Anda di halaman 1dari 4

Tugas Basa Sunda

Nulis Carpon
Judul Carpon : “KASIEUN HATE”
Jejer : Kahirupan anu pakait jeung agama

Disusun ku : Mezzandi Anggrian

Kela : Xl IPA-8

SMA Negeri 6 Garut

Tahun Ajaran 2016 – 2017


Wasta : Mezandi Anggrian

Kelas : XI – IPA 8

KASIEUN HATE
Harita hiji poe kuring ngalaman hiji kajadian anu mahiwal jeung pangalaman lainna, kajadiaan
eta hese dipohokeun nepikeun kiwari. Kuring harita nincak umur 15 taun nu dimana umur sakitu mh
meujeuhna hese digeunggeureuhkeun kusasaha, nu ngulibek dina pikiran teh ngan saukur ulin,
raramean tara mikirkeun kasusah sejenna.
Jam 12 beurang bel sakola disada nu hartina geus waktuna sakabeh murid rengse diajarna, bet
keur panas mentrang tengah poe ereng-erengan oge angger waktu ulin mah moal dipohokeun. Bada
ashar kuring karek balik, barang datang diimah pun biang mah taya eureunna mere kanyaah keur kuring
anjeunna nitah kuring gera dahar.
Mimiti poe eta dina hate kuring teh asa teu ngeunah, asa teu puguh rarasaan, kuring mikirna
yen lamun rarasaan kieu teh sok sieun aya kajadian aneh. Putusan kuring ayeuna ngan hiji nyaeta ulah
kamamana lamun teu hayang aya kajadian nanaon. Tapi keur kitu dina pikiran kuring loba pertanyaan
“Naha kuring bet ulah kamamana? Emang yakin bakal kajadian lalampahan aneh?” kuring terus nanya ka
diri sorangan.
Kuring ngalamun pikiran teh asa dikukuntit ku karempan jeung baluweng “Poe ayeuna asa teu
juga biasana, naha aya naon?” mukakeun kakeuhel kuring dina poe ayeuna. Ret ninggali jam karek jam 4
leuwih nu biasaana wayah kieu mah kuring sok menbal kalapang. Keur kitu daripada dipikiran kuring
nyokot putusan mending oge sare, kuring lumpat ka kamar brug kanu kasur teu kungsi lila kuring
nundutan nu ahirna kasarean
Teu lila didinya karek ge sababaraha menit jol teh aya nu ngagedor panto kamar “Saha? Rek
naon?” gerewek kuring sabari satengah inget satengah henteu, kuring cengkat rek muka panto bari
jeung keur lulungu, bray dibuka ari pek teh euweuh sasaha, kuring mikirna berarti tadi mah ngan saukur
dedengean da soalna kuring geus cape jeung loba pikiran, gebrug deui kanu kasur kuring nuluykeun
sare.
Kitu deui oge selang sababaraha menit jug aya nu ngagedor deui, kuring mastikeun yen bisi ngan
dedengean juga tadi, tpi dipikir-pikir ieu mah bener aya nu ngagedor. Tidinya ngorejat kuring hudang
singhoreng nu tadi gegedor teh ngan saukur ngimpi. Tapi tidinya rep sora nu dirohangan kamar kuring
teh jempling ngan kadenge sora jam wungkul, bulu punduk muringkak ninggali jam nembongkeu jam 10
peuting, kuring karek sadar yen kuring teh geus sare tijam 4 sore nepi jam 10 peuting, berarti kuring
acan solat maghrib jeung isya, kuring rek solat tapi sieun kusabab harita geus muriding bulu punduk teh,
ahirna kuring milih cicing nuluykeun sare deui.
Keur jempling-jemplingna jebred teh jul aya nu muka keun panto kamar tarik sakaligus, tidinya
kuring ngejat rewasna kacida. Dua jalema ngagidig datang nyamperkeun kuring, teu nyaho saha-sahana
mah da manehna duaan teh make jubah jeung kupluk nu nutupan beungeutna. Kedewek teh eta dua
jalma nyepeng kuring, kuring di gusur teuing kamana “Tulung….tulung….mah? bapa?” kuring ngajerit
sabari hanteum di gusur. Lung teh kuring di alung poyongkeun kahiji tempat, rurat-reret sakuriling
tempat eta ngan pinuh ku jalma jalma bangun nu ngemu kasusah
Nu nyakakak, nu jumerit, nu ngagukguk ,sora gumuruh nyasaak langit. Kuring ngan bisa neuteup
maranehna nu keur susah, kuring teu bisa kukumaha da diaping kudua jalma tadi. Ret ka kenca ninggali
jalma nu di siksa aya nu di pecut, aya nu di dagorkeun, aya nu di babukan, maranehna patingjalerit bari
bolokot ku getih saawak awak manehna teu bisa kukumaha aya nu lumpat tapi teu jauh tuluy digusur
deui. Ret deui ka katuhu ninggali jalma nu keur nyiksa dirina sorangan aya nu ngaduruk dirina kanu
ruhak nu marakbak nepi ka renghek tapi jadi deui jasad segerna tuluy brus deui ngaduruk maneh, aya nu
nyacagan leungeuna ku bedog. Kuring teu luas nenjona oge kuring hayang nulungan tapi teu bisa. Kuring
