Anda di halaman 1dari 8

KHUTBAH JUM’AH KA 4 SASIH JUMADIL AKHIR

KHUTBAH DINTEN JUM’AH AYEUNA BADE NYANDAK TEMA


“MAOT PEPELING PIKEUN SAKABEH MANUSA”

Hadirin Ahli Jum’ah Rahimakumullah !


Cekap kanggo papatan sareng pangeling-ngeling kanggo diri nalika hawa
nafsu nuju ngaberung, nalika syahwat nuju muncak, horem midamel
kasaean, nuju resep tur sumanget ngalakukeun perkara-perkara nu teu aya
manfaatna pikeun kahirupan akherat; teu kedah tebih-tebih kanggo milari nu
mapatahan sareng nu nganasehatanka diri; cekap kanggo nyadarkeun diri
nyaeta ku jalan sering emut yen diri bade maot anu sumpingna teu aya beja ti
anggalna, dirahasiakeun, ngahaja supaya manusa salamina siap-siap tatan-
tatan dina mayunan maot. Kanjeng Nabi Muhammad SAW ngadawuh :

Hartosna :”Aranjeun kudu ngalobakeun inget kana anu ngancurkeun pirang-


pirang kalezatan”.
Maksad Kanjeng Nabi Muhammad SAW anu ngahancurkeun kalezatan teh
nyaeta maot.
Naon rupi perkara nu dipimilik ayena di alam dunya, ari dina nalika
maot mah teu aya nu dicandak; harta banda nu ngalayah, pangkat jabatan nu
luhur, kakawasaan anu kasohor, dimana-mana seep umur mah sadayana oge
teu aya manfaatna kajabi jalmi anu mampu ngamanfaatkeunana sapagodos
sareng kahoyong Allah SWT. Manteuna Nu Maha Suci parantos ngadawuh :

Hartosna :” Dina poean harta-banda jeung anak incu henteu aya manfaatna.
Kajaba anu dumeuheus Ka Alloh kalayan mawa hate anu bersih:. { QS. Asy-
Syu’aro, ayat 88-89 }.
Dina dinten qiyamat anu dikawitan ku maot, sihoreng harta kakayaan
jeung anak turunan teu aya manfaatna, teu tiasa diangge jaminan pikeun
ngaraih kasenangan di akherat, kajaba nu bakal meunang kabagjaan saba’da
maot mah nyaeta jalma anu sumping ka Allah kalawan ngandak hate anu
salamet, nyandak i’tikad anu bener anu lempeng anu akur jeung katangtuan
aqidah, hate anu salamet tina kokotor-kokotor syirik, tur jauh tina hal-hal
kamusyrikan, jauh tina sipat jeung sikap hasud, dendam, jiwa anu pinuh ku
kasabaran, rasa syukur jeung tawakal ka Gusti Allah. Eta, jalmi anu bakal
untung di alam akherat nalika anjeuna mayunan ngahadep ka Allah SWT.

Hadirin, Rahimakumullah !.
Ku sering emut yen diri bakal jeung tereh maot, Insya Alloh ! matak jadi
tambah sumangat ibadah jeung amal soleh nalika teu purun sagala hoream,
tur bakal jadi pamager, panghalang tina migawe dosa jeung ma’siyat, margi
sagala amal bakal aya balitunganana. Bakal tambah kuat kaimanan ka Gusti
Allah, bakal nambah bobot dina amalna, bakal anteb dina ibadahna.
Sabalikna mun ibadah teu dibarengan eling yen diri bakal maot, eta amal
bakal hampa, hampang jungjungan, moal matak leuleus hate, moal matak
leungit kokotor hate.
Diamana jeung nuju kumaha bae, mu’minin teu kenging hilap kana
maot, paling henteu sadinten sakali, saperti nalika bade kulem, sakalian
muhasabah amal-amal dinten tadi naon bae anu geus dilakukeun. Oge dina
posisi kulem disunatkeun nyangkere saperti posisi mayit dikurebkeun dijero
kuburan sareng maca do’a-do’a, diantawisna :

Dina ieu do’a aya bahasa hirup jeung maot, ieu ngandung isyarat miwarang
emut kana maot. Nyangkerena diri dina ranjang ngan sorangan, jauh ti anak,
tatangga, baraya jeung sobat-sobat, teu aya anu maturan, jauhkeun rasa
diriung wae ku makh;luk, dihormat jeung disanjung. Padahal engke dina
kuburan mah nyorangan anu saenyana, ngan amal-amalan anu geus dipigawe
anu bakal maturan dijero kubur, naha mal sholeh atawa amal salah.
Sasibuk-sibuk jeung sabutuh-butuhna kana materi, salagi dibarengan
eling kana maot mah, Insya Allah moal matak kajongjonan, moal kamalinaan
teuing dina nyorang kahirupan.
Muga-muga urang saadaya ku Gusti Allah dipasihan hate anu salamina
emut kana maot anu disarengan ku rasa, malah mandar hirup aya dina
katakwaan ka Mantenna dugika sumpingna maot anu hhusnul khatimah
disarengan pangampurana Allah SWT. Aamiin.
KHUTBAH JUM’AH KA 3 SASIH JUMADIL AKHIR

