Anda di halaman 1dari 11

MAKALAH

MORFOLOGI BASA SUNDA WANGUN KECAP

dikintunkeun pikeun minuhan salah sahiji tugas kursus pendidikan bahasa jeung
budaya sunda dina semester genap tahun akademik 2021 sareng dosen

Drs. H. Dede Tatang Sunarya., M.Pd.

Disusun ku :

Iis Irma Lisnawati (1906016/01)

Putri Vina Yuniar (1907350/03)

Ovi Taufiqu Rohmah (1907753/10)

Rizka Amalia (1908508/31)

PGSD – 4D

PROGRAM STUDI PENDIDIKAN GURU SEKOLAH DASAR

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

KAMPUS SUMEDANG

2021
PANGJAJAP

Puji sareng syukur, panulis ngadoa ka Allah SWT anu parantos maparin
rahmat sareng kurnia-Na sahingga pangarang tiasa ngalengkepan makalah ieu.
Solawat sareng salam mugia dilimpahkeun ka Nabi Muhammad SAW anu
parantos nyandak urang sadayana kana jalan anu diberkahan ku Allah SWT.

Dina ngadamel makalah ieu, rupa-rupa hambatan atos arurang hadapi,


Pedah ayana dukungan sareng bantosan ti pihak-pihak anu terkait. Sahubung hal
eta, urang sadaya tulus ngahaturkeun nuhun ka sadayana anu parantos
ngabantosan ngalengkepan makalah ieu.

Tina panyusunan makalah ieu, urang sadayana sadar élmu sareng


pangalaman urang sadaya masih keneh terbatas pisan. ku sabab eta, urang sadaya
ngarep pisan yén bakal aya kritik sareng saran ti sababaraha pihak supados
makalah ieu tiasa langkung saé

Sabtu, 26 Februari 2021

Panulis

i
DAFTAR EUSI

PANGJAJAP i
DAFTAR EUSI ii
BAB I BUBUKA 1
1.1 Wengenaan Morfologi 1
1.2 Rumusan masalah 1
1.3 Tujuan 1
BAB II TEORI SARENG DISKUSI 2
2.1 Harti Morfologi Basa Sunda 2
2.2 Jenis-Jenis Wangun Kecap 3
BAB III PANUTUP 7
3.1 Kacindekan 7
3.2 Saran 7
DAFTAR PUSAKA 8

ii
BAB I

BUBUKA

1.2 Wengenaan Morfologi


Dumasar kana étimologina, istilah morfologi asalna dina lingui
Yunani, marpho hartina “wangun” jeung logos hartina “élmu”. Jadi, sacara
umum, morfologi téh dihartikeun élmu ngeunaan wangun.
Arnoff jeung Fudeman ( 2005:1) nétélakeun yén morfologi téh
mangrupa hiji linguistic anu raket patalina jeung ngawangun kecap atawa
cabang tina paélmuan linguistic anu medar jeung maruluh ngeunaan
kecap, struktur internal kecap, jeung kumaha cara ngawangunna.
Morfologi nyaéta bagéan tina linguistic nu ngulik susunan bagian-bagian
kecap sacara gramatikal. Nu dimaksud sacara gramatikal dina ieu watesan
téh perlu panitén husus, sabab unggal kecap bisa dibagi jadi ségmen-
ségmen ni disebut foném, tapi teu unggal foném ( ségmen ) mangrupa
morfém.
Istilah morfologi dina tata basa sunda sok disebut ogé tata kecap.
Tata ( basa kawi ) hartina “aturan, bérés , kaidah, atawa papagon “ ari
kecap hartina “ bagéan kalimah nu bisa madeg mandiri sarta nagndung
pangartian nu tangtu “ ( KUBS, 2007 : 475;215 ). Jadi, sacara etimologi,
morfologi atawa tata kecap téh nyaeta aturan nata kecap.

1.2 Rumusan masalah


1. Naon anu dimaksud morfologi basa sunda wangun kecap téh ?
2. Naon wae jenis-jenis wangun kecap ?

1.3 Tujuan
1. Mikawonoh tur ngartos naon anu dimaksud ku morfologi basa sunda
wangun kecap.
2. Mikawonoh tur ngartos jenis-jenis ti wangun kecap.

