Anda di halaman 1dari 22

MAKALAH

MACA KRITIS
Diajukeun Pikeun Nyumponan Salah Sahiji Pancén Mata Kuliah Téori Maca

Kelompok 2

Alifia Syahrani NIM 2007352

Ilyasa Ahmad Maskawaih NIM 2001484

Refina Insani Farasadina NIM 2009293

Salma Ayu Ningsih NIM 2004519

Sifa Faridatul Sholihah NIM 2009345

Tsara Rahadatul Aisy NIM 2009457

PROGRAM STUDI PENDIDIKAN BAHASA SUNDA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2020
LEMBAR PENGESAHAN

Kelompok Dua :

MACA KRITIS

Disaluyuan jeung disahkeun ku :

Dosén Pangampu I,

Drs. H. O. Solehudin, M.Pd.


NIP. 195701011980021004

Dosén Pangampu II,

Yatun Romdonah Awaliah, S.Pd., M.Pd.


NIP. 199004292015042002

2
PANGJAJAP

Puji sinareng syukur enggoning ka Allah SWT, Gusta Nu Maha Agung nu


mana mantena parantos masihan rahmat sinareng hidayah ka kuring saparakanca
pikeun nganggeuskeun ieu makalah. Teu hilap sholawat miwah salam mugia
ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ogé ka
kulawargina, ka sohabatna, sinareng ka urang sadaya salaku umatna tug dugi ka
akhir jaman.

Dina ieu kasempetan, panyusun bisa nganggeuskeun makalah anu judulna


“Maca Kritis.” Ku kituna panyusun ngahaturkeun nuhun ka :

1. Drs. H. O. Solehudin, M.Pd. sinareng Yatun Romdonah Awaliah,


S.Pd.,M.Pd. salaku dosén pangampu mata kuliah téori maca anu
parantos ngaping dina nganggeuskeun ieu pancén.
2. Réréncangan saparakanca anu parantos gawé bareng dina
nganggeuskeun ieu pancén.
Ayana ieu makalah dipiharep sasieureun sabeunyeureun bisa méré
mangpaat mangrupa pangaweruh ngeunaan téori maca kritis ka nu maca,
dimimitian tina wangenana nepi ka kumaha cara na sangkan bisa ngalarapkeun
maca kritis.
Pamungkas, panyusun tangtu sadar yén dina ieu makalah masih kénéh aya
kasalahan boh dina kekecapan atawa dina éjaan. Ku kituna, panyusun neda
dihapunten sarta ngantos pisan kana kritik katut saran ti nu maca.

Bandung, 21 Oktober 2020

Panyusun

i
DAFTAR EUSI

Hlm.

Lembar Pengesahan

Panjajap........................................................................................................... i

Daftar Eusi...................................................................................................... ii

Daftar Gambar................................................................................................ iii

BAB I BUBUKA

A. Kasang Tukang.................................................................................. 1
B. Rumusan Masalah.............................................................................. 2
C. Tujuan Penulisan............................................................................... 2

BAB II PEDARAN

A. Wangenan Maca Kritis...................................................................... 3


B. Pentingna Maca Kritis....................................................................... 4
C. Téknik Maca Kritis............................................................................ 8
D. Kaparigelan Maca Kritis.................................................................... 9
E. Prosedur Pangajaran Maca Kritis...................................................... 11

BAB III PANUTUP

A. Kacindekan........................................................................................ 15
B. Saran.................................................................................................. 15

Daftar Pabukon

ii
DAFTAR GAMBAR

Hlm.

Gambar 1 Prakték Kerja Lapangan.......................................................................5

Gambar 2 Mahasiswa sebagai ”Agent OF Change"..............................................6

Gambar 3 Guru Ngajarkeun Maca........................................................................7

Gambar 4 Gambar Ahli Ékonomi..........................................................................7

iii
BAB I

BUBUKA

A. Kasang Tukang

Maca mangrupa salah sahiji kaparigelan basa nu kudu dikuasai ku papada


jalma. Maca nyaéta hiji proses nu dilakukeun sarta digunakeun ku pamaca pikeun
nyangking pesen, nu rék ditepikeun ku panulis ngaliwatan média tulis. Tujuanana
pikeun néangan informasi, nyangkup eusi jeung ma’na bacaan. Salian kitu, maca
kaasup kagiatan nu penting sarta wajib dikawasaan kusabab kacida mangpaatna
pikeun kahirupan komo deui para pelajar nu dituntut pikeun nambahan wawasan
jeung ngembangkeun élmu.