nutupan panon di peureumkeun tapi kujalma nu tadi ngaping teh dipaksa kudu beunta jeung bolotot
nyaksian ieu kajadian.
Aya nu silih gebrus kanu ruhak nu marakbak, nu silih surung, nu silih jewang bari hantem teu
eureun-eureun. Maranehna sanajan kitu oge tapi angger awakna mah teu ancur-ancur katambah deui
aya para garombolan nu nyaksian ngalalajoan baturna keur disiksa bari nyakakak seuseurian, teu lila nu
seuseurian oge silih ganti nu tuluyna bakal disiksa saterusna.
Reg hareupeun kuring ngajanteng hiji jalma, katinggalina budak keneh “Tulungan kuring!”
gororowok budak eta bari nembongkeun beungeut melas. Eta budak disidik-sidik mah mirip pisan jeung
kuring, dedeganna sarua pisan. “saha anjeun teh? Naha bet menta tulung ka kuring, da ayeuna ge kuring
te bisa kukumaha ngalakonan ieu perkara.” Tanya kuring bari awak kuring dicepengan ku dua jalma tadi,
“kuring nyaeta anjeun, anjeun oge nyaeta kuring. Kuring teu bisa deui menta tulung kasasaha, ngan
saukur anjeun nu bisa nulungan kuring mh. Tulungan kami atuh…!”. Tembal budak eta bari ngasongkeun
leungeun ka kuring. “Naha bisa kitu? Kunaon bet kuring wungkul nu bisa nulungan anjeun teh?”kuring
nanya deui ka manehna. “anjeun masih keneh nanya kitu ka kami? Puguhan anjeun nu nyieun kami
disiksa kieu teh, lamun dipapatahan ku kolot sok bedegong, kawajiban nu kudu dilaksanakeun ku didinya
mah ditinggalkeun sangenahna. Nu ahirna nyieun kami disiksa saperti kieu, duhh… tobat!!” gantawang
deui anjeunna. “Ari ayeuna kuring kudu kumaha?”. “Lamun bisa mah tulungan kami, ayeuna sakedeng
deui kami bakal digebruskeun kanu itu seuneu nu ngabebela.” Manehna terus guling gasahan menta
tulung ka kuring, keur kitu jol datang dua jalma nu dedeganna sarua juga jalma nu keur ngadengkek
kuring, gep budak nu tadi di gusur rek di alung poyongkeun kanu seuneu anu ngabebela. Belewer teh
budak nu tadi di alungkeun “maneh bakal sarua ngalaman saperti kami ayeuna, maneh sakeudeung deui
bakal dialungkeun kanu seuneu. Cuaahhh!! Haram jadah!” gorowok manehna bari asup ngagebrus kanu
seuneu nu ngbebela. Nepikeun ka renghekn kuring nyaksian pisan.
Bring di hareupeun kuringdeui aya kumpulan jalma katembong lalusuh caludih, maranehna juga
nu rek nyampeurkeun kuring, manehna ngasongkeun leungeun ka kuring juga nurek menta tulung tapi
di tukangeunna aya nu ngajewangan kabehanna disiksaan deui. Kuring ngagerewek ka jalma nu ngaping
kuring “naha itu kunaon bet disiksa? Naon dosa maranehannana teh?”. Manehna ngan ngajawab
“Anjeun masih keneh nanya dosa ka kami? Tong ditanya deui perkara dosa mah, da anjeun ge bolokot
keneh keneh ku dosa. Jeung anjeun ge sarua bakal di siksa juga jalma-jalma nu aya di sakuriling didieu”.
Tidinya gep kuring dijewang tuluy dialung poyong keun kanu seuneu anu ngabebela, kuring ngoceak
menta tulung. Brus kuring asup kanu seuneu “Tulung…. Ampun paralun gusti…..!”
Korejat kuring kahudangkeun ku ngimpi tadi, awak luut-leet ku kesang, wanci sariak
nembongkeun bangun nu ngemu ka keueung sora jam kadeng jelas nunjukkeun jam 12 peuting, tidinya
hate sieun ngoceak pisan, keclak cipanon kaluar dina mata kuring, kuring sieun pisan lamun ngimpi tadi
kajadian teu kabayang pisan peurihna siksaan nu maha kawasa.
Kaharti pisan dina kaayaan kitu Allah mere kanyaahna jeung peringatan ka kuring
“Alhamdulillah… hatur nuhun gusti parantos masihan kanyaah ka kuring” ucap kuring bari dumareda , ,
kuring meunang pangalaman gede pisan masing ngan saukur dina ngimpi oge tapi panngalaman ieu jadi
‘kasieun hate’ keur diri kuring, kuring sadar yen kuring emang loba dosa. Timimiti eta kuring ngajauh
pisan tinu ngaranna dosa, tapi wallahu’alam boh pasti bakal aya dosa nu teu karasa nu nimpa ka diri
kuring.
Tidinya kuring ngahajakeun hudang rek ngalaksanakeun solat lail atanapi solat tahajud, kuring
ngarumasakeun ka Allah swt yen kuring loba pisan teu kaitung ku dosa teh. Kuring solat sabari rumisak
ceurik ku ngabayangkeun dosa-nu pernah dilakukeun ku kuring

-RENGSE-

Anda mungkin juga menyukai