Anda di halaman 1dari 17

BAHASA DAN SASTRA SUNDA

KAPARIGELAN NULIS
Makalah
Disusun pikeun nyumponan pancen Mata Kuliah Bahasa dan Sastra Sunda

Dosen pangampu :
Dr. Aan Hasanah, M.Pd

Disusun ku :
Dede Devi 8420219002
Solahudin 8420219023
Tasya Allifa Khaerunisa 8420219025
Ummi Badriyatul Umah 8420219027
Yunia Ajeng Rahayu 8420219030
Zahra Nur Shafira 8420219031

PENDIDIKAN MATEMATIKA
FAKULTAS KEGURUAN DAN ILMU PENDIDIKAN
UNIVERSITAS SURYAKANCANA
2021
PANGJAJAP

Puji sinareng sukur hayu urang sanggakeun ka hadirat Allah SWT, nu tos masihan
rahmat sinareng hidayah-Na sangkan panyusun tiasa ngarengsekeun ieu makalah. Sholawat
sinareng salam mugia dicurah limpahkeun ka jungjungan Nabi Muhammad SAW, ka
kulawargina, para sahabatna, tabi’in tabi’atna, tur dugi ka para umatna di ahir jaman. Aamiin.
Ieu makalah disusun pikeun nyumponan salasahiji pancen mata kuliah Bahasa dan
Sasta Sunda, panyusun medar materi ngeunaan “KAPARIGELAN NULIS” nu ditilik tina
sababaraha sumber jeung dibarengan ku pamadegan sorangan. Tangtuna ieu makalah disusun
dumasar pangaweruh panyusun nu masih keneh diajar.
Panyusun sadar yen dina ieu makalah masih aya kakurangan anu kudu dibenerkeun,
boh tina segi penyajianna atawa tina segi eusina. Ku kituna, panyusun miharep ayana kritik
jeung saran ti nu maca. Salian eta, panyusun miharep oge ieu makalah bisa mere mangpaat ka
sakumna pihak, hususna pikeun panyusun sorangan, umumna pikeun nu maca.

Cianjur, Maret 2021

Panyusun

i
DAFTAR EUSI

PANGJAJAP............................................................................................................. i
DAFTAR EUSI.......................................................................................................... ii

BAB I BUBUKA....................................................................................................... 1
1.1 Kasang Tukang.......................................................................................... 1
1.2 Rumusan Masalah..................................................................................... 1
1.3 Tujuan........................................................................................................ 1
1.4 Mangpaat................................................................................................... 2

BAB II ULIKAN TIORI.......................................................................................... 3


2.1 Bubuka....................................................................................................... 3
2.2 Harti Nulis.................................................................................................. 3
2.3 Fungsi Nulis............................................................................................... 3
2.4 Guna Nulis................................................................................................. 4
2.5 Wujudilah Wacana..................................................................................... 4
2.6 Rupa-rupa Tulisan..................................................................................... 7
2.7 Tahap-Tahap Nulis……………………………………………………… 10

BAB III PANUTUP................................................................................................... 13


3.1 Kacindekan............................................................................................... 13

DAFTAR PUSTAKA............................................................................................... 14

ii
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang
Bahasa sunda nyaeta bahasa indung anu kudu dilestarikeun. Zaman kiwari urang sunda
tos seueur nu hilap atawa tara ngagunakeun bahasa sunda, boh di kahirupan sahari-hari
atawa di acara-acara. Bahasa sunda mangrupa budaya nu kedah dijagi.
Pangajaran basa ngawengku aspek maca, ngaregeupkeun, nulis, jeung nyarita. Maca
jeung ngareugeupkeun mangrupa aspek pemahaman (reseptif aktif). Ari nulis jeung nyarita
mangrupa aspek penggunaan (produktif aktif). Eta komponen basa nu opat teh kudu
diajarkeun sing saimbang.
Nulis mangrupa hiji kaparigelan basa anu digunakeun pikeun komunikasi sacara teu
langsung. Nulis hiji kagiatan anu produktif jeung ekspresif. Dina kegiatan nulis ieu, panulis
kudu parigel ngamangpaatkeun grafologi, struktur basa, jeung kosa kecap.
Kaparigelan nulis teu bisa dicangkem secara otomatis, tapi kudu ngaliwatan latihan
jeung loba praktek. Dina kahirupan modern ayeuna , jelas yen kaparigelan nulis
dibutuhkeun pisan. Nulis mangrupa salasahiji ciri tina jalma atawa bangsa anu terpelajar
(Tarigan, 2013. Kc. 3)
Kamampuh dina ngandalkeun gagasan sacara tunulis nembongkeun kamampuh mikir
saurang jalma lantaran mikir jeung nulis mangrupa dua kagiatan anu teu bisa dipisahkeun.