Maca téh aya sababaraha jenis, salah sahijina nya éta maca kritis. Maca
kritis (critical reading) mangrupa sajenis maca anu dilakukeun kalawan bijaksana,
jero, évaluatif, analisis jeung lain ngan saukur néangan kasalahan eusi atawa
kecap nu aya dina objék kajian. Ku kituna maca kritis téh kudu dikuasai ku para
pelajar pikeun ngahontal kasuksésan tina diajar, dimimitian ku ngajelaskeun
kumaha sabenerna maca kritis téh. Ngaliwatan makalah ieu dipihatur pamaca bisa
ningkatkeun maca kritis dimimitian ku cara bisa ngajelaskeun ngeunaan
wangenan maca jeung tujuanana.

Maca bacaan diluhur tangtu babari pikeun dipikaharti naon maksud tina hal
anu ditepikeun ku panulis. Tapi kumaha upamana maca kalimah saperti kieu,
syprgikpsarbrsmibuuntkmmblibjubru. Kalimah éta tangtu teu sababari maca
bacaan diluhur, butuh waktu nu lumayan lila pikeun maham eusi bacaan nu
ditepikeun panulis. Tapi ahirna pamaca bisa apal naon ma’na tina tulisan éta. Tapi
nalika keur maca bijil pertanyaan ti pamaca kana dirina saperti : ”Naha panulis
nulis jiga kieu? Naon maksudna” jeung sajabana. Lamun hal éta sacara langsung
ditanyakeun ka diri sorangan, berarti sikep pamaca nu jiga kitu geus kritis kana
bacaan jeung panulisna.

1
Namung dina kagiatan maca kritis pikeun nulis ilmiah kudu diperhatikeun
téhnik-téhnikna, saperti téhnik mikanyaho idéntitas résénsi jeung milih basa
tulisan, téhnik kutipan, sarta téhnik nyusun daftar rujukan ngarah menangkeun
kasempurnaan dina panulisan ilmiah.

B. Rumusan Masalah

Dihandap ieu mangrupa rumusan masalah ngeunaan maca kritis:

1. Hal naon anu ngabalukarkeun maca kritis penting?


2. Aya sabaraha teknik pikeun maca kritis?
3. Cara naon bae nu dipake pikeun maca kritis?
4. Naon patalina kaparigelan jeung maca kritis?
5. Naon wae prosedur pangajaran dina maca kritis?

C. Tujuan

Umumna tujuan ieu makalah pikeun ngeyeuban pangaweruh ka nu maca


ngeunaan maca kritis, salian ti eta aya oge tujuan hususna nya eta:

1. Pikeun mikanyaho pentingna maca kritis.


2. Pikeun mikanyaho teknik dina maca kritis
3. Pikeun mikanyaho cara nu dipake dina maca kritis.
4. Pikeun mikanyaho patali kaparigelan jeung maca kritis
5. Pikeun mikanyaho prosedur pangajaran dina maca kritis.

2
BAB II

PEDARAN

A. Wangenan Maca Kritis

Maca kritis mangrupa prosés maca nu dilakukeun pikeun mahamkeun


sacara jero informasi nu aya dina bacaaan, bisa informasi tersurat atawa tersirat nu
ditepikeun ku panulis. Ahuja dan Ahuja (2010) ngébréhkeun yén maca kritis
nyaéta larapan proses mikir sacara kritis kana bacaan. Aktivitasna ngalibatkeun
prosés kognitif tingkat luhur. Pamaca dituntut nerapkeun prosés mikir sacara
analitik, sintétik, jeung évaluatif.

Maca kritis nyaéta tingkatan kaparigelan maca anu tujuanana pikeun


maham ma’na téks sacara jero ku cara ngaplikasikeun proses mikir kritis,
ngalibatkeun kamampuan analisis jeung évaluasi pikeun maham ma’na sacara
kasakabéhna. Patalina jeung prosés kognitif nu ngalibatkeun dina aktivitas maca,
Nurhadi (2010) nguraikeun lima aspék kaparigelan maca kritis nu nyangkup; (1)
Ngainterprétasi, (2) Nganalisis, (3) Ngaorganisasi, (4)Nganilai, jeung (5)
Nerapkeun. Mikir kritis pikeun aktualisasi tina mikir sacara kritis nyaéta proses nu
terarah dina kagiatan mental pikeun meupeuskeun masalah, nyokot keputusan,
nganalisis, sarta ngaévaluasi sacara sistematis hiji pamadegan (Johnson, 2007).

