Anda di halaman 1dari 15

MAKALAH

MASAKAN SUNDA
JEUNG HASILNA

disusun oleh :

Nadia Azahra
Kelas XI JB 1

SMK NEGERI 9 Bandung


1

Jl. Soekarno Hatta Km.10 Bandung

PANGJAJAP
Assalamualaikumwr.wb.
Langkung tipayun urang munajat ka Allah swt. ngucapken sukur
Alhamdulilah kusabab gusti Allah parantos maparinan nikmat anu
seueur ngajungjurung urang dina kalayaan sehat walafiat.
Mungguh ari waktu asa nyeak pisan tina ngarengsekeun ieu Makalah
anu dijudulan Masakan Sunda Jeung Hasilna enggoning pikeun
ngalaksanakeun tugas Bahasa Sunda anu kalebet Mata Pelajaran
kelompok Muatan Lokal.
Pamungkas, mugia makalah aya mangpaatna kanggo urang sadayana.
Tangtu wa ra knh kahngkran ieu makalah th. Panyawad katut
pangdeudeul pikeun nyampurnakeun ieu makalah pohara dianti-atina.
Dina deuget ieu simkuring hapunteun, mugi jembar kana samudaya
kalepatan sareng kaluputan.
Wabillahi Taufik
Wabarakatuh

Wal

Hidayah

Wassalamu'alaikum

Mugi Alloh SWT ngaridoan sagala usaha urang. Aamiiin.

Bandung, Desember 2016


Panyusun

Warahmatullahi

DAPTAR EUSI
HALAMAN JUDUL
PANGJAJAP........................................................................................................
DAFTAR EUSI....................................................................................................

i
ii

BAB I
A.
B.
C.

PENDAHULUAN................................................................................. 1
Kasang Tukang....................................................................................... 1
Tujuan ..
1
Watesan Masalah ...........

BAB II
A.
B.
C.

Eusi .......................................................................................................
Masakan Sunda......................................................................................
Asakan Sunda Pakuat Pakaitna Jeung Gizi..
Hasil Tinu Asakan Sunda ......

BAB III PENUTUP ...........................................................................................


A.
Kecindekan............................................................................................
B.
Saran .............................

2
2
2
3

9
9
9

REFERENSI

BAB 1 BUBUKA
A. Kasang Tukang
Masyarakat indonsia mangrupa hiji masyarakat majemuk anu
ngabogaan keanekaragaman di jero sagala rupa aspk kahirupan. Bukti
nyata ayana kemajemukan di jero masarakat urang kasampak dina
rupa-rupana kabudayaan di Indonsia. Minangka salah sahiji suku
bangsa di Indonsia, suku Sunda ngabogaan kharakteristik anu
ngabdakeun manhna kalawan suku sjn dina kadaharan masakanna.
Masakan khas jawa barat zaman baheula nyatana miboga rasa lada nu
kuat. Kulantaran tiap-tiap asakan sayur atawa daging olahan,
sababaraha kokolot zaman baheula boga kabiasaan make cabe atawa
cengek jang bumbu. Lamun teu ngagunakeun bumbu lada, pastina aya
sambel nu disajikan babareungan jeung lalaban fresh.

Ciri khas lain asakan Sunda nyaeta kreatif ngamangfaatkan bahan dasar
anu jang kalolobaan jalma dianggap teu mangfaat. Misal tumis genjer
anu bahan dasarna dicokot tina tutuwuhan gulma antara sela tangkal
pare, sayur kadedemes atawa kulit sampeu nu sering dianggap racun,
goreng impun garing nu dijieun tinu lauk-lauk leutik nu hirup liar ti
selokan cai ngalir, atawa tutut, hama keong nu hirup ti sawah.
Di masakan cumi hideung, warna hideungna asal tinu tinta cumi nu
ngahaja teu dipiceun. Oge sambel goreng ati sapi atawa asakan bahan
jeroan sapi jeung hayam. Ciri khas asakan Sunda mangrupakan wujud
kakayaan budaya anu perlu dilestarikan. Malah sakuduna dilindungi
jeung diperlakukan sakumaha banda cagar budaya.
B. Tujuan
Tujuan dijieunnna ieu makalah teh nyaeta:
1. Pikeun mikawanoh Masakan/Asakan Sunda
2. Nganyahokeun unsur-unsur nu aya dina Asakan Sunda
3. Pikeun nganyahokeun kumaha cara resepna Masakan Khas Sunda.
C. Watesan Masalah
Watesan masalah ieu dilakukeun supaya panalungtikan bisa luyu
jeung tujuan anu di harepkeun. Watesan masalahna nyaeta: sakabeh
anu ngenaan kana masakan khas sunda

