Anda di halaman 1dari 4

pupuh sunda

1. Pupuh Asmarandana

Watek Pupuh:

Ngagambarkeun rasa kadeudeuh, kaasih sareng kanyaah

PIWURUK SEPUH

Laras Salendro

Pupuh Asmarandana

Ngariung di tengah bumi

Pun biang sareng Pun Bapa

Jisim Abdi diuk mando

Husu ngupingkeun pituah

Piwejang ti anjeunna

Pituduh laku rahayu

Piwejang sangkan Waluya

Guru Wilangan/ Guru Lagu

81, 8a, 8o/e, 8i/a, 7i/a, 8u, 8a

Padalisan: 7

2. Pupuh Balakbak

Watek Pupuh:

Ngagambarkeun heureuy atanapi banyol tapi bari sopan

DAYEUH BANDUNG
Laras Madenda

Pupuh Balakbak

Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame, araheng

Gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna, alagreng

Tutumakan-tutumpakan balawiri lalar-liwat, garandeng

Guru wilangan/ Guru lagu:

12+3e, 12+3e, 12+3e

Padalisan: 3

3. Pupuh Dangdanggula

Watek Pupuh:

Ngagambarkeun kabungahan sareng kasugemaan

MILANG KALA

Laras Mataraman

Pupuh Dangdanggula

Dinten ieu estu bingah ati

Ku jalaran panceg milang kala

Kenging kurnia ti Alloh

Rehing nambihan umur

Tepung taun umur sim Abdi

Heunteu weleh neneda

Ka Gusti nu Agung
Malar umur teh mangpaat

Tebih bahla turta pinarinan rijki

Sumujud ka Pangeran

Guru Wilangan/ Guru Lagu:

10i, 10a, 8e/o, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a

Padalisan 10

4. Pupuh Durma

Watek Pupuh:

Ngagambarkeun nu gede harepan

LEMAH CAI

Laras Pelog

Pupuh Durma

Nagri urang katelah Indonesia

Di riksa tur di jaring

Sumirat komarana

Berkahna Pancasila

Ageman eusining nagri

Yu sauyunan

Ngawangun lemah cai

Guru wilangan/ Guru lagu:

12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7i


Padalisan: 7

5. Pupuh Gambuh

Watek Pupuh:

Ngagambarkeun kanyeri, kasusah, kasedih

KADUHUNG

Laras Pelog

Pupuh Gambuh

Kaduhung sagede gunung

Kuring sakola teu jucung

Lalawora resep ulin

Hanjakal tara ti heula

Ayeuna kari peurihna

Guru wilangan/ Guru lagu:

8u, 8u, 8i, 7a, 8a/u, 8a/0

Padalisan: 5

Anda mungkin juga menyukai