Salian kitu, maca kritis mangrupa usaha ngalibatkeun kamampuan mikir


sacara kritis kana eusi bacaan. Priyatni (2011) ngembangkeun kaparigelan maca
kritis sacara berjenjang dumasar kana kaparigelan mikir Marzono, kaparigelan
mikir téh nyangkup; (1) Kamampuan ngafokuskeun, (2) Ngumpulkeun informasi,
(3) Nginget, (4) Ngaorganisasi, (5) Nganalisis, (6) Ngageneralisasi, (7)
Ngaintegrasikeun, jeung (8) Ngaévaluasi. Maca kritis ogé ngalibatkeun aktivitas
pikeun maham sarta nganilai pesen idéologis jeung tujuan tertentu panulis. Maca
kritis nyaéta proses maca nu ngalibatkeun kasadaran yén basa téh lain ngan saukur
mawa pesen proporsional téks, tapi mawa ogé pesen idéologis (Wallace,1992).
Maca akritis mangrupa aktivitas nu ngarahkeun pamaca paham sacara jero ma’na
nu kasirat dina hiji téks. McWhorter (1993) ngadéfinisikeun maca kritis téh

3
aktivitas nu fokusna kana kagiatan pikeun maham maksud panulis nu aya kasirat
dina téks, lain ngan saukur maham informasi sacara tinulis. Dumasar kana
sababaraha définisi nu geus di ébréhkeun, dicindekeun yén maca kritis téh
mangrupa tingkatan kaparigelan maca nu tujuanana maham ma’na téks sacara jero
ku acara ngaaplikasikeun prosés mikir sacara kritis, ngalibatkeun kamampuan
analisis, sintésis jeung évaluasi pikeun maham ma’na sacara kaseluruhan, rék
sacara kasurat atawa kasirat. Maca kritis di susun ku kaparigelan – kaparigelan nu
nunjukkeun tahap mikir sacara kontinum.

Maca kritis diartikeun kagiatan pikeun mere pertimbangan ngeunaan isi


atawa gaya dumasar kana kriteria nu bisa dipertanggung jawabkeun. Kagiatan
ngaevaluasi kualitas tulisan kaasup kagiatan anu kompleks, lantaran evaluasi
nuntut nu maca pikeun maca sacara aktif, talutén/teliti, analitik, jeung reflektif
(Wheeler, 2009:1; Kurland, 2000:1). Maca kritis mangrupa usaha pikeun
ngalibatkeun kamampu pipikir kritis ngeunaan eusi bacaan. McWhorter (1993)
ngadefinisikeun yen maca kritis mangrupa aktivitas nu fokus ngabahas ngeunaan
maksad panulis nu aya ditukangeun ieu teks, henteu ngan saukur paham kana
informasi nu dicutat. Jadi maca kritis mangrupa kagiatan nu tujuanana pikeun
mikanyaho ngeunaan eusi jeung maksad nu aya dina teks nu ngalibatkeun
kamampu analitis, evaluasi, jeung sintetis.

B. Pentingna Maca Kritis

Kagiatan sarta kaparigelan maca mangrupa salah sahiji aspék penting dina
kahirupan manusa, boh di lingkungan kulawarga, di lingkungan atikan, atawa di
lingkungan masyarakat. Numutkeun Nurhadi (dina Sultan, 2018, kc. 2) nétélakeun
yén dina kaparigelan maca téh aya 4 lével diantarana nya éta (1) maca literal; (2)
maca interpretatif; (3) maca kritis; jeung (4) maca kréatif. Tina ieu tingkatan level,
maca kritis téh mangrupa level anu katilu. Hartina, kaparigelan maca kritis téh
mangrupa kaparigelan anu teu bisa dianggap énténg.Dina zaman kiwari, ku
kamekaran téknologi téh informasi ngeunaan naon baé geus babari pisan diaksés
di media massa, salah sahiji contona dina internet atawa dina media sosial. Tapi,
informasi anu aya dina éta média téh tangtu teu salilana bener sarta teu salilana

4
saluyu jeung naon anu ku masarakat butuhkeun. Malihan, ayeuna mah remen
kasus anu sok disabit-sabit “hoax” atawa warta bohong. Ieu hoax bisa babari
dipercaya ku sawatara masarakat kusabab kurangna kaparigelan maca kritis.
Hartina, nalika aya warta téh teu dianalisis heula bebeneranana, teu dipahami
jeung teu bisa milih mana informasi anu bener jeung mana informasi anu salah.
Tina éta kasus hoax, bisa dicindekkeun yén kaparigelan maca kritis penting
pikeun dipelajari dina kahirupan ayeuna.

