Anda di halaman 1dari 6

‫‪KHUTBAH JUMAT‬‬

‫)‪DMDI (DEWAN MASJID DIGITAL INDONESIA‬‬


‫‪https://seruanmasjid.com‬‬
‫‪Versi Bahasa Sunda‬‬

‫‪PAMINGPIN TÉH WAJIB‬‬


‫‪DITA’ATAN JEUNG DINASÉHATAN‬‬
‫‪KHUTBAH KAHIJI‬‬

‫إَّن اْلَحْم َد ِهَّلِل‪َ ,‬نْح َم ُد ُه‪َ ,‬و َنْسَتِع يُنُه‪َ ,‬و َنْسَتْغ ِفُر ُه‪َ ,‬و َنُعوُذ ِباِهَّلل ِم ْن‬
‫ُش ُروِر َأْنُفِس َنا‪َ ,‬و َس ِّيَئاِت َأْع َم اِلَناَم ْن َيْهِدِه ُهَّللا َفَال ُمِض َّل َل ُه‪,‬‬
‫َو َم ْن ُيْض ِلْل َفَال َه اِدَي َل ُه‪َ,‬أْش َهُد َأْن َال ِاَل َه ِاَّال ُهللا َو ْح َد ُه‬
‫اَل َش ِرْيَك َلُه‪َ ،‬ش َهاَد َة َم ْن ُهَو َخ ْيٌر َّم َقاًم ا َو َأْح َس ُن َنِد ًّيا‪َ .‬و َأْش َهُد‬
‫َأَّن َس ِّيَد َنا مَحَّم ًد ا َع ْبُد ُه َو َر ُس ْو ُلُه اْلُم َّتِص ُف ِباْلَم َك اِر ِم ِكَب اًرا‬
‫َو َص ِبًّيا‪َ .‬الَّلُهَّم َفَص ِّل َو َس ِّلْم َع َلى َس ِّيِد َنا ُمَحَّم ٍد َك اَن َص اِد َق‬
‫اْلَو ْع ِد َو َك اَن َر ُس ْو ًال َنِبًّي ا‪َ ،‬و َع َلى آِل ِه َو َص ْح ِبِه اَّل ِذ ْيَن‬
‫ُيْح ِس ُنْو َن ِإْس َالَم ُهْم َو َلْم َيْفَع ُلْو ا َش ْيًئا َفِرًّيا‪َ ،‬أَّم ا َبْع ُد ‪،‬‬
‫َفَيا َأُّيَها اْلَح اِض ُر ْو َن َرِح َم ُك ُم ُهللا‪ُ ،‬اْو ِص ْيِنْي َنْفِس ْي َو ِإَّي اُك ْم‬
‫ِبَتْقَو ى ِهللا‪َ ،‬فَقْد َفاَز اْلُم َّتُقْو َن ‪.‬‬
‫َقاَل ُهللا َتَع اَلى ‪:‬‬
‫َو َتَّم ْت َك ِلَم ُت َر ِّب َك ِص ْد ًقا َّوَع ْد ۗاًل اَل ُم َب ِّد َل ِلَك ِلٰم ِت ٖه ۚ َو ُه َو‬
‫الَّس ِم ْيُع اْلَعِلْيُم‬
‫‪Geus sampurna kalimah Pangéran anjeun (Al-Qur’an) kalawan (ngandung) bebeneran jeung‬‬
‫‪kaadilan. Teu aya (saurang ogé) anu bisa ngarobah kalimah-kalimah-Na. Mantena Maha Ngadangu‬‬
‫‪ogé Maha Uninga (QS Al-An’am [6]: 115).‬‬

‫‪Alhamdulillah, saéstuna Mantena pisan anu parantos maparin rizki satiap waktu‬‬
‫‪ka sadaya makhluk di luhureun ieu bumi, kalebet urang sadaya, kalawan urang‬‬
‫‪1‬‬
KHUTBAH JUMAT
DMDI (DEWAN MASJID DIGITAL INDONESIA)
https://seruanmasjid.com
Versi Bahasa Sunda

sadaya teu nyuhunkeun. Sholawat miwah salam kawilujengan mudah-mudahan


salamina dicurahlimpahkeun ka panutan alam Rosululloh Muhammad
shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka kulawargina, para shohabatna,
tabi’in, tabi’ut tabi’in sareng sadaya umatna anu istiqomah nikreuh ngeureuyeuh
ngalaksanakeun sareng merjoangkeun Islam dugika akhir zaman.

