Abdi Kamari tamasya ka Bendungan Jatigede jeung Siska, babaturan Abdi
salembur. Abdi ningali Bendungan Jatigede. Siska ngomong ka Abdi “Neng kumaha caritana Jatigede sampe kaanggeus jadi bendungan teu kaharti ku akal?”. Abdi ngajawab “ku alat-alat beurat di kedukan mereun hahaha”. Pamandangan nu matak endah, Bendungan mani hejo siga laut, terus loba tatangkalan nu ngahias bendungan Endah. Numatak betah ningalina. Siska jeung abdi teras muter-muter di sisi Bendungan Jatigede. Barudak ngora sapantar abdi difoto, sagala rupa gaya, aya nu nangtung nu keur diuk difoto teh. “Neng Abi mah betah, ke ah rada beurangan balikna” ceuk Siska. “Neng ge sami betah keneh Sis, moal waka mulang” Ceuk Abdi. Asa beuki alus pemandangan teh beuki berang mah. Loba nu mancing ngala lauk ngala rezeki. Sugan wae menang lauk anu loba. Abdi sareng Siska teras meser lauk ka nu mancing keur babakaran ke Di Lembur Siska. Abdi jeung Siska nyamperkeun ka nu tos mancing. “Mang sabaraha sakilona lauk teh? Abdi bade meser” ceuk Abdi. Si Mang tukang mancing ngomong yen Lauk teh sakilona tilu puluh rebu. Abdi jeung Siska nawar sugan wae menang hargana jadi 25 rebu. Tapi ku si emang tukang mancing teu dipasihkeun, da hargana tetep bae kudu 30 rebu. Saatos adu rega Abi sareng Siska meser masing-masing sekilo ewang. Tidinya Abdi seorang Siska teras mapai-mapai sisi Bendungan. Sugan wae aya deui nu mancing anu harga laukna leuwih murah. “Hayu ah neng urang mulang lauk tos kenging, pamandangan Jatigede tos seueur nu di foto. Bisi di lembur di arep-arepeun ku Mamah jeung Bapak arurang, ceunah kamana budak teh wayah kieu can baralik”. Tidinya Abdi teras nyamperkeun ka tempat parkir sareng Siska naek motor mulang. Tapi di tengah jalan Abdi sareng Siska haus, tidinya Abdi teh ulin heula di tukang warung meser es kalapa muda hargana murah oge. Es kalapa muda ngan 5000. Abdi sareng Siska caralik di sisi jalan, bari ningalian HP sareng ningali foto-foto anu tadi di Bendungan Jatigede. Saatos beres minum es kalapa muda arurang neraskeun perjalanan ngan gantian anu nyupirna tadi mah Siska ayeuna ku Abdi disupirana motor teh. Di tengah jalan motor urang teh kalah mogok. Tepati Lila Abdi ningali pom bensin mini. Abdi Sareng Siska ngisian bensin. Abdi nyarios ke Siska “Geuning ka Bendungan Jatigede teh matak ngubaran hate nu keur rungsing salami seminggu urang kamari tos ujian nasional”. Ahirna Abdi dugi ka lembur. Abdi Sareng Siska uih ka bumi masing-masing, bari nyandak lauk nu bade dibakar. Di bumi Abdi nyarios ka Mamah Abdi. “Mah ieu lauk pang bakarken kenging meser tadi di Bendungan Jatigede”. Abdi nyarios ka mamah “Mah engke mah ku Abdi Mamah rek diajak ameng ka Bendungan Jatigede pasti Mamah jeung Bapak ge resep”. Horengan teh Bendungan Jatigede teh Bendungan anu pang gedena tur pang endahna di Jawa Barat. Matak nineng matak waas. Tos rupina sakieu wae carita Abdi kamari jalan-jalan ke Bendungan Jatigede. Ningali kaendahan Bendungan Jatigede nu aya di sekitar lembur Abdi.