Salian ti ngajauhan warta anu sifatna hoax, Junining (2017) nyebutkeun


yén kaparigelan maca kritis ogé penting pisan pikeun sababaraha subjék dina
kahirupan sapopoé, hususna pikeun pelajar, mahasiswa, jeung sawatara pacabakan
(mata pencaharian).

Ieu dihandap baris dipedar pentingna maca kritis dina sababaraha bidang:

1. Pentingna Maca Kritis pikeun Pelajar

Gambar 1.1. Prakték Kerja Lapangan

Maca Kritis penting pikeun pelajar, boh pelajar SD, SMP, SMA atawa SMK.
Dina ieu hal, baris dipedar pentingna maca kritis pikeun siswa SMK nalika
milampah kagiatan anu ngaranna PKL (Prakték Kerja Lapangan). Sanggeus
kagiatan ieu dilakukeun, tangtuna siswa kudu ngajieun laporan hasil PKL pikeun
dilaporkeun nalika sidang. Dina ngajieun laporan PKL, siswa diperedih pisan
maké data anu akurat, aktual, jeung faktual, sangkan bisa ditanggung jawabkeun.
Tangtuna ieu data anu bener téh bisa kacangking nalika siswa miboga kaparigelan

5
maca kritis dina ngumpulkeun informasi. Sakabéh informasi teu langsung
diasupkeun kana laporan, tapi ditalungtik jeung dianalisi heula mana sakirana data
anu valid.

Tina contoh kasus di luhur, bisa dicindekkeun yén maca kritis dibutuhkeun
jeung penting pisan pikeun kalangan pelajar.

2. Pentingna Maca Kritis pikeun Mahasiswa

Gambar 1.1 Mahasiswa salaku “agent of change”


Hidayah, H. (2017).Agent of Change. Blog Unnes. Dicutat tina
http://blog.unnes.ac.id, 24 Oktober 2020

Mahasiswa sok disabit “agent of change” atawa jalma anu bisa mawa
parobahan. Mawa parobahan didieu hartina lega pisan, lain saukur dina widang
atikan nalika di kampus, tapi ogé kudu bisa mawa parobahan kanu leuwih hadé
nalika hirup kumbuh di masarakat. Kawajiban mahasiswa lain ngan saukur kudu
alus dina akademik, tapi dina non-akademik ogé kudu bisa alus tur aktif contona
nalika aya masalah lingkungan atawa masalah sosial di masarakat, biasana
mahasiswa sok milu turun tangan atawa ngayakeun sarupaning aksi saperti démo.

Ulah jauh-jauh, contoh kasus di bulan Oktober 2020, Indonésia ramé ku


pengesahan RUU, nu démo tiditu tidieu, kaasup mahasiswa. Dina éta démo, teu
saeutik mahasiswa anu ngan saukur ilu biung tapi teu paham naon tujuan jeung
naon sababna ayana éta démo. Teu paham éta mangrupa akibat tina kurangna
kaparigelan maca kritis, loba mahasiswa anu tigebrus kusabab langsung percaya
kana warta hoax anu sumebar dina média sosial. Tina éta kasus, bisa dicindekkeun
yén kaparigelan maca kritis penting pisan dilarapkeun di lingkungan mahasiswa

6
3. Pentingna Maca Kritis pikeun Guru

Gambar 1.3. Guru ngajarkeun maca


Pemkab.Kuningan. (2016). Usaid Prioritas Latih Guru Metode Mengajar
Membaca Kelas Awal. Dicutat tina https://kuningankab.go.id/. 24 Oktober 2020

Guru miboga tugas pikeun méré élmu pangaweruh ka murid. Ku kituna,


kaparigelan maca kritis penting pisan sangkan bisa milih mana métode anu alus
jeung luyu nalika ngajar boh ka anak SD, SMP, atawa SMA.

4. Pentingna Maca Kritis pikeun Ahli Ékonomi atawa Pebisnis

Gambar 1.4. Ahli Ékonomi

Dina widang ékonomi zaman kiwari aya program anu disabit MEA
(Masyarakat Ekonomi ASEAN) anu hartina perdagangan bébas. Dina ieu program
sakumna anggota ASEAN bisa jual meuli ka nagara séjén, kaasup ka Indonésia.
Ku kituna, ahli ékonomi atawa jalma nu miboga bisnis kudu bisa silih asah jeung

7
nagara séjén ku cara ngajembarkeun pangaweruh ngeunaan bisnis jeung ékonomi
di jaman kiwari. Éta pangaweruh bisa kacangking, nalika para ahli ékonomi
ngalarapkeun kaparigelan maca kritis.

