Anda di halaman 1dari 11

ALIH KODE JEUNG CAMPUR KODE

(Makalah)
diajengkeun pikeun nyumponan salah sahiji pancén mata kuliah Sosiolinguistik
ti kersana Ibu Nida Kania Dewi, S.S., M.Pd

Kelompok 3
1. Wasta : Devi Pebriyanti
NIM : 175223004
2. Wasta : Tri Hardiyanti Lukman
NIM : 175223015
PBSD.6

PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA DAERAH


STKIP MUHAMMADIYAH KUNINGAN
Jl. RA Moertasih Supomo No. 28 B
Telp. (0232) 874085 WA: 082215293687
Website : upmk.ac.id
KUNINGAN 45511
2020
KECAP PANGJAJAP

Puji sinareng syukur hayu urang panjatkeun kahadirat Allah SWT margi
kalayan rahmat, hidayah sareng inayah na, urang tiasa ngaréngsékeun pancén
makalah Sosiolinguistik “Alih Kode jeung Campur Kode” pas dina waktosna.
Ngeunaan tujuan tina didamelna makalah ieu nya éta kanggo nambihan wawasan
urang ngeunaan “Alih Kode jeung Campur Kode”, sarta kanggo nyumponan
salah sahiji pancén mata kuliah Sosiolinguistik anu dipasihkeun ku Ibu Nida
Kania Dewi, S.S., M.Pd. minangka salah sahiji pasaratan ngiring prosés diajar
ngajar antawis mahasiswa sareng dosén na di STKIP Muhammadiyah Kuningan.

Urang ngucapkeun hatur nuhun ka sepuh, dosén Sosiolinguistik, sarta


sadaya pihak anu parantos ngabantosan sarta ngarojong dina panyusunan pancén
ieu. Urang ngaharepkeun mugia pancén ieu tiasa masihan mangpaat hususna
kanggo urang, umumna kanggo sadaya pihak anu maca.

Urang nyadar yén dina panyusunan pancén ieu jauh tina kata sampurna.
Ku margi éta kritik sarta saran anu ngawangun kacida diharepkeun guna
nyampurnakeun pancén ieu di sanés waktos. Ahir kata urang ucapkeun hatur
nuhun.

Kuningan, Maret 2020

Panyusun

i
DAFTAR EUSI

KECAP PANGJAJAP ..................................................................................... i

DAFTAR EUSI ............................................................................................... ii

BAB I BUBUKA ........................................................................................ 1

A. Kasangtukang ........................................................................... 1
B. Rumusan Masalah ..................................................................... 1
C. Udagan ..................................................................................... 1

BAB II EUSI ................................................................................................ 2

A. Wangenan Alih Kode ............................................................... 2


B. Wanda Alih Kode ..................................................................... 3
C. Wangenan Campur Kode .......................................................... 3
D. Wanda Campur Kode ................................................................ 5

BAB III PANUTUP ..................................................................................... 7

A. Kacindekan ............................................................................... 7
B. Saran .......................................................................................... 7

DAFTAR PUSTAKA ...................................................................................... 8

ii
BAB I
BUBUKA

A. Kasangtukang
Sosiolinguistik lazim didéfinisikeun minangka élmu anu ngaguar ciri
jeung variasi, sarta hubungan kalayan ciri fungsi variasi basa éta di
masyarakat. Sosiolinguistik ogé sering didéfinisikeun minangka cabang
linguistik anu ngaguar hubungan jeung saling mangaruhan antara parilaku
basa jeung parilaku sosial
Bahasa mangrupa pakakas komunikasi anu bentukna lisan jeung tulisan
nu digunakeun ku perorangan atawa masarakat. Tanpa ayana bahasa berarti
euweuh masarakat jeung euweuh pergaulan. Sipat-sipat masarakat terutama
dapat dipelajari dari bahasanya, yang memang menyatakan sesuatu yang hidup
dalam masarakat tersebut (Hasan, 2001).
Dina sosiolingusitik aya anu disebut alih kode jeung campur kode, ku
kituna dina makalah ieu bakal ngaguar ngeunaan alih kode jeung campur kode
B. Rumusan Masalah
Dumasar kasangtukang, mangka tiasa didamel rumusan masalahna nya éta :
1. Naon ari alih kode téh?
2. Naon waé wanda alih kode téh?
3. Naon anu disebut campur kode?
4. Naon waé wanda campur kode?
C. Udagan
Tujuan panulisan makalah ieu nya éta :
1. Pikeun mikanyaho wangenan alih kode
2. Pikeun mikanyaho wanda alih kode
3. Pikeun mikanyaho wangenan campur kode
4. Pikeun mikanyaho wanda campur kode