1.2 Rumusan Masalah


Amponan masalah dina ieu makalah dirumuskeun dina wangun patalekan, diantarana :
1) Naon harti tina Nulis teh?
2) Naon bae fungsi jeung guna na nulis teh ?
3) Naon bae Wujudilah wacana teh ?
4) Aya naon bae Rupa-rupa tulisan teh ?
5) Naon harti Tahap tahap nulis?

1.3 Tujuan
Makalah ieu miboga tujuan pikeun ngebrehkeun aspek-aspek dihandap, kayaning:
1) Mikanyaho ngeunaan Harti Nulis
2) Mikanyaho Fungsi jeung Guna na nulis
3) Mikanyaho Wujudilah Wacana
4) Mikanyaho Rupa-rupa tulisan teh

1
5) Mikanyaho Tahap-tahap nulis

1.4 Manfaat
1.4.1 Mangpaat Teoritis
Secara teoritis, ieu makalah dipiharep miboga mangpaat pikeun ngajadikeun salaku
sumber informasi jeung bahan ajar ngeunaan kaparigelan nulis

1.4.2 Mangpaat Praktis


Secara praktis, ieu makalah dipiharep miboga sabaraha mangpaat, diantarana :
1) Pikeun Panulis, dipihaep bisa nambahan pangaweruh ngeunaan kaparigelan nulis.
2) Pikeun Pendidik, dipiharep bisa dijadikeun bahas referensi diajar ngeunaan
kaparigelan nulis.
3) Pikeun nu Maca, dipiharep bisa nambahan pangaweruh sarta bisa dijadikeun
referensi nalika diajar ngeunaan kaparigelan nulis.

2
BAB II
URAIAN TIORI
2.1 Bubuka
Pangajaran basa ngawengku aspek ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis.
Ngaregepkeun jeung maca mangrupa aspek pemahaman (reseptif aktif), ari nyarita jeung nulis
mangrupa aspek penggunaan (produktif aktif). Eta komponen basa nu opat teh kudu diajarkeun
singsaimbang. Malah bakal leuwih hade lamun dina prakna ngajar teh gumulung ngahiji.
Upamana: ngaregepkeun – nyarita - maca -nulis
Atawa: nulis-nyarita-maca-ngaregepkeun
Satuluyna, dina ieu tulisan ngan dipedar pangajaran nulis anu wincikannana
saperti kieu. Dina bagian kahiji dipedarlima hal:
(1) harti nulis
(2) fungsi nulis,
(3) tujuan nulis,
(4) rupa-rupa tulisan, jeung
(5) tahap-tahap nulis.
Dina bagian kadua dipedar (1) pangajaran nulis jeung (2) model pangajaranana.

2.2 Harti Nulis


Nulis mangrupa kamampuh makena basa dina wangun tinulis. Tina ieu wangenan ge
geus ebreh yen nulis teh mangrupa hiji kagiatan produktif aktif. Nurutkeun LBSS (1985: 50), nulis
nyaeta nyieun aksara atawa angka dina keretas jst, ku parantina. Hal ieu teh luyu jeung
pamadegan Tarigan (1983:21) yen nulis teh mangrupa kagiatan ngagambarkeun lambang-
lambang grafik dina wangun basa nu pikahartieun.

