Anda di halaman 1dari 11

MAKALAH

AJÉN PALASIPAH DINA KADAHARAN TRADISIONAL SUNDA


Diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji pancén Mata Kuliah Filsafat Sunda
Dosén Pangampu:
Agus Suherman, S.Pd., M.Hum.

ku
Kelompok 6:
Annisha Muslim (2005255)
Chatur Prasetyo Aji (2004256)
Fajri Aliyansyah (2007033)
Vivi Melinda (2009923)
Wafiq Nuraini Cumana (2003924)

Kelas 2B

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA SUNDA


FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
2021
ii
PANGJAJAP

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Puji sinareng syukur urang panjatkeun ka hadirat Allah SWT, nu mana manténa
parantos masihan ramat sinareng hidayah ka urang sadayana, kanggo ngaréngsékeun ieu
makalah. Shalawat sinareng salam mugia dilimpahkeun kajungjunan urang sadaya Nabi
Muhammad SAW, kulawargi, sohabatna, sinareng umatna anu satia dugi ka ahir zaman. Atas
rahmah sareng rahmat-Na panyusun tiasa ngaréngsékeun ieu makalah anu judulna “Falasifah
Kadaharan Sunda” nepika tiasa diréngsékeun dina waktu nu tos ditangtukeun.

Makalah ieu disusun pikeun nyumponan tugas bapa Agus Suherman, S.Pd., M.Hum.
dina mata kuliah Filsafat Sunda di Universitas Pendidikan Indonesia. Salian ti éta panulis ogé
miharep supados ieu makalah téh bisa nambahan pangaweruh ka pamaca ngeunaan Falasifah
Kadaharan Sunda .
Panulis ngahaturkeun hatur nuhun saageung – ageungna ka bapa Agus Suherman,
S.Pd., M.Hum. salaku dosén mata kuliah Filsafat Sunda . Ieu laporan téh eusina jauh kénéh
kana kasampurnaan, loba kénén kakuranganna. Ku kituna panyusun nganti – nganti kana
saran jeung kritikna, sangkan ieu laporan téh leuwih munel sakumaha nu dipiharep ku urang
sadaya. Najan kitu, panusun teu weleh miharep sangkan sisieureun sabeunyeureun ieu
laporan bisa méré mangpaat ka urang sadaya.
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Bandung, Juni 2021

Kelompok 6

i
DAFTAR ISI

PANGJAJAP......................................................................................................................................... i
DAFTAR ISI......................................................................................................................................... ii
BAB I BUBUKA .................................................................................................................................. 1
A. Kasang Tukang ....................................................................................................................... 1
B. Rumusan Masalah.................................................................................................................. 2
C. Tujuan ................................................................................................................................... 2
D. Mangpaat .............................................................................................................................. 2
BAB II ................................................................................................................................................ 3
PEDARAN .......................................................................................................................................... 3
A. Wangenan Palsapah............................................................................................................... 3
B. Wangenan Kadaharan Tradisional .......................................................................................... 3
BAB III PANUTUP .............................................................................................................................. 6
A. KACINDEKAN.......................................................................................................................... 6
B. SARAN ................................................................................................................................... 6
DAPTAR PUSTAKA.............................................................................................................................. 7

ii
BAB I
BUBUKA

A. Kasang Tukang

Indonésia kaasup nagara nu beunghar ku étnikna. Ari cirina étnik téh, diantarana waé,
basa, pakéan, kasenian, jeung ciri fisik. Ari basa, pakéan (kaasup dina sistem pakakas hirup
jeung téknologi), sarta kasenian kawengku ka tujuh unsur kabudayaan universal saperti anu
ditétélakeun ku Koentjaningrat (2009: 165).

Unggal unsur kabudayaan universal boga tilu wujud, nyaéta sistem budaya, wujud
sistem sosial, jeung wujud kabudayaan fisik. Salah sahiji wangun produk kabudayaan fisik
diantarana waé kadaharan. Kadaharan boga peranan penting dina kahirupan budaya.
Kadaharan teu ngan saukur nyumponan kabutuh énergi, kadaharan ogé boga ajén ékonomi,
basa jeung ajén budayana.

