Anda di halaman 1dari 2

UNINGA KANYATAAN

Dihiji sakola aya hiji parawan nu namina Elena. Elena sapopoena budak
anu bageur, wanian jeuk sok nulungan jeung oge dikenal disakolana. Dimangsa
tengah poe nu panas, pas manehna keur dikelas karasa panas pisan henteu siga
biasana pedah AC na rusak jeung teu acan dibenerkeun ku pa Billy. Pa billy
nyaeta sepuh nu damel janten staf kabersihan sakola.

Pas pelajaran sejarah, Elena jeung babaturanna sibuk kikipas diri nepi ka
teu terlalu fokus ngadangu nu dijelaskeun ku bu Nia. Beliau nyaeta guru
sejarah nu dikenal tegas disakola eta. Ditambah deui elena teu resep kana
pelajaran eta cenah mah pelajaranna bosen ngan sakumpulam carita baheula
nu ceuk manehna teu rame. Manehna bosen pisan jeung teu apal naon nu kudu
dilakukeun.

Terus manehna ningali kaluar kaca kelasna. Manehna ningali barudak


keur olahraga nepi ka bungah tur semanget. Tapi joll weh titingalina ka gentos
ka hiji perawan nu namina Helen. Jalmi nu tomboy sipatna pikasebeulen,
ambekan hayangna menang sorangan, sok heureuy pedah eta manehna teu
dipikareusep ku babaturanana. Terus datang sababaraha budak awewe kelas 8
nu ngasa kesel ka manehna. Diantara barudak eta manehna ningali babaturan
kana pas kelas 7 anu diuk bareng jeung sobat baheula ti sd, budak eta nyaeta
Vania. Jalma anu wanian, bageur, sok adil tur bener, teu resep kakerasan jeung
moyokan

Manehna deuk mamatahan Helen tapi raray Helen joll rarayna bereum
siga nu kesel, ambek kapegung. Manehna ngadorong Vania jeung dek
neunggeul. Budak nu keur olahraga jeung guru buburu misahkeun manehna.
Pas eta Elenafokus hungkul ka luar jandela. Manehna hayang apal nu terjadi.
Ibu Nia nanya ka Elena tapi Elena teu nyadar nepi ka babaturannana
ngageroan manehna “ Lena. Lena ibu nanya ka maneh...” Manehna rewas
babaturanan ningalikeun Elena. Bu Nia teu resep lamun muridna teu fokus
kalahkah mikiran nu teu penting.

Elena dibere hukuman kudu ngerjakeun tugas materi sajarah nu keur


diajarkeun. Manehna kapikiran terus kukajadian nu tadi. Pas balik sakola
Elena nanya ka Vania naon nu kukajadian tadi. Pas di ruang Bk manehna
ningali Vania jeung helen jeung sababaraha guru keur ngobrol didinya.

Terus Elena ung Vania ulih sasarengan teras Vania nyaritakeun


kajadianana nyaeta Helen seseleket pas Vania dek mamatahan Helen
nyuntrungkeun Vania nepi ka adi Vania kabakar sabab seuneu nu gede. Pas
pelajaran olahraga vania naymperkeun Helen tapi Helen teu ngaku
kasalahanana. Didinya manehna kalahkah heureuy.

Pas nepi bumi Elena terus mikirkeun kajadian eta. Enjingna pas istirahat
Elena ningali Helen buburu indit ka buruan tukang sakola. Elena reuwas
ningali Helen mawa tuangeun bari culak cileuk. Elena panasaran tuluy Elena
nuturkeun ditukang. Manehna kalengitan Helen kumargi lempangna tereh. Joll
elena ningali nini nini anu tereh pingsan, ti arah sisi joll aya Helen masihan
tuangeun ka nini eta Cipanon nu nilik kana pipina Helen bari suri nu gumbira
pas nini eta ngucapkeun nuhun jeung ngusapan mastaka Helen.

Terus Elena nyamperkeun Helen jeung tataros nyatana Helen kitu teh
ngingetkeun helen ka ninina nu tos teu aya. Helen ngarasa karunya tuluy
ngabantosan tapi alim kapanggih ku babaturanana. Kabongkar alesan kunaon
helen sok buru-buru pas manehna nyandak tuangeun dikantin.

Terus Elena mamatahan helen mah teu kitu deui nepi ka nyilakakeun
batur. Panungtungan elena nyaritakeun sadayana ka Bk jeung ka sobatna
Vania. Isukna Vania nyamperkeun Helen kanggo menta hampura, kitu oge
Helen terus manehna silih hampura.

Tidinya helen ngarubah sikapna lalaluanan jeung jadi murid nu bageur


disakola eta. Sababaraha bulan ahirna Helen sok ngiluan kajuaraan jeung
menangkeung kajuaraan eta. Kitu deui Helen, Vania, jeung Elena jadi sobat nu
sok saling nyumangeutan disagala rupi kajadian. Ahirna Helen jadi contoh
kanggo nu sanes pikeun saling nulungan kana sanes nu teu mampu
dibandingkeun urang nu mampu.

Anda mungkin juga menyukai