Salian ti profési anu geus dipedar di luhur, masih kénéh loba pacabakan
anu kudu ngagunakeun kaparigelan maca kritis, saperti hakim anu kudu paham
kana Undang-Undang, jeung sajabana. Tina sababaraha hal anu geus dipedar di
luhur, bisa dicindekkeun yén maca kritis mangrupa hal anu penting pisan dina
kahirupan manusa.

C. Téknik Maca Kritis

Téknik numutkeun KBBI nya éta metode atawa sistem dina ngerjakeun
sesuatu. [ CITATION Nop19 \l 1057 ] Téknik nya éta alat nu digunakeun dina
kagiatan mahaman bahan tinulis atawa cara pikeun ngolah sesuatu sasuai jeung
tujuan nu dicapai. Téknik-téknik nu digunakeun pikeun ningkatkeun sikep kritis
nya éta kamampuh dina mengingat jeung mengenali bahan bacaan, kaparigelan
ngainterprétasi ma’na tersirat, kaparigelan ngaaplikasikeun konsép-konsép dina
bacaan, kaparigelan nganalisis isi bacaan, kaparigelan nganilai isi bacaan,
kaparigelan nyieun bacaan atawa nyiptakeun bacaan, sikep kritis éta sajalan jeung
ranah kognitif (Nurhadi, 2005:145-181).

[ CITATION Faj14 \l 1057 ] Numutkeun Sudarso (1988:72) aya opat téknik nu


bisa digunakeun dina kagiatan maca kritis, nya éta:  

1. Ngarti kana eusi bacaan

Mikawawuh fakta jeung ngainterprestasikeun naon nu dibaca, anu ngandung


harti pamaca téh ngarti kana ide pokok, mikanyaho fakta penting jeung bisa
nyieun kasimpulan sarta ngainterprétasikeun ide-ide nu dimaksud. Fakta
mangpaat pikeun nambahan informasi sedengkeun ide mangpaat pikeun
nambahan pamahaman. nyangking informasi dina hasil bacaan, ngabogaan tujuan
pikeun mikanyaho salah sahiji éta mangrupa fakta atawa lain, sabalikna,

8
pamahaman ngabogaan tujuan pikeun mikanyaho sagalana ngeunaan fakta nu
dipedar. 

2.      Nguji Sumber Panulis      

Urang kudu néangan kabenaran dina salah sahiji bacaan sangkan urang teu
kamalayon dina mahaman éta bacaan. Misalna, mikanyaho di widang naon
panulis téh berkompeténa, dina hal ieu kaasup uji pandangan, tujuan jeung asumsi
panulis nu aya dina tulisan pikeun ngabédakeun yén tulisan téh mangrupa fakta
atawa opini.

3.      Interaksi Antara Panulis jeung Pamaca

Pamaca lain ngan saukur mikanyaho maksud panulis, tapi ogé


ngabandingkeun hasil bacaan panulis jeung pangaweruh atawa pandangan-
pandangan ti panulis séjéna. Pamaca ogé kudu nganilai tur ngabandingkeun isi
bacaan jeung pangaweruh nu aya di dirina sorangan.  

4.      Terbuka kana Gagasan Panulis        

Pamaca sakuduna ngahargaan kamandang nu diébréhkeun ku panulis,


tuluy pamaca ogé ngaévaluasi téknik kapanulisan dina éta bacaan sangkan panulis
téh bisa nimbang tur nguji alesanana jeung alesan nu logis tur interpréstasi nu
ngabogaan dasar.
D. Kaparigelan Maca Kritis

Kaparigelan maca kritis mangrupa hal anu penting di zaman ayeuna


,lantaran di zaman teknologi jeung komunikasi anu sarba canggih bacaan nu aya
boh dina media sosial boh di média cetak ngabogaan tujuan nu rupa-rupa. Teu
ngan saukur méré informasi, tapi aya hal-hal nu lian contona
mangaruhan,ngarobah pipikir urang, jeung melakkeun paham – paham tertentu.

Ngabogaan pipikiran anu kritis, mangrupa hal anu penting dina maca
kritis. sabab aktivitas maca diwangun ku kaparigelan-kaparigelan dina pipikiran
nu kritis. Dumasar kana level anu kognitif, kaparigelan maca kritis dibagi ku

9
genep tingkatan nyaeta; (1). Kaparigelan ngainterpretasi, (2). Kaparigelan
nganalisis, (3). Kaparigelan ngainferensi, (4). Kaparigelan ngaevaluasi,
(5).Kaparigelan ngaeksplanasi, jeung (6). Kaparigelan ngaregulasi diri. Facione
(1990, 2013, jeung 2015).