Hayu urang terus usaha satékah polah ningkatkeun katakwaan urang ka Alloh
kucara nerapkeun sakabéh syaré’at Islam, naha anu patula-patali jeung urusan
pribadi, masyarakat, arawa nagara. Haram hukumna urang sadaya mulah-milih
syaré’at Islam sakahayang hawa nafsu urang. Nu genah dilaksanakeun, anu teu
nguntungkeun ditinggalkeun.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:

‫ٰٓيَاُّيَه ا اَّل ِذ ْيَن ٰا َم ُن ْٓو ا َاِط ْيُع وا َهّٰللا َو َاِط ْيُع وا الَّرُس ْو َل َو ُاوِلى‬
‫اَاْلْم ِر ِم ْنُك ْۚم‬
Yeuh jalma-jalma anu ariman, prak geura tara’at aranjeun ka Alloh, jeung
ta’atan ka Rosul sarta ulil amri (pamingpin) aranjeun (TQS an-Nisa’ [4]: 59).

Ayat ieu sering diarahkeun ka rahayat supaya na’atan pamingpin atawa


pangawasa maranéhna. Rahayat teu meunang ngabangkang kana panitah
pangawasana, naon baé paréntah éta pangawasa. Pasualanana, naha bener
saperti kitu?

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Hayu ku urang sadaya urang tingal pendapat para ulama ngeunaan éta ayat.
Imam Abu Zahroh nyebatkeun, sabagéan ulama ngabogaan pendapat yén ulil
amri téh nyaéta para ulama ahli fiqih anu mampuh ngaguar hukum. Anapon
nurutkeun mayoritas ulama, ulil amri téh para pangawasa (al-hukkaam) jeung
ahlul halli wa ‘aqdi, tapina aya dua catetan: (1) salila maranéhna Mu’min,
hartina lain pangawasa kafir; (2) salila maranéhna ta’at ka Alloh jeung Rosul-
Nya, anu miboga tanda ku cara nanjeurkeun kaadilan jeung teu ngalanggar
hukum-hukum-Na (Tingal: Abu Zahroh, Zahroh at-Tafaasiir, hlm 1727-
1728).

2
KHUTBAH JUMAT
DMDI (DEWAN MASJID DIGITAL INDONESIA)
https://seruanmasjid.com
Versi Bahasa Sunda

Kukituna ulil amri anu wajib dita’atan dina pamahaman syaré’at (mafhuum
syar’i) lain sambarangan pangawasa, anging pangawasa anu ngabogaan dua
kriteria utama, nyaéta: (1) Mu’min; (2) nanjeurkeun hukum-hukum Alloh
subhanahu wa ta’ala atawa salilana ngait jeung syaré’at-Na. Anu siga kieu ulil
amri anu bener.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Bener yén pamingpin atawa pangawasa téh ngabogaan hak pikeun dita’atan ku
anu jadi rahayatna. Tapi inget, pamingpin ogé ngabogaan kawajiban, nyaéta
wajib mingpin rahayatna kalawan adil. Dina ayat saméméhna dina surah An-
Nisa’ 58, Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:

‫ِاَّن َهّٰللا َيْأُم ُر ُك ْم َاْن ُتَؤ ُّد وا اَاْلٰم ٰن ِت ِآٰلى َاْهِلَهۙا َو ِاَذ ا َح َك ْم ُتْم َبْيَن‬
‫الَّناِس َاْن َتْح ُك ُم ْو ا ِباْلَع ْد ِل‬
Saéstuna Alloh maréntahkeun ka aranjeun supaya masrahkeun amanah ka anu
ngabogaan hak narima éta amanah, ogé (maréntahkeun ka aranjeun) lamun
aranjeun mutuskeun hukum di tengah-tengah manusa supaya aranjeun lumaku
adil (TQS an-Nisa’ [4]: 58).

