XI IPS 2
Anggota Kelompok 5:
1. Apis Alkahpi
2. Randitya Cellawanda Agesti
3. Zahra Fauziah
KECAP PANGANTEUR
Puji sinareng sukur urang panjatkeun ka hadirat Allah SWT anu parantos maparin rahmat sareng
karunia-Na, sahingga urang tiasa ngaréngsékeun makalah ieu dina raraga nyumponan tugas kelompok
mata pelajaran Basa Sunda, anu judulna: “Panumbu Catur (Moderator)".
Urang nyadar yén dina panyusunan ieu makalah teu bisa leupas tina bantuan ti pihak-pihak anu
kalayan ikhlas méré do’a, saran, jeung kritikna sangkan ieu makalah bisa réngsé.
Kami sapinuhna sadar yén makalah ieu jauh tina sampurna kusabab pangalaman sareng pangaweruh
urang anu terbatas. Kumargi kitu, simkuring ngaharepkeun sagala rupi saran sareng masukan bahkan
kritik anu ngawangun ti sagala rupa pihak. Pamungkas, mudah-mudahan ieu makalah bisa méré
mangpaat pikeun kamekaran dunya atikan.
Judul………………………………………………………………………………………… i
Kecap Panganteur…………………………………………………………………………... ii
Bab I Pandahuluan
A. Latar Belakang………………………………………………………………… 1
B. Rumusan Masalah……………………………………………………………... 1
C. Tujuan…………………………………………………………………………. 1
D. Manfaat………………………………………………………………………... 1
Bab II Eusi
A. Kacindekan……………………………………………………………………. 6
B. Saran…………………………………………………………………………... 6
Daptar Pustaka…………………………………………………………………………….... 7
BAB 1
PENDAHULUAN
1. Latar Belakang
Panumbu catur atawa sok disebut moderator téh nyaéta nu ngatur lumangsungna
kagiatan diskusi atawa rapat. Tugasna béda jeung panata acara atawa MC (Master of
ceremony). MC mah tugasna mingpin sakabéh runtuyan acara. Ari tugas utama panumbu
catur mah minangka panengah atawa wasit dina kagiatan diskusi. Nya panumbu catur pisan
anu ngatur diskusi ngeunaan hiji masalah.
Dina lumangsungna kagiatan diskusi, panumbu catur kudu boga sikep nétral atawa teu mihak
ka salasahiji pihak. Lamun aya konflik dina lumangsungna kagiatan, kudu bisa merenahkeun
diri jadi panengah.
2. Rumusan Masalah
1. Harti panumbu catur?
2. Mikawanoh panumbu catur?
3. Tatakrama basa sunda dina sawala?
3. Tujuan
Tina latar belakang jeung rumusan masalah di luhur, tujuan
ieu panalungtikan nyaéta:
4. Manfaat
1. Pikeun panalungtik: bisa dijadikeun pangalaman dina nulis karya ilmiah jeung nambahan
pangaweruh ngeunaan Panumbu Catur.
2. Pikeun pamiarsa: Nyadiakeun informasi ka pamiarsa Panumbu Catur.
Informasi dipiharep bisa dijadikeun bahan bacaan pikeun mikanyaho naon-naon nu aya dina
Panumbu Catur.
BAB 2
EUSI
Moderator téh jalma anu pancénna minangka panengah (hakim atawa wasit) dina hiji
kagiatan, boh sawala/rapat boh diskusi. Nya moderator pisan anu ngarahkeun diskusi
ngeunaan hiji perkara. Dina lumangsungna acara diskusi, panumbu catur kudu boga sikep
nétral, objektif, atawa teu mihak ka sala sahiji pihak. Upama aya konflik di tengah-tengah
lumangsung na acara, panumbu catur kudu bisa jadi panengah.