KHUTBAH DINTEN JUM’AH AYEUNA BADE NYANDAK TEMA


“PANGHADENA TINU HARADE”

Hadirin Ahli Jum’ah, Rahimakumullah !.


Salah sawios Sahabat Kanjeng Nabi SAW nyaeta Sayyidna ‘Ali r.a.
nyaurkeun :
1. Pangsaena amal nyaeta amal anu ditampi ku Allah. Sami wae amalanna
mah amal anu alit atanapi amal anu ageung. Sayaktosna amal soleh sanaos
alit ari ditampi ku Allah mah teu kasebat amal alit. Sanalikna, amal sanaos
katingalna ageung, seueur uapami ku Allah ditolak mah teu kalebet amal
anu sae. Amal soleh amal ibadah upami teu ditampi ku Allah, diakheratna
moal jadi kasaean. Teu kalebet kana dawuhan Allah SWT :

Hartosna : “ Sareng kasaean di akherat “. {QS. Al-Baqarah, ayat 201}


Kanggo ngaraih ditampina amal teh sanes perkara gampil jalaran
meryogikeun persyaratan-persyaratan. Malihan Hukama aya anu
nyarioskeun :

Hartosna : “ Kadang Allah mukakeun ka anjeun panto kataatan {rajin


ibadah, amal soleh}, tapi Allah teu mukakeun ka anjeun panto panampian
{amalna ditolak}”.
Syekh Nawawi nyaurkeun, ari syarat-syarat kanggo ditampina amal
upami shalat tea mah diantarana nyaeta :
Kedah nyumponan syarat sareng rukun shalat sarta nebihan
pangbatalanna. Tujuanna wungkul karana Allah, rido Allah, sanes miharep
surga, sanes sieun naraka. Nu dituang, anggean sareng tempat shalatna
kedah halal, shalatna disarengan hate khusyu, konsentrasi kana shalat .
terakhirna ulah ujub, ngaraos nga haq kenging ganjaran surga ku ladang
ibadahna, ngarasa amalna ladang kamampuhan diri. Kanjeng Nabi Isa a.s.
ngadawuh :

Hartosna : “ Pirang-pirang lampu anu pareum katebak angin. Pirang-pirang


tina peribadahan karuksak ku sabab ujub “. (Sulam Taofeq, kaca 29).
Anumawi sahabat ‘Ali r.a. kantos nyaurkeun :

Hartosna : “ Aranjeun kudu leuwih banget merhatikeunna kana ditarimana


amal, margi saenyana teu direkeun leutik amal anu dibarengan ku
katakwaan, jeung kumaha disebut amal leutik amal anu ditarima {ku Allah}
“. {Iqobul Himam, kaca 99}.

Hadirin, Rahimakumullah !.
2. Pangsaena bulan nyaeta bulan anu dina eta bulan tobat ka Allah kalawan
tobat nashuha.
Namina manusa biasa tangtos moal luput tina kasalahan sareng
dosa, sedengkeun kawajiban jalmi anu tos damel kalepatan sareng dosa
nyaeta tobat. Ari nu ngahalang manusa tina ngalaksanakeun tobat tiasa
jadi kumargi teu aya karumasaan midamel kalepatan, teu ngaku tos gawe
dosa. Tina margi kitu tangtos ngalaksanakeun tobat teh hese. Anumawi
jalmi anu tiasa tobat dina hiji sasih maka eta sasih kalebet pangsaena-
saena sasih kanggo eta jalmi.
3. Pangsaena dinten nyaeta dintenan maot dina kaayaan iman ka Allah.
Dinten jumaah memang kalebet gustina pirang-pirang dinten dina
saminggon, amalanna oge aya anu dikhususkeun dina eta dinten. Jalmi
anu maot dina dintenan huma’ah kenging kaistimewaan. Nyakitu deui
dintenan Arafah tanggal salapan dzulhijjah dintenan anu utama. Tapi
sanaos kitu, upami dintenan eta maotna bari teu nyandak iman mah teu
kalebet kasaean pikeun eta jalmi, malihan sanaos maotna nuju aya
ditempat anu suci, teu kalebet sae saupami maot dina kaayaan teu iman ka
Allah. Na’udzubillahi Min Dzaalik !.