Pasualanana, pamingpin anu adil téh saperti kumaha? Pamingpin anu adil téh
nyaéta pamingpin anu mingpin dumasar kana Kitabulloh (Al-Qur’an) jeung
Sunnah Rosul-Na. Lamun henteu, dina dasarna manéhna téh nyaéta pamingpin
anu dlolim jeung faséq. Naha henteu Alloh subhanahu wa ta’ala parantos
ngadawuh:

‫ّٰظ‬ ‫ُا ٰۤل‬


‫َو َم ْن َّلْم َيْح ُك ْم ِبَم ٓا َاْنَز َل ُهّٰللا َف و ِٕىَك ُهُم ال ِلُم ْو َن‬
Sing saha baé anu teu mutuskeun hukum dumasar wahyu anu geus ku Alloh
diturunkeun, éta maranéhna téh kaom anu dlolim (TQS al-Maidah [5]: 45).

‫ٰف‬ ‫ْل‬ ‫ُا ٰۤل‬


‫َو َم ْن َّلْم َيْح ُك ْم ِبَم ٓا َاْنَز َل ُهّٰللا َف و ِٕىَك ُهُم ا ِس ْو َن‬
‫ُق‬
Sing saha baé anu teu mutuskeun hukum dumasar wahyu anu geus ku Alloh
diturunkeun, éta maranéhna téh kaom anu faséq (TQS al-Maidah [5]: 47)

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,


3
KHUTBAH JUMAT
DMDI (DEWAN MASJID DIGITAL INDONESIA)
https://seruanmasjid.com
Versi Bahasa Sunda

Ku kituna kata’atan ka pamingpin atawa pangawasa saéstuna éta téh teu mutlak.
Tetep aya watesna. Naon watesna? Taya lian salila pamingpin atawa pangawasa
ngajalankeun syaré’at-Na. Imam al-Baghowi, nalika nafsirkeun Qur’an Surah
an-Nisa ayat 59 ngeunaan kawajiban na’atan ka ulil amri, anjeuna nyutat hiji
atsar yén Imam Ali bin Abi Thalib radliyallohu anhu kantos nyarita:

‫َح ٌّق َع َلى ْاِإل َم اِم َأْن َيْح ُك َم ِبَم ا َأْن َز َل ُهللا َو ُي َؤ ِّد َي ْاَألَم اَن َة‬
‫َفِإَذ ا َفَعَل َذ ِلَك َفَح ٌّق َع لَى الَّر ِع َّيِة َأْن َيْس َم ُع ْو ا َو ُيِط ْيُع ْو ا‬
Wajib ka pamingpin/pangawasa pikeun mutuskeun sakabéh perkara sarta
hukum anu geus ku Alloh diturunkeun (nyaéta al-Qur’an jeung Sunnah) sarta
ngajalankeun amanah. Lamun pamingpin/pangawasa geus ngalakukeun hal
saperti kitu, wajib ka rahayat pikeun ngadéngé jeung ta’at (Al-Baghowi,
Ma’aalim at-Tanziil, 2/240).

Ieu sajalan sareng dawuhan Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam:

‫َو َلْو اْس ُتْع ِمَل َع َلْيُك ْم َع ْبٌد َحَبِش ٌّي َيُقوُد ُك ْم ِبِكَتاِب ِهَّللا َفاْس َم ُعوا‬
‫َلُه َو َأِط يُعوا‬
Lamun seug mah anu diangkat jadi pamingpin aranjeun teh nyaéta saurang
budak hideung Habasy, tapi manéhna mingpin aranjeun ku Kitabulloh, mangka
kudu didéngé jeung prak ta’atan manéhna (HR an-Nasa’i).

Kukituna pamingpin atawa pangawasa mémang boga hak pikeun dita’atan ku


rahayatna. Tapi, manéhna ogé boga kawajiban pikeun mingpin rahayatna ku
Kitabulloh.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Geus waktuna para ulama teu ngan sakadar ngingetan rahayat supaya ta’at ka
pangawasa, tapi mépélingan ogé pemimpin atawa pangawasa supaya mingpin
ieu rahayat ku Kitabulloh (Al-Qur’an).
Nyaéta kucara nerapkeun jeung nanjeurkeun syaré’at Islam kalawan
sagemblengna (kaffah) dina sakabéh aspé kahirupan.