BAB 2 EUSI
A. Masakan sunda
Masakan Sunda nyaeta masakan ti masyarakat Sunda anu aya
di wewengkon Jawa Barat, Indonesia. Nyaeta salah sahiji kadaharan anu
paling populer mibanda ajen inajen gizi pinunjul pisan pikeun kasehatan
katut kabugaran sarta ningkatkeun apresiasi selera masyarakat kana
kadaharan tradisional.
Makanan Sunda ngaboga ciri kebugaran bahan-bahanna, Lalab jeung
Sambelna, mangrupakeun budaya jeung kahidupan masyarakat di
kawasan Pasundan, anu mibanda sejarah jeung perjalanan panjang ti
nenek moyang atawa karuhun Sunda baheula. Perkara sayur mayur
(Lalab) anu bisa didahar tea miboga fungsi keur ubar salain eta
mibanda khasiat teh oge (lolobana) beung (aos:nikmat) didahar tea.
Tinu khazanah kuliner Parahyangan Resep Masakan Sunda Sederhana
nyaeta mangrupa sambel, sambel bisa ngahasilkeun sababaraha puluh
4

jinis. Sambel dadakan salah sahijina nyaeta sambel combrang, sambel


tarasi, sambel cibiuk, sambel bajak, sambel kacang, sarta sambel hejo.
Beda jeung masakan minangkabau nu beunghar ku rasa jeung lada
dibareungan kandungan bumbu kari jeung santan anu kenteul, masakan
Sunda nampilkeun citarasa anu hampang, sederhana, jeung jelas;
antara gurih asin, asam segeur, amis ringan, jeung lada.
Sambel tarasi nyaeta bumbu penyerta nu paling lazim tina jero
hidangan Sunda, didahar jeung lalab atawa tahu jeung tempe goreng.
Sayur asem jeung kuah bumbu asam jawa mangrupa sayur anu paling
populer tinu hidangan Sunda. Jenis sayuran populer sejenna nyaeta
Soto Bandung, sajenis soto jeung irisan daging sapi jeung lobak, sarta
mie kocok, sajenis mi jeung daging sapi jeung kikil.
B. Asakan Sunda Pakuat Pakaitna jeung Gizi
Hasil tina saruntuyan panalungtikan anu dilampahkeun ku sababara
lembaga umumna masakan Sunda miboga ajen/kandungan gizi
enggoning pikeun nyegah panyakit ditilik tina sagala aspek jeung nutrisi
(jang kabugaran) anu punjul, nyaeta :
1. Karbohidrat (asal tutuwuhan, utama biji-bijian jeung umbi-umbian)
2. Lemak jeung protein (asal lauk , hewan ternak jeung biji-bijian)
3. Mineral jeung vitamin (asal tutuwuhan, terutama sayuran jeung
lalab)
Sepertos oge jinis makanan lianna anu umum aya di Indonesia,
kabiasaan nambahkeun bumbu/penyedap alami asal tutuwuhan anu
miboga fungsi nyaeta :
1. Paningkat nilai organoleptik (rasa jeung aroma) asakan
2. Paningkat warna jeung tampilan kadaharan
3. Pangawet supaya asakan bisa disimpen lila bari teu ngarusak
jeung nurunkeun kualitas.
diantarana nyaeta : jahe, kencur, kunir, lengkuas, pandan, cabe,
bawang, pedes, asam jeung sajabana.
Kacatet paling saeutikna aya 80-jinis makanan Sunda, umuma dijieuen
tina :
1. Biji-bijian
2. Buah-buahan
3. Umbi-umbian
4. Daun/pucuk tanaman
5

5. Kulit batang
6. Tepung
7. Tanaman secara keseluruhan
8. Ikan
9. Daging
10.

Telur

Tinu sajumlah eta seeutikna sakitar 10 jinis nu mibanda nilai bisnis


luhur, sae pisan kanggo komoditi perdagangan lokal/satempat atawa
kanggo komoditi ekspor.