Nu kahiji kaparigelan ngainterpretasi, nyaéta kaparigelan nu eusina pikeun


ngamahamkeun jeung ngungkap makna katut harti sacara luar di sagala situasi,
data, jeung kajadian. Kaparigelan ngainterpretasi ngabogaan tilu sub kaparigelan
nyaéta : (1) ngategorikeun, (2) ngajelaskeun arti, jeung (3) ngaklasifikasikeun
makna nu dijerona aya ngarumuskeun kategori kalawan ajeg ti kajadian atawa
informasi nu aya dina teks.

Kadua kaparigelan nganalisis, nyaéta kaparigelan pikeun ngaidentifikasi


jeung ngahubungkeun pernyataan-pernyataan, konsep, atawa deskripsi nu
ngaekspresikeun kayakinan, penilaian, alesan, jeung pamadegan. Kaparigelan
nganalisis, ngabogaan sub kaparigelan nu dibagi ku tilu sub, nyaéta ngadetéksi
gagasan, ngadetéksi argumen, jeung nganalisis argumen. Hal anu aya dina
ngadetéksi gagasan nyaéta nangtukeun maksud persuasi, ngabandingkeun ide,
konsep, jeung pernyataan, ngaidentifikasi isu atawa pasualan, jeung nangtukeun
hubungan antar – bagian.

Mun ngadeteksi argumen nyaéta nangtukeun pernyataan boh nu


ngadukung, boh nu henteu jeung pamadegan atawa sudut pandang/kamandang.
Nu pamungkas nyaéta nganalisis argumen nu dijerona ngungkap alesan boh nu
ngadukung atawa nu henteu sapamadegan atawa sudut pandang. Nu katilu aya
kaparigelan ngainferensi nu patalina jeung metot kasimpulan kalawan asup akal.

Kaparaigelan ngainferensi dibagi ku sub kaparigelan nyaéta metot


kasimpulan, nimbang bukti, jeung ngajukeun alternatif. Nu kaopat aya
kaparigelan ngaevaluasi, nyaéta kaparigelan nu nganilai sagala aspék ti faktor-
faktor, nepikeun ka ngungkapkeun kahengkeran argumen. Nu digunakeun pikeun
ngadukung sudut pandang.

10
Kalima aya kaparigelan ngaeksplanasi, kaparigelan ieu nu méré penjelasan
ngeunaan informasi, data, atawa gagasan berbasis bukti, konsep, metode, jeung
kriteria. Kaparigelan ieu ngacakup sababaraha sub kaparigelan, nyaéta nyatakeun
hasil, ngabenerkeun prosedur, jeung nyajikeun argumen. Dina sewing - sewang
sub kaparigelan, dijelakeun deui fungsi kaparigelan ngaevaluasi diantarana
pikeun nyajikeun konsep, nu gunana pikeun ngabenerkeun kahengkeran, nganilai
cara penyajian informasi pikeun ngungkap subjektivitas atawa objektivitas.

Nu kagenep aya kaparigelan ngaregulasi diri, nyaéta kaparigelan pikeun


nempo kagiatan kognitif ngaliwatan jeung analis ngeunaan diri sorangan.
kaparigelan ngaregulasi ngabogaan oge sub kaparigelan nu dibagi jadi dua sub,
aya penilaian ka diri, jeung ngoreksi diri. Eusi dina kadua sub ieu mangrupa
ngarefleksikeun pandangan atawa tindakan pribadi jeung ngungkap faktor -
faktor anu aya di diri nu bisa mangaruh jang nu narima atawa nu nolak ieu
tindakan.

Nu diluhur mangrupa kaparigelan nu lével kognitif nu eusina pikeun


ngarojong kagiatan maca kritis. Salian ti éta kaparigelan pipikir kritis nu
mangrupa inti dina kaparigelan pipikir kritis nya eta kaparigelan nganalisis jeung
evaluasi (Marzano, dkk., 1988:91). Sabab, maca kritis jeung pipikir kritis
mangrupa hiji kesatuan anu aya patalina. Maca kritis pasti pipikir kritis kitu oge
sabalikna pipikir kritis pasti maca kritis. Di zaman ayeuna lian ti teknologi anu
geus berkembang maca kritis mangrupa hal anu penting dina kagiatan maca,
sabab maca kritis mangrupa muara dina maca nu kudu dilarapkeun di unggal
sakola. Kukituna kaparigelan maca kritis aya jang ngarojong maca kritis sangkan
bisa ngalarapkeun di unggal sakola nu aya.