1
BAB II
TEORI SARENG DISKUSI

2.1 Harti Morfologi Basa Sunda


Istilah morfologi dina tata basa Sunda sok disebut ogé tata kecap.
Tata (basa Kawi) hartina ’ aturan, bérés, kaidah, atawa papagon’, ari kecap
hartina ’bagéan kalimah nu bisa madeg mandiri sarta ngandung pangartian
nu tangtu’ (KUBS,2007:475; 215). Jadi, sacara etimologi, morfologi atawa
tata kecap téh nya éta aturan nata kecap.
Kecap teh wangun katatabasan pangleutikna. Kecap mangrupa
bagian kalimah anu dicicirian ku ayana randegan, oge mibanda harti. Ku
kituna LBSS (1983) yen kecap teh nyaeta bagian kalimah anu bisa mandeg
mandiri sarta ngandung harti anu tangtu.
Kecap-kecap dina basa Sunda bisa dipasing dumasar kana wangun
jeung warna/Rupa Kecap, nyaeta :

A. Wangun kecap
 Kecap Asal nyaeta kecap anu teu kungsi ngalaman
parobahan
 Kecap Rundayan nyaeta kecap asal anu geus dirarangkénan
 Kecap Rajékan nyaeta kecap anu diwangun ku cara
ngarajék kecap asal
 Kecap Kantétan nyaeta kantétan dua atawa leuwih kecap
asal anu mibanda harti anyar

B. Warna kecap
 Kecap Lulugu
a. Kecap Barang nyaeta kecap anu nuduhkeun barang
atawa ngaran anu dianggap barang.
b. Kecap Sulur nyaeta kecap anu dipaké pikeun
nyuluran atawa ngaganti kecap barang
c. Kecap Pagawéan nyaeta kecap anu nuduhkeun
kalakuan, paripolah, atawa pagawéan jalma atawa
mahluk séjénna
d. Kecap Pananya nyaeta kecap anu dipake pikeun
nanya
e. Kecap Sipat nyaeta kecap anu nuduhkeun sipat
atawa kaayaan barang atawa nu dianggap barang
f. Kecap Bilangan nyaeta kecap anu nuduhkeun
bilangan, jumlah, atawa beungkeutan, kumpulan,
atawa oge tahapan.

2
 Kecap Pancén
a. Kecap Panganteb nyaeta kecap pikeun ngantebkeun
babagian kalimah anu dipentingkeun ((en):
emphasis).
b. Kecap Panganteur nyaeta kecap disahareupeun hiji
kecap pikeun nganteurkeun kecap éta sangkan
leuwih anteb tur écés.

c. Kecap Panambah Aspék nyaeta kecap pikeun


nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian anu
nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan
jalma séjén
d. Kecap Panambah Modalitas nyaeta kecap
sahareupeun kecap barang pikeun ngantétkeun kecap
barang éta jeung kalimah utamana
e. Kecap Panyambung nyaeta kecap anu dipaké pikeun
nyambungkeun kecap jeung kecap, atawa babagian
kalimah
f. Kecap Panyeluk nyaeta kecap nu dipaké pikeun
ngébréhkeun bituna rarasaan

2.2 Jenis-Jenis Wangun Kecap


1. Kecap Asal
Kecap asal disebut oge wangun asal, nyaeta nyaeta kecap anu
teu kungsi ngalaman parobahan. Proses morfologis basa Sunda nyaeta
proses anu ngahasilkeun kecap jadian (kecap turunan) ku cara :
1) Ngararangkenan, hasilna disebut kecap rundayan.
2) Ngarajek, hasilna disebut kecap rajekan.
3) Ngantetkeun, hasilna disebut kecap kantetan.
Contona, kecap asalna “dahar” mangsa ngalaman proses
morfologi ku cara mere imbuhan (ngararangken tukang) “-eun” jadi
dahareun.
2. Kecap Rundayan
Kecap rundayan nyaeta kecap asal anu ditambahan ku
rarangken. Aya sababaraha rupa rarangken nyaeta rarangken hareup,
rarangken tengah, rarangken tukang jeung rarangken barung. Hiji
kecap asal lamun geus dirarangkenan atawa geus jadi kecap rundayan
bisa ngahasilkeun sawatara rupa kecap anyar atawa kecap anu beda.
Kecap rundayan mangrupakeun salah sahiji rupa tina wangun
kecap. Wangun kecap lianna, salian ti kecap rundayan, nyaeta kecap
asal, kecap rajekan jeung kecap kantetan. Conto kecap rundayan
nyaeta saperti:

3
 Conto rarangken hareup nyaeta saperti kecap pelong jadi
silihpelong
 Conto rarangken tengah nyaeta saperti kecap geulis jadi
gumeulis
 Conto rarangken tukang nyaeta saperti kecap opat jadi
opatan
 Conto rarangken barung nyaeta saperti kecap mawa jadi
pangmawakeun

3. Kecap Rajekan
Kecap rajekan nyaeta kecap anu diucapkeun dua kali atawa
leuwih, sabagean atawa sagemblengna, robah sorana atawa henteu.
Contona kuda-kuda, imah-imah, bapa-bapa. Kecap ieu kaasup kana
kecap rajekan sagemblengna. Lian ti eta aya oge kecap rajekan
sabagian, boh bagian hareup atawa bagian tengah. Contona tatajong,
babagi, sababaraha.
Babagian kecap rajekan, diantarana :
1) Kecap Rajekan Dwipurwa, nyaeta kecap rajekan anu
diwangun ku cara nyebutkeun dua kali engang (suku
kata) mimiti kecap asalna. (dwi = dua, purwa = mimiti).
Contona : kokolot, papait, tetempo, cacabok, popolotot,
tatajong.
2) Kecap Rajekan Dwimadya (dwi = dua, madya =
tengah), nyaeta kecap rajekan nu dijieun ku cara
nyebutkeun dua kali engan ditengah kecap asal.
Contona : sababaraha.
3) Kecap Rajekan Dwilingga nyaeta kecap anu dirajek
sagemblengna, aya nu robah aya oge nu teu robah
sorana. Nu teu robah sorana disebutna Dwimurni,
sedengkeun anu robah sorana disebut Dwireka.
 Dwimurni ,(dwi = dua, murni = asli), nyaeta kecap
rajekan anu diwangun kucara nyebutkeun dua kali
bentuk asal..
a. Nuduhkeun loba : bangku-bangku,
samak-samak
b. Rupa-rupa, sarua sifatna : amis-amis, pait-
pait
c. Lila milampahna : mikir-mikir,
nimbang-nimbang
d. Nuduhkeun kahanjakalan : geulis-geulis,
pinter-pinter
 Dwireka ,(dwi = dua, reka = rupa), nyaetu kecap
rajekan anu diwangun ku cara nyebutkeun dua kali
bentuk asal tapi jadi beda sorana.

4
a. Nuduhkeun loba : unak-anik,
tulang-taleng
b. Leuwih ti sakali migawena : luak-lieuk,
tumpa-tempo
c. Nuduhkeun ti hiji : jul-jol, cug-ceg,
sur-sor, crung-creng
d. Trilingga nyatana dirajek tilu kali jeung robah
sorana, contona : dag-dig-dug, hah-heh-hoh,
pak-pik-pek
4) Kecap Rajekan Dwisasana nyaeta kecap nu dirajekna
ngan engang nu panungtung kecap asal. Contona :
pudigdig, cikikik, cakakak,
5) Kecap Rajekan Binarung Rarangken, nyaeta kecap
rajekan nu dibentuk ku cara nyebutkeun dua kali atau
lebih bentuk asalna ku nambahan rarangken. Contona :
saalus-alus, patarik-tarik.
4. Kecap Kantétan
nyaéta kecap anu di wangun ku cara ngantétkeun dua wangun dasar,
boh cakal jeung cakal, boh kecap jeung kecap, atawa campuran
duanana, sarta ngandung hiji harti mandiri. prosés ngawangun kecap
kantétan disebut ngantétkeun (komposisi). Kecap kantétan boga dua
ciri utama nyaéta ciri adegan (struktur) jeung ciri harti (sematis)

a) Kecap kantétan umuna miboga adegan, di antarana :


b) Diwangun ku dua unsur nu disebut leksem : pakan kundang
Patali unsur-unsurna mibanda sifat :