Hadirin, Rahimakumullah !.
Ieu kasauran Sahabat ‘Ali r.a. dina raraga ngawaler patarosan sahabat
sanesna saatosna eta sahabat nguping waleran sahabat Ibnu ‘Abbas r.a. yen
pangsaena dinten juma’ah jalaran dinten juma’ah teh sayyidul ayyam anu ku
Gusti Allah dipasihkeun ka umat Muhammad SAW. Pangsaena sasih nyaeta
Sasih Ramadlan margi dina eta sasih dilungsurkeun Al-Qur’an, dina eta sasih
aya wengian qodar, diwajibkeun ibadah shaom, ganjaran ibadah sunatna
sanilai ganjaran ibadah fardlu. Pangsaena amal nyaeta shalat wajib anu lima
waktos dina waktosna, shalat pantona sadaya amal sanesna, dimana-mana
shalatna dibuka amal-amal sanesna.
Kacarioskeun Ibnu ‘Abas r.a. pupus dina dinten juma’ah. Sabada tilu
dinten pupusna eta cariosan Ibnu ‘Abbas dugi ka sahabat Sayyidina ‘Ali. Nya
anjeunna nyarios : “Mun sadaya ulama, hukama, fuqoha ti kawit palih wetan
nepika wetan ditaros, yakin pasti bakal ngajawab saperti jawaban Ibdu
‘Abbas, kajaba kaula ngagaduhan pangemut sejen. Nya Sohabat ‘Ali
nyaurkeun sakumaha anu tos diuningakeun tadi. Muga-muga urang sadaya
ku Gusti Allah dipasihan kautamaan-kautamaan anu tos dicarioskeun nembe.
KHUTBAH JUM’AH KA 2 SASIH JUMADIL AKHIR

KHUTBAH DINTEN JUM’AH AYEUNA BADE NYANDAK TEMA


“NENANGKEUN HATE”

Hadirin Ahli Jum’ah Rohimakumullah !.


Dina ngajalani kahirupan di alam pawenangan ayeuna seueur kajadian
anu kaalaman ku urang, naha anu amisna atawa anu paitna, matak genah
atawa teugenah. Pikeun jalma anu imana kuat eta kajadian teh teu matak
mangaruhan kana jiwana, hatena bakal tetep tengtrem adem ayem, betah,
genah, merenah, tumaninah sanajan seueur cocoba jeung gogoda.
Ari anu matak mawa betah rasa jeung tengtrem kana hate taya lian
nyaeta eling ka Gusti Allah SWT. Diantarana nyaeta eling kana damel {af’al} na
Gusti Allah, dadamelan Gusti Allah anu aya kaitanana jeung kajadian nu
karandapan, yen sadaya kajadian eta dadamelan Allah, dihaja ku Allah,
mangrupa sabage ujian ka manusa ti Mantenna.
Ari cara pikeun nengtremkeun hate nyaeta :
1. Tumarima dina nandangan cocoba, utamana cocoba pait saperti awak teu
sehat, usaha rugi, tani teu hasil, cita-cita gagal, jeung sajaba ti eta. Ieu
sadaya kedah ditarimakeun yen ieu teh cobaan ti Allah, diri nuju diuji ku
Nu Maha Kawasa.
2. Pasrah kana eta taqdir, da sanajan diri adug lajer, teu suka teu rido,
musibah mah tetep moal tiasa nolak margi tos kitu buktina, manusa teu
ngagaduhan kakuatan jeung kamampuan jang ngaleungitkeunna, iwal ti
kedah pasrah sumerah ka Allah anu nyiptakeun eta kajadian. Ku ngarasula
jeung putus asa moal matak kaluar tina eta taqdir, anu pasrah sumerah ge
sami, ngan bedana ari nu ngarasula mah cape hate bari doraka, ari anu
pasrah mah tetep tengtrem teu galideur bari kenging ganjaran.
Kasauran Sohabat Umar ra. Nalika nganasehatan ka hiji pameget ani nuju
kenging musibat :

Hartosna : “ Lamun anjeun sabar, maka hukum Alloh tetep jalan bari
anjeun diganjar; jeung lamun anjeun ngarasula, maka katangtuan Alloh
tetep berlaku bari anjeun doraka “. {Syarah Hikam I, kaca 25}
3. Milari tarekah, kumaha carana sangkan tiasa kaluar tina eta musibah,
kaluar tina kasulitan, saupami masih aya jalan tarekaheun. Tapi sanes
narekah ku pedah teu pasrah, sanes teu nampi kana musibah, narekah
soteh pedah dipiwarang, seja ibadah ku narekahna, kadar hasil
jeunghenteuna eta mah kumaha kersaning Gusti Allah, hasil bae nuhun
Alhamdulillah, cenah henteu dalah kumaha deui, sabar tawekal bageanana.
Kedal lisan anu dibarengan ku kayakinan hate. Pidawuh Allah SWT :