E. Prosedur Pangajaran Maca Kritis

Pangajaran maca mangrupa runtuyan aktivitas nu dilakukeun ti saacan


mulai maca nepi ka ngakonstruksi makna tina téks sanggeus proses maca
lumangsung. Nuttall (1985, kc 152-165 & 2005, kc 154-167) ngabagi tahapanna

11
jadi tilu, nyaéta aktivitas saacan maca, aktivitas pas maca, jeung aktivitas
sanggeus maca.

1. Aktivitas saacan maca

Aktivitas saacan maca mangrupa sauntuyan kagiatan anu dilakukeun pikeun


ngabentuk skémata anu maca kana topik téks nu érék dibaca (Rahim, 2008, kc 99-
100). Ngabangkitkeun skémata téh tujuana pikeun ngahubungkeun antara
pangaweruh jeung pangalaman anu maca kana topik anu érék dibaca. Nuttall
(1985, kc 152 & 2005, kc 154) nétélakeun aktivitas anu dibérékeun tahap saacan
maca, ngawengku nyatakeun alesan pikeun maca, ngawanohkeun téks, méré
pancén, ngabagi téks kana sababaraha hiji bagéan, nyangkem istilah nu anyar,
jeung ngajukeun patarosan.

2. Aktivitas pas maca

Aktivitas pas maca patalina jeung ngakelola peserta didik/organisasi kelas.


Nuttall (1985, kc 152 & 2005, kc 161-162) nétélakeun tilu model pikeun
ngakelola kelas dina aktivitas maca, nu kahiji nyaéta sacara individual (individual
mode) anu nekenkeun dina prosés nyangkem bacaan nu dilakukeun ku individu
anu bisa waé manéhna maca téks anu béda tinu lian. Anu kadua nyaéta
pendekatan nu museur dina pangajar (teacher centered class), modél ieu
ngagunakeun hiji téks pikeun sakabéh anu maca jeung sakabéh runtuyan aktivitas
dikontrol ku pangajar, contona dina mérékeun pancén, ngacék hasil maca, jeung
partipasi anu maca. Métode anu katilu nyaéta pengorganisasian sacara kelompok
(group work), nekenkeun kana aktivitas anu maca anu dikontrol ku sasama anu
maca jeung diskusi pikeun ngahasilkeun interprétasi eusi bacaan.

3. Aktivitas sanggeus maca

Aktivitas sanggeus maca mangrupa kagiatan ngamantapkeun hasil maca


pikeun madukeun informasi anu anyar jeung pangaweruh anu maca saméméhna
(Abidin, 2012, kc 24 & Rahim, 2008, kc 105). Aktivitas utama nu dilakukeun anu
maca dina ieu tahap nyaéta ngaévaluasi eusi bacaan jeung mairan kalawan
personal (Nuttall 1985, kc 152 & 2005, kc 161-162). Kagiatan-kagiatan dina ieu

12
tahap nyaéta matalikeun eusi bacaan jeung pangalaman anu maca,
ngabandingkeun eusi bacaan jeung bacaan anu laina, ngajén jeung ngalarapkeun
téori atawa prinsip anu diébréhkeun dina bacaan, ngaévaluasi logika jeung
arguméntasi, jeung nganilai bias.

Marschall jeung Davis (2012, kc 65-67) ngadaptasikeun modél maca Harvey


jeung Goudvis kana tahapan pangajaran maca kritis pikeun mahasiswa. Tahapan
saacan maca dilakukeun ngaléwatan aktivitas ngaktifkeun jeung matalikeun
pangaweruh jeung pangalaman anu maca jeung téks anu dibacana. Aktivitas maca
dilakukeun make cara ngajukeun patarosan, ngavisualisasikeun, jeung
nyimpulkeun eusi bacaan. Aktivitas sanggeus maca dilakukeun dibaca kalawan
nyaring jeung ngasintésiskeun ide ésénsial anu engkéna dikembangkeun jadi ide
anu anyar.