 Katanseselan, nyaéta unsur-unsurna teu bisa diseselan ku unsur


lian. Conto : ngégél curug → ngégél (kana curuk)
 Katanmulangan, nyaéta unsur-unsurna teu bisa dibalikkeun
sabab sok robah jadi frasa. Conto : gedé hulu → hulu gedé
 Katanjembaran, nyaéta unsur-unsurna teu bisa dijembaran
sewang-sewangan tapi kudu duanana. Conto : huleng jentul →
panghuleng jentulna, panghulengna jentul, huleng
pangjentulna.
5. Kecap Memet
Kecap memet (réduksi) nyaéta kecap wancahan anu diwangun
ku cara nyokot engang penting tina kantétan kecap. Kecap memet
nyaéta kecap nu asalna mangrupa kalimah (omongan). Tina sawatara
kecap nu penting dicokot saengang dua engang, tuluy dihijikeun.
Contona:
 batagor = kadaharan tina baso jeung tahu digoréng
 comro = kadaharan anu oncom ti jerona
 sukro = kadaharan anu suuk ti jerona
 misro = kadaharan anu amis ti jerona

5
6. Kecap Wancahan
Kecap Wancahan nyaeta kecap nu asalna meunang mondokkeun
tina sakecap atawa lewih, lain tina kalimah. Pangna dipondokkeun aya
sababaraha sabab, nyaeta:
a. lantaran deudeuh;
geulis = jadi lis, neulis, eulis.
b. rusuh nyebutna/gancang;
atuh da = jadi atuda, tuda,
matak téa ogé = jadi taktagé,
ceuk uing ogé = jadi cekénggé,
c. ngaringkeskeun kecap kantétan, upamana;
SMA = Sekolah Menengah Atas
UUD = Undang-undang Dasar

6
BAB III

PANUTUP

3.1 KACINDEKAN
Istilah morfologi dina tata basa Sunda sok disebut ogé tata kecap. Tata
(basa Kawi) hartina ’ aturan, bérés, kaidah, atawa papagon’, ari kecap
hartina ’bagéan kalimah nu bisa madeg mandiri sarta ngandung pangartian
nu tangtu. Jadi, sacara etimologi, morfologi atawa tata kecap téh nya éta
aturan nata kecap. Kecap-kecap dina basa Sunda bisa dipasing dumasar
kana wangun jeung warna/Rupa Kecap, nyaeta :
1. Wangun Kecap
 Kecap Asal
 Kecap Rundayan
 Kecap Rajékan
 Kecap Kantétan
2. Warna Kecap
 Kecap Lulugu
 Kecap Pancén
3.2 SARAN
Tinangtos dina nyusun ieu makalah masih keneh seueur kakirangan
margi rumaos si kuring sadayana masih keneh diajar, kuayana kitu
miharep ti rerencangan sadayana komentar sareng saran kanggo langkung
saena dina nyusun makalah basa sunda.

7
DAFTAR PUSTAKA

Arifin, Zaenal. 1996. SELUK BELUK MORFOLOGI BASA SUNDA. Pusat


Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen Pendidi kan dan
Kebudayaan.

Kuswari, Usep. Hernawan. 2015. MORFOLOGI BASA SUNDA. Jurusan


Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPIISBN: 978-602-14086-2-9. Link :
https://www.researchgate.net/publication/325487460_MORFOLOGI_BAS
A_SUNDA

Linuhung, Rudi Linuhung. 2012. Tata Wangun Kecap Dina Bahasa Sunda. Link :
http://sundaalmarwah.blogspot.com/2012/04/tata-wangun-kecap-dina-
bahasa-sunda.html?m=1

Anda mungkin juga menyukai