Aya rupa-rupa kadaharan tradisional di Jawa Barat. Éta kadaharan téh jadi lambang
budaya jeung tradisi nu miboga peranan penting dina budaya nasional Indonesia. Salian ti
kitu, kadaharan ogé miboga palasipah anu tinangtu. Ari palasipah numutkeun
Poerwadarminta (1995) ngébréhkeun yén, palasipah téh mangrupa pangaweruh jeung
panalungtikan ku akal budi ngeunaan sabab-sabab, asas-asas hukum jeung sajabana tibatan
sagala anu aya dina alam semesta atawa mikanyaho bebeneran jeung harti ayana hiji hal
atawa hiji perkara.

Numutkeun Fardiaz D (1998), ngébréhkeun yén kadaharan tradisional téh nyaéta


kadaharan jeung inuman, kaasup jajanan sarta bahan campuran atawa bahan anu digunakeun
sacara tradisional anu geus lila mekar sacara spésifik di daérah jeung diolah tina resép-resép
anu geus lila diwanohkeun ku masarakat daérah ku sumber bahan lokal sarta ngabogaan
citarasa anu rélatif luyu jeung kahayang masarakat di daérah tinangtu.

Ku kituna, kadaharan tradisional Sunda téh sacara teu langsung miboga ajén palasipah
anu ditimukeun sacara dihaja jeung teu dihaja anu ngandung harti tinangtu, boh tina
bentukna, cara dipasakna, jeung sajabana anu sifatna turun-temurun jeung ngabogaan ajén
tinangtu dina unggal kadaharanana.

1
B. Rumusan Masalah

Aya sababaraha rumusan masalah anu aya dina ieu makalah, diantarana:

1. Naon anu dimaksud palasipah téh?


2. Naon anu dimaksud kadaharan tradisional téh?
3. Kadaharan tradisional Sunda naon waé anu miboga ajén palasipah?

C. Tujuan

Luyu jeung rumusan masalah anu dipedar diluhur, ieu makalah téh miboga tujuan anu
baris dihontal, nu dibagi kana tujuan umum jeung tujuan husus, diantarana:

1. Tujuan Umum

Sacara umum, ieu makalah téh mibanda tujuan pikeun maluruh jeung
ngadéskripsikeun kadaharan tradisional Sunda anu miboga ajén palasipah dijerona.

2. Tujuan Khusus

Sacara khusus, ieu makalah téh mibanda tujuan pikeun mikanyaho jeung
ngadéskripsikeun sababaraha hal nya éta saperti naon anu dimaksud palasipah, naon anu
dimaksud kadaharan tradisional, jeung naon waé contoh kadaharan tradisional anu
miboga ajén palasipah dina kadaharan tradisional Sunda.

D. Mangpaat

Ieu makalah téh dipiharep aya mangpaatna sangkan bisa mikanyaho jeung méré
sumbangan sarta nambahan jeung ngeuyeuhan élmu pangaweruh ngeunaan ajén palasipah
dina kadaharan tradisional Sunda. Salian ti kitu ogé, dipiharep bisa nuwuhkeun minat jeung
karesep sarta bisa ngamotivasi masarakat anu satuluyna keyeng pikeun ngamumulé ngeunaan
kadaharan tradisional Sunda.

2
BAB II
PEDARAN
A. Wangenan Palsapah

Filsafat atawa palasipah téh asal kecapna diwangun ku dua kecap nyaéta “philo” anu
hartina resep, jeung “shopia” anu hartina kawijaksanaan. Lamun dihijikeun jadina Philosopia
anu miboga harti resep kana kawijaksanaan. Ari kecap philoshopia téh mimiti diwanohkeun
ku salah sahiji filsuf ti Yunani, nyaéta Phytagoras.

Numutkeun Poerwadarminta (1995), ngébréhkeun yén, palasipah téh mangrupa


pangaweruh jeunpanalungtikan ku akal budi ngeunaan sabab-sabab, asas-asas hukum jeung
sajabana tibatan sagala anu aya dina alam semesta atawa mikanyaho bebeneran jeung harti
ayana hiji hal atawa hiji perkara.

B. Wangenan Kadaharan Tradisional

Numutkeun Fardiaz D (1998), ngébréhkeun yén kadaharan tradisional téh nyaéta


kadaharan jeung inuman, kaasup jajanan sarta bahan campuran atawa bahan anu digunakeun
sacara tradisional anu geus lila mekar sacara spésifik di daérah jeung diolah tina resép-resép
anu geus lila diwanohkeun ku masarakat daérah ku sumber bahan lokal sarta ngabogaan
citarasa anu rélatif luyu jeung kahayang masarakat di daérah tinangtu.

