Anda di halaman 1dari 1

RODA PASTI NGUIR

Dina hiji poe aya hiji keluarga anu hirup na teu sa alus keluarga sejen. Hirup ngansaukur bisa
dahar. Bapa na nya eta pa abdul ngan saukur di gawe buruh kasar, indung na bu aminah
ngansaukur ngurusan anak na jeung pagawean anu d imah. Anak na masih sakola SMP
nyaeta si budi. Hiji Waktu indung si budi ngabutuh keun biaya loba jeung biaya si budi di
sakola. Tpi pas harita keneh bapa si budi udur parah anu kudu di oprasi. Indung si budi
bingung rek menta tulung ka saha. Indung si budi kapikiran rek minjeum ka uwa na si budi,
tapi ku lantaran uwa na koret cap jahe merege hese teu saperak-perak acan di bere. Indung
si budi lumpat ka bibi na s budi tapi lainna di bere malah di lelece. Indung si budi ceurik
ngagukguk. Teu lila aya tatangga n nyampeur keun ka imah nanya panjang lebar. Ku sabab
tatangga na berehan golosor bae di bere biaya anu di butuhkeun ku sibudi jeung bapa na.
Alhamdulillah si budi bisa neruskeun sakola na jeung bapa na bisa di operasi ka rumah sakit.
Saprak harita uwa jeung bibi na malah asa adigung gede hulu. Nga lelece yen keluarga si
budi loba hutang. Ngumbar omongan eta ka unggal jelema. Indung si budi kacida nyeri hate.
Unggal poe indung na ceurik nempo kalakuan uwa jeung bibi na.
uwa na kanda ka batur “ulah daek lamun aya menta nginjeum duit eta keluarga si
budi,hutang na oge geus teu kawadahkan” bibi na “tuh deuleu salaki kuring di gawe
kantoran anak kuring geus bisa meuli mobil, gaji na 35jt sabulan” bari sorana tarik ngomong
d hareupeun imah si budi. Indung si budi han bisa ceurik cJeung ceurik. Indung si budi geus
teu kuat nempo kalakuan uwa jeung bibi na. Bapa si budi “ma pan urang teh boga warisan ti
kolot (sawah) kumaha lamun di jual bae jeung mayaran hutang?” indung na si budi “teu
langkung bapa” Pek di jual eta sawah teh anu alhamdulillah bisa nutupan hutang jeung biaya
kahirupan sapopoe. Dina hiji poe galagat bibi na rada beda jiga nu ngadeukeutan ka
keluarga si budi. Teu sangka Sing horeng salaki n di pecat di kantor na mobil jrung motor na
di jualan. Anu baheula adigung kacida kulantaran ngalimpah harta ayeuna jadi nalangsa,
salaki na ngan ukur di gawe ka jebor(pabrik kenteng) anak na eweuh kabar eweuh balik di
luar kota. Tepati lila uwa n si budi oge di operasi matana nepikeun ngaluarkeun duit
mangpuluh-puluh juta. Malah si budi nganter jeung nungguan uwa na di operasi. Padahal
uwa na geus ngahina jeung mbung nulungan keur kayaan keluarga si budi susah.
Tapi keluarga si budi sejahtera teu kakurangan nanaon ku lantaran sifat sabar anu di piboga ku
keluarga na.

Anda mungkin juga menyukai