Anda di halaman 1dari 1

Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, Langkung ti payun Nepangkeun, sim kuring wasta Nifa.

Ibu ,Bapak dina danget ieu sim kuring bade midangkeun dongeng tatar sunda anu aya di wewengkon

Kacamatan Campaka kalayan judul Meong Gunung Beser. sumangga urang kawitan.....

Ibu, Bapa Gunung Beser teh nyaeta hiji gunung nu aya diwewengkon Desa Sukadana sareng Desa

Campaka. Saur para sepuh diantawisna Aki Enam, Gunung Beser teh Gunung Istrina sedengkeun gunung

pamegetna nyaeta Gunung Gede.

Disebut gunung Beser teh pedah lamun hujan turun teh sok pang heulana hujan. Dina Taun 2009 aya

kajadian, kacaritakeun aya tukang dagang remis ngider make roda ti sukadana jeung sabudeureunana. Keur

anteng ngadodorong roda, ngadadak ti tonggoheun rungkun awi ngajanteng nini-nini megat bari nyalukan..

Nini : “ jang, Ujang Kadieu ema meuli Remis,?” (ceuk si nini ka tukang remis)

Tukang Remis : “ Mangga Ema, Bade Sabarahaeun?”

Nini : “Aya Sabarahaeun deui kitu jang…??”

Tukang Remis : “Ah Paling ge Lima belas Rebueun ma…”

Nini : “Sok we ku ema dibeuli kabehana, pangwadahankeun we jang”

Tukang Remis :” Enya Manggga, ma…”

Nini : “Ieu jang artosna “ (ceuk si nini..)

Tukang Remis :”oh nya ma, ieu angsulanana ”

Nini : “keur ujang we, pulangana mah jang”

Tukang Remis :”Oh nya nuhun atuh ma”

Bari ngamanggakeun ka si nini, tuluy tukang remis ngadorong roda deui, kira-kira 5 meter reg tukang remis

euereun heula, panasaran rek nanyakeun ka si nini nu tadi ngajanteng handapeun rungkun awi teh, barang

dilieuk teu aya jirim-jirimna acan, malah nu kadenge aya sora kokorosakan, gigireun rungkun awi teh..

Puguh we tukang remis banget reuwaseunana, buru-buru manehanana ngadorong roda remisna, hayang buru-

buru nepi ka imahna. Barang anjog ka imahna, tukang remis ngitung beubeunangan dagang remis, pas ditingali

dina laci rodana, katingali duit campur jeung dangadaunan anu garing.

Saba’da kajadian eta tukang remis ngarasa panasaran, dirina nyoba tatanya ka kiyai anu ngarti kana elmu

hikmah, barang nepi ka tempat anu dituju sarta panggih jeung kiyai, terus eta tukang remis nanyakeun…

Tukang Remis :”pa kiyai, dinten kamari teh abdi icalan remis pas palebah rungkun awi anu hieum palih

ditu aya nini-nini anu ngagaleuh remis abdi, ngawitan mah teu seueur curiga nanaon,

pas abdi dugi ka bumi, kekengengan icalan dietang, pas ditingal teh artos campur

sareng daun garing, pa kiyai ”

Pa kiyai : “ oh eta teh jang sabenerna mah meong ngarupakeun nini-nini, tapi da moal nanaon,

malahan mah menurut panarawangan Bapak eta teh rek mere milik kadidinya jang”

Tukang Remis : Oh nya amiin atuh mudah-mudahan we atuh pa kiyai…

Saminggu ti saprak kajadian, si tukang remis anu pacabakanana kana dagang remis, aya anu ngajak gawe ka

kota sarta dibere pagawean anu genah tur gaji anu gede.

Rupina sakitu anu tiasa kapihatur kirang langkungna nyuhunkeun dihapunten..

Wassalamu’ alaikum Wr.Wb

By SDN Margasari

Anda mungkin juga menyukai