Anda di halaman 1dari 4

1.

Nanda, sbg : Neneng


2. Ovel, sbg : Neng Onah
3. Shanty, sbg : Nyi iteung
4. Rhama, sbg : Abah
5. Ilham, sbg : Kabayan
6. Karin, sbg : Ema

[JUDUL]

Sampurasun…

Aya kuda mawa kentang (tak tuntuang tak tuntuang)


Ditumpakan bari ajep (jep ajep jep ajep)
Regu genep telah datang (tlah datang tlah datang)
Datang dari mia genep (mia genep mia genep)
Aya budak mani beresih
Cicingna teh di Sukadana
Nyi Iteung pegat tali asih
Eta pisan judul sindirna
Ngala cai dina kendi
Pas tepi eweuh caian
Kenalkeun simkuring sandi
Nu merankeun si kabayan
Ka ciamis meli koya
Papanggih jeung balarea
Nepangkeun wasta elia
Jadi iteung nu kasohor tea
Sasih ayeuna musim hujan
Caina teh loba nu mubah
Tepangkeun simkuring fauzan
Nu merankeun palaku abah
Loba nyeri loba tugenah
Nyerina teh kabina bina
Tepangkeun simkuring neng onah
Balad iteung nu pang bageurna
Ka pasar rek meli cai
Aya lutung dahar gedang
Tepangkeun simkuring ari
Nu kasep ti karanggedang
Make sarung teu di calana
Iinditan mekah madinah
Nepangkeun wasta yuliana
Janteun ema bojona abah

“Sumangga atuh regepkeun Aa, Teteh, sisindiran bade dikawitan”

" Kacaturkeun di hiji poe, Nyi Iteung keur ngahuleng di sisi balong bari ngoprek
cai. Lantaran honcewang ka budakna nu hiji-hijina, Ema jeung Abah Iteung
nyampeurkeun tuluy nanya ka Iteung."

Ema : Ka Cimaragas meuli buleng


Nu dagangna meuni kuuleun
Ku naon Iteung hulang huleng?
Mani siga domba jualeun

Iteung : ka warung meuli obat puyeng


Aya combro anu gaaleun
Atuh wajar Iteung ngahuleng
Da kabayan pikasebeleun

Abah : Pangandaran Pamarican


Rea pisan tatangkalan
Kunaon kitu Kabayan?
Ku Abah cuang paehan

Iteung : ka pasar meuli pakean


Ka warung meuli manisan
Ih Abah tong dipaehan
Da Iteung teh bogoh pisan

" Keur kitu jol Kabayan jeung babaturanna, sarta neng Onah nu
mangrupakeun sobat daleutna Iteung, aranjeunna bade nepangan Nyi Iteung. "

Kabayan :”Assalamualaikum”
Di Pangandaran loba kumang
Loba bule anu harideung
Kumaha abah ema daramang?
Kuring datang rek nepangan iteng

Ema : ka kebon mamawa rantang


Kebona karasa keueung
Tah geuning kabayan datang
Ema melang ka si iteung
Abah : ngajang ka imah bi oon
Di jalan loba nu melong
Maneh teh migawe naon?
Iteung ceurik sisi balong

Neneng : dahar nangka anu atah


Tungtung na teh nyeri beuteung
Tah abah kang kabayan tah
Tadi geus megatkeun iteung

Neng onah : mawa sangu ngan sakeupeul


Indit na poe salasa
Tah abah kabayan teungeul
Pek mangga tong asa asa

Kabayan : indit bareng ka sakola


Di jalan manggih pala
Keheula abah keheula
Kabayan rek ngomong heula

Abah : indit ka pasar jeung mamah


Aya nu gelo nuturkeun
Sok atuh arek ngomong mah
Kapaksa cuang dengekeun

Neng onah : aya jalma nu ker moyan


Awak na nepi ka ngebul
Lah gandeng maneh kabayan
Maneh mah raja na debul

Neneng : moro bagong make panah


Loba sato nu araneh
Maneh nu tong gandeng onah
Da lain urusan maneh

Neng onah : Ka citanduy ngala hurang


Ngala hurang jeung parawan
Keun bae kumaha urang
Montong sok kalah ngalawan

Ema : Si icih keur nyeuseuh hordeng


Beungeutna kacida sangar
Garandeng maneh garandeng
Tong kalah nambahan jangar

Kabayan :Mang sumanto keur nyeurieun beuteung


Saeunggeus dahar di si Adrian
Lain kuring teu bogoh ka iteung
Ngan kuring teh rek fokus ujian

Neneng : Si Fauzan keur nganterkeun


Awewena alus pisan
Tah gening abah dangukeun
Pegat teh jang ka alusan

Abah : Di cirahong meuni keueung


Kusabab loba jurigan
Ih dasar maneh teh iteung
Pan maneh ge rek ujian

Iteung : Aya beurit dina para


Di uudag ku si tata
Hampura abah hampura
Iteung teh teu mikir eta

Neng onah : Tah rengse atuhnya masalah teh? Intina mah Teung:”
Si Cila kabogoh Fauzan
Hanjakal kalah pepegatan
Mun bogoh tong kamalinaan
Ayeuna mah fokus ujian

" Sakitu sisindiran anu kapihatur ti kelompok dua.. "

Obat leho make insana


Meulina di neng Yuliana
Hatur nuhun kana perhatosanna
Punten kana kalepatanna

Wassalamualaikum Wr.Wb..

Anda mungkin juga menyukai