Pengajaran maca ngabogaan tujuan utaman nyaéta pikeun nyangkem kana eusi
jeung méré réspons kana téks anu dibaca. Prosés ngawangun makna kana bacaan
dilakukeun tina prosés persépsi, ngamaknaan, nepi ka ngalegaan pamahaman.
Tompkins jeung Hoskisson (1995, kc 200-206), maranéhna ngembangkeun prosés
maca kana lima tahap, nyaéta pra maca (saacan maca), maca, nyosok jero kana
téks, ngaréspons, jeung ngalegaan interprétasi. Tahap pram aca (saacan maca)
dilakukeun ngaléwatan aktivitas nu matalikeun pangalaman pribadi jeung
pangalaman maca dina téks, ngaprédiksi, jeung ngayakeun tinjauan eusi téks.
Aktivitas maca dilakukeun kalayan rupa-rupa modél, nyaéta maca nyaring, maca
babarengan, maca duaan, maca anu dibimbing, jeung maca bébas. Tahap
ngaréspons dilakukeun ngaléwatan aktivitas nu nanggep kagiatan maca jeung
nyangkem kana eusi téks. Dina tahap nyosok jero kana téks, anu maca
ngalakukeun aktivitas maca anu dibalikan deui, nganalisis pamakéan basa, jeung
méré niléi ka anu nulis. Tahap ngalegakeun pamahaman ngawengku aktivitas
ngalegakeun interprétasi jeung pamahaman, ngaréfleksikeun pamahaman, jeung
nganiléi pangalaman maca.

Tomasék (2009, kc 128-131) ngembangkeun aktivitas pangajaran maca


kritis anu dikembangkeun tina prosés maca. Pikeun ngabentuk pamahaman anu

13
kritis, runtuyan pangajaran diorganisasikeun dina genep tingkatan aktivitas,
nyaéta:

1. Idéntifikasi masalah atawa isu, anu ngabogaan tujuan ngabantuan nu maca


pikeun meunangkeun masalah utama anu diungkapkeun dina téks, nganalisis
kompléksitas masalah, jeung pihak-pihak anu patali jeung topik;

2. Ngajieun konéksi, nyaéta ngahubungkeun pangaweruh jeung pangalaman anu


dipiboga kana téks anu dibaca;

3. Ngainterprétasikeun bukti, nyaéta ngaidéntifikasi jeung ngainterprétasi bukti-


bukti anu diajukeun anu nulis pikeun ngarojong argumén, asumsi, jeung
puseur sawangan anu nulis;

4. Nantang asumsi, anu maca niléi jeung nguji argumén sarta validitas argumén
anu nulis;

5. Ngajieun aplikasi, anu maca ngalarapkeun konsép atawa pangaweruh anu


dibeunangkeun dina téks nu dibaca dina situasi anu rék disanghareupan;

6. Nyokot puseur sawangan anu béda, anu maca ngembangkeun


ide/gagasan/pamadegan anu papalimpang jeung puseur sawangan anu dipaké
anu nulis dina téks anu dibaca;

14
BAB III

PANUTUP

A. Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan kajian pustaka, aya sababaraha hal nu


dibalukarkeun, nyaéta :

- Maca kritis téh kawilang penting, sabab patalina jeung intelegénsi pamaca.
- Pamaca bisa mikanyaho kana sababara timimiti téori, téknik katut
substansi tina maca kritis.
- Substansi nu dibalukarkeun tina makalah ieu dipiharep bisa dicangking
kunu maca, poin – poin nu dibalukarkeun ogé bisa dipiharti katut
dilarapkeun dina kaparigelan maca.
- Dina patula – patalina jeung pangatikan, panulis miharep sangkan makalah
ieu aya mangpaatna pikeun kalumangsungan pangatikan khususna dina
widang maca.
B. Saran

Dina panulisan makalah ieu, tangtu aya kasalahan. Panulis miharep ka


pamaca, rék kritik atawa naon baé sangkan bisa ngawangun prosés panyusunan
makalah ieu leuwih écés katut bener.

15
16
DAFTAR PABUKON

Junining, E. (2017). Membaca Kritis Membaca Kréatif. Malang : UB Press

Sultan. (2018). Membaca Kritis (Mengungkap Ideologi Teks dengan Pendekatan


Literasi Kritis). Yogyakarta : Baskara Media

Hidayah, H. (2017, 20 Oktober). “Pemuda dan Perannya Sebagai Agen Perubahan


Bangsa Indonesia” (Forum online). Diaksés tina http://blog.unnes.ac.id.

Kuningan, P. (2016, 25 April). “Usaid Prioritas Latih Guru Metode Mengajar


Membaca Kelas Awal.” (Forum Online). Dicutat tina
https://kuningankab.go.id/.

Tarigan,HG.(2015).Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.Bandung


CV Angkasa.

Fajriani, N. L. (2014, Novémber). Penerapan Teknik Membaca Kritis pada


Artikel. 1-5.

Nopitaningrum, D. (2019). Membaca Kritis. 1-11.

Anda mungkin juga menyukai