2.3 Fungsi Nulis


Nulis mangrupa salah sahiji kagiatan produktif aktif, atawa bisa oge disebutkeun yen
nulis teh mangrupa kagiatan ngebrehkeun eusi hate jeung pikiran ka nu sejen ku basa tinulis.
Dina kaparigelan ieu, fungsi utamana nyaeta pikeun pakakas komunikasi anu henteu langsung.
leu kagiatan nulis teh kacida pentingna pikeun dunyaatikan, sabab ku nulis bisa mantuan siswa
mikir kritis, bisa ngagam-pangkeun matalikeun hubungan-hubungan, bisa nimbulkeun ayana
daya persepsi nu jero, bisa ngungkulan pasualan-pasualan anu keur disanghareupan, sarta
bisa nyusun sauntuyan pangalaman. Tulisan bisa ngajentrekeun pamikiran-pamikiran nu aya
dina diri nu nulis.
3
2.4 Guna Nulis
Kauntungan nulis teh nyaeta:
1) nu nulis bisa nyaho kana kamampuh nulisna sorangan;
2) mi nulis bisa mekarkeun ide-ide/gagasan-gagasanana;
3) nu nulis kalatih dina neangan informasi nu saloba-lobana; nu nulis bisa ngajentrekeun
masalah-masalah nu can jentre; nu nulis bisa ngajen kana pamanggih-pamanggih
pama-degan jalma sejen ku cara objektif;
4) nu nulis bakal leuwih gampang ngungkulan masalahna lan-taran geus nembrak
(ditulis);
5) nu nulis bakal leuwih kadorong pikeun diajar leuwih aktif-kreatif;
6) nu nulis bakal kalatih mikir kritis tur ngagunakeun basa anu puguh entep seureuhna.

2.5 Wujudiah Wacana


1. Pakakas Wacana
Minangka wangun basa pangjembarnasapertos bentuk basa pangjembarna, wacana
disusun rangkay kalimat-kalimat anu sinambung, dalit, tur rampak sareng kontéks situasi.
Hartina dina nganalisis wacana kalibet henteu utama, nya éta (1) henteu jeroeun basa
atanapi adegan internal basa (intralinguistik), anu patali jeung kaédah basa ngeunaan tata
kalimah, tata kecap, jeung tata sora; (2) unsur luareun basa (ékstra- anu aya hubunganana
sareng kontéks situasi. Luyu henteuna kaédah linguistik), nyaéta kontéks situasi
dipasihkeun ku pakakas wacana atanapi henteu-teu pragmatis sapertos déiksis, praduga,
implikatur, laku basa, anu adegan konvérsasi. Déiksis mangrupikeun unsur basa anu
ngajantenkeun acuan. Praduga mangrupikeun pangira anu aya patalina sareng amustahilan
tiasa kajadian sareng masalah henteu janten hal-hal anu ngajantenkeun. Implikatur
mangrupikeun eusi bebeneran anu muncul tina kecap kecap dina kalimah. Laku basa
mangrupikeun paripolah anu dianggo ku panyatur waktos komunikasi. Adegan konvérsasi
mangrupikeun pola komunikasi basa anu sipatna 'timbal-balik' antara panyatur sareng
pamiarsa.