Panumbu catur atawa moderator sok disaruakeun jeung MC. Aya bédana antara moderator
jeung MC. Moderator nyaéta jalma anu ngatur kontrol dina rarancang kagiatan. Sedengkeun
MC ngatur sagala kagiatan
Pancén moderator nyaéta pikeun jadi mediator (hakim atawa wasit) dina kagiatan rapat atawa
diskusi. Dina kagiatan diskusi, moderator kudu nétral, objektif atawa teu memihak ka hiji
jalma. Lamun aya konflik di tengah acara, moderator kudu jadi mediator.
Hal anu kudu diperhatikeun lamun urang rék jadi panumbu catur, nyaéta:
1. Wantér (percaya diri).
2. Kudu réa maca tina sawatara sumber.
3. Matéri sawala kudu kacangkem.
4. Volume sorana pas, intonasi/lentongna jelas.
5. Apal kana tatakrama basa..
Dina lumangsungna kagiatan diskusi, panumbu catur kudu boga sikep nétral atawa teu
mihak ka salasahiji pihak. Lamun aya konflik dina lumangsungna kagiatan, kudu bisa
merenahkeun diri jadi panengah.
Saméméh ngalaksanakeun tugas jadi panumbu catur, aya sawatara hal anu perlu
dilakonan, di antarana:
1. Ngawasa masalah anu luyu jeung téma. kagiatan. Hadéna mah urang geus maca heula
makalah atawa matéri unggal narasumber.
2. Mikanyaho kaayaan pamilon nu hadir dina kagiatan diskusi. Moderator kudu bisa
ngatur pamilon sangkan sumanget dina miluan kagiatan diskusi.
3. Mikanyaho riwayat hirup jeung kalungguhan/ pagawéan narasumber, sangkan teu salah
nyebut ngaran atawa pagawéan narasumber.
4. Mikanyaho runtuyan acara, lilana waktu anu disadiakeun pikeun unggal narasumber,
tanya-jawab, istirahat, jeung bisa ngatur suasana diskusi.
5. Nyiapkeun buku catetan pikeun nyatet poko poko penting nu ditepikeun ku narasumber
jeung pertanyaan ti hadirin.
6. Nyiapkeun papakéan anu sopan luyu jeung téma kagiatan, sarta alat panuduh waktu
sangkan acara bisa lumangsung luyu jeung jadwal nu geus ditangtukeun.
Sedengkeun anu kudu dilakonan ku panumbu catur dina lumangsungna kagiatan diskusi,
nyaéta:
1. Datang leuwih ti heula ti batan pamilon.
2 Mariksa sagalarupa hal nu ngadukung lumangsungna diskusi: sound system (mikrofon),
buku catetan, ngatur hadirin sangkan tartib, jeung sajabana.
3. Ngawanohkeun diri ka narasumber saméméh ngamimitian acara, sangkan urang leuwih
akrab dina lumangsungna diskusi.
4. Maca heula biodata unggal narasumber kalayan bener.
5. Ngatur diskusi, ngatur nu nanya, jeung bisa jadi panengah upama aya konflik jeung
bébédaan pamadegan atawa pamahaman.
6. Nyindekkeun hasil diskusi.
Dina prak-prakan jadi panumbu catur téh strukturna kabagi jadi sababaraha bagian,
nyaéta bubuka, ngawilujengkeun ka pamilon jeung pedaran singget kagiatan diskusi,
ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi, méré waktu ka narasumber pikeun medar
matérina, méré kasempetan nanya ka pamilon, jeung panutup.
Sangkan leuwih tétéla, ieu di 'handap dijelaskeun pancén atawa tugas panumbu catur dina
ngatur lumangsungna hiji kagiatan diskusi. Pék engké ku hidep praktékkeun jeung babaturan.
1. Bubuka.
Assalamualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sareng sukur ka
Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya. Hatur nuhun ka sadérék
acara anu tos masihan kasempetan ka simkuring kanggo janten panumbu catur dina ieu
kagiatan.