Asinan
Bandrek
Cendol
Cobek
Dodol
Kecap
Lotek
Opak

Pais
Peuyeum ketan
Pindang
Rangginang
Surundeng
Tarasi
Tempe
Wajit
Oncom

LALAB JEUNG SAMBEL


Sajumlah jinis tutuwuhan lalab anu rengse kacatat, awal aya sakitar 70
jinis (tahun 1986), terus ningkat jadi 94 jinis (tahun 1993) jeung sakitar
200 jinis (tahun 2000).
Kaungkap salajengna nyata kandungan gizi/nutrisi di jero tatangkalan
lalab-lalaban bisa jadi obat mujarab kanggo sagala panyakit anu matak
ngabahayakeun dina mangsa kiwari, diantarana :
1. Panyakit DM (diabetes mellitus)/kencing manis
2. Panyakit tekanan darah tinggi
3. Panyakit jantung
4. Panyakit ginjal
5. Panyakit syaraf
6. Panyakit rheumatik
7. Memperbaiki sistem syaraf
8. Menstabilkan vitalitas tubuh
6

9. Meningkatkan gairah seksual,dan sebagainya


Sababaraha jinis tutuwuhan lalab anu umumna, diantarana
Bentuk herbal
1. Antanan besar
2. Antanan kecil
3. Kencur
4. Eceng
5. Genjer
6. Jombang/tempuyun
g
7. Jotang
8. Jonge
9. Karesmen
10.

Katepeng

11.

Leunca

12.

Pohpohan

13.
Kenikir/Rand
a midang
14.

Seladah air

15.
Seladah
bokor
16.

Sasawi

17.

Sintrong

18.

Surawung

19.

Terong bulat

20.
Terong
engkol

21.

Terong besar

22.

Tespong

23.

Tomat

Bentuk perambat
1. Jaat
2. Kahitutan
3. Kacang panjang
4. Mentimun
5. Paria
6. Paria belut
7. Roay peda
8. Roay hejo
9. Labu siem
10.

Labu besar

Bentuk pohon/perdu
1. Baluntas
2. Bunut
3. Mangga
4. Calincing
5. Cangkudu
6. Gandaria
7. Gedang
8. Hiris

9. Honje
10.
Imba
(kedongdong-cina)
11.

Jambu bol

12.

Jambu mete

13.

Jengkol

14.

Katuk

15.

Katepeng

16.

Kastuba

17.

Kihapit

18.

Kosambi

19.

Koang

20.

Lampenas

21.

Mamangkokan

Hal anu matak ngabanggakeun nyaeta umumna bahan baku pasakan


Sunda biasana ngawengku kana program 4 sehat 5 sempurna tina
sumber karbohidrat tinggi (biji-bijian, umbi-umbian jeung sajabana),
sumber protein tinggi (ikan, biji-bijian jeung daging), sumber vitamin
jeung mineral tinggi (sepertos sayuran jeung lalab) jeung saderet bahan
nu kiwari loba dipikahareup kahadiranna kanggo kasehatan jeung
kabugaran, sapertos diantarana Omega-3 (tinu lauk), anti-oksidan (tinu
buah-buahan), anti-kanker dan HIV-AIDS (tinu sayuran jeung jamur) nepi
jang paningkat gairah seksual oge aya (tinu lalab-lalaban) jeung
sajabana.
Publikasi nepi ka mancanagara nyaeta perkara tempe (najan produk ieu
sanes wae milik/asal ti wewengkon kahirupan Urang Sunda hungkul,
tapi umum jang sakabeh suku bangsa di pulau Jawa), nyaeta kabuktian
hasil tina biji kedele nu dianalisa ku pakar ahli pangan ti mancanagara
jeung domestik, Eta senyawa khasiat anu asalna di jerona ngandung
sakitar 5 macam, nyaeta : Protein, Lemak, Karbohidrat, Mineral jeung
Vitamin. namung satutasna diproses jadi tempe senyawa manfaat anu
aya di jerona ari heug teh jadi ngandung sakitar 9 macam, umumna
miboga khasiat jang ubar, saperti : Protein, asam amino, mineral,
vitamin, lesitin, antibiotika, antivirus, anti-oksidan, zat pengatur
9

tumbuh, jeung sajabana. Jaba lamun tempe rutin dikonsumsi, maka nu


ngadaharna bakal kasinglar tina kamungkinan katarajang panyakit
bahaya kiwari, saperti jantung koroner, infeksi bakteri/virus, jeung
sajabana.
C. Hasil Tinu Asakan Sunda
Hasil Tinu olahan Asakan Sunda diantawisna nyaeta :
1. Hayam Bakakak
Hayam anu dibakar di luhur suluh, satutasna
dibersihan jeung diberi bumbu khusus. Biasana juru
masak make bilah bambu nu dicapit kana badan
ayam supaya gampang dibolak-balik salama proses
ngabakarna. Biasana dihidangkan tina acara nikahan
jeung sunatan.
Bahan :