Ku kituna, kadaharan tradisional téh mangrupa kadaharan anu bisa dibeunangkeun


sacara turun-tamurun jeung di unggal daérah ngabogaan ciri has anu béda-béda Sumber:
Fardiaz, D. (1998).

a. Hayam Bakakak

Mimitina sabab aya upacara anu dilaksanakeun di hiji daérah. bakakak hartina korban
sato atawa rajapati manusa. sabab katingalina siga jelema nu keur diuk/sila jadi disebut
hayam bakakak.

Hayam kampung dijadikeun bahan pelengkap anu miboga kandungan gizi anu saé jeung
gampang diteanganna. Hayam jago ku sababaraha urang Sunda dipercaya mangrupa salah
sahiji sato pikeun ngusir bala ngarah roh karuhun teu ngaganggu tapi dipiharepkeun bisa
ngabantuan lancarna sababaraha kagiatan dina kahirupan masarakat Sunda. Sangkan hayam

3
jago dijadikeun minangka maturan utama atawa sarat dina upacara adat anu diolah ku cara
ngaduruk / ninggang (bakakak).

b. Pais

Pepes atawa pais, asalana ti masarakat gunung di tatar sunda. Aranjeuna biasa
ngagunakeun dadaunan jang ngabungkus tuangeun saacan di pasak.

Sapertos kabiasaan urang sunda nu osok mangpaatkeu alam,aranjeuna ngisi pais na


kunaon wae nu aya ti alam. Lauk ti balong ,tahu ,jamur nu aya di leweung,kadang ampas
minyak kalapa oge bisa di jadikeun pais. Di campur ku bumbu nu osok di pelak,saperos
konneng, sereh jeung daun salam ,teras di bungkus ku daun cau.

c. Kuéh Saroja

Kuéh saroja nu ngarana ti kembang seroja, bentuk na ogé mirip jeung kembang seroja.
Kuèh saroja biasana ngan aya mun aya hiji acara, hajatan ,atawa pas lebaran. Ti tempat asalna
kuèh ie teh resepna ngan aya turun temurun.

Di betawi gé aya kuéh nu bentukna mirip, ngarana kembang goyang. Ari kembang
goyang mah amis, ari kuéh saroja mah asin gurih jeung ngerekeus.

d. Liwet

Liwet atawa ngaliwet téh mangrupa cara atawa téhnik ngolah sangu sangkan leuwih gurih
deui tibatan lamun masak sangu biasa, jeung dengeun na téh ngan makélauk asin, tèmpè,
tahu, sambel jeung lalaban. Liwet biasana di jieun atawa dipidangkeun saupama aya ririungan
jeung kulawarga anapon jeung baturan atawa pas jaman baréto mah sok dijadikeun kadaharan
nalika mun ka kebon.

Liwet atawa ngaliwet tèh mibogaan ajén palasipah jeung aya cukang lantarana ogé nalika
pas aya ieu kadaharan téh, ajén palasipah jeung cukang lantaran na liwet téh nya éta, ngaliwet
téh mangrupa tarékah ngahemat kadaharan jeung miboga ajén yén ngaliwet téh bisa nyieun
urang salaku manusa bisa silih kapapada manusa nu lian, jeung ngaliwet atawa liwet ogé
miboga ajén kesederhaan.

e. Sambel

4
Sambel nyaéta palengkep dengeun dahar. Numutkeun Munawaroh, Jasmine, (2006),
Sambel nyaéta saos anu bahan dasarna tina cengek anu direndos jeung sababaraha jenis
bangba-bungbu anu séjénna nepika bijil cai anu nimbulkeun rasa lada anu nikmat.

Numutkeun Fatini (2019), yén sambel mimiti ayana di taun 1447 di karajaan Galuh, anu
mana rajana resep kana sambel tarasi. Kecap tarasi asalna ti basa Cirebon nyaéta ter ah sih
anu hartina resep.

Numutkeun Ningsih, (2018), masarakat adat Sunda nganggap yén sambel mangrupa
palengkep wajib aya lamun tuang. Bisa di hartikeun yén masarakat adat Sunda lamun tuang
kudu aya sambel, sangkan tuang na mirasa, sabalikna lamun teu aya sambel tuang téh teu
karasa nikmat.