2. Unsur-unsur Wacana
Sakumaha nu parantos ngajantenkeun wacana nyaéta patali sareng unsur- unsur
jeroeun basa sareng luareun basa. Unsur jeroeun ba sareng tata kalimah (kalimat, klausa,
sareng frasa); tata kecap (kecap jeung morfém); sareng tata sora (engang, foném, sareng
titinada). Henteu luareun basa anu aya hubunganana sareng komunikasi komunikasi
4
sapertos interaksi sosial (konvérsasi sareng tutukeuran) sareng pamékaran téma (monolog
sareng paragraf).
1) Dialog
a. Wangenan Dialog
Dialog mangrupikeun wacana disababkeun tina hubungan sosial. Unsur
wacana dialog sipatna interaksional. Dina dialog anu dipentingkeun téh lain
eusi, tapi 'komunikasi timbal-balik. Aya dua rupa wujud dialog, nya éta
konvérsasi sareng tutukeuran. Konvérsasi atanapi paguneman nyoko kana unit
pangjembarna (maksimum) tina kagiatan ngagunakeun basa ku dua urang
panyatur atanapi langkung, boh ragam lisan boh tulis, ukuranana panjang,
Sareng waktosna waktosna lami. Ku sabab mangrupikeun unit interkasi basa
pangjembarna, konvérsasi téh tiasa ogé disebut gabungan tina tutukeuran.
b. Pola Dialog
Dialog atanapi paguneman enas-enasna mangrupikeun komunikasi basa
anu sipatna timbal-balik (interaksional), anu nuduhkeun yén panyatur sareng
pamiarsa téh siligenti. Saenyana mah, omongan panyatur anu ditarima ku
pamiarsa nyaéta ngalaksanakeun anu tangtu sapertos ébréh dina bagan ieu.
2) Monolog
Monolog mangrupakeun unsur wacana nu sipatna transaksional. Dina
monolog mah nu dipentingkeun nyaéta 'eusi komunikasi'. Unsur wacana monolog
mangrupikeun pamékaran téma atanapi panginten ti saurang panyatur. Wangunna
langkung seueur ti batan paragraf atwa gabungan tina sababaraha paragraf. Ku
kituna, panginten gt dina monolog mah tiasa langkung ti hiji. nojud Nampi
médium anu peryogina, aya monolog lisan sareng aya monolog tulis. Monolog
lisan tiasa janten biantara, ceramah, hutbah, da'wah, sareng déklamasi. Ari
monolog tulis tiasa janten instruksi tulis, surat, éséy, artikel, sareng mémo.
3) Paragraf
Paragraf atanapi alinéa mangrupikeun unit minimum wacana salaku wadah
mekarkeun téma, sipatna transaksional. Dina paragraf ngan aya hiji téma atanapi
ide, umumna diwangun ku rangkay kalimat-kalimat. Gagasan paragraf nyaéta
pikiran-pikiran anu kapangaruhan ku dina kalimah-kalimah anu ngawangun éta
paragraf. Aya dua rupa pikiran dina paragraf téh, nya éta pikiran utama sareng
pikiran panandéan. Pikiran utama mangrupikeun pikiran anu ngajiwaan unggal
paragraf, ari pikiran panandes nyaéta pikiran anu gunana pikeun langkung
5
ngajelaskeun pikiran utami. Pikiran utama ayana dina kalimah utama, ari pikiran
panandes aya dina kalimah panandes.
4) Kalimah
a) Gunana Kalimah dina Wacana
Kalimah téh kalebet unit pangleutikna dina tata wacana mah. Ari sababna,
wacana téh mangrupikeun rangkay kalimat-kalimat anu nyambungkeun hiji
proposal sareng proposal. Najan kitu, disawang tina segi ngajukeun mah,
kalimat téh kaasup unit maksimal, ari unit minimumna nya éta klausa. Unsur
kalimat dina wacana téh sok disebut omongan atanapi obahan (mindahkeun).
Salaku conto, wacana ieu diwangun ku lima kalimah.
b) Wanda Kalimah dina Wacana
Dina tata kalimah sering dibédakeun kalimah sampurna (lengkep) sareng
kalimah teu sampurna (teu lengkep). Kalimah Rsampurna didadasaran ku
kusausa bebas, ari kalimah teu sampurna didamel ku klausa kauger atanapi
tanpa klausa. Dina tata wacana moal mendakan wincikan kalimat kitu ogé. Ari
sababna, sakur kalimah dina wacana mah sampurna, da nu pentingna eusi
kalimat. Aya opat rupa kalimat atanapi omongan dina wacana, nya éta kalimah
komisif, kalimat impositif, kalimat éksprésif, sareng kalimat asértif.
a. Kalimah Komisif
Kalimah komisif nya éta kalimat anu fungsina pikeun ngedalkeun
jangji, tawaran, atanapi pananya. Ieu kalimah miharep résponsi anu aya
jawaban. Wujud pragmatis komisif tiasa nyoko kana rupa-rupa ma’na,
diantarana: (a) ngawawarkeun, (b) nitah, (c) ngajak, (d) meredih, (é)
ngahulag, sareng (f) ngantebkeun.
b. Kalimah Impositif
Kalimah impositif nya éta kalimat anu fungsina pikeun ngedalkeun
paréntah. Wujud pragmatis paréntah nyoko kana rupa-rupa ma’nanaeun (a)
nitah, (b) nuturkeun, (c) ngadesék, (d) miharep, (é) nyarék, (f) ngajak, (g)
ngageuri, (h) ngajurung, jeung (i) ngawawadian.
c. Kalimah Éksprésif
Kalimah éksprésif nya éta kalimah anu fungsina pikeun cumeluk
sareng sora bituna rasa. Wujud pragmatis éksprésif nyoko kana rupa-rupa
ma’na, diantarana: (a) nyarékan, (b) ngawilujengkeun, (c) cumeluk, (d)