Hartosna : “ Nun Gusti Pangeran Abdi sadaya ! Gusti henteu ngayugakeun ieu
sadaya kalayan henteu kentenan gunana. Maha Suci Gusti ! Ku margi eta,
mugi Gusti ngajaring abdi sadaya tina siksaan seuneu naraka “ {QS. Ali
Imran, ayat 191}

Hadirin, Rahimakumullah !.
Ieu cara nengtremkeun hate memang teu gampil, kajaba pikeun jalmi-
jalmi anu diistimewakeun ku Allah dikersakeun kenging Rahmat-Na. Pidawuh
Nu Maha Suci :

Hartosna : “ Anjeuna (Allah) nengtukeun rahmat-Na ka sing saha anu


dikersakeun ku Anjeuna. Jeung Allah teh nu kagungan kurnia anu gede pisan
“. {QS. Ali Imron, ayat 74}.
Manusa anu tos mibanda anu tilu ieu, ciri eta jalmi anu bakal kenging
katengtreman hatena ti Allah SWT. Ngan upami urang acan mibanda anu tilu
tadi ulah nganaha-naha ka Allah, tapi urang nyalira anu acan ngartos, hirup
masih dina ngagugu syahwat, sakumaha pidawuh Allah SWT :

Hartosna : “ Allah maparin hikmah ka sing saha anu dikersakeun ku


Anjeunna. Jeng sing saha anu dipaparin hikmah, saestuna ngandung harti
dipaparin kahadean anu anu kacida lobana. Tapi jalma-jalma henteu areling,
anging anu baroga pikiran “. {QS. Al-Baqoroh, ayat 269}.
Muga-muga urang sadaya salamina aya dina kanyaah sareng
panangtayungan Allah SWT. Aamiin !.
KHUTBAH JUM’AH KA 1 SASIH JUMADIL AKHIR

KHUTBAH DINTEN JUM’AH AYEUNA BADE NYANDAK TEMA


“KAJADIAN DINA SASIH JUMADIL AKHIR”

Hadirin, Ahli Jum’ah Rahimakumullah !.


Waktos anu karandapan ku urang teu pernah liren sadetik oge bari
moal luput tina tugas ti Alloh. Naha mangrupi piwarangan anatapi mangrupi
larangan. Teu karaos ayeuna tos lebet deui kana sasih Jumadil Akhir, salah
sawios sasih dina kalender hyjriyah, aya sababaraha kajadian dina sasih
Jumadil Akhir anu berkaitan sinareng sejarah islam :
1. Dilahirkeuna Putri Rosulullah SAW, Sayyidah Fatimah, putri kinasih putri
anu pang dipikanyaahna anu janten istri Kholifah ka 4 Sayyidina Aly bin
Abi Tholib.
2. Pasukan islam anu di pimpin ku sahabat Kholid bin Walid berhasil
ngelehkeun pasukan kapir anu jumlah pasukanna langkung seueur batan
pasukan islam tapi kalawan pitulung Alloh akhirna bisa ditaklukeun ku
pasukan islam.

Hasirin Alhi Jum’at Rohimakumulloh !.


Kangge urang sadaya hayu urang eusian ieu sasih Jumadil Akhir ku
mangpirang-pirang ibadah, rek ibadah mahdoh atanapi ibadah goer mahdoh
supaya urang sadaya henteu kalebet golongan jalmi anu rugi, margi dawuhan
Gusti lloh “Saestuna sadaya manusa aya dina kaayaan rugi”

Supaya ulah kalebet jalmi anu rugi syaratna :


1. Kudu iman ka Gusti Alloh kalawan iman anu barengan ku ma’rifat sareng
tasdeq.
2. Kudu daek ngalaksanakeun amal soleh kalawan diiringi ku ka ikhlasan.
3. Kudu silih wasiatan dina bener atanapi silih nasehatan.
4. Kudu silih wasiatan dina sabar da sabar teh amalan anu penting pisan tur
ageng pisan ganjarana sakumaha dawuhan Gusti Alloh SWT. (surat Az-
Zumar, ayat 10)

Hartosna :
Pastina bakal dicumponan ganjaran jalma-jalma anu sabar kalawan teu aya
batasana.
Hadirim Ahli Jum’ah Rohimakumulloh !.
Terakhir mudah-mudahan urang sadaya kelebetkeun jalmi-jalmi anu
iman tur beramal saleh .. Aamiin.

Anda mungkin juga menyukai