2. Ngawilujengkeun ka pamilon jeung nepikeun pedaran singget kagiatan diskusi.
sumping ka para pamilon ieu diskusi.
leu diskusi téh dilaksanakeun lantaran ayana rasa prihatin kana kaayaan lingkungan anu
beuki dieu téh beuki ruksak, di antarana ku lantaran miceun runtah di mana waé, nu antukna
nimbulkeun caah atawa banjir. Tujuan ieu diskusi téh nyaéta kumaha sangkan urang bisa
ngajaga lingkungan sangkan beresih, séhat, jeung henteu nimbulkeun musibah.
3. Ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi.
Dina ieu kasempetan, narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang kaséhatan
lingkungan, badé medar matéri ngeunaan 'Ngajaga Kaberesihan jeung Kaséhatan
Lingkungan'.
4. Méré waktu ka narasumber pikeun medar matéri.
Supaya ieu acara lumangsung kalawan lancar, simkuring Asép Soléhudin, badé
ngamoderatoran dugi ka réngséna. Ka Bapa Udin Supidin sumangga dihaturanan kanggo
ngabahas matéri salami 10 menit.
5. Méré kasempetan nanya ka pamilon.
Tah, mangga ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa panasaran
kumaha ngajaga kaberesihan lingkungaan, dipasihan waktu kanggo ngadugikeun pertanyaan
ka narasumber. Tong hilap sebutkeun nami sareng ti mana asal.
6. Panutup.
Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. Muga-muga mangpaat sareng jadi
panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagala kalepatan.
Mangga nyanggakeun deui ka panata acara. Wassalamualaikum wr.wb.
C. Tatakrama Basa dina Sawala
Dina kahirupan sapopoé, urang kudu bisa ngajaga sikep jeung ucapan, boh ngobrol
jeung saluhureun atawa jeung sahandapeun. Jalma téh diajén lain tina dedeganana wungkul,
tapi ogé tina réngkak paripolahna jeung obrolanana. Salaku urang Sunda, urang kudu bisa
nerapkeun tatakrama basa dina kahirupan, sangkan ciri urang Sunda éta téh teu leungit.
Tatakrama nyaéta tingkah laku jeung ucapan anu saluyu jeung kasopanan. Tatakrama
baheula mah disebut undak-usuk basa. Undak-usuk basa dina jaman panjajahan Walanda
leuwih kana ngabédakeun status sosial. Maksudna lamun urang ngobrol jeung nu status
sosialna leuwih luhur tibatan urang, mangka kudu sopan ka manéhna sanajan umurna
sahandapeun. Sabalikna lamun urang ngobrol ka jalma nu status sosialna leuwih handap
tibatan urang, mangka teu kudu sopan ka manéhna (teu nanaon ngobrol kasar ogé) sanajan
umurna saluhureun.
Tah ayeuna mah undak-usuk basa saperti kitu téh teu dipaké deui, diganti ku
tatakrama Tatakrama dina basa Sunda dibagi jadi tilu, nyaéta:
1. Basa hormat keur ka sorangan, basa anu digunakeun basa lemes jang sorangan, biasana
ngobrol dina kaayaan resmi, jeung saha nu diajak nyarita, ka saluhureun atawa anu karék
wawuh.
2. Basa hormat keur ka batur, basa anu digunakeunna basa lemes keur ka batur.
3. Basa loma, basa anu digunakeun dina kahirupan sapopoé atawa jeung babaturan.
BAB 3
PENUTUP
1. Kesimpulan
Jadi panumbu catur téh salasahiji kamonésan dina sastra Sunda. Tapi jarang jalma
anu boga kamampuh jadi panumbu catur, ku sabab jadi panumbu catur mah kudu geus
kacangkem matéri nu rék dipedar, pinter ngobral dina acara diskusi, percaya diri, jeung
sajabana..
2. Saran
Diajar ngeunaan Buah Catur penting pisan pikeun kaharti ku loba siswa. Ku kituna,
guru kudu nyiapkeun métode pangajaran anu luyu sangkan sakumna siswa bisa maham kana
materi kalawan gampang..
DAFTAR PUSTAKA
https://bahasasunda.id/materi-panumbu-catur-basa-sunda/#google_vignette