6
kagét, (é) tumamprak, (f) karumusaan, (g) bungah, (h) kanyeri, (i) mupuas,
(j) geuleuh, jeung (k) keuheul.
d. Kalimah Asértif
Kalimah asértif nya éta kalimat anu fungsina pikeun ngedalkeun
bebeneran wawaran. Ari bebeneran dina kalimah téh ngagaduhan tilu rupa
wujud, nya éta (a) kalimah analitis, anu bebeneran ogé aya dina séri kecap-
kecapna; (b) kalimah kontradiktif, anu bebeneran eusina tojaiah sareng eusi
rangkay kecap-kecapna; jeung (c) kalimat sintétis, anu bebeneran eusina
gumantung kana kanyataan dina basa luar.

2.6 Rupa-Rupa Tulisan


a) Fiksi
Fiksi nyaéta salah sahiji istilah anu dipaké dina sakumna karya sastra nu
wujudna naratif (carita), boh dina wangun prosa, boh dina wangun puisi, meunang
ngaréka atawa nyusurup, lain nyaritakeun kajadian nu nyata (sajarah). Tapi,
kadieunakeun istilah fiksi disaruakeun jeung istilah jeung prosa naratif
(novel atawa roman jeung carita pondok). Karangan fiksi nu diréka dumasar kana fakta
atawa kanyataan, ngabalukarkeun ayana istilah roman sajarah atawa novel sajarah,
roman biografis atawa novel biografis. dina fiksi aya sababaraha jinis, nyaéta:
1. Wacana Lancaran (Prosa)
Prosa disebut oge wangun lancaran, disebut wangun lancaran kusabab
wanguna teu kauger ku guru lagu, guru wilangan, jumlah padalisan dina
sapadana,purwakanti,atawa ngolah wirahma,basa anu dipakena basa sapopoe,
upamana nilik kana wujudna, kalimah teu ngaruntuy teu dipenggel – penggel
mangrupa padalisan atawa diwangun ku sababaraha pada. Dina wacana lancara
nyaeta aya sababaraha bagian nu kaasup kana wangun ie diantarana nyaeta:
a. Carpon (Carita Pondok)
Carpon nyaeta, karangan rekaan (fiksi) anu carita na pondok sarta ngan
ukur nyaritaken hiji kajadian atawa peristiwa. Carpon umumna nyaritakeun
hal-hal anu sifat na realistis (Kisah nyata).
b. Novel
Novel nyaéta carita rékaan nu rélatif panjang dina wangun prosa sarta
miboga alur, carita, jeung karakter anu kompéks. Ku alatan panjang, novel
biasana mah sok mangrupa buku.
7
c. Dongeng
Dongeng nyaeta wangun karya sastra anu mangrupa carita dina basa
lancaran anu eusina ngandung unsur pamohalan (Teu asup akal).
2. Wacana Ugeran
Wacana ugeran atawa puisi nya eta wacana anu disusun dina basa ugeran,
rakitananan pinuh ku wirahma, kaugera ku wangunna saperti guru lagu, guru
wilangan, purwakanti sarta diksina. Wacana ugeran ngagunakeun basa anu has
saperti pilihan kecap, frasa jeung babanding nu tara kapanggih dina sapopoe,
ngagedekeun konotasi, sarta irit ku kecap nepi ka ngalantarankeun samar. Aya
sababaraha jinis dina wacana ugeran nyaeta:
a. Mantra
Mantra nyaéta salah sahiji karya sastra wangun puisi heubeul nu dianggap
miboga kakuatan gaib kalawan henteu bisa dipaké sagawayah. Kecap mantra
asalna tina basa Sansekerta nu hartina jampé-jampé; kekedalan nu ngandung
kakuatan gaib jeung dipercaya ku jalma baheula.
b. Pantun
Nyaeta carita rekaan anu di lalakonkeun kajuru pantun jeung pagelaran
ruatan (ritual) anu disebut mantun bisa di pirig ku kacapi sastra, biasana di
haleuangkeun. Carita pantun biasana di pagelarken sapeuting jeput nepi ka
tutugteh ti bada isya. Ukuran carita pantun umumna paranjang , dumasa kana
mediana carita pantun gelar dina lisan . Sastra ngandung hal-hal anu mere kesan
pamohalan.
c. Sisindiran
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa
caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda
anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa
kalawan padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi).