4
‫‪KHUTBAH JUMAT‬‬
‫)‪DMDI (DEWAN MASJID DIGITAL INDONESIA‬‬
‫‪https://seruanmasjid.com‬‬
‫‪Versi Bahasa Sunda‬‬

‫‪Insya Alloh, pangawasa anu adil, anu nerapkeun syaré’at Islam bakal‬‬
‫‪dituturkeun ku rahayat. Dipénta atawa teu dipénta. Mangka geus waktuna para‬‬
‫‪ulama jeung umat ieu nganaséhatan pangawasa supaya ta’at ka Alloh. Ulah‬‬
‫‪nyumputkeun bebeneran, komo deui uah-aéh hayang kapaké, lélétak ka‬‬
‫‪pangawasa. Ulama sajati moal pernah mopohokeun dawuhan Panutanana‬‬
‫‪Rosululloh shallallahu ‘alaihi wa sallam:‬‬

‫َأْفَض ُل اْلِج َهاِد َك ِلَم ُة َح ٍّق ِع ْنَد ُس ْلَطاٍن َج اِئٍر‬


‫‪Jihad anu pang utamana nyaéta nepikeun bebeneran di hareupeun pangawasa‬‬
‫][ ‪anu dlolim (HR an-Nasa’i, Ibnu Majah sareng Ahmad).‬‬

‫َباَر َك هللا ِلي َو َلُك ْم ِفى ْالُقْر آِن ْالَعِظ ْيِم ‪َ ،‬و َنَفَعِني َو ِإَّياُك ْم ِبَم اِفْيِه ِم َن‬
‫اآْل َياِت َو الِّذ ْك ِر اْلَحِكيِم َو َتَقَّب َل ُهللا ِم َّن ا َو ِم ْنُك ْم ِتَالَو َت ُه َو ِإَّن ُه ُه َو‬
‫الَّس ِم ْيُع الَعِلْيُم ‪َ ،‬و َأُق ْو ُل َق ْو ِلي َه َذ ا َفأْس َتْغ ِفُر َهللا الَعِظ ْيَم ِإَّن ُه ُه َو‬
‫الَغ ُفْو ُر الَّر ِح ْيم‬
‫‪KHUTBAH II‬‬

‫َاْلَحْم ُد ِهلل َع لَى ِإْح َس اِنِه َو الُّشْك ُر َلُه َع لَى َتْو ِفْيِقِه َو ِاْمِتَناِنِه‪َ .‬و َأْش َهُد‬
‫َأْن َال ِاَلَه ِإَّال ُهللا َو ُهللا َو ْح َد ُه َال َش ِر ْيَك َلُه َو َأْش َهُد أَّن َس ِّيَد َنا ُمَحَّم ًد ا‬
‫َع ْب ُد ُه َو َر ُس ْو ُلُه الَّد اِع ى إلَى ِر ْض َو اِنِه‪ .‬اللُهَّم َص ِّل َع َلى َس ِّيِد َنا‬
‫ُمَحَّم ٍد ِوَع َلى َاِلِه َو َأْص َح اِبِه َو َس ِّلْم َتْس ِلْيًم ا ِكثْيًرا‬
‫َأَّم ا َبْع ُد َفي"َا َاُّيَه ا الَّن اُس ِاَّتُقواَهللا ِفْيَم ا َأَم َر َو اْنَتُه ْو ا َع َّم ا َنَهى‬
‫َو اْع َلُم ْو ا َأَّن َهللا َأَم َر ُك ْم ِب َأْم ٍر َب َد َأ ِفْي ِه ِبَنْفِس ِه َو َثـَنى ِبَم آل ِئَك ِت ِه‬
‫اْلُم َس ِّبَحِة ِبُقْد ِس ِه َو َق اَل َتعَاَلى ِإَّن َهللا َو َم آلِئَكَت ُه ُيَص ُّلْو َن َع لَى‬
‫الَّنِبى يآ َاُّيَها اَّلِذ ْيَن آَم ُنْو ا َص ُّلْو ا َع َلْيِه َو َس ِّلُم ْو ا َتْس ِلْيًم ا‪ .‬اللُهَّم َص ِّل‬
‫َع َلى َس ِّيِد َنا ُمَحَّم ٍد َص َّلى ُهللا َع َلْيِه َو َس ِّلْم َو َع َلى آِل َس ِّيِد نَا ُمَحَّم ٍد‬
‫َو َع َلى َاْنِبيآِئ َك َو ُرُس ِلَك َو َم آلِئَك ِة ْالُم َق َّر ِبْيَن َو اْر َض الّلُهَّم َع ِن‬
‫ْالُخَلَف اِء الَّراِش ِد ْيَن َأِبى َبْك ٍر َو ُع َم ر َو ُع ْثَم ان َو َع لي َو َع ْن َبِقَّي ِة‬
‫‪5‬‬
‫‪KHUTBAH JUMAT‬‬
‫)‪DMDI (DEWAN MASJID DIGITAL INDONESIA‬‬
‫‪https://seruanmasjid.com‬‬
‫‪Versi Bahasa Sunda‬‬