1 ekor hayam kampung (nu masih ngora


keneh), belah dadana tong sampe putus
800 ml air
4 siung bawang putih haluskeun (bahan perendam ayam)
2 sendok teh garam (bahan perendam ayam)
3 cm kunyit haluskan (bahan perendam ayam)
minyak untuk menumis
Bumbu yang dihaluskan :

8 butir bawang merah

4 butir kemiri sangrai

8 buah cabai merah keriting

4 cm jahe

1 sendok makan garam

3 sendok makan gula merah, iris iris

1 sendok teh ketumbar

6 siung bawang putih

Cara nyieun bakakak hayam :


1. Mimitina rendeum heula hayam dina jero bahan perendeum, nyaeta cai 800 ml,
bawang putih anu dihaluskeun, uyah jeung kunyit anu dihaluskeun. Antepkeun
salami 30 menit hingga meresap.
10

2. Seberesna 30 menit, tuluy tumis bumbu nu dihaluskeun, leubetkeun daging hayam


jeung cai rendamanana, aduk rata.
3. Masak hingga daging hayam menjadi hipu dan kuah habis, jikalau daging ayam
masih belum empuk saat kuahnya habis, bunda dapat tambahkan air panas
secukupnya.
4. Saberesna daging hayam hipu, bakar hayam diluhur bara seuneu bari dioles make
sesa bumbu, sampe warnana kacokelatan.
5. Penyajian bakakak hayami ieu bisa jeng sangu bodas, tarasi jeung oge lalapan.
2. Ulukutek Leunca
Salah sahiji ciri khas makanan sunda
nyaeta beunghar ku variasi sayuran
atah (lalapan), sehingga paling narik
tinu segi tampilan jeung cita rasa.
Salah sahiji komponen lalapan anu
paling populer nyaeta leunca.
Rasa leunca anu khas, akan sangat
nikmat lamun disantap babareungan
jeung sangu haneut, lauk asin peda
goreng, jeung sambel tarasi.
Cara nyieunna:
kahiji tumis hela bumbu halus bareng
jeng lengkuas jeng daun salam sampe seungit. Terus, tambahkeun cabe
rawit, aduk sampe layu. Setutasna eta lebetkeun kemangi, oncom jeung
leunca, aduk sampe rata jeung lamun perlu tambahkeun cai saeutik.
Pasak sampe oncomna rada garing jeng buah leunca layu. Terus
tambahkan uyah jeng penyedap, icip icip, aduk rata. Angkat we,
sajikeun jeung sangu haneut!
Eta leunca, lian ti matak rewog, ning edun oge kandungan nutrisina.

3. Nasi Tutug Oncom

11

nasi-tutug-oncom

Nasi tutug oncom mangrupa


asakan khas ti wewengkon
sunda, tepatna ti wilayah
tasikmalaya. Nasi tutug
oncom nyaeta mangrupakeun
sangu nu di campur oncom
jeung di goreng atawa di
bakar. Seperti ngaranna
proses campuran sangu ku
cara
ditumbuk
mangka
dikenal namina nasi tutug.