1
BAB II
EUSI

A. Wangenan Alih Kode


Alih kode nya éta barobahna maké basa dina komunikasi nu dilakukeun
sacara sadar atawa dihaja, parobahan pacampurna basa atawa ragam basa nu
dipaké masih kénéh ngabogaan fungsi otonomi séwang-séwangan. Appel dina
Chaer & Leonie Agustina (2004, kc. 107) nétélakeun yén alih kode nya eta
“gejala peralihan bahasa karena berubahnya situasi”. Sedengkeun nurutkeun
Hymes dina Chaer & Leonie Agustina (2004, kc, 107-108) nétélakeun yén
alih kode “bukan hanya terjadi antarbahasa, tetapi dapat juga terjadi antar
ragamragam atau gaya-gaya yang terdapat dalam satu bahasa”
Upama urang niténan naon anu ngalantarankeun ayana alih kode,
nurutkeun Fishman dina Chaer & Leonie Agustina (2004, kc. 108) nya éta
bisa dilantarankeun ku “siapa berbicara, dengan bahasa apa, kepada siapa,
kapan, dan dengan tujuan apa”. Dina buku-buku élmu linguistic anu
ngabalukarkeun ayana alih kode sacara umum diantarana:
1. Panyatur
2. pamiarsa atawa lawan tutur
3. parobahan situasi ku ayana jelema ka tilu
4. parobahan situasi formal kana informal atawa sabalikna,
5. parobahan topik paguneman.
Ieu ogé nu ditétélakeun ku Aslinda & Leni (2010, kc. 85) yén faktor nu
ngabalukarkeun ayana Alih kode aya lima nya éta saha nu nyarita, make basa
naon, jeung saha nyaritana, iraha, jeung naon udagan caritana.
Salasahiji conto masalah alih kode nya éta misalna dina hiji rohangan
aya dua urang Sunda, Dadan jeung Deni keur ngobrol ngeunaan pancén
kuliah. Nalika keur ngobrol, torojol datang Made anu urang Bali. Ku sabab
ayana Made di éta rohangan au milu ngobrol, Dadan jeung Deni ngarobah
basana anu tadina make basa Sunda jadi basa Indonésia.

2
B. Wanda Alih Kode
Dumasar kana wandana, nurutkeun Suwito (1983, kc. 68-71) alih kode
kabagi jadi dua, nya éta alih kode intern (alih kode tina basa Indonesia), jeung
alih kode ékstern (alih kode tina basa asing)
1. Alih kodé intern
Alih kode intern nya éta robahna maké basa ti basa Sunda ka basa
Indonesia atwa basa daérah séjénna. Biasana basa nu digunakeun mimiti
nya éta basa sunda salaku basa asli urang sunda tuluy Alih kode ka basa
Indonesia atawa basa daérah séjénna. Conto Alih kode ti basa Sunda ka
basa Indonesia, sapertos dihandap ieu :
Dadan : “Den poé ayeuna aya tugas naon euy?”
Déni : “Oh enya ayeuna téh aya tugas linguistik, ai manéh enggeus
can?” (tuluy datang Made milu nyarita)
Madé : “Éh lagi pada ngomongin apa sih?”
Dadan : “Ini lagi ngomongin tugas linguistik, kamu udah?”
Madé : “oh iya ya, aku lupa”
2. Alih kode ékstern
Alih kode ékstern nya éta robahna maké basa ti basa Sunda ka basa
asing saperti basa Inggris, Arab, Jepang jeung basa séjénna. Biasana basa
nu digunakeun mimiti nya éta basa sunda salaku basa asli urang sunda
tuluy alih kode ka basa asing. Conto alih kode ti basa Sunda ka basa
Inggris sapertos dihandap ieu :
(Situasi paguneman di jero kelas.)
Dadan : “Dén naha Mr. Héry can datang waé, datang moal nya?”
Déni : “Teuing, urang ka kantin waé kitu?”
Dadan : “Hayu atuh” (kakara rék kaluar ti kelas, tuluy Mr. Héry datang)
Mr. Héry : “Good morning class!”
Dadan jeung Déni : “Good morning Mr.”
C. Wangenan Campur Kode
Campur kode nya éta makéna dua unsur basa atawa leuwih dina hiji
omongan, dimana antara unsur basa nu hiji jeung nu lianna silih pangaruhan
sacara konsistén. Nurutkeun Chaer jeung Leonie Agustina (2004, kc. 114)

