Anda di halaman 1dari 6

NARJAMAHKEUN

DIAJUKEUN PIKEUN NYUMPONAN SALAH SAHIJI PANCEN MATA PELAJARAN BASA


SUNDA
KELAS X-11 SEMESTER GANJIL TP 2022/2023

DISUSUN KU:
KELOMPOK 4

SMA NEGERI 25 BANDUNG


DINAS PENDIDIKAN
PEMERINTAH KOTA BANDUNG
ANGGOTA =
• Muhammad Ramadhani Firdaus
• Mochammad Nayaka Patra Zahran
• Paduka Rijal Mubarak Abdul Rasyiid
• Mochamad Arif Raihan
• Marinus Gelbert Silaban
• Fatimah Febriyanti
• Nassya Dewi Sekar Anten
• Putri Nur Amalia Agustina
NARJAMAHKEUN ATAWA TARJAMAH

Tarjamah asal kecap na tina basa arab lamun dina basa inggris mah
disebutna translation.
Naon bedana Narjamahkeun jeung Tarjamah?
• Narjamahkeun nyaeta proses mindahkeun atawa ngaganti basa sumber
(asal) kana basa sejen (anyar). Contohna ngarubah teks basa indonesia kanu
basa sunda atawa sabalikna.
• Tarjamahan nyaeta teks atawa wacana anu mangrupa hasil tina
mindahkeun atawa ngaganti basa sumber (asal) kanu basa sejen (anyar)
Tujuan Narjamahkeun
Sangkan balarea (masarakat pamaca) bisa mulu maca kana eta hiji karya
anu asalhna ngagunakeun basa asal (bawaan karya) dirobah kanu basa sejen
anu leuwih dipikaharti
Aturan narjamahkeun aya 2 nyaeta =
1. Narjamahkeun ngan sakecap
Nyaeta ditarjamhakeun dumasar kana kamus euweuh nu di rubah sabab
hartina bakal sarua persis jeung harti asalna
Contona :

• 2. Narjamahkeun Kalimat
Narjamahkeun kalimat teu bisa salawasna sakecap kecap. Tapi kudu
merhatikeun maksud nu aya dina eta kalimah asalna! Komo deui mun urang
manggih istilah istilah nu husus. Kayaning babasan atawa paribasa, nu sok
disebut ungkapan tea.
Mun aya kalimat paribasa, satekah polah urang kudu neangan
sasaruaanana dina basa nu jadi tarjamahanana. Lamun henteu kapanggih,
kalimat eta teu kudu dirobah sabab bisa ngaganggu kana rasa basa anu
ditarjamahkeunana

Hal anu kudu diperhatikeun dina narjamahkeun


1. Narjmahkeun wacana kudu sagemblengna, ngarah maksud jeung tujuan
tina wacana asal henteu robah.
conto :
Dengan hartina nyaeta sareng atawa bisa oge kalayan
- Saya tadi pergi ke sekolah dengan teman
- Abdi tadi enjing angkat ka sakola sareng rerencangan
2. Aya sababaraha kecap anu teu bisa ditarjamahkeun kanu basa lain
Conto :
- Mas dodo itu bekerja di rumah sakit, dibagian teknisi komputer.
- Mas dodo the didamel di rumah sakit, dibagean teknisi computer.
3. Dina narjamahkeun babasan atawa basa ugeran, kudu dipalire hela
sasaruaanana dina narjmahkeun
Conto :
Keras kepala sasaruaan dina babasa sunda na nyaeta gurat batu.
- Jadi manusia itu janganlah keras kepala, dengarkan terlebih dahulu
gagasan orang lain
- Jadi jalmi the ulah rek gurat batu, kupingkun hela gaagsan ti batur.
4. Sababaraha kecap migoba makna anu leuwih ti hiji, jadi dina
narjamahkeun urang gumantung kana ungkara na.
Conto :
Bisa harti kecapna bisa bisa atawa bisa oge peurah atawa racun
- jangan dekati ular itu, bisa jadi ular itu berbisa
- tong dideketan oray eta, bisa wae eta oray aya peurahan.
5. Perhatikeun ragam basa anu digunakeun dina tarjamah, kalayan
disesuaikeun jeung undak usuk basa sunda.
Conto :
Makan anu tarjamahan na tuang atawa neda. Tuang the nyaeta kecap anu
bisa digunakeun pukeun ka saluhureun, lamun neda nyaeta kcepa anu
digunakeun pikeun diri uang sorangan.
- pak guru baru selesai makan dikantin
- bapa guru nembe rengse tuang dikantin

Padika narjamahkeun
• 1) Kamampuh Gramatikal
Pangaweruh ngeunaan kekecapan, nyusun kalimah, nyusun alinea, jeung
ngalarapkeun ejahan
• 2) Kamampuh Sosiolinguistik
Mangrupa pangaweruh ngeunaan hiji basa dina kahirupan sapopoe di
masyarakat pamakena
• 3) Kamampuh semantik
Mangrupa kamampuh dina ngaguar harti atawa ma'na teks anu rek di
tarjamahkeun
Conto :
1. Matahari akan tenggelam
Panonpoé rék titeuleum (salah)
Panonpoé rék surup (bener)
2. Kapan ke rumahku?
Iraha rék ka imah abdi? (salah)
Iraha bade ka rorompok? (bener)
• Conto :
Akademi nyaeta mangrupa perguruan tinggi nu nyelenggarakeun
pendidikan terapan dina hiji cabang atawa sabagian cabang elmu
pengetahuan, teknologi, atawa kesenian
• Tarjamahan :
Akademi merupakan perguruan tinggi yang menyelenggarakan pendidikan
terapan dalam satu cabang atau sebagian cabang ilmu pengetahuan,
teknologi atau kesenian tertentu

Kecap Anteuran (KA) :


Nyaéta kecap anu sok dipaké pikeun ngiringkeun maksud hiji keucap
pagawéan
Kecap Serepan :
Nyaéta kecap anu asalna kapangaruhan ku basa séjén.
PARIBASA TARJAMAHAN
Ku mekarna élmu pangaweruh jeung téhnologi dina jaman kiwari, paribasa
anu sok dipaké ku urang Sunda téh aya anu jieunan dina basa Sunda, aya ogé
nu menang narjamahkeun tina basa deungeun (asing).
Urang tilenan conto anu bakal aya dina tampilan salajeungna
1. Paribasa tina basa Indonesia
-Aya hurang handapeun batu (ada udang dibalik batu)
-Kawas cai dina daun taleus (seperti air didaun talas)
2. Paribasa tina basa Arab
-Nu sabar kakasih Gusti (innalloha maasyobirin)
-Nyaah ka lemah cai sabagéan tina iman (hubbul within minal iman)
3. Paribasa tina basa Inggris
Waktu sarua jeung duit (time is money)
Lamun aya kahayang tangtu aya jalanna (where there is a will, there is a
way)
4. Paribasa tina basa Jawa
- Poho ka wiwitan/asal-usul (Adam lali tapel)
- Jalan nu nyampeurkeun pibahayeun (Iwak nangtang sujén)

Anda mungkin juga menyukai