Sisindiran téh wangunna mibanda cangkang jeung eusi. Upama dina tradisi
Malayu mah disebutna pantun. Sisindiran téh dina Kamus Umum Basa Sunda
nyaéta basa anu diréka, lolobana murwakanti sarta bisa dikawihkeun.
d. Pupuh
Pupuh téh mangrupa ugeran (puisi) anu kauger ku guru wilangan jeung
guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan (jajaran) dina
unggal pada (gundukan) sarta lobana engang (suku kata/vokal) dina unggal
8
padalisan. Guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan
atawa “dang-ding-dung”-na sora vokal dina engang panungtung.
e. Kawih
Kawih nyaéta rakitan basa anu ditulis ku para bujangga atawa seniman sarta
miboga birama anu ajeg (angger). Sakumaha ilaharna lagu, kawih kabeungkeut
ku wiletan jeung témpo atawa ketukan. Nu matak kawih sok disebut ogé lagu-
lagu nu kaasup sekar tandak, boh kawih tradisional boh wanda anyar.[1] Kawih
mah béda jeung pupuh, kawih teu kauger ku rupa-rupa aturan atawa patokan
kawas nu aya dina pupuh.
3. Wacana Drama
Wacana drama atawa carita drama nyaéta wacana anu midangkeun carita
atawa lalakon paguneman (dialog), diajangkeun pikeun diragakeun ku para pamaèn
(aktor) dina pagelaran. Wujud lahiriah wacana drama boga hal-hal anu husus tur
maranti, diantarana:
a. Candraan (deskripsi) biasana aya di awal babak. Eusina nerangkeun kayaan
latar (tempat,waktu) , suasana, kajadian carita, jeung palaku.
b. Pertèlaan palaku nyaeta nataan ngaran jeung katerangan ngeunaan palaku
saperti dedeg-pangadegna, watek, atawa paripolahna.
c. Babak jeung adegan mangrupa hal anu ngabagi-bagi karangan drama. Carita
drama bisa diwangun ku sababak atawa ku sababaraha babak. Dina unggal
babak dibagi jadi sababaraha adegan, biasana nurutkeun robahna kajadian ku
datang atawa inditna palaku.
d. Paguneman (dialog) mangrupa kalimah atawa omongan langsung ti para palaku
anu diucapkeun silih tèmpas.
e. Prolog jeung epilog mangrupa babagian drama anu ayana di awal jeung ahir
carita. Prolog nyaeta ayana di awal carita, jadi manggala sastra, eusina
mangrupa katerangan pangarang ngeunaan lalakon nu rèk disuguhkeun.
Sabalikna,épilog aya di ahir drama, minangka panutup, eusina mangrupa
kacindekan lalakon jeung naséhat pangarang.
b) Non-Fiksi
Wacana non-fiksi nya éta wacana nu eusuna ngébréhkeun objek anu bisa nambah
pangalaman pamiarsa,sipatna faktual jeung saujratna dumangdar kana alam nyata. Ku
kituna,wacana non-fiksi disebut ogé wacana faktual atawa wacana éskpositoris. Aya
rupa rupa wacana non-fiksi, diantarana:
9
a. Warta
Nyaeta beja atawa informasi ngeunaan hiji kajadian anu bener bener aya
atawa kajadian. Kusabab eusi warta nyaeta informasi ngeunaan kajadian anu bener-
bener aya atawa kajadian, informasi nu aya dina hiji warta sok disebut oge
informasi faktual.
b. Khutbah
Nyaeta biantara ngenaan agama, khususna agama Islam anu dilakukan dina
sholat Jum'at, sholat Idul Fitri jeung sholat Idul Adha. Isi khutbah nyaeta ajakan
pikeun ningkatkeun kaimanan jeung katakwaan ka Allah SWT. Jelema anu
ngalakukeun khutbah teh disebutna khatib. Kagiatan khutbah awalna dilakukan ku
nabi umat Islam, nabi Muhammad SAW.
c. Wacana pedaran
Nyaeta karangan anu asup kanu kana karangan eksposisi, nyaeta karangan
anu eusina ngajentrekeun atawa nerangkeun hiji perkara, kumaha prosesna,
tujuanana pikeun ngajembaran pangarewuh hiji jalma. Conto pedaran nyaeta:
Tangkal nu ngarambat, cara miara lauk emas, cara nyieun boneka, cara melak
cengek jste. Jenis karangan teh rupi-rupi, diantarana deskripsi, argumentasi, narasi,
jeung eksposisi.

