Anda di halaman 1dari 1

MATERI 1

KELAS 7 - 1

Ciri-Ciri Paguneman

1. Paguneman teh mangupa kagiatan komunikasi lisan/tuturan antara dua urang atawa leuwih.
2. Paguneman ditulis winangun kalimah-kalimah langsung anu dicirian ku ayana tanda
kekenteng atanapi tanda kutif ("..........") dina kalimahna
3. Bahasa nu digunakeun dumasar situasi, iraha jeung dimana paguneman eta lumangsung.
samodel paguneman ngobrol biasa bakal beda jeung paguneman dina diskusi. Utamana
dina sikep jeung bahasa nu dipakena.

Nyusun Paguneman
Pancen: Susun hiji paguneman pondok anu caritana hidep/siswa nyaritakeun ka kolot di imah
yen tadi basa di jalan aya babaturan anu katabrak motor.

Kabeungharan Kecap
1. Paguneman: Kagiatan ngobrol/komunikasi antara dua urang atawa leuwih dina rupa-rupa
situasi
2. Piknik: kagiatan ka hiji tempat wisata anu tujuana pikeun nyenangkeun hate.
3. Daria: bener-bener dina merhatikeun atawa migawena (B.Ind=sungguh-sungguh)
4. neuteup: ningali anteb bari semu anu panasaran
5. Tatakrama: aturan dina tingkah laku atawa sopan-santun ka batur
6. jembar: lega (B.Ind=luas)
7. atikan: didikan/pendidikan
8. atikan moral: pendidikan nu patali jeung laku lampah hade/sopan santun/etika
9. ngembang kadu: colohok sabab aya rasa kaget
10. reueus: rasa hate anu bungah/bangga/agul
11. munel: eusina atawa hasilna alus
12. raket: dalit/deukeut pisan

Anda mungkin juga menyukai