Anda di halaman 1dari 7

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN

( RPP )

Satuan Pendidikan : SMP Muhammadiyah 4 Margahayu

Kelas / Semester : IX / 1
Alokasi Waktu : 2 x Pertemuan

A. Standar Kompetensi
9.1 Mampu menyimak, memahami, dan menanggapi wacana lisan jenis
pidato.khotbah, lirik (rumpaka) lagu jenis tembang, dan pembacaan cerita pendek
(carita pondok).

B. Kompetensi Dasar
9.1.2 Menyimak lirik-lirik (rumpaka) lagu-lagu jenis tembang

C. Tujuan Pembelajaran
Siswa dapat memahami ciri-ciri rumpaka tembang dan dapat menganalisis serta
menembangkan lirik rumpaka tembang.

D. Materi Pokok
Tembang

E. Metode Pembelajaran
1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah
2. Metode : Langsung
3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas

F. Kegiatan Pembelajaran
Waktu/
Pertemuan Kegiatan
Pertemuan
1-2 Pendahuluan 10
 Guru datang tepat waktu (nilai yang ditanamkan: disiplin)
 Guru mengucapkan salam dengan ramah kepada siswa ketika
memasuki ruang kelas (nilai yang ditanamkan: santun, peduli)
 Berdoa sebelum membuka pelajaran (nilai yang ditanamkan:
religius)
 Mengecek kehadiran siswa (nilai yang ditanamkan: disiplin,
rajin)
 Mendoakan siswa yang tidak hadir karena sakit atau karena
halangan lainnya (nilai yang ditanamkan: religius, peduli)
 Memastikan bahwa setiap siswa datang tepat waktu (nilai yang
ditanamkan: disiplin)
 Menegur siswa yang terlambat dengan sopan (nilai yang
ditanamkan: disiplin, santun, peduli)
 Mengaitkan materi/kompetensi yang akan dipelajari dengan
karakter
 Dengan merujuk pada silabus, RPP, dan bahan ajar,
menyampaikan butir karakter yang hendak dikembangkan
selain yang terkait dengan SK/KD
Kegiatan Inti 60
Eksplorasi:
 Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang
tembang
 Secara seksama siswa menyimak tembang yang dilantunkan
Elaborasi:
 Bersama-sama menyimak penuturan temannya tentang tembang
yang didengarnya
Konfirmasi:
 Dengan bimbingan guru, siswa melantunkan sebuah tembang
 Dengan bimbingan guru, siswa bertanya jawab sekitar rumpaka
tembang
Penutup 10
 Bersama guru, siswa menyimpulkan materi pelajaran
 Postes
 Siswa ditugaskan menghafalkan sebuah tembang untuk
dilantunkan di depan temannya

G. Alat/ Bahan / Sumber

 Buku pegangan
 LKS
 Youtube

H. Penilaian
Kunci
Indikator Teknik Bentuk Instrumen
Jawaban
Dapat menganalisis Tulis Uraian Ditilik tina kecap-kecapna, sebutkeun Dina
lirik rumpaka ciri rumpaka tembang! lampiran
tembang. materi
Dapat Lisan Praktek Tembangkeun ku hidep eta rumpaka Guman-
menembangkan lirik kalawan hadé! tung
rumpaka tembang. siswa
Dapat menceritakan Tulis Uraian Caritakeun ku hidep eusi/maksud tina Guman-
isi rumpaka dalam eta tembang kana wangun parafrase! tung
parafrase. siswa
Dapat menanggapi Tulis Uraian a. Naon bedana tembang jeung Dina
rumpaka lagu dari kawih ? lampiran
berbagai aspek. b. Aya sabaraha jumlah pupuh nu materi
kaasup sekar ageung? Sebutkeun!
c. Pupuh naon bae nu sering dipake
patokan dina nyusun rumpaka
tembang ?
d. Tembangkeun salasahiji pupuh nu
ku hidep kacangkem !
e. Pupuh naon nu ditembangkeun ku
hidep?
f. Jentrekeun eusi eta pupuh nu
ditembangkeun ku hidep!
g. Tulis patokan nu dipake dina eta
pupuh!
h. Kumaha watek eta pupuh ?

Mengetahui
Kepala SMP Muhammadiyah 4 Guru Mata Pelajaran,

Agus Saptaludin, S.Pd., M.M.Pd. Nita Nur Hikmah, S. Pd.

BAHAN AJAR

Regepkeun /lenyepan tembang ieu di handap !

1. “Kidung; Payo; Warna-warni; Kunasari” Maké patokan pupuh Kinanti

SINDANGKASIH

Wewengkon nu subur ma’mur 8–u

Nagri raharja tur mukti 8–i
Nu dagang padasarenang 8–a
Parapatani sarugih 8–i
Pajabatna suka bungah 8–a
Harepan pangeusi nagri 8–i
Sepi paling hasud suwung
Towong rampog taya julig
Ais pangampih sarenang
Rahayat henang ngahening
Tiis ceuli hérang mata
Tibra saré tingtrim ati
Sindang Kasih dipicatur
Majalengka sugih mukti
Ngudag harepan kabagjan
Na mangsa nu bakal dugi
Sadayana pada taqwa
Ka Gusti Nu Maha Héman

2. Make patokan pupuh Sinom

GUNUNG CIREMAI

Mun nyawang ka tebéh wétan 8–a

Gunung Ciremai ku asri 8–i
Ngabedega mungguh gagah 8–a
Matak resep nu ningali 8–i
Tanda Agungna Gusti 7–i
Alloh anu Maha Luhung 8–u
Murba sadaya alam 7–a
Bumi langit sapangeusi 8–i
Ka manten-Na kedah muji sadayana 12 – a