3
campur kode nya éta: “Pemakaian dua bahasa atau lebih atau dua varian
dari sebuah bahasa dalam suatu masyarakat tutur, di mana salah satu
merupakan kode utama atau kode dasar yang digunakan dan memiliki fungsi
dan keotonomiannya, sedangkan kode-kode lain yang terlibat dalam
peristiwa tutur itu hanyalah berupa serpihan-serpihan (Pieces) saja.”
Silih pangaruhanna dua unsur basa nu mangrupa serpihan-serpihan éta
téh biasana muncul dina situasi komunikasi nu tangtu, biasana dina situasi
informal nu balukar ayana kabiasaan ngagunakeun basa sapopoé, pikeun
ngalengkepan atawa ngajembaran kandaga kecap.
Ari nurutkeun Kridalaksana (2009, kc. 40) campur kode nya éta makéna
unsur hiji basa kana basa séjén pikeun ngalegaan gaya basa atawa ragam
basa, kaasup di jerona kana makéna kecap, klausa, idiom, jrrd. Wangenan di
luhur nétélakeun yén campur kode mangrupa gejala sosiolinguistik anu
nyababkeun pacampurna dua varian basa boh dina wangun lisan boh dina
wangun tulisan anu biasana sifatna informal.
Nyaritakeun campur kode biasana dibarengan ku nyaritakeun alih kode,
dua hal éta miboga sasruaan nu hésé dibédakeun. Sasruaan campur kode
jeung alih kode nya éta dipakéna dua basa atawa leuwih dina komunikasi
masarakat. Dina kajadian campur kode jeung alih kode basa nu dipaké
miboga fungsi jeung keotonomian séwang-séwangan, nu dilakukeun boh
sacara sadar boh teu sadar. Wangun keotonomianna mangrupa kekecapan
basa. Sedengkeun campur kode miboga hiji kode utama nu dipaké salaku
dasar keotonomian jeung geus ngawangun hiji kode. Contona, panyatur basa
Indonesia loba nyampurkeun kekecapan basa Sunda. Éta hal nu dilakukeun
ku panyatur ngabalukarkeun ayana ragam basa Sunda nu kamalayon atawa
sabalikna
Dina prak-prakanna, panyatur nalika lumangsungna campur kode sok
ngasupkeun unsur basa séjén nalika maké basa nu tangtu. Unsur basa nu
dimaksud bisa mangrupa kecap, frase, atawa klausa. Nalika panyatur milih
kecap keur komunikasi campur kode nu dipilih nya éta campur kode gejala
peminjaman, nginjeumna kecap nu dipilih ku panyatur ngabalukarkeun
kahéngkéran keur dirina sorangan sarta teu ngarasa maké campur kode,

