirna angin
Mawa tiis kana ati
Tatangkalan tinggarupay
Nambah ėndahna alam
Lemah cai negeri nu can ku polusi
Alam ėndah nu merenah
Ulah nepi ka punah
Ku urang kudu dipusti
Supaya tetep asri lestari

Tema : keegamaan Karya : Riyadul Maisyah


QADHA JENG QADHAR
Takdir teu bisa dipungkir
Qadha jeng qadhar teu bisa di takar
Jelema lir ibarat wayang
Gerakna kumaha dalang
Umur panjang teu bisa hayang
Lamun geus kuduna mulang
Ka gusti nu Maha Suci
Cimata kur bisa ngeclak
Wakca Apa tilar dunya

7
CARA NGAGALANTANGKEUN SAJAK
1. Apalkeun naskah sajakna
2. Lenyepan heula eusi sajak, samemeh digalantangkeun
3. Macana kudu bentes, ulah asa-asa
4. Sorana kudu ngoncrang, ulah haharewosan
5. Lentongna sing merenah
6. Rengkak jeung paroman sing ekspresif, luyukeun jeung suasana eusi sajak
7. Kudu bisa improvisasi, sangkan karasana heunteu monoton

8
III. Panutup
KACINDEKAN
Sajak sunda tiasa kalawan mudah didamel asalkan unsur-unsur na, cirri-ciri na jeung
naon naon anu kedah diperhatikeun. Kita juga kudu tau cara gagalantangkeun sajak. Seiring
hal perkembangan jaman, sajak kedah urang lestarikan , supados generasi penerus teurang
ngeunaan karya sastra sajak, teori kebahasaan jeung karya sastra Indonesia yang lainnya.

Anda mungkin juga menyukai