2.7 Tahap-tahap Nulis


Tahap nulis teh aya dua. Kahiji, tahap nandeskeun ide. Kadua, tahap nuliskeun ide.

a. Tahap Nandeskeun Ide


Dina ieu tahap aya lima lengkah anu kudu digarap.
1) Milih topik
Topik nyaeta bahan picariteun, bahan tuliskeuneun.
2) Nangtukeun topik nu spesipik
Supaya topik nu dipilih ulah lega teuing ambahanana. Aya sawatara cara anu bisa
dipake. Eta cara teh bisa disingget jadi PUSAT-B.
-P (ungsi) ngan dicaritakeun fungsina

-U (ntung rugina) ngan dicaritakeun untung rugina, hade gorengna


-S (ajarah) ngan dicaritakeun teh sajarah, asal usul riwayat, kasang
tukang, sabab musababna wungkul.
-A (ya) ngan dicaritakeun teh kaayaanana, faktana wungkul
10
-T(ipe) ngan dicaritakeun teh tipena wungkul.
B (ener henteuna) ngan dicaritakeun teh bener henteuna wungkul.
3) Nangtukeun tujuan jeung \vangun karangan
Tujuan ngarang teh aya tilu rupa:
(1) mere nyaho/informasi ka nu macana
2) ngahudang rasa ka nu macana
(3) mere nyaho jeung pikeun ngahudang rasa ka nu macana.
Lamun tujuan ngarang pikeun ngahudang rasa ka nu macana nu cocog teh
upamana wae esei, ulasan, laporan, jste. Upama tujuanana ngahudang rasa, wangun
karanganana bisa carpon, sajak, novel, jste. Tapi, lamun tujuanana campuran,
wangun .karangan nu cocog bisa biografi atawa otobiografi.
4) Nangtukeun aprroach atawa pamarekan
Dina nulis bisa digunakeun pamarekan faktual atawa pamarekan imajinatif atawa
bisa bae campuran faktual-imajinatif.
5) Nyieun rangkay karangan
Rangkay karangan nu umum ngawengku bubuka, eusi, jeung panutup.

11
b. Tahap nuliskeun ide
Aya opat hal nu kudu dipilampah dina tahap nuliskeun ide.
(1) Kudu bisa ngamimitian nulis
Aya pituduh pikeun ngagampangkeun ngamimitian nulis. Eta pituduh teh
disinggetjadi TOP KUAT.
T (esis) ; mimiti nulis ku cara ngebrehkeun tesis, pamanggih.

O (mongan); mimiti nulis dibuka ku omongan, dialog, paguneman.P (aripolah);


mimiti nulis dibuka ku paripolah, tingkah laku, action.

K (uriositas); mimiti nulis nyodorkeun hal-hal anu matak ngahudang kapanasaran.U


(ngkapan); mimiti nulis ku ngebrehkeun ungkapan, babasan, atawa paribasa.
A (nekdot); mimiti nulis ku cara ngebrehkeun anekdot, kutipan pangalaman.
T (anya), mimiti nulis ku cara nyodorkeun pertanyaan

(2) Nu nulis kudu maher ngawangun paragraf


Paragraf mangrupa wangun basa nu leuwih lega batan kalimah. Ku kituna,
biasana paragraf diwangun ku sawatara kalimah. Kalimah-kalimah dina hiji paragraf
kudu mangrupa beungkeutan anu gembleng, nu silih lengkepan enggoning ngebrehkeun
hiji poko pikiran.
(3) Nu nulis kudu parigel mungkaskeun karangan
Sanggeus paragrag-paragraf disusun, nu nulis dipiharep mungkaskeun
karanganana. Aya sawatara cara mungkaskeunkarangan, di antarana: paragraf
pamungkas mangrupa ringkesan ide-ide poko atawa argumen-argumen nu geus
disodorkeun paragraf pamungkas mangrupa ebrehan harepan pangarang. paragrap
pamungkas mangrupa klimaks (upama nu ditulis mangrupa carita). paragraf pamungkas
mangrupa kalimat anu ngebrehkeun yen eta pagawean teh geus rengse (lamun
karangan paparan)
(4) Nu nulis tapis nyieun judul
Judul mangrupa titel, label, merk atawa ngaran karangan. Ku kituna, judul
karangan teh kudu ngahudang kapanasaran ka nu maca. Lian ti eta, judul tehkudu
singget tur eces deuih.