‫الَّص َح اَبِة َو الَّتاِبِع ْيَن َو َتاِبِع ي الَّتاِبِع ْيَن َلُهْم ِبِاْح َس اٍن ِاَلى َيْو ِم الِّدْيِن‬
‫َو اْر َض َع َّنا َم َع ُهْم ِبَر ْح َم ِتَك َيا َأْر َح َم الَّراِح ِم ْيَن‬
‫َاللُهَّم اْغ ِف ْر ِلْلُم ْؤ ِمِنْيَن َو ْالُم ْؤ ِم َن اِت َو ْالُم ْس ِلِم ْيَن َو ْالُم ْس ِلَم اِت‬
‫َاَالْح ي""آء ِم ْنُهْم َو ْاَالْم َو اِت اللُهَّم َأِع َّز ْاِإل ْس َالَم َو ْالُم ْس ِلِم ْيَن َو َأِذ َّل‬
‫الِّش ْر َك َو ْالُم ْش ِر ِكْيَن َو اْنُص ْر ِع َب اَدَك ْالُم َو ِّح ِد ْيَن َو اْنُص ْر َم ْن‬
‫َنَصَر الِّدْيَن َو اْخ ُذ ْل َم ْن َخ َذ َل ْالُم ْس ِلِم ْيَن َو َد ِّم ْر َأْع َد اَء الِّدْيِن‬
‫َو اْع ِل َك ِلَم اِت َك ِإَلى َي ْو ِم الِّدْيِن ‪ .‬اللُهَّم اْدَف ْع َع َّن ا ْالَبَالَء َو ْالَو َب اَء‬
‫َو الَّز َالِز َل َو ْالِمَح َن َو ُس ْو َء ْالِفْتَن ِة َو ْالِمَح َن َم ا َظَه َر ِم ْنَه ا َو َم ا‬
‫َبَطَن َع ْن َبَلِد َنا ِاْنُد وِنْيِس َّيا خآَّص ًة َو َس اِئِر ْالُبْلَد اِن ْالُم ْس ِلِم ْيَن عآَّم ًة‬
‫َيا َر َّب ْالَع اَلِم ْيَن ‪َ .‬ر َّبَنا آِتنَا ِفى الُّد ْنَيا َحَس َنًة َو ِفى ْاآلِخ َرِة َحَس َنًة‬
‫َو ِقَنا َع َذ اَب الَّناِر ‪َ .‬ر َّبَنا َظَلْم َنا َاْنُفَس َنا َو اإْن َلْم َتْغ ِفْر َلَن ا َو َتْر َحْم َن ا‬
‫َلَنُك ْو َنَّن ِم َن ْالَخ اِس ِر ْيَن ‪.‬‬

‫ِعَباَد ِهللا ! ِإَّن َهللا َيْأُم ُر ِبْالَع ْد ِل َو ْاِإل ْح َس اِن َو ِإْيتآِء ِذ ي ْالُق ْر بَى‬
‫َو َيْنَهى َع ِن ْالَفْح شآِء َو ْالُم ْنَك ِر َو ْالَبْغ ي َيِع ُظُك ْم َلَع َّلُك ْم َت َذ َّك ُر ْو َن‬
‫َو اْذ ُك ُروا َهللا ْالَعِظ ْيَم َيْذ ُك ْر ُك ْم َو اْش ُك ُر ْو ُه َع لَى ِنَعِمِه َيِز ْد ُك ْم َو َلِذ ْك ُر‬
‫ِهللا َأْك َبْر‬

‫‪6‬‬

Anda mungkin juga menyukai