4
lantaran geus jadi kabiasaan. Contona, kalimah “hakim wajib taat hukum”
kecap taat mangrupa injeuman tina basa arab. Panyatur nalika ngagunakeun
éta kecap ngarasa teu sadar lantaran kecap taat geus ilahar dipaké ku urang
Sunda salaku basa sorangan. Aya ogé kalimah “besok rék datang moal” kecap
besok mangrupa kecap asli ti basa Indonesia. Éta hal dilantarankeun panyatur
miboga kamampu ngawasa basa Sunda jeung basa Indonesia dina paguneman
sapopoé nu tuluy jadi kabiasaan.
D. Wanda Campur Kode
Dumasar kana wandana, nurutkeun Suwito (1983, kc.76) campur kode
kabagi jadi dua, nya éta inner code-mixing (capur kode tina basa Indonesia),
jeung outer code-mixing (campur kode tina basa asing). Kitu ogé nu
ditétélakeun ku Nababan (1991, kc. 32) yén campur kode nya éta kaayaan
nalika pacampurna hiji kode basa jeung kode basa séjénna nu dilantarankeun
ku situasi jeung kabiasaan panyaturna.
1. Campur kodé tina basa Indonésia
Campur kode tina basa Indonesia nya éta campur kode nu
lumangsung di diri panyatur kalayan ngagunakeun dua unsur basa. Biasana
basa anu digunakeun basa kahiji (B1) salaku basa indung (basa Sunda),
jeung basa kadua (B2) salaku basa séjén anu mangaruhanna (basa
Indonesia). Conto campur kode ti basa Sunda ka basa Indonesia sapertos
ieu :
Dadan : “Den bésok si Dini nikah, datang moal?”
Déni : “wahh bésok? Nya atuh hayu urang datang”
Kecap besok magrupa kecap asli ti basa Indonésia, dina paguneman
di luhur kecap bésok teu kahaja diomongkeun ku panyatur lantaran
kabiasaan maké basa Indonesia
2. Campur kodé tina basa asing
Campur kode tina basa asing nya éta campur kode nu lumangsung di
diri panyatur kalayan basa nu mangaruhanna basa asing saperti Walanda,
Inggris, Jerman, Arab, jsb. Conto campur kode ti basa Sunda ka basa
Inggris, nyaéta :
Dadan : “Dén bulan hareup Ariana Grande rék ka Indonesia”

5
Déni : “Wahh maenya nonton yu?”
Dadan : “Manéh meni excited kitu euy”
Kecap excited magrupa kecap asli ti basa Inggris, dina paguneman di
luhur kecap excited teu kahaja diomongkeun ku panyatur lantaran
kabiasaan maké basa Inggris atawa kecap excited geus lumrah dipaké dina
paguneman sapopoé
Tina dua wanda campur kode, boh wanda campur kode tina basa
Indonesia boh wanda campur kode tina basa asing, sipatna bisa murni nya
éta pacampurna serpihan basa nu kapanggih dina data campur kode
mangrupa basa atawa kosa kecap basa deungeun nu teu kadaptar dina
Kamus Basa Sunda, atawa bisa serepan nya éta pacampurna serpihan basa
nu kapanggih dina data campur kode mangrupa basa serepan nu geus
kadaptar dina Kamus Basa Sunda.

6
BAB III
PANUTUP
A. Kacindekan
Alih kode nya éta barobahna maké basa dina komunikasi nu dilakukeun
sacara sadar atawa dihaja, parobahan pacampurna basa atawa ragam basa nu
dipaké masih kénéh ngabogaan fungsi otonomi séwang-séwangan
Dumasar kana wandana, nurutkeun Suwito (1983, kc. 68-71) alih kode
kabagi jadi dua, nya éta alih kode intern (alih kode tina basa Indonesia), jeung
alih kode ékstern (alih kode tina basa asing)
Campur kode nya éta makéna dua unsur basa atawa leuwih dina hiji
omongan, dimana antara unsur basa nu hiji jeung nu lianna silih pangaruhan
sacara konsistén
Dumasar kana wandana, nurutkeun Suwito (1983, kc.76) campur kode
kabagi jadi dua, nya éta inner code-mixing (capur kode tina basa Indonesia),
jeung outer code-mixing (campur kode tina basa asing)
B. Saran
Disarankeun ka para pamaca sangkan milari leuwih seueur deui
référensi matéri Ngadongéng, sahingga para pamaca leuwih paham deui
matéri ngeunaan Ngadongéng.

7
DAFTAR PUSTAKA

http://repository.upi.edu/27134/6/T_PBBS_1402539_Chapter3.pdf

Anda mungkin juga menyukai