12
BAB III
PANUTUP

3.1 Kacindekan
Bahasa sunda nyaeta bahasa indung anu kudu dilestarikeun, komo di zaman kiwari
urang sunda tos seueur nu hilap atawa tara ngagunakeun bahasa sunda, boh di kahirupan
sahari-hari atawa di acara-acara. Nulis mangrupa hiji kaparigelan basa anu digunakeun
pikeun komunikasi sacara teu langsung. leu kagiatan nulis teh kacida pentingna pikeun
dunyaatikan, sabab ku nulis bisa mantuan siswa mikir kritis, bisa ngagam-pangkeun
matalikeun hubungan-hubungan, bisa nimbulkeun ayana daya persepsi nu jero, bisa
ngungkulan pasualan-pasualan anu keur disanghareupan, sarta bisa nyusun
sauntuyan pangalaman. Tulisan teh dibagi 2 nyaeta fiksi jeung non-fiksi. Dina ngajieun
tulisan ge aya tahap-tahapna, nyaeta tahap nandeskeun ide jeung tahap nuliskeun ide.
Kaparigelan nulis teu bisa dicangkem secara otomatis, tapi kudu ngaliwatan latihan
jeung loba praktek. Salaku generasi ayeuna, urang kudu ngajaga basa sinareng budaya
urang, supados angger lestari na bahasa&budaya pikeun generasi saljengna

13
DAFTAR PUSTAKA

Sirdianti.com(2018,09 Februari). Pengertian Pedaran dalam Bahasa Sunda. Diakses pada 9


Maret 2021, dari https://www.sridianti.com/pengertian-pedaran-dalam-bahasa-sunda.html
Draft-ku.blogspot.com(2011,07 Desember). Definisi Prosa. Diakses pada 9 Maret 2021, dari
http://draft-ku.blogspot.com/2011/12/definisi-prosa.html
ajarsunda.blogspot.com(2017,01 Oktober). Pengertian Carpon. Diakses pada 09 Maret 2021,
dari https://ajarsunda.blogspot.com/2017/10/carpon.html

adejuve.wordpess.com(2012,25 September). Novel Sunda. Diakses pada 09 Maret 2021, dari


https://adejuve.wordpress.com/2012/09/25/novel-sunda/

ekarhamad.blogspot.com(2014,01 Juni). Naon Anu Dimaksud Dongeng The. Diakses pada


09 Maret 2021, dari http://ekarhamad.blogspot.com/2014/06/naon-anu-dimaksud-dongeng-
teh.html
su.m.wikipedia.org(2017,15 Nopember). Mantra Sunda. Diakses pada 09 Maret 2012, dari
https://su.m.wikipedia.org/wiki/Mantra_Sunda

bankposting.nlogspot.com(2015). Pengertian Carita Pantun Atawa Lalakon. Diakses pada 09


Maret 2012, dari http://bankposting.blogspot.com/2018/03/pengertian-carita-pantun-atawa-
lalakon.html?m=1

su.m.wikipedia.org (2019,14 Oktober). Sisindiran. Diakses pada 09 Maret 2021, dari


https://su.m.wikipedia.org/wiki/Sisindiran

gelarpangestu.blogspot.com(2017,02 April). Pupuh Sunda Guru Lagu Jeung Guru. Diakses


pada 09 Maret 2021, dari https://gelarpangestu.blogspot.com/2017/04/17-pupuh-sunda-guru-
lagu-jeung-guru.html?m=1
su.m.wikipedia.org(2019,08 Oktober). Kawih. Diakses pada 09 Maret 2021, dari
https://su.m.wikipedia.org/wiki/Kawih

su.m.wikipedia.org(2018,29 Juni). Fiksi. Diakses pada 09 Maret 2021, dari


https://su.m.wikipedia.org/wiki/Fiksi

14

Anda mungkin juga menyukai