PEDARAN

Mikawanoh Tembang Sunda

Nurutkeun Haji Hasan Mustapa, istilah tembang sabenerna lain istilah asli Sunda.
Istilah nu aya di Sunda mah nyaéta kawih. Ieu dumasar kana katerangan dina naskah Sunda
Siksakanda ng Karesian taun 1518.
Istilah tembang téh gelar taun 1962, tina ucapan pujangga Sunda nu jenengan M.A.
Salmun. Dina musyawarah Tembang Sunda taun 1962, ngahaja éta istilah téh ditepikeun
pikeun kapentingan para-penyiar Bandung sangkan teu nyieun ngaran sora Sunda nu
sakahayang hatena dina mangsa siaran.
Dina éta musyawarah oge diputuskeun, yén istilah pikeun seni mamaos nyaéta
Cianjuran, sedengkeun istilah pikeun seni sora nu sarupa jeung mamaos nu asalna ti daerah
sejen saperti Sumedang, Cirebon, Garut, Ciawi jeung nu séjénna disebut Tembang Sunda.
Tapi dina kahirupan sapopoé, istilah tembang Sunda téh ngan dipaké pikeun Cianjuran
Wungkul. Ieu hal lantaran Cianjuran leuwih produktif tur leuwih dipikawanoh ku
masyarakat.
Sacara umum aya ciri mandiri dina tembang nyaéta teu miboga birama/metrum/ketukan
anu tangtu. Tatang Suryana nétélakeun yen kaendahan jeung irama dina tembang gumantung
ka nu nembangkeunanana, boh éksprési, léotan, panjang pondokna randegan boh eur-eurna.
Pon kitu mélodi disusun dina wangun improvisasi.
Dina dunya tembang, boh di Jawa Tengah, boh di Bali pon kitu di Sunda, nepi ka kiwari
masih tuhu kana patokan pupuh. Lamun juru mamaos nganggit teu maké patokan pupuh
disebut minculak bisa ogé disebut teu nyaho kana aturan. Di Jawa tengah pupuh nu dipaké
patokan lobana aya 51 pola.
R. Satjadibrata ngajéntrékeun yén tembang Sunda teh nyaéta ngalagu nurutkeun aturan
pupuh Dumasar kana éta wangenan bisa dicindekkeun yén ciri utama tembang nyaéta
ngalagu maké rumpaka pupuh. Opat pola pupuh nu sok digunakeun dina rumpaka tembang,
nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula sok disingget KSAD atawa
sering disebut istilah sekar ageung.

1.Nu maké patokan pupuh Kinanti

Contona : Kidung, Payo, Kunosari, Ceurik Rahwana, jsb.
2.Nu maké patokan pupuh Sinom
Contona : Liwung, Cirebonan, jsb.
3. Nu maké patokan pupuh Asmarandana
Contona : Wani-wani, Papalayon, Udan Liris, jsb.
4. Nu maké patokan pupuh Dangdanggula
Contona : Pancaniti, Bayubud, jsb.

Pupuh lianna nu jarang digunakeun dina rumpaka tembang, nyaéta Balakbak, Juru
Demung, Durma, Gambuh, Gurisa, Lambang, Maskumambang, Mijil, Ladrang, Pangkur,
Pucung, Wirangrong, jeung Magatru. Pupuh nu 13 ieu disebut sekar alit.

Watek pupuh nu diberendelkeun di luhur nyaéta :

 Asmarandana, watekna silih asih, silih pikacinta, birahi
 Balakbak, watekna humor, banyol, pikaseurieun
 Dangdanggula, watekna ngagambarkeun kaéndahan, suasana nu pikaresepeun
 Durma, watekna ngagmbarkeun rasa ambek, perang, pabentar
 Gambuh, watekna tambuh laku, samar polah, bingung teu nyaho nu kudu
dipilampah
 Gurisa, watekna ngagambarkeun pikaseurieun, banyol, humor, lulucon,
heuheureuyan
 Juru Demung, watekna ngagambarkeun rasa kaduhung, hanjakal, ngarasa dosa
 Kinanti, watekna ngagambarkeun kaayaan prihatin, nalangsa, harepan, nganti-nganti
 Lambang, watekna humor ( saperti Gurisa/Balakbak)
 Magatru, watekna mangrupa lulucon pikeun selingan dina suasana sedih
 Maskumambang, watekna ngagambarkeun suasana sedih, prihatin, cilaka, jempling,
kanyeri, sasambat, nalangsa
 Mijil, watekna susah, sedih, ( saperti Maskumambang)
 Pangkur, watekna ngagambarkeun nu aya diperjalanan, napsu, siap perang
 Pucung, watekna méré atikan, bewara, kagét
 Sinom, watekna ngagambarkeun suasana gumbira
 Wirangrong, watekna ngagambarkeun wiwirang, naas, rugi

LEMBAR KERJA SISWA

UJI KOMPETENSI
Sabada ngaregepkeun tur nembangkeun rumpaka tembang, eusian ieu patalékan !
1. Kumaha watek rumpaka tembang nu kahiji ?
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
2. Eusina nétélakeun naon ? Jéntrékeun !

3. Watek rumpaka nu kadua kumaha ?

4. Jéntrékeun, eusina nétélakeun ngeunaan naon ?
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
5. Tembangkeun hiji rumpaka pupuh nu ku hidep kacangking !
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________
________________________________________________________________________

Anda mungkin juga menyukai