Salian ti palengkep dengeunna, sambel miboga filosofi atawa simbol anu ngagambarkeun
ngeunaan ajén kahirupan sapopoé. lantaran sambel bahan dasarna céngék jeung bangba-
bungbu anu séjén na, anu béda-béda sangkan nimbulkeun rasa lada anu nikmat. Bisa ditilik
tina bahan-bahan sambel siga kahirupan, aya bungah, aya kasedih, aya ambek, aya duka
jeung nu lianna deui. Sambel bakal karasa leuwih nikmat lamun dijieun na ku sababaraha
bangba-bungbu, siga kahirupan aya sagala rasa anu kaalaman, anu mana kahirupan karasa
hirup.

5
BAB III
PANUTUP

A. Kacindekan

Numutkeun Poerwadarminta (1995), ngebréhkeun yén Palasifah téh mangrupa


pangaweruh jeung panalungtikan ku akal budi ngeunaan sabab-sabab, asas-asas hukum jeung
sajabana tibatan sagala nu aya dina alam samesta atawa mikanyaho bebeneran jeung harti hiji
hal atawa hiji perkara. Numutkeun Fardiaz D (1998), nétélakeun yén kadaharan tradisional
téh nyaéta kadaharan jeung kainuman, kaasup jajanan sarta bahan campuran atawa bahan anu
digunakeun sacara tradisional anu geus lila mekar sacara spésifik di wewengkon sewang-
sewang jeung diolahna tina resép-resép anu geus lila diwanohkeun ku masarakat anu
nyicingan éta wewengkon ku sumber bahan lokal sarta ngabogaan citarasa anu rélatif luyu
jeung kahayang masarakat di wewengkon tinangtu.

Salian ti éta, kadaharan tradisional ogé tangtu mibogaan anjen-inajen palasifahna anu
tangtu urang kudu bisa larapkeun kana kahirupan urang sapopoé. Kadaharan-kadaharan
tradisioal hususna di tatar sunda téh dijieunna teu sagawayah, unggal kadaharan tradisional
sunda téh mibogaan ajen-ajen palasifah nu matak jadi ciri sewang-sewang nu nandaan éta
kadaharan.

B. Saran

Urang salaku masarakat nu aya ditatar sunda hususna, kudu bisa ngamumulé
kadaharan tradisional nu aya di wewengkon urang husuna, sangkan kadaharan tradisional nu
geus diwariskeun turun temurun ieu ti karuhun urang téh tetep bisa aya nepi ka iraha ogé,
kusabab kadaharan tradisional nu ti wewengkon urang téh loba pisan ajén-inajajén nu hadé
pikeun conto keur urang nalika ngalarapkeun kahirupan. Ku kituna panulis ogé narima sagala
kritikan boh sawangan ti nu maca ieu makalah, sangkan ieu makalah téh jadi makalah nu
ngandung kamangpaatan pikeun kanu macana sarta bisa jadi tatambah pangaweruh anyar
pikeun nu maca.

6
DAPTAR PUSTAKA

Fardiaz, D. (1998). Peluang, Kendala, dan Strategi Pengembangan Makanan Tradisional,


dalam Kumpulan Ringkasan Makalah Seminar Nasional Makanan Tradisional :
Meningkatkan Citra dan Mengembangkan Industri Makanan Tradisional Indonesia,
Pusat Kajian Makanan Tradisional (PKMT). Lembaga Penelitian Institusi Pertanian
Bogor-Pusat Antar Universitas dan Gizi IPB, Bogor.
Koentjaraningrat. 2009. Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta.

Poerwadarminta, W.J.S. (1995). Kamus Umum Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.

Sumiati A, Mailinar M, Gunawan H. MAKNA SIMBOLIK TRADISI AYAM BAKAKAK PADA


ADAT PERKAWINAN SUKU SUNDA DI KELURAHAN DATARAN KEMPAS
KECAMATAN TEBING TINGGI KABUPATEN TANJUNG JABUNG
BARAT (Doctoral dissertation, UIN Sulthan Thaha Saifuddin Jambi).
Saputra, Tion (2020) Perancangan Informasi Mengenai Sambal Sunda Melalui Media
Interaktif Berbasis Game Simulasi. Other thesis, Universitas Komputer Indonesia.

NUSANTARA, ON MARRIAGE IN. "KONSISTENSI DAN KARAKTERISTIK ISTILAH


PADA PERKAWINAN DI NUSANTARA."
https://finallyanarchy.wordpress.com/2014/09/30/filosofi-ngaliwet/

Anda mungkin juga menyukai