Anda di halaman 1dari 2

WAWANCARA DI LEMBUR SINDANG MULYA

OKTAVIA : Assalamu’alaikum W.W, Ibu hapunten ngawagel waktosna.


IBU SRI : Wa’alaikumussalam W.W, mangga, badé aya pikersaeun naon Neng?
OKTAVIA : Ibu abdi saparakanca dongkap kadieu, badé geugeulis panon, manawi Ibu
uninga, lembur ieu bet disebat Sindang Mulya? Kinten kinten naon
kasang tukangna?
IBU SRI : Sakaterang Ibu, dongéng ti para sesepuh lembur , asal muasalna lembur
ieu téh rawa namina Babakan Keuyeup.
FADIL : Ibu uninga saha inohong di lembur ieu anu ngawitan ngarobih nami
lembur téh
IBU SRI : Anu janten kekentong di lembur ieu namina Abah Aceng (ramana ibu
Liah)
LIVINA : Dupi asal muasalna nami lembur Babakan keuyeup téh bet janten lembur
Sindang Mulya ?
IBU SRI : Ngawitanna mah lembur ieu téh rawa, anu seueur keuyeup. Nanging teu
aya warga anu nyicingan lembur, sapada harita Abah aya émutan hoyong
ngawangun sasaungan di sabudeureun rawa, Abah terus nyieun saung
jeung salah sahiji dulurna anu rék milu nyawah, harita hasil nyawahna
alhamdulillah kabeneran alus kalayan mucekil , ngarasa Abah urang
sunda. Abah boga pamadegan rék ngarobah Babakan Keuyeup jadi Sari
Lamping, anu ahirna Abah ogé pindah imah ka wewengkon Sari
Lamping, heubeul ti heubeul, loba jalma ngawangun imah di Désa Sari
Lamping, jeung kapikiran deui ku Abah sabab beuki lila –beuki lila ,loba
nu nyieun imah di eta lembur. Anu ahirna ngaran désa Sari Lamping
diganti deui jadi Sindang Mulya. Sabab musababna ka eta lembur
nambahan gegek ku warga anu satadina ngadon sarindang. Tah
sapamendak Ibu mah kitu asal muasalna ieu lembur dingaranan Sindang
Mulya.
TASYA : Dupi lembur ieu lebet ka wewengkon mana?
IBU SRI : Asal muasalna mah Deukeut lembur Sindang Sari, anu kaasupna Désa
Cukanggenténg, Kacamatan Pasirjambu.
FITRI : Ti ngawitan iraha lembur ieu robih janten Sindang Mulya?
IBU SRI : Sakaterang Ibu antawis tahun 2005, tug dugi ka kiwari
ADILLA : Ibu hatur nuhun kana rupining rundayan kasang tukangna lembur
Sindang Mulya, atuh abdi sadaya neda sih hapunten parantos
ngawagel waktosna. Wassalamu’alaikum W.W
IBU SRI : Wa’alaikumussalam W.W. sawangsulna.

Cag.

--------------- X IPS – 2 ---------------

Disusun ku:

OKTAVIA RAMADANI
FITRI LINDRIYANI
ADILLA SALSABILA
TASYA NURAJIZAH
LIVINA SITI PATIMAH
FADIL REXA
RIO DESTA

Anda mungkin juga menyukai