4. Lotek
Kadaharan Lotek ieu mirip jeung pecel, nyaeta sajenis
asakan tinu sababarah sayuran nu geus direbus terus
dibanjur ku sambel tinu bumbu kacang. Nu ngajadikeun
kaunikanna tinu asakan ieu yaitu bahan jeung sambelna
di samping kacang aya oge ditambahan tempe jeung jero
bumbuna ditambahkan tarasi, gula bereum, jeung bawang
bodas. Kadaharan Lotek ieu tiasa disajikan jeung lontong
atawa bisa oge jeung sangu haneut, ditoping make
kurupuk jeung diawuran bawang goreng.
5. Sambel
Mangrupakeun deungeun/rncang sangu tradisional masarakat Malayu
(kayaning
di
Indonesia,
Malayasia,
Singapura)
dina
wujud
kawas saos anu eusina salawasna mak cengek atawa cabe, mangkana
rasana condong kana lada. Bentuk saos ieu dihasilkeun tina cara
nyieunna, nyata ku jalan dirndos dina coet, mak mutu. Gumantung
kana
bahan
jeung
cara
nyieunna, nya sambel th aya
sababaraha rupa.
Di
masarakat
Sunda,
aya
sababaraha rupa sambel, di
antarana, Sambel
goang,
Sambel tarasi, Sambel oncom,
Sambel Jahe, Sambel kecap,
Sambel
muncang,
Sambel
kacang, Sambel picung, Sambel
goreng, Sambel tomat, jeng
sajabana.
nasi & lalap sambel
12

6. Karedok
Masakan
khas
lokal,
karedok
nunjukkeun keresepna urang Sunda
kana
sayuran
atah
segeur.
Kadaharan karedok ieu dijieun tinu
bahan-bahan diantarana
nyaeta
katimun,
tauge,
kol,
kacang
panjang, daun kemangi, oge terong.
Sedangkeun jang
bahan sausna
nyaeta tinu bahan cabe beureum,
bawang bodas, kencur, kacang
tanah, cai asam, gula jawa, uyah, jeung tarasi.
7. Surabi
Nyata
olahan
tina
tipung beas nu
sanggeus diuyahan jeung parudan kalapa
diasupkeun kana citakan tina taneuh nu
dipanaskeun ngagunakeun mak suluh.
Sakapeung
di
luhurna
dipurulukkan
oncom. Biasana dijual di sisi jalan isukisuk keur opieun. Aya og anu dicampur
jeung gula beureum make cipati (santen).
Samalah kiwari mah surabi th geus ruparupa rasana, saperti keju, stoberi, coklat,
jeng nu sejena, ti ta, sok sanajan, cara nyieunna mah sarua ba.
8. Tumis Kangkung

9. Gepuk
Hasil asakan tradisional asli khas Jawa Barat sejenna nyaeta :
Soto Bandung, Batagor, Bakso Kocok, Serabi, Combro, Misro, Serabi
Oncom, Peuyeum, Cireng, Combro, Gepuk, Ambokueh, Colenak, Balabala, Bandrek, Bajigur, Tahu Sumedang, Dodol Garut, Sega Jamblang,
Tahu Gejrot, jeung sajabana.

13

BAB 3 PANUTUP
A. Kacindekan
Ciri khas masakan Sunda mangrupa wujud kakayaan budaya anu
perlu dilestarikan. Malah sakuduna dilindungi jeung diperlakukan
sakumaha benda cagar budaya. Lamun dikaitkeun jeung industri
pariwisata, eksplorasi anu pakait masakan tradisional Sunda miboga
potensi gede jang obyek wisata. Sabab masyarakat pariwisata
internasional nganggap, masakan sanes ngan saukur sakadar pangeusi
beteung seubeuh. Maranehna neang sensasi anyar ku cara ngarasakeun
kanikmatan makanan khas ti hiji wewengkon.
B. Saran
Kanggo sadayana, hayu urang sasarengan lestarikeun deui
kadaharan asakan sunda, diawalan ku hal-hal alit dinu kahirupan urang
sapopoe. Cindekna mah ku ngadahar dahareun traditional saperti
tempe, tahu, susu kedele, lotek, karedok jeung sajabana sabage
kadaharan anu bakal ngajauhkeun tina gangguan kolesterol anu
kaleuleuwihi dina getihna, anu oge ngandung harti bakal kasinglar tina
kamungkinan katarajang panyakit jantung koroner, sabab masakan
sunda mibanda ajen inajen gizi pinunjul pisan pikeun kasehatan katut
kabugaran sarta ningkatkeun apresiasi selera masyarakat kana
kadaharan tradisional.
Reueus pisan, ku ayana Masakan Sunda.

14

REFERENSI

1.

http://blog.epicurina.com/2011/10/what-is-nasi-liwetsunda.html

2.

http://www.duniakuliner.info/2012/04/kuliner-khas-jawabarat.html

3.

http://indonesia-liek.blogspot.co.id/2011/09/makanan-khassunda-jawa-barat-nama.html

